Tukang Nguseup

Anu ngaranna tukang nguseup mah, sok loba bae dongengna. Komo lamun tepung jeung tukang nguseup deui. Nyaritakeun kaahengan lauk di hiji tempat atawa pangalaman nguseupna masing-masing.

Barakatak

"Lauk di Situ Wanayasa mah, Jang, paleungkeur jeung garajih deuih. Anu matak Ua mah nepi ka ayeuna, sok ngalimed-ngalimed bae lamun dahar jeung lauk ti Situ Wanayasa teh," ceuk Wa Haji Abdul, urang Gandasoli anu ti leuleutik resep nguseup di Situ Wanayasa. Najan ayeuna geus jadi pangusaha di Batawi, ari balik ka lembur mah angger sok ngahajakeun nguseup di Situ Wanayasa. Lamun nguseupna teu beubeunangan, sok terus nguliwed ka Tanjaknangsi, meuli lauk ti Si Abah Ade.

"Komo lauk Galumpit mah, enya di Jatiluhur, ku gajih-gajihna, cai teh nepi ka hinyay atuh, lamun kasaba ku lauk. Anu matak upami abdi nguseup di Galumpit, teu hese neangan tempat anu loba laukan. Lamun caina hinyay, tah lebah dinya pasti loba laukna," ceuk Mang Uci, tukang nguseup di Jatiluhur. Eta anu boga warung sate MU tea. Warung Sate Mang Uci, lain Manchester United.

"Eta mah teu sabaraha atuh, Mang. Lauk Situ Ciburuy mah, ku gajih-gajihna, ana sakalieun nenggak teh, langsung leeh atuh," ceuk Kang Nana Munajat, urang Ciburuy Padalarang.

"Majarkeun lauk Situ Ciburuy hese dipancing, eta mah ngan aya dina lagu, Wa. Kabuktianana mah henteu kitu. Malah bisa disebutkeun clom giriwil teh, lain bobohongan. Kakara ge clom, eupan teh geus disamber ku lauk," ceuk Kang Nana.

"Emh, eta mah can sabaraha. Masih keneh eleh atuh ku lauk Batukelong, enya di Jatiluhur keneh ieu oge. Emang keur ngageleng-geleng eupan teh, lauk meni ranghap di handap, ngadagoan eupan. Anu matak, tampolana mah eupan teh tara-tara acan nepi kana cai, geus disamber manten ku lauk," ceuk Mang Uci embung eleh.

"Ari Ua mah henteu ari kitu-kitu teuing mah. Ngan peutingna we, waktu Ua keur nyieun eupan di imah, lauk teh sok nyalampeur ka imah, bari pok ngaromong, 'Uaaa, arek moal nguseup teh?' Tayohna mah geus teu salabar hayang diuseupan ku Ua," ceuk Wa Haji Abdul. (*)

Tukang Nguseup Tukang Nguseup Reviewed by Rupa Sundapura on 20.42 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.