Nu Nyurup Ka Mang Usup

"Tuluuung...!" Ti pangkeng Mang Usup kadenge aya nu ngagorowok menta tulung.

"Saha nu tulung-tulungan, Pa? Sora Mang Usup?" Bu Diah hariweusweus ka Pa Rohman nu keur anteng lalajo telepisi.

"Enya, sora Si Usup."

"Henjung teang ka ituh!"

"Aya naon, Mah?" Neng Yati, parawan Pa Rohman jeung Bu Diah norojol.

"Itu Mang Usup sora tulung-tulungan."

"Oooh...!" Ngan sakitu nu kedal tina sungut Yati. Langgeor deui ka kamarna.

Carita Misteri

Demi Pa Rohman gancang muru kamar Mang Usup nu perenahna di tukang, deukeut dapur. Barang blus, da panto kamarna ngewag siga nu ngahaja dibukakeun, kasampak Mang Usup keur jejengkengan. Leungeunna roroes kana buukna tangka kusut. Panonna katangen ku Pa Rohman bolotot, semu beureum.

"Sup, ku naon euy?"

"Ha...ha...haaa...! Aing lain Usup. Lain Usup aing mah lain!"

Ngadenge kitu Pa Rohman reuwas. Torojol Bu Diah da hariwang jeung hayang nyaho naon nu kajadian. Pangpangna mah bisi kumaonam we.

"Ku naon Mang Usup teh?" Bu Diah hariweusweus.

"Aing lain Usup, lain!" tembal Mang Usup ngajawab pananya dunungan awewena.

Pa Rohman jeung Bu Diah silih pelong, teu ngarti naon nu keur kaalaman ku badegana. Teg we hate Pa Rohman nyangka yen Mang Usup kasurupan. Warugana aya nu nginjeum ti sabangsa lelembut. Ngan teuing saha.

Geus tilu poe Mang Usup ngaringkuk di kamarna da cenah teu ngarareunah awak. Atuh baranggawe ge ditunda heula. Untung dununganana, Pa Rohman, bageur da meureunan piraku jelema gering kudu dikukuprak baranggawe mah manasina jaman Romusa.

Ceuk Mang Usup mah geus diubaran ku obat warung. Panyangka Pa Rohman rek terus cageur ari pek kalah ka gogorowokan siga nu teu eling da nyebut-nyebut lain Usup sagala.

Puguh we Pa Rohman jeung istrina, Bu Diah, bati bingung. Kudu kumaha ngubaranana.

"Mang, Mang Usup?" Pa Rohman keukeuh nyalukan Mang Usup.

"Lain, lain Usup ngaing mah!" tembal nu ditanya, kituna teh bari goak deui tulung-tulungan.

"Ari lain Mang Usup saha atuh?" Bu Diah panasaran.

"Sok aringet-inget, saha ngaing?"

Pa Rohman jeung Bu Diah tibang silih pelong.

"Nyao teu apal," ceuk Pa Rohman.

"Kami ge sarua," Bu Diah ge nyelengkeung.

"Haaaaa...barelet ning! Ngaing karuhun maneh deuleu!"

"Karuhun?" Pa Rohman ngembang kadu, nya kitu deui Bu Diah. Neng Yati mah ngadedempes rada anggang ti indung bapana. Gelenyu imut. Taksiran teu percayaeun kana sesebutan karuhun. Jaman geus sakitu canggihna aya keneh karuhun.

"Saha atuh salira teh?" Pa Rohman mimiti percaya. Yakin Mang Usup aya nu ngeusian. Ragana keur diinjeum ku lelembut nu nyurup nu ceuk Mang Usup karuhunna. Boa-boa enya? Pa Rohman kakara sadar.

-=oOo=-

"Omat, Yati, ulah sagawayah narima lalaki!"

Pa Rohman mindeng pisan ngawawadian ku kalimah kitu ka Neng Yati, anakna nu ngan hiji-hijina, nu keur meumeujeuhna pada ngadeukeutan. Teu rek kitu kumaha da Yati mah geulis bawa ngajadi, herang bawa ti kudrat. Orokaya unggal lalaki nu nganjing cai teh siga nu rugag-regog da sarerea geus pada apal yen Yati mah parawan petingan nu teu sambarangan jajaka bisa ngadeukeutan.

"Na atuh Apana, keun bae urusan jodo mah ulah ulubiung, kuma kahayang anak asal nu tanggung jawab," Bu Diah sasatna mapagahan Pa Rohman da banget teu suka salakina ngahihileudan jodo anak.

