Saung Angklung Mang Udjo Jadi Kampung Sunda
Geus teu aneh pikeun urang Padasuka mah, upama aya turis asing ngadongdon wewengkonna. Ti taun 1970-an, geus rea wisatawan nu ngulampreng ka ieu patempatan. Rek naon cenah eta turis bet jul-jol ka Padasuka? Jauh dijugjug, anggang di teang, kataji ku garapan seni Saung Angklung Mang Udjo, nu perenahna di jalan Padasuka No 118. Bandung.
Nurutkeun paninten kapariwisataan, karerean wisatawan nu datang ka Bandung atawa ka Jawa Barat, tujuan utamana teh ka Sung Mang Udjo. Malah nurutkeun beja mah, ngadongdon ka tempat liana mah ngan ukur sasampiran. Pang kitu teh kawasna nepi ka kiwari nu pangkajojona teh Saung Mang Udjo.
Kakoncarana Saung Mang Udjo ku turis mancanagara, taya liana Yayasan Mang Udjo Ngalagena (almarhum). Nya anjeuna pisan nu ngabaladah, satekah polah narekahan ngawanohkeun kasenian Sunda, hususna angklung ka masarakat internasional. Saterusna lain bae seni angklung nu dipintonkeun di Saung Mang Udjo, seni liana oge digarap kalawan daria tug nepi ka mibanda kasenian Sunda nu lengkep, saperti seni ibing, padalangan, jeung seni liana. Atuh puguh we turis leuwih kataji. Keur jaman jumeneng keneh, saung angklung Mang Udjo tara suwung ku nu lalajo, boh turis lokal, nasional, atawa internasional.
Sabada Mang Odjo ngantunkeun, kumaha kaayaan Saung Mang Udjo? Saung mang Udjo tetep jadi primadona wisata. Eta oge kungsi ngalaman tiiseun ku kunjungan turis, nalika aya bancang pakewuh, bom Bali tea. Eta pasualan lain bae jadi bangbaluh Saung Mang Udjo, tapi mangrupa musibah dunya wisata nasional.
Nilik kondisi saperti kuti, pihak manajemen Saung Mang Udjo, nu di jejeran ku Taufik Hidayat teu cicingeun nyieun tarekah anyar, diantarana ngabebenah materi pintonan, panataan tempat, katut leuwih ngalegaan pangsa pasar. Tarekah nu geus jeung eukeur dipigawe nyaeta ngolah materi pintonan nu udagan pasarna lain bae ukur dewasa, kiwari disadiakeun materi pikeun sagala tingkatan ti mimiti Play Group, TK, SD, SLTP, SLTA, PT, tug nepi ka umur nu geus cueut ka hareup. Pon kitu deui jenis pintonan atawa paket pagelaran nu dieuyeuban jeung dironjatkeun ajenna. Keur ngadongkang eta udagan, Taufik Hidayat saparakanca ngadatangkeun tanaga ahli ku jalan gawe bareng jeung sababaraha lembaga kabudayaan katut lembaga pendidikan seni. Alhamdulillah panggero ti Saung Mang Udjo pada ngarojong, saperti SMKI (SMK 10) Bandung, UPI, Unpad jeung STSI Bandung, anu gede pisan andilna dina ngarojatkeun materi pintonan, kitu ceuk ieu lalaki kalahiran 1966 bangun reueus. Eta tarekah gede pisan pangaruhna kana kuantitas pengunjung. Kabuktian dina mangsa ayeuna, unggal poe tara suwung ku pengunjung boh turis lokal, nasional jeung internasional. Salian ti eta, barudak nu maranggung jadi leuwih sumanget, sabab materi anu dipanggungkeunna leuwih pariatif. Ku Opik (nenehna Taufik) diaku saacanna mah materi pintonan gues baku, dina harti kurang pariatif. Perkara ieu, mun pareng aya tamu nu sarua, bakal ngarasa bosen. Atuh kitu deui tumibana ka pamaen jadi bosen, antukna bakal gede pangaruhna kana ajen pintonan, pokna.
