Tjarita Mantri Djero (Bagean 15, Djilid 1)

Heuleut saboelan ti harita, geus kaoetara ka nagara, goejoer di pilemboeran, geundjleung di dajeuh, lantaran aja bedja jen Soeltan Mataram geus nginditkeun perdjoerit mangreboe-reboe, rek naloekkeun tanah Priangan. Malah lamoen bisa, Tjirebon djeung Banten oge bakal ditempoeh.

Carita Nyambung

Kangdjeng Dalem Nagara Tengah gantjang ngintoenkeun oetoesan ka Dalem Kawasen, Soekakerta, djeung ka Boepati Galoeh, ngadjak barempag, koemaha nja pilakoeeun oepama balad Mataram datang ka Priangan. Pirempoegna sarerea, koedoe ditagenan bae, oelah ngeok memeh dipatjok, boele-hideungna koemaha engke. Anoe diangkat koe sarerea djadi senapati, ngapalaan perdjoerit Soenda, njaeta Dalem Kawasen. Ari Galoeh djeung Nagara Tengah, kitoe deui Soekakerta, pada ngabantoe koe balad djeung kadaaran. Dalem Nagara Tengah kapapantjenan ngiangkeun doea ratoes perdjoerit, Galoeh tiloe ratoes, Soekakerta tiloe ratoes. Sasesana ditanggoeng koe Kawasen, boeboehan noe pangheulana bakal kadjorag.

Barang bedja geus nerekab, djelema pada goejoer tagiwoer. Noe tani noenda pakajana, noe dagang noetoep waroengna, noe djeneng damelna ngoelejeng, njaksrak ka oenggal lemboer, neangan djalma noe jagdjag-waringkas, toer bisa metakeun pakarang, iangkeuneun ka Kawasen, baris ngajonan perdjoerit Mataram. Katjida pisan matak sedihna, nendjo awewe noe rek ditinggalkeun ka pangperangan koe salakina; indoeng noe rek ditinggalkeun koe anakna, kitoe deui baroedak noe rek ditinggalkeun koe bapana.

Pisaminggoeeun deui ka indit, noe rek perang teh geus pada ngarioeng-rioeng koe sanak-barajana, wantoening pada harajangeun sosonoan heula, ma'loem noe rek seba njawa, mitjeun pati, sosoroh kodjor, biheung bisa moelang deui.

Kitoe deui kadaharanana dipoepoedjoehkeun, wantoening sasatna rek moelangkeun panjiraman, teu ngarepkeun bisa balik deui, mangpang-meungpeung reureudjeungan djeung katineung, sosonoan djeung anak-rabi. Samemeh nepi ka pasti nemahan pati, ngabelaan nagara djeung iemah tjai teh, njieun poe boengsoena heula.

Kangdjeng Dalem toeloej njaoer djoeragan Patih, para mantri, Kaliwon, djeung Djaksa, kitoe deui kapertjajaan andjeunna, njaeta Mas Anggataroena, miloe masamoan. Ari noe dibarempoegkeun njaeta milih anoe sakira baris beunang dipertjaja indit ka medan perang, ngapalaan balad noe doea ratoes tea. Djoeragan Patih djeung sakabeh kapala pada haget, njaroehoenkeun ditimbalan mapag moesoeh, boeang djiwa ngabela nagara.

Kangdjeng Dalem semoe boengah ngadangoe pioendjoekna para mantri kitoe teh, kagoengan raos aja andelkeuneun. Tapi itoe-ieu oge toenggal ponggawa andjeunna, saroea bae Pangawoelaan mah njaahna. Noematak teu iasa njandak poetoesan, saha noe koedoe miang ka pangperangan. Ras emoet, anoe loba loeangna teh Mas Anggatoeroena, tah soegan eta mah bisaeun ngahatoeranan timbangan. Pok Kangdjeng Dalem nimbalan, lahirna, "Tjoba paman Anggataroena, kaoela menta tinibangan, saha tjek pikiran paman anoe oetama djadi pamanggoel djoerit?"

