Pupuh Sunda jeung Watekna

Pupuh nyaeta ugeran (puisi) anu kauger ku guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaeta patokan jumlah padalisan (jajaran) dina unggal pada (gundukan) sarta lobana engang (suku kata) dina unggal padalisan. Guru lagu nyaeta patokan sora vokal dina tungtung unggal padalisan atawa "dang-ding-dung"-na sora vokal dina engang panungtung.

Pangajaran Basa Sunda

Pupuh Sunda kabehna aya 17 (tujuh belas). Aya nu kaasup sekar ageung (wanda laguna rupa-rupa) nyaeta Kinanti, Sinom, Asmarandana, jeung Dangdanggula (KSAD), jeung sekar alit (wanda laguna ngan sarupa) nyaeta Balakbak, Durma, Gambuh, Gurisa, Jurudemung, Ladrang, Lambang, Magatru, Maskumambang, Mijil, Pangkur, Pucung, jeung Wirangrong. Unggal Pupuh miboga ugeran guru wilangan jeung guru lagu sarta watek sewang-sewangan.

Anapon karangan pondok dina wangun ugeran anu dianggit make patokan Pupuh disebutna teh guguritan atawa dangding. Kecap 'gurit' asalna tina basa Sangsakerta, grath, anu hartina nyusun karangan. Kecap 'ngagurit' miboga harti anu sarua jeung 'ngadangding', nyaeta nuduhkeun kana pagawean ngareka atawa nyusun karangan winangun gangding atawa pupuh.

1. Asmarandana

Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (8-i, 8-a, 8-e/o, 8-a, 7-a, 8-u, 8-a). Watekna: silih asih, silih pikanyaah, nasehat, atawa mepelingan.

  1. Eling-eling mangka eling [8-i]
  2. rumingkang di bumi alam [8-a]
  3. darma wawayangan bae [8-e]
  4. raga taya pangawasa [8-a]
  5. lamun kasasar lampah [7-a]
  6. napsu nu matak kaduhung [8-u]
  7. badan anu katempuhan [8-a]

2. Balakbak

Sapada diwangun ku 3 (tilu) padalisan (15-e, 15-e, 19-e). Watekna: pikaseurieun, banyol, atawa lulucon.

  1. Aya warung sisi jalan rame pisan, Citameng [15-e]
  2. Awewena luas-luis geulis pisan, ngagoreng [15-e]
  3. Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyet, nyangereng [19-e]

3. Dangdanggula

Sapada diwangun ku 10 (sapuluh) padalisan (10-i, 10-a, 8-e/o, 7-u, 9-i, 7-a, 6-u, 8-a, 12-i, 7-a). Watekna: kabungahan atawa kaagungan.

  1. Mega beureum surupna geus burit [10-i]
  2. ngalanglayung panas pipikiran [10-a]
  3. cikur jangkung jahe koneng [8-e]
  4. naha teu palay tepung [7-u]
  5. simabdi mah ngabeunying leutik [9-i]
  6. ari ras cimataan [7-a]
  7. gedong tengah laut [6-u]
  8. ulah kapalang nya bela [8-a]
  9. paripaos gunting pameulahan gambir [12-i]
  10. kacipta salamina [7-a]

4. Durma

Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (12-a, 7-i, 6-a, 7-a, 7-i, 5-a, 7-i). Watekna: ngambek, pasea, gelut, atawa perang.

  1. Moal ngejat sanajan ukur satapak [12-a]
  2. geus dipasti ku jangji [7-i]
  3. mun tacan laksana [6-a]
  4. numpes musuh sarakah [7-a]
  5. henteu niat seja balik [8-i]
  6. najan palastra [5-a]
  7. mati di medan jurit [7-i]

5. Gambuh

Sapada diwangun ku 5 (lima) padalisan (7-u, 10-u/i, 12-i, 8-u, 8-o). Watekna: bingung, samar polah, tambuh laku.

  1. Ngahuleng banget bingung [7-u]
  2. henteu terang ka mana nya indit [10-i]
  3. turug-turug harita teh enggeus burit [12-i]
  4. panon poe geus rek surup [8-u]
  5. keueung sieun aya meong [8-o]

6. Gurisa

Sapada diwangun ku 8 (dalapan) padalisan (8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a, 8-a). Watekna: pangangguran, tamba kesel, pikalucueun.

  1. Hayang teuing geura beurang (8-a)
  2. geus beurang rek ka Sumedang (8-a)
  3. nagih kanu boga hutang (8-a)
  4. mun meunang rek meuli soang (8-a)
  5. tapi najan henteu meunang (8-a)
  6. teu rek buru buru mulang (8-a)
  7. rek tuluy guguru nembang (8-a)
  8. jeung diajar nabeuh gambang (8-a)

7. Jurudemung

Sapada diwangun ku 5 (lima) padalisan (8-a, 8-u, 6-i, 8-a, 8-u). Watekna: kaprihatinan, kaduhung, atawa hanjakal.

