Timpugan
Pukul satu beurang Uje jeung Usa baralik ti sakola. Bari leumpang maranehanana badami lantaran isukna poe Minggu.
"Ari maneh kudu sabaraha iangan ngarit dina poe Minggu isukan teh?" Uje nanya ka Usa.
"Ari biasana mah kudu tilu kali iangan, ngan kusabab aya Mang Uho, keur nyemah di landeuh bari rek bunta-bantu ka bapa uing, sagawe-gawe, nya tangtu mantuan ngarit deuih. Ku kituna cukup uing mah dua iangan oge," tembal Usa.
"Sarua atuh ari kitu mah jeung uing," tembal Uje semu atoh.
"Palolohor oge jigana urang teh geus bisa ulin, nya?" bari neuteup ka Usa.
"Heueuh jigana, tapi rek ulin ka mana jeung heureuy naon atuh? Ucingucingan bosen, ngadu panggal geus rek teu usum."
"Har, naha ari maneh can nyaho nu keur haneut mimiti obyag di lembur wetan?"
"Acan. Naha usum naon karah?"
"Geus mimiti rame timpugan, kolot budak taya nu kaliwat, pada-pada pipilueun!"
"Euh, ngadu muncang? Naha geus usum muncang kitu ayeuna teh?"
"Nya enggeus meureun di lembur batur mah, nu matak kitu oge."
"Di lembur urang mah jauh tangeh keneh, muncang bapa uing nu di sampalan Cikareo oge harejo keneh pisan!"
"Heeh, teu nanaon sanajan kitu oge. Urang nurutan batur. Matak naon mun isukan urang ngarit ka sampalan Bah Ido, pasireun seke urang lembur kidul? Mun teu salah mah geus karolot muncang Bah Ido di dinya teh."
"Meureun urang kudu rebun-rebun keneh indit ka dinyana, ngarah ulah kapiheulaan ku batur mulungan muncangna? Saha nu nyaho paheula-heula atawa babalapan cara muru pangsuungan dina usum hujan!"
"Teu nanaon kitu oge. Urang panggorejagna. Keun bae ngala jukut reumisan keneh oge da moal burung dihakan ku domba uing mah, tara olo-olo kawas domba Si Wita. Jeung deui sugan aya milik urang meunang muncang sapuluh siki sewang mah, ambeh jongjon rada lila timpuganana, nya?"
"Jadi lah, kitu oge. Uing sampeur isuk-isuk keneh pisan, nya! Keun bae teu ngasah aritna heula oge da seukeut keneh rarasaan mah, meunang ngasah mangkukna!"
"Heug!" Uje mengkol ka beulah kenca, nyimpang ka palebah lemburna. Ari Usa terus lempeng da lemburna masih keneh rada anggang, di beh tonggoh.
Isukna poe Minggu tea, isuk-isuk keneh pisan Uje geus nyampeur ka Usa. Nu disampeur teu hararese da geus saged, dangdan make baju paranti ngarit. Leos ka pipir kandang domba. Top kana tolombong jeung arit. Tuluy arindit ninggalkeun lembur.
"Ari maneh geus mumuluk heula?" Uje nanya ka Usa.
"Ah, acan," tembal Usa. "Acan nginum-nginum acan uing mah. Da dicaram ku Ema, ulah ditumanan barangdahar isuk-isuk cenah, bisi peujit koreseun."
"Heueuh da uing oge nya kitu, can naon-naon. Keun bae itung-itung puasa, nya! Jeung deui urang teh naha ngan rek duaan bae ngarit teh? Moal nyampeur batur nu sejen deui?"
"Na jeung saha deui atuh, enggeus bae duaan."
"Tadina mah uing boga pikiran rek nyampeur Si Ulo, tapi kapan lain rek ngarit-ngarit teuing ayeuna teh, rek mulung muncang pikeun timpugan tea. Jadi mun loba batur mah meureun urang ngan ukur meunang saeutik. Jeung deui Si Ulo mah geus pinter timpuganana oge, geuning basa taun tukang urang elehan bae, mindeng karorod meunang kumpal-kempil sambilan ngarit teh."
"Heueuh ketah, mending urang duaan bae atuh nya! Yu atuh urang rada gancangan leumpangna, bisi beurang manten!" Uje miheulaan leumpangna rada rurusuhan.
Leumpangna malibir ka sisi pilemburan, bras ka tegal eurih, sup ka kebon awi. Teu lila narepi ka sampalan Bah Ido tea.
"Tuh geus karolot nya, muncangna teh!" cek Uje bari tanggah kana sawatara tangkal muncang nu rajeg dina sampalan.