Mas Anggataroena asa mobok manggih gorowong, lir monjet dibere sesengked. Eukeur mah geus lila tjeutjeub ka Mantri Djero, ajeuna aja lantaran keur ngagebroeskeun manehna kana djoerang. Pok Djoeroesimpen oendjoekan, "Soemoehoen dawoeh pariksa Dalem, manawi bahan katampi, oendjoek soemangga abdi Dalem njembahkeun pioendjoek, anamoeng neda agoeng tjoekoep loemoer, neda djembar hampoera, bilih aja ketjap anoe teu merenah, pioendjoek noe henteu lajak. Emoetan abdi Dalem, oepami djoeragan Patih angkat ka pangperangan, nilar nagara, saha noe baris ngaping Dampal Dalem oepami parantos ninggang kana boeboeh ripoehna? Kapan patih teh toekang papatah, oepami loenta nilar nagara, saha noe baris nadah dawoehan Dampal Dalem? Djadi oepami djoeragan Patih angkat ka medan perang teh, sami bae sareng pateuh panangan noe tengen, sotja pareum sabeulah, sampean loempoeh sabeulah. Oepami poen Kaliwon dipioskeun ka pangperangan, lebet kana paripaos njiar badak tanggoengeun, wireh parantos sakitoe kakolotanana, sareng abdi Dalem teh moeng benten lima taoen oemoerna, djadi parantos kirang kakiatanana. Lingsem temen koe batoer, bilih disebatkeun di Nagara Tengah teu aja ponggawa ngora noe pantes diandelkeun, doegi ka aki-aki tjokor regoh diiangkeun. Poen Djaksa taja panginten pitiasaeun, wantoening woewoedon. Sanadjan leber koe wawanen oge, ari teu tiasa walakaja, naon pambrihna? Emoetan abdi Dalem henteu aja sanes anoe kasartaan koe awakna, kadjabi ti poen Mantri Djero. Titingalian abdi Dalem, merenah kalangkoeng oepami pribadosna ditimbalan mios ka pangperangan, saperkawis djagdjag waringkas, boedak ngora keur meumeudjeuhna taja kagila, kawoewoeh sakitoe pertjekana. Nja ajeuna waktosna poen Mantri Djero, anoe parantos nampi kaheman Dampal Dalem sakitoe agengna, males boedi, mintonkeun kasatiaan bela pati ka Radja sareng ka nagara!"

Sadajana noe ngadangoe taja noe kagoengan tjoeriga, jen Mas Anggataroena gindi pikir belang bajah ka Mantri Djero. Omongan noe sakitoe aloesna teh disangka bidjil tina ati wening bae. Kangdjeng Dalem oge toeloej ngaroedjoekan, komo deui mantri ponggawa mah asa noe noemboe oemoer, ngarempoeganana teh kalawan djeung kaboengahan. Ari Den Jogaswara boeboehan djelema ngora koerang wiwaha, atoh noe aja, kagoengan raos dipertjaja, dumeh didjieun pamanggoel djoerit, teu oeninga rek didjieun tjikal boegang.

Barang geus nepi kana waktoena miang, di aloen-aloen djelema geus ngalioed. Noe karoempoel teh lalaki noe keur mareudjeuhna bebentengna, boeta toelang boeta daging, tinglalindjing semoe noe boetoeh koe tanding. Papakeanana roepa-roepa, kawantoe henteu aja tjawisanana, sabogana-sabogana bae. Ngan perdjoerit anoe bakoe noe sakaroepa djeung harade papakeanana teh, ditjalana sontog, dibadjoe koetoeng, make balakoetak djeung njarekel kepeng hidji sewang. Aja oge noe dibaradjoe rante, njaeta badjoe koetoeng diterapan ali-ali koeningan, dipatjorokkeun saperti rante. Eta badjoe noe matak pinoeh diterapan rante teh, maksoedna soepaja noe makena teu teurak dikadek. Tapi noe marake badjoe rante teh henteu loba, ngan kapala-kapalana bae. Kitoe deui pakarangna roepa-roepa, sabogana-sabogana. Aja noe mawa toembak, gobang, kampak, panah, malah soempit oge dipake parabot perang. Paserna beunang ngabaloer koe ratjoen, maratih pisan.