Bu Diah geus apal, karepna Pa Rohman mah Yati teh kudu narima lamaran Cep Yayan, putra juragan Oyib da cenah kajaba rea pakaya oge alus bibitna, teureuh waja. Cocog ngajodo lamun ngahiji teh. Demi Neng Yati, geus boga pamilih sorangan, Jang Iday. Najan Iday lain anak jelema beunghar, Neng Yati kataji kapati-pati ku paripolahna nu taya cawadeun.

"Ari ibuna. Na teu apal papagah luluhur Bapa?" Pasemon Pa Rohman dumadak ngabeusi asak kaduruk harga dirina ku kekecapan bojona nu teu sapamadegan.

"Yeuh, ibuna! Pan luluhur Bapa mah, enya Eyang Bajramanggala geus peupeujeuh ka anak incuna, nya kitu deui rundayan sejenna ulah sakarep-karep meunang jodo. Kudu sakocoran menakna, teureuhna. Lamun aya nu nyoba-nyoba bahula bakal aya mamalana, nyaeta keuna ku supata Eyang!" ceuk Pa Rohman sasatna bebeakan mudalkeun kaheneg angenna.

"Nanging...," Bu Diah aya keneh kawani engab.

"Tong nanging-nangingan!" Pa Rohman gasik pisan megat omongan pamajikanana. Antukna, blep we Bu Diah balem.

-=oOo=-

"Nyai, ka dieu!" Pa Rohman ngagentraan Yati, dina hiji waktu. Torojol nu dicalukan nyampeurkeun dina paroman alum.

"Sok diuk!"

Neng Yati nurut.

"Tong loba pamikir. Ayeuna mah geura tarima lamaran Juragan Oyib."

"Tapi...Pa."

"Keukeuh hayang ka Si Iday?"

Blep Yati ngabetem, biwirna rapet siga meunang ngalakban.

"Lain ku nanaon Bapa mah, karunya. Lamun Nyai keukeuh peuteukeuh ka Si Iday, heug Si Iday kakeunaan supata Eyang Bajra, cik rek kumaha?"

Kituna teh Pa Rohman bari ret ka Bu Diah, ret ka Yati bangun hayang puas ngesek-ngesekkeun bongan teu palercaya kana kasakten supata Eyang Bajra.

"Geus kabuktian apan. Tuh Si Darsa kakeunaan supata Eyang Bajra alatan dulak-delek ka Nyai. Jelema taya kacedo hayang ka nu geulis turunan menak. Pan manehna geuring ripuh tah!" ceuk Pa Rohman teu euleum-euleum.

"Hayang bukti deui? Si Kardi, heueuh apan arapal gara-gara Nyai diuk tumpang kaki, pingping ka mana karep, Si Kardi mani moho nenjo teu titen kana tincakeun, beletuk titajong. Eta teh sareatna titajong, hakekatna mah keuna supata Mama Eyang!" ceuk Pa Rohman deui beuki ka mana karep nu ceuk pamikirna mah bener.

Bu Diah jeung Yati tiba silih reret bari dina jero hatena mah nyeungseurikeun paripolah Pa Rohman.

"Si Omon ge pan nyeri panon da teu uyahan kucap-kiceup, lumah-lameh ka Nyai!" ceuk Pa Rohman deui bangun hayang leuwih mupuas.

"Tah Si Iday ge lamun peuteukeuh hayang ka Nyai geus moal boa bakal katibanan supata Mama Eyang!"

Reg Pa Rohman eureun heula nyaritana, neuteup seukeut ka Neng Yati siga nu keur ngolongan eusi hatena. Laju papadon deui.

"Naon hartina rumah tangga lamun kaayaan lalaki keuna ku supata, boh geringna, boh cacadna, boh laku lampah gorengna? Tah lamun jeung Cep Yayan, heueuh putrana Juragan Oyib jeung Mamih Otih, Mama Eyang ge pasti ngaridoan. Pibagjaeun pokona mah!"

Kitu papadon Pa Rohman ka Neng Yati nu meh unggal usik ditepikeun ka manehna. Yati bati bingung antara nyosok jero bogoh ka Iday batur salemburna nu geus hahadean ti keur SMP keneh jeung teu wasa nolak kahayang bapana nu geus ngajodokeun manehna jeung Yayan.

