Nasib Si Geulis

Pameunteu geulis tanding widadari. Awak lempay kawas model. Raksukan teu weleh modis. Anggun. Wanoja impian para jajaka jeung duda. Anu naksir ngabring. Nu rek ngalamar ngantay.

Fiksi Mini Basa Sunda

Opat bulan ngemu kabingung. Meunang cocoba ti Nu Maha Kawasa. Punglak sakabeh waosna. Ompong. Nyengir jadi teu nyari. Geulisna ngurangan.

Hiji poe meunang pituduh. Aya dukun sakti mandraguna.

"Yap ka jero, Geulis!" ceuk Bah Dukun. Abah Dukun nyiapkeun ramuan obat. Ngaracik gemet pisan.

"Geulis, cai ramuan ieu kudu dipake kekemu!" amanat Bah Dukun.

Bungah. "Omat kudu dipake kekemu!"

Nongtoreng keneh caritaan Bah Dukun. Geus boga kayakinan yen huntuna bakal bijil deui. Aing pasti normal kawas baheula, gerentesna.

Hahariringan sapanjang jalan.

"Uluh, naha bet hayang pipis ieu teh?" Nu geulis nyarita sorangan. Nyalingker kana rungkun, laju pipis bari peureum beunta. Teu inget kana papagah, cai ramuan dipake beberesih.

"Umiiiiiii...!" Nu geulis ngajerit waktu ngangsrodkeun lancingan jerona. (*)


Irman N Dimyatie
Nasib Si Geulis Nasib Si Geulis Reviewed by Rupa Sundapura on 20.25 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.