Teu lila djeboel Mantri Djero soemping, toenggang koeda toetoenggangan Kangdjeng Dalem. Koeda teh soengoetna mani ngaboedah, kawas geus hajang kerewes bae ngaremoes moesoeh. Mantri Djero nganggo panganggo kaperdjoeritan, dilantjingan tjinde woengoe, dipoengkoerna njoren doehoeng, wangkingan kasatriaan, pamorna "Si Toendoeng Moesoeh" pakarang perdjoerit lineuwih. Dina angkeng beulah ti kiwa njoelagrang pedang, tjahjana goegoerilapan. Barang djol ka aloen-aloen, balad noe doea ratoes teh ngaberes, tata baris sajagi rek indit. Ger tatabeuhan ditabeuh, angkloeng djeung dogdog moeni, sabab harita mah nja eta noe sok dipake tatabeuhan dina perang teh. Mantri Djero mariksa heula balarea nee geus ngaleuja di aloen-aloen. Barang geus kaparios, toeloej andjeunna ngaboedjeng ka padaleman. Kangdjeng Dalem kasondong keur ngadeg. Andjeunna oge nganggo panganggo kaperdjoeritan, saged, singset, wantoening keur aja dina karerepet, majoenan bantjang pakewoeh.

Djoet Mantri Djero loengsoer tina koeda, moendjoeng ngarawoe sampean Pangawoelaan, njoehoenkeun djiad soepaja pendak sareng kasalametan. Di padaleman geus karoempoel para sepoeh, hempak para oelama, soemawonna djoeragan Patih djeung djoeragan Panghoeloe mah henteu kersaeun djaoeh. Samemeh Mantri Djero angkat, djoeragan Panghoeloe djeung para oelama ngaraos heula doenga, neneda ka Noe Kawasa soepaja noe angkat ka pangperangan oelah katjanir bangban, kitoe deui nagara diraksa tina pantjabaja.

Ketjlak Mantri Djero toenggang koeda, diiring koe tamtama-tamtama taroempak koeda. Boeroedoel balad noe doea ratoes teh indit. Leumpangna pandeurieun perdjoerit noe taroempak koeda tea, ngaleut ngeungkeuj ngabandaleut, ngembat-ngembat njatang pinang. Oemboel-oemboelna melengkoeng, banderana ngerab-ngerab. Teretet sora tarompet, matak ketir noe ngadenge. Djelema sadajeuh pada geundjleung, tingtorodjol baridjil ti imahna, ngaregreg di sisi djalan, nendjokeun aleutan noe indit ka pangperangan. Lolobana noe laladjo teh awewe, ngarais boedak, meureun hajangeun narendjo larna bapa boedak noe diais tea ngaliwat, bisi papanggih panoengtoengan. Barang lar aleutan ngaliwat, djelema noe ngaleuja di sisi pager teh loba noe tingaringhak, bawaning koe sedih pikir, nendjo salaki atawa bapa, doeloer atawa baraja, rek mitjeun oemoer boeang djiwa. Kitoe deui noe rek perang loba noe soemoreang, teu kendat ngalieuk ka toekang, inget ka anak-rabi, ka indoeng-bapa, ka doeloer djeung ka baraja. Tapi koemaha atoeh? Sanadjan loba kabeurat oge, da poegoeh geus kitoe koedoena, lalaki mah geus biasana bela nagara. Sieun, keueung koedoe dipitjeun, sabab geus bagianana. Lalaki paehna perang, awewe paehna ngadjoeroe. Pikeun mindingan kasedihan, ger balarea soerak, moenggah ambal-ambalan, tingdjarerit moenggah asa kaindit.

Saboedalna balad noe iang ka pangperangan, Kangdjeng Dalem toeloej nimbalan ka djoeragan Patih, para mantri, Kaliwon, djeung Djaksa, ngapalaan noe keur nohagaan pager dajeuh, geus dipapantjenan sabagian-sabagianana. Kitoe deui sakoer lalaki anoe kari, diatoer pagaweanana. Sawareh njantosaan pager, sawareh deui ngadjaga di liliwatan, bisi moesoeh ngabongohan.