Sajabana di ngaronjatkeun ajen pintonan, oge nyieun kamonesan anyar; mere service ku mangrupa kakaren has Jawa Barat (karajinan jeung sajabana) ka nu lalajo. Oge nyieun hiji service ka nu pareng milangkala; mere hadiah soupenir nu ngabogaan ajen madiri.
Pikeun ngahontal ambahan lobana pengunjung, tarekahna ku jalan ngondang stake holders. Saacan ditimba kamandangna, disuguhan pirang-pirang informasi. Hal ieu luyu jeng susuluk usaha "lamun teu dipikawanoh, moal nyaah atawa dipiasih". Keur ngungkulan sarupa kitu, nya ulah lalawora. Ceuk cohagna mah ulah asal nyuguhan. Upama lelewodeh bisa kontra produktif. Mun geus kitu, nu tadina hayang dipikanyaah jeung dipikaasih teh bakal jadi teu raresepeun. "Nu sarupa kitu nu bakal ngaruksak citra teh," ceuk Ki Opik nu jadi pingpinan Saung Mang Udjo ti taun 1995 nepi ka kiwari.
Sangkan leuwih kajojo ku mancanagara, Opik ngahangkeutkeun widang promosi jeung publikasi boh ngaliwatan media cetak atawa situs/web. Ku media internet karasa pisan ngaronjatna turis mancanagara. Tah kitu mangpaatna media informasi dunya maya teh. Biayana teu pati mahal, tapi hasilnya mucekil. Kabuktian unggal poe tara suwung ku nu lalajo. Atuh pesenan angklung meh teu kaladangan. Pikeun ngaladangan urang Korea bae, teu kurang ti 15 rebu angklung/triwulan. Acan deui urang Eropa jeng Amerika. Komo pesenan domestik mah.
Sangkan karasa mangfaatna ku balarea. Di sagigireun ngagarap materi pintonan, kiwari geus dibaladah kagiatan mangrupa diklat; Public Relation (PR), Master of Ceremony (MC), katut widang liana nu aya patula-patalina jeung kapentingan dunya pariwisata.
Salian ti eta, nu keur hangkeut ditata teh nyaeta guest house (tempat titirah). Ka hareupna tamu nu hayang leleson di Saung Mang Udjo, disayagikeun tempat reureuh nu tumaninah. Lengkah ka hareupna, ieu saung rek dijadikeun miniatur kampung Sunda, atawa taman minina kabudayaan Sunda. Rupa-rupa kagiatan budaya bakal dipintonkeun di ieu tempat, saperti adat-istiadat, arsitek, pakean, karajinan, dahareun, jeung sakur nu mibanda ciri has kasundaan. Pikeun ngawujudkeun eta angen-angen, memang merlukeun lahan nu lega jeng rojongan ti balarea, utamana ti pihak anu aya gantar kakaitan dina widang kawijakan pamarentah.
Sanajan can ngajanggelek sakumaha anu dirarancang tea, tapi ku nu geus nyampak oge Saung Mang Udjo geus nembongkeun hiji prestasi nu luar biasa. Nepi ka kiwari asa jarang keneh tempat kagiatan kasenian nu mayeng magelaran tiap poe, jeung masih langka aya tempat kasenian nu dijadikeun tempat neuleuman ajen budaya. Ari anu onjoyna teh lebah ngaberdayakeun lingkungan nepi ka kiwari kacatet 150 urang pamaen anu direkrut ti SD, SLTP, SLTA, jeung warga masarakat sabudeureunna. Jumlah pagawena kaitung loba, pikeun usaha kasenian mah. Kacatet aya 25 karyawan maneuh jeng 50 urang pangrajin angklung. Lobana karyawan, hiji indikator yen Saung Angklung Mang Udjo hirup kalawan hurip.
Hal sarupa kieu taya lian ku ayana rojongan nu hade sarta ayana gawe sauyunan ti kadang kulawarga Mang Udjo Ngalagena pikeun ngamajukeun Saung Mang Udjo. (*)
M. Nana Munajat Dahlan