  1. Mungguh nu hirup di dunya [8-a]
  2. ku kersaning anu Agung [8-u]
  3. geus pinasti panggih [6-i]
  4. jeung dua rupa perkara [8-a]
  5. senang paselang jeung bingung [8-u]

8. Kinanti

Sapada diwangun ku 6 (genep) padalisan (8-u, 8-i, 8-a, 8-i, 8-a, 8-i). Watekna: miharep atawa prihatin.

  1. Budak leutik bisa ngapung [8-u]
  2. babaku ngapungna peuting [8-i]
  3. nguriling kakalayangan [8-a]
  4. neangan nu amis-amis [8-i]
  5. sarupaning bungbuahan [8-a]
  6. naon bae nu kapanggih [8-i]

9. Ladrang

Sapada diwangun ku 4 (opta) padalisan (10-i, 8-a, 8-i, 12-a). Watekna: banyol atawa pikaseurieun.

  1. Aya hiji rupa sato leutik [10-i]
  2. engkang-engkang, engkang-engkang [8-a]
  3. sok luluncatan di cai [8-i]
  4. ari bangun arek sarupa jeung lancah [12-a]

10. Lambang

Sapada diwangun ku 4 (opat) padalisan (8-a, 8-a, 8-a, 8-a). Watekna: banyol atawa pikaseurieun.

  1. Nawu kubang sisi tegal [8-a]
  2. nyair bogo meunang kadal [8-a]
  3. atuh teu payu dijual [8-a]
  4. rek didahar da teu halal [8-a]

11. Magatru

Sapada diwangun ku 5 (lima) padalisan (12-u, 8-i, 8-u, 8-i, 8-o). Watekna: piwuruk, prihatin, atawa pilucueun.

  1. Majalaya Ciparay Banjaran Bandung [12-u]
  2. Kopo reujeung Cisondari [8-i]
  3. Cicalengka Ujungberung [8-u]
  4. Rajamandala Cimahi [8-i]
  5. Leles Limbangan Tarogong [8-0]

12. Maskumambang

Sapada diwangun ku 4 (opat) padalisan (12-i, 6-a, 8-i, 8-a). Watekna: prihatin, sasambat, atawa nalangsa.

  1. He manusa mana kaniaya teuing [12-i]
  2. teu aya rasrasan [6-a]
  3. kaula make disumpit [8-i]
  4. naha naon dosa kula [8-a]

13. Mijil

Sapada diwangun ku 6 (genep) padalisan (10-i, 6-o, 10-e, 10-i, 6-i, 6-u). Watekna: susah, sedih, cilaka, tiiseun, atawa jempling.

  1. Mesat ngapung puta sang Arimbi [10-i]
  2. jeung mega geus awor [6-o]
  3. beuki lila beuki luhur bae [10-e]
  4. larak-lirik ningali ka bumi [10-i]
  5. milari sang rayi [6-i]
  6. Pangeran Bimanyu [6-u]

14. Pangkur

Sapada diwangun ku 7 (tujuh) padalisan (8-a, 11-i, 8-u, 7-a, 12-u, 8-a, 8-a). Watekna: lumampah, napsu, sadia rek perang.

  1. Seja nyaba ngalalana [8-a]
  2. ngitung lembur ngajajah milang kori [12-i]
  3. henteu puguh nu dijugjug [8-u]
  4. balik paman sadaya [7-a]
  5. nu ti mana tiluan semu rarusuh [12-u]
  6. Lurah begal ngawalonan [8-a]
  7. Aing ngaran Jayapati [8-i]

15. Pucung

Sapada diwangun ku 4 (opat) padalisan (12-u, 6-a, 8-e/o, 12-a). Watekna: piwuruk, wawaran, kaget, atawa eling.

  1. Lutung buntung luncat kana tunggul gintung [12-u]
  2. monyet loreng leupas [6-a]
  3. luncat kana pager dengdek [8-e]
  4. bajing kuning jaralang belang buntutna [12-a]

16. Sinom

Sapada diwangun ku 9 (salapan) padalisan (8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a/8-a, 8-i, 12-a). Watekna: gumbira.

  1. Warna-warna lauk empang [8-a]
  2. aya nu sami jeung pingping [8-i]
  3. pagulung patumpang-tumpang [8-a]
  4. Ratna Rengganis ningali [8-i]
  5. warnaning lauk cai [7-i]
  6. lalawak pating suruwuk [8-u]
  7. sepat patingk(ar)ocepat [7-a (8-a)]
  8. julung-julung ngajalingjing [8-a]
  9. sisi balong balingbing sisi balungbang [12-a]

17. Wirangrong

Sapada diwangun ku 6 (genep) padalisan (8-i, 8-o, 8-u, 8-i, 8-a, 8-a). Watekna: kawirang, kaeraan, karugian, kaapesan.

  1. Barudak mangka ngalarti [8-i]
  2. ulah rek ka dalon-dalon [8-o]
  3. enggong-enggon nungtut elmu [8-u]
  4. mangka getol mangka tigin [8-i]
  5. pibekeleun sarerea [8-a]
  6. modal bakti ka nagara [8-a] (*)
Pupuh Sunda jeung Watekna Pupuh Sunda jeung Watekna Reviewed by Rupa Sundapura on 21.26 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.