-=oOo=-

"Na enya aya supata?" ceuk Yati ka Iday dina hiji waktu.

"Ari Yati ngukut keneh kapercayaan ka nu kitu."

"Henteu, teu percaya Yati oge. Ngan Bapa mah mani percaya buktina ngahalang-halang karep urang."

"Eta Yati, copna ka saha? Ka Akang atawa lalaki pilihan tuang rama. Ngarah teu keuna supata mah nya tumut we kapalay tuang rama."

"Yey, ga use ye." Jeletit Yati nyiwit leungeun bebenena. Nu diciwit muringis.

"Aduuuh....!!!"

"Tuda kalah nyarios kitu. Cangcaya nya?"

"Saratus peresen, Iday mah!"

"Kumaha atuh mayunan pun Bapa?"

"Percayakeun ka Akang. InsaAloh baris aya jalan tur harepan urang duaan tiasa kacumponan."

"Amiiin...!" Neng Yati ngemplong.

-=oOo=-

"Sok inget-inget saha kula?" Mang Usup ngowowong deui. Pa Rohman ngarenjag.

"Eyang Bajra?" Pa Rohman nyoba-nyoba neguh.

"Ha...ha...haaa...! Tah geuning katebak. Heueuh kula Eyang Bajra. Luluhur silaing, euy!"

"Bagea Eyang. Hapunten anu diteda ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal...!" cedok Pa Rohman mendeko baning ajrih.

"Kula ngahaja datang ka dieu nginjeum awak badega maneh. Maksudna taya lian rek peupeujeuh turunan kula Si Yati tong dihalang-halang jodona jeung nu dipikahayangna."

Meg kana jajantung Pa Rohman asa aya nu nonjok. Na enya ieu teh Eyang Bajra? Nu cenah kudu ngajodokeun turunanana ka teureuh waja mun henteu bakal keuna ku supata? Mang Usup apal ti mana ngeunaan Yati jeung supata da tara panganggguran ucah-aceh ka sasaha ari lain ka Bu Diah jeung Yati mah.

Inget ka lebah dinya Pa Rohman yakin yen enya Mang Usup teh kasurupan ku Eyang Bajra.

"Apan saur Eyang upami turunan urang dijodokeun sanes ka nu kedahna mah baris katibanan supata?" Pa Rohman nyoba-nyoba nyelok.

"Bolaykeun! Ceuk kula, turut kahayang anak. Lamun henteu, supata kula bakal tumiba ka ilaing!"

"Ampun, Eyang ampun...! Nyanggakeun sadaya-daya."

"Ha...ha...haaaaa...! Tah kitu ari jadi turunan Eyang. Eyang pamit nya, karunya ka Mang Usup nyerieun tikoro urut gogorowokan. Awas lamun jalir jangji, udar subaya, ulah sambat kaniaya supata Eyang bakal tumiba!"

Jep jempling. Mang Usup ngalempreh siga nu teu empes-empes.

Pa Rohman ret ka Bu Diah, ret ka Mang Usup nu ngadedempes bangun teu walakaya, siga nu kapiuhan.

"Mang, Mang Usup!" Pa Rohman ngageubig-geubig awak Mang Usup. Renghapna mah aya keneh.

"Cai, manehna! Cai!" ceuk Pa Rohman ka Bu Diah. Bu Diah surti, ngoloyong nyokot cai. Teu kungsi lila geus norojol deui bari nanggeuy cihaneut dina gelas.

Cai teh ku Pa Rohman dicakclakkeun kana biwir Mang Usup. Sawareh deui diceuceuhkeun kana tarangna.

Kulisik Mang Usup usik. Nyah beunta. Gigisik. Hulang-huleng, culang-cileung badis hayam panyambungan.

"Aduh, aya naon ieu teh Pa, Bu?" Mang Usup rampang-reumpeung. Korejat hudang, gek diuk.

"Eling, Sup?"

"Sadar, Pa!"

"Sukur! Sok geura sarekeun heula ari geus sadar mah. Ke deui ngadongeng kajadian nu kaalaman ku Mang Usup mah."

Pa Rohman jeung Bu Diah arindit. Mang Usup ngagelenyu. Imut atoh rek narima buruhan kasurupan ti Neng Yati jeung Jang Iday. (*)


Fendy Sy Citrawarga - Mangle No. 2694
Nu Nyurup Ka Mang Usup Nu Nyurup Ka Mang Usup Reviewed by Rupa Sundapura on 21.01 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.