Abdi Mah Geus Pasrah

Ieu peuting pamungkas di imah ieu...

Apanan kapungkur, abdi datang ka lembur ieu teh lantaran dibawa ku Akang. Lantaran abdi dipenta ti kolot, dipihukum sacara sah ku Akang. Lain datang tambuh laku atawa palid kabawa cileuncang.

Carita Pondok

Cenah ayeuna, sanggeus dua puluh taun kalarung, hate Akang geus teu suka ka abdi, nya abdi pasrah. Ngan hiji nu dipiharep mah, mun tea abdi kudu indit ti dieu, ti imah ieu, kahayang teh dianteurkeun deui ku Akang. Dipasrahkeun ka kolot abdi.

Eta ahirna mah kaputusan nu dicokot ku abdi teh. Deukeut-deukeut kana pasrah ketang, lantaran rumasa diri teu walakaya. Sanggeus padungdengan hate jeung pikiran. Sanggeus kanalangsa lantaran asa dihianat teu diajenan meh teu kawadahan. Asa pamohalan teuing abdi bisa mertahankeun hate Akang pikeun tetep mikaasih abdi. Asa pamohalan abdi bisa nyalametkeun beungkeutan rumah tangga ieu.

Da geuning Akang mah, najan anak urang geus dua, bari awewe kabeh, jigana teh teu sing dipake era. Bareng nu cikal mah geus parawan, mangsa kawinkeuneun. Tapi ah Akang boro-boro mikir ka dinya. Nu aya mah jigana teh ngalajur napsu we. Kalah Akang nu kawin deui.

Abdi moal tumanya "naon atuh kakurang diri abdi?" Da rumasa memang diri teh tempatna kakurang. Meureun enya abdi teh kurang babakti ka Akang. Meureun enya abdi teh kurang nyugemakeun Akang. Mantak hate Akang ayeuna ngaberung ka nu anyar oge, itu mah tangtu boga kaistimewaan di hate Akang. Ari abdi, nu geus lila babarengan, nu geus apal luar jerona, dina situasi kawas ayeuna mah, tangtu ukur kagorengan wungkul nu aya dina mata Akang teh.

Mantak percumah mun abdi melaan diri oge. Atawa ngeksel-ngekselkeun kakurang Akang, da geuning kitu jalma mah papada mibanda, meureun abdi teh ukur hayang meunang sorangan. Ongkoh, ah, masing ngomong kumaha-kumaha ge abdi mah pasti eleh. Akang tea kana ngomong mah moal kapetolan.

Abdi geus pasrah, jigana moal lila deui ge bakal kaleungitan Akang. Akang kitu, kaleungitan abdi ge meureun eta nu dipiharep.

Abdi inget, ieu teh mimitina lantaran Akang gawe di Cirebon. Ah, lain gawe nu alus da Akang mah ukur kuli bangunan. Enya, lain ngahinakeun da eta kabisa Akang mah. Nembok. Tapi pantar pagawean kitu, nu buruhna teu sabaraha, Akang kolu heureuy ka awewe sejen.

Cek babaturan Akang harita, aya nu kungsi ngelingan ka abdi. Cenah, kade salaki teh. Mani dikiaskeun kieu: mun urang nyaba, tuluy di panyabaan hayang dahar, naha bakal balik heula ka imah? Jawabna teh, nya moal. Pasti neangan dahareun di tempat nyaba we.

Sugan mah kumaha maksudna teh. Sihoreng, salila di pangumbaraan, Akang butuh pangrungrum awewe, kalah neangan nu anyar. Mani teu sabar nungguan mangsa mulang ka imah.

Bari jeung Akang mah atah pisan. Kumawani heureuy ka awewe sejen, tapi tuluy karingkus da cenah heureuyna ka nu boga salaki. Kapanggiheun, salakina malik teu suka. Pan ka Akang ngadakwa, itu pamajikanana ditalak. Atuh awewe tuluy menta tanggung jawab ka Akang.

Atah pisan Akang mah. Mani kataliktuk ku itu, ku ieu.

Harita hate abdi ge geus ancur. Nalangsa. Peurih. Abdi mah di imah percaya salaki teh keur neangan kipayah. Nyatana bet ngadon rucah we. Untung atuh harita abdi sabar, daek ical waragad. Aya perhiasan saeutik ge, bari eta teh pamere kolot, dikaluarkeun keur nulungan Akang sangkan bisa bebas tina dakwaan lalaki itu. Emh, aya ku teu ngaragap diri.