"Heueuh nya," tembal Usa. "Sugan bae geus rea nu marurag," bari rurusuhan muru ka handapeun tangkal muncang nu panggedena, sieun kapiheulaan ku Uje.
"Tah geuning manggih hiji mani gede!" cek Usa, bari top nyokot muncang nu nyelepot dina sela-sela jujukutan, kawas endog hayam sasiki dina sayangna. Tuluy dieneng-eneng ka Uje bari jigrah pisan. Bus bae dikana tolombongkeun.
"Tah uing ge manggih hiji! Tah hiji deui!"
Kitu jeung kitu bae patembalan bari uclag-aclog tina lebah tangkal muncang nu hiji ka nu hiji deui, sirikna saider sampalan kapapay kabeh. Beubeunanganana teh leuwih ti sapuluh siki sewang.
"Yu ah, urang buru-buru indit ti dieu!" cek Uje bari bret-bret ngarit sakeupeul dua keupeul, bus dipake ngarimbunan muncang dina tolombongna.
"Bisi kanyahoan ku Bah Ido, pajarkeun urang bangsat muncang, padahal saukur meunang mulungan nu murag ku maneh," cek Uje.
"Bener, mun kaperego tea mah abong mun teu hut-het bari ngawakwak! Adat Bah Ido tea matak lilinieun keur pantar urang kieu," tembal Usa.
Bretbret deui subrat-sibret ngeusian tolombongna bari laleumpang. Teu lila tolombongna geus parinuh. Tuluy disaruhun. Baralik bari barungah sabab jukut meunang, muncang oge meunang.
Datang ka lembur muncang teh diparesekan. Tuluy diparoe dina luhur kandang domba sina garing ambeh tambleg mun dipake timpugan.
Geus rada garing tuluy dikosokan, sina leucir, lesang. Bari ngadagoan rada beurang, barudak teh arindit deui ngarit rurusuhan pisan da hayang tereh beubeunangan, hayang geura timpugan.
Memeh lohor geus baralik deui. Sarta sanggeus dalahar, Uje jeung Usa nyarakuan muncang meunang moe tea rek diadukeun. Jig ka buruan anu rata tur lenang.
"Mana kojo nu maneh? Sok rendengkeun jeung nu uing!" cek Uje bari nyekel kokojona nu gendul.
"Ieu!" tembal Usa, bari ngarendengkeun kokojona ka nu Uje.
"Gede uing lah, uing nu meunang, nu kudu nimpug ti heula!" cek Uje rada seuri.
"Jadi lah," cek Usa bari nunda kojona dina taneuh nu rata tea. Beletak kojo nu Usa ditimpug (ditinggang) ku kojo nu Uje sataker tanaga. Cleng kojo Uje rada ngacleng deui ka gigir, rada nyoledat, kurang tambleg.
"Giliran uing deui ayeuna lah!" cek Uje gede hate. "Karuat nya kojo teh, sakitu nimpug sataker tanaga can aya nu rengat-rengat acan, boro-boro ka remuk. Ayeuna geura lah nu maneh bakal bencar. Naon tumpanganana? Duit nya lima perak sewang?" Uje bangun ujub pisan.
"Ah entong diajar tumpangan ku duit sagala, budak keneh urang mah. Apan can bisa ngarah. Jeung bisi tuman nepi ka gede. Ku muncang deui bae nu babari. Tong sieun teu dibayar ku uing oge, yeuh muncangna merekis keneh dina saku!" tembal Usa rada atar.
"Kitu hade lah, seug awaskeun yeuh!" Beletak nimpug deui kojo nu Usa. Aneh kojo nu nimpug nu peupeus teh. Racleng jadi tilu.
"Walah jadi nu dewek euy nu bencar!" cek Uje rada beureum beungeut.
"Matak ge ulah waka ujub. Sok bayar ka dieu! Kojona ganti deui, urang mimitian deui adukeun!" cek Usa bari ngagelenyu, atoh.
Kitu jeung kitu bae, bagilir silih timpug. Anteng pisan, nepi ka carapeeunana, da puguh teu kaganggu ku pagawean sejen, ngaritna geus cumpon dua iangan tea. Eureun-eureun soteh bubuhan geus cape sarta Usa kaburu beak muncangna pareupeus jeung dipake mayaran ka Uje.
"Keun bae ayeuna eleh, sugan isuk meunang. Hujan ge sok aya raatna. Nu mujur oge sok aya naasna," cek Usa bari rada mentegeg, sabab dipoyokan bae ku Uje anu bungangang loba muncangna. Keur maen isukan teu kudu hese cape deui kukurusukan rebun-rebun.
Leos bae ka carai marandi. Isukna di lembur eta jadi rame ku nu tarimpugan kabawakeun ku Uje jeung Usa.
Akub Sumarna