Akang tuluy mulang ka lembur da dikaluarkeun ti pagawean. Cenah, mandorna teu sukaeun aya pagawena nu nyieun masalah bari jeung urusan awewe. Abdi rada ngemplong, da sugan mah Akang teh balik sagemblengna. Horeng tukangeun mah Akang teh geus ngawin awewe itu.

Cenah, si awewe itu teh urang Cianjur. Sanggeus dikawin ku Akang, biur manehna ka Arab jadi TKI. Plong hate teh. Piraku ari kapisahkeun ku jarak rewuan kilometer mah Akang jeung manehna teh angger nyambung keneh. Piraku ari jauh mah Akang teu bisa mopohokeun.

Tapi geuning jauh tina panyangka. Manehna kalah asa boga tanaga da meureun boga pangahasilan. Make sok ngirim duit ka Akang. Jutaan deuih. Abdi sok api-api teu nyaho. Keun wae, da enya kahirupan rumah tangga teh pan kacida susahna. Keur dahar sapopoe jeung jajan barudak ge mani direumbeuy-reumbey ku nginjeum ka tatangga. Panghasilan Akang geuning teu mahi ieuh.

Da lamun pikiran Akang nu jalan mah, tangtu geus karampa jalan hirup Akang teh. Hirup nu ayeuna jeung abdi ge mani sakieu susahna, naha atuh make kudu rucah? Kalah rek balik deui ka enol nu kitu mah.

Da enya atuh, kalah hawa napsu nu ngawasa diri Akang teh. Lain pikiran nu bener ieuh. Sual anak nu bakal jadi korbanna, jigana teh teu kungsi ieuh dipikiran. Kumaha hate anak mun indung bapana papisah. Kumaha hate anak mun engkena boga indung tere.

Jigana teh na pikiran akang mah, hirup jeung awewe itu teh bakal leuwih senang, bakal leuwih alus batan jeung abdi. Padahal can tangtu. Boa bakal leuwih susah. Pedah ayeuna itu mah keur buburuh jadi TKI di Arab, mulangna bakal mawa duit, padahal sabara bulaneun ari kakuatan duit? Pan masing sakitu lobana oge, duit mah sok tereh erep.

Basa Akang kamari-kamari ieu nyebut rek ka Bandung, sabenerna abdi geus terus rasa. Dina itungan abdi, awewe itu geus mangsana datang da geus dua taun. Akang pasti nepungan awewe itu, pamajikan Akang nu ngora. Jeung enyana, barang Akang datang, bet tuluy pakgeprek. Akang menta abdi sangkan nanda tangan surat ngidinan kawin deui keur Akang. Cenah, Akang teh ditungtut ku awewe itu sangkan ngawin sacara resmi. Bareto mah da ukur kawin agama. Akang mani ticeurik-ceurik ka abdi. Akang nyebut ukur keur ngalaksanakeun kahayang itu wungkul. Lamun henteu ngawin sacara resmi teh cenah Akang kudu mulangkeun duit nu kungsi dikirimkeun ti Arab tea. Sabaraha sabenerna duit nu geus katarima ku Akang, kuring teu pati apal. Da abdi mah tara ieuh dibejaan.

Bodona abdi bet daek nanda tangan. Najan bari hate jeung nalangsa, abdi nguat-nguatkeun diri pikeun ngagerakkeun leungeun dina kertas nu netelakeun abdi ngidinan Akang kawin deui. Ngotretkeun tanda-tangan.

Horeng Akang mah pinter. Kitu soteh ngawadul ka abdi. Da dina hate Akang mah geus aya paniatan rek miceun ka abdi. Kitu soteh politik Akang sangkan bisa tereh kawin resmi ka itu. Lamun rek ngadon nalak ka abdi heula mah pan pasti meakkeun waktu nu lila bari jeung waragad nu gede. Sedengkeun ku cara ngawadul kitu, nyebut ukur keur ngalaksanakeun kahayang itu wungkul mah, Akang bisa ngalaksanakeun niat kalayan waragad nu murah. Geus kawin resmi ka itu mah, Akang tinggal noker kuring.

Basa Akang indit ka Cianjur bari mawa surat idin kawin deui, abdi mah geus ngarasa yakin, di dieu teh abdi mah moal lila deui. Bakal tereh papisah jeung Akang. Bakal papisah jeung anak. Da enya, lain teu nyaah ka anak, ngan ari kudu mulang ka kolot bari mawa anak mah kuring teh teu sanggup keur ngawaragadanana. Akang wayahna nu kudu tanggung jawabna.

Jeung teu nyalahan. Basa Akang mulang ti Cianjur, Akang tuluy murang-maring. Kaluar basa nu ngusir-ngusir abdi ti imah. Ih, ari Akang geus teu suka mah piraku hayuh wae cicing di dieu. Arek abdi ge mulang ka kolot, tapi enya kitu: datang ka dieu teh bareto lantaran dipenta ka kolot abdi, dipihukum, lain kabawa palid cileuncang.

Ayeuna oge dina kudu mulangna, abdi hayang dianteurkeun ku Akang, dipasrahkeun deui ka kolot abdi. Horeng Akang teh sabenerna jalma pengecut. Ari kudu adu harepan jeung kolot abdi mah geuning taya kawani. Kajeun daek nganteurkeun abdi mani kudu dibarengan ku pangurus lembur, ku Lurah. Da meureun enya Akang boga karempan sieun diambek ku kolot abdi. Emh...!

-=oOo=-

Neuteup budak nu keur ngagalebra sare, Nia jeung Wida, juuh cimata abdi teh. Dientong-entong ge abdi ceurik. Teu katahan. Tuda kanyaah indung ka nu jadi anak mah moal aya watesna. Komo ieu isuk mah bakal paturay, bari jeung iraha bakal patepungna deui.

Kumaha teuing nasibna isukan? Kumaha teuing sikep indung terena isukan? Boa-boa moal nyaaheun. Boa-boa bakal ngadatangkeun kasangsaraan ka budak abdi. Duh, Gusti Alloh, kacida hariwangna abdi kana nasib budak keur kahareupna.

Tapi abdi ayeuna aya dina posisi nu teu walakaya, teu bisa melaan nu jadi budak. Dalah melaan diri abdi ge geuning teu bisa. Abdi ukur pasrah. Teu kabayang baheula mah bakal papisah jeung budak dina kaayaan kieu. Abdi pepegatan.

Hampura anaking lamun ku mamah bakal ditinggalkeun. Lain, lain teu nyaah ka hidep, tapi kumaha atuh, mamah asa teu sanggu ngabiayaan hidep mun kudu jeung mamah. Da ayeuna mamah ge rek mihapekeun diri deui ka nu jadi kolot, ka aki jeung nini hidep. Sugan atuh ka hareup mah aya nasib nu hade keur mamah. Urang bisa hirup babarengan deui.

Mun isuk bray beurang, mamah can manggihan kecap nu pantes pikeun dikedalkeun ka hidep keur basa pileuleuyan. Asana teh mamah ukur bisa ceurik. Ukur bisa menta dihampura. Da enya atuh saenyana mah, mamah pasrah papisah jeung bapa hidep, tapi jeung hidep mah mamah teh teu siap. Mamah jangji, bakal ngadu'akeun hidep beurang jeung peuting najan paanggang. Muga hidep manggih jeung jalan kahirupan nu bagja. Wayahna urang paanggang ge, tapi da batin mah teu weleh raket. Atuh mamah ge menta didu'akeun sangkan panggih jeung kahirupan nu leuwih hade.

Duh, Gusti Alloh, pasihan abdi kakiatan. Pasihan budak abdi kakiatan. Taya gerentes hate nu kedal deui. Isuk abdi mulang.

Pileuleuyan, anaking. Sakali deui hampura mamah.
Pileuleuyan keur imah ieu.
Pileuleuyan kahirupan di dieu.
Pileuleuyan rewuan panineungan, susah-senang nu kungsi karandapan di dieu.
Pileuleuyan Akang. Hampura kana sadaya kalepatan abdi.

Cimata abdi murubut nepika kadenge hawar-hawar adan subuh ti masjid. Mapag poe anyar nu pinuh ku kanalangsa. Abdi geus pasrah.

Ieu peuting nu kacida panjangna keur abdi. (*)


Ena Rs.
Abdi Mah Geus Pasrah Abdi Mah Geus Pasrah Reviewed by Rupa Sundapura on 23.13 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.