Ditinggalkeun koe noe arindit ka pangperangan teh di dajeuh djadi tiiseun, djempe tjalalomrek, kitoe deui lemboer-lemboer saroewoeng, wantoening taja lalakian. Anoe sok tingkoelampreng di djalan teh lolobana mah awewe djeung baroedak bae, sabab ari lalaki mah, nadjan aja oge noe kari, taja di imah, koempoel di pangdjagaan. Komo ari ti peuting, mani djempling kawas gaang katintjak bae. Kakara wantji magrib oge geus nalingkreb maneh. Pasar noe sakitoe ramena djadi roentang-ranting, lantaran koerang noe dagang, sepi noe barang beuli, kawantoe djelema teh boloampar ngadjalankeun paoesahaan, saban poe saban peuting teh ngan abring-abringan bae, ngiring-ngiring kapala, ngaronda. Padaleman ngadak-ngadak leungit dangiangna. Kangdjeng Dalem henteu towong dirioeng-rioeng koe para ponggawa djeung para oelama. Ari peuting boeroean padaleman teh pinoeh koe noe ngadjaraga, tapi Pangawoelaan mah sakitoe didjaring koe pirang-pirang djelema teh tara iasaeun koelem, wantoening sakitoe tagajoerna manah. Biheung engke, biheung isoek moesoeh asoep ka dajeuh, ngaboerak-barik nagara. Djoeragan Patih tara pisan djaoeh, di mana Kangdjeng Dalem ajana, andjeunna tara euweuh.

Hidji peuting Kangdjeng Dalem tjalik di tengah boemi, ngan kadoea djoeragan Patih bae, sabab kapala noe sedjen mah ngajaraga di loear. Pok Pangawoelaan sasaoeran. Lahirna, "Koemaha ieu oerang teh pikadjadianeunana? Kaoela mah rada seber hate, sabab Soeltan Mataram teh geus kakontjara gede kakawasaanana, perjoeritna mangketi-keti djeung geus tarabah perangna, ari oerang sakieu boektina. Sadjabana balad ngan saeutik teh, pakarangna oge sarosopan, taja petana bisa ngajonan moesoeh noe sakitoe pamoekna. Palangsiang panorahna paman Anggataroena pinanggih boekti. Handjakal bareto basa ngadjenengkeun Soeltan, henteu nembongkeun persetya, meureun oepama harita mintonkeun kaweningan mah, moal diroeroegan."

Walon djoeragan Patih, "Soemoehoen dawoeh pariksa Dalem, emoetan abdi Dalem moegi oelah dipiseunggah ti awalna, margina sakoemaha moesoeh pamoekna oge, teu moestahil Goesti Maha Soetji nangtajoengan ka noe kirang kakiatanana. Ajeuna mah kantoen moentang ka Noe Moerba Wisesa bae, oelah kendat ngaos Koeran, salat hadjat sareng to'at, njoehoenkeun soepaja diriksa tina saniskanten bahja. Koe abdi Dalem parantos poen Panghoeloe sareng sadaja para oelama dipapantjenan, malah ti dinten kamari taja towongna di masdjid anoe ngadji sareng salat. Oepami parantos seep ihtiar mah, sanadjan Nagara Tengah rata djadi lemah, henteu panasaran, mana kitoe oge parantos dihin pinasti anjar pinanggih, papasten Goesti Jang Manon."

Dawoehan Kangdjeng Dalem, "Poegoeh ari koe kitoe mah, bener sakoemaha pikiran Patih teh sarta koela boengah pisan, doemeh Patih geus metakeun tarekah kitoe. Ngan kaoela mah roengsing hate soteh, ieu koe asa diganggajong. Ki Mantri Djero geus saminggoe inditna ka Kawasen, tapi teu atjan aja bedja naonnaon. Katjida karenjengna, hajang geura meunang tjaritaan noe sidik, oelah tjara ajeuna teu weleh aja dina samar hate."

Pioendjoek djoeragan Patih, "Koemaha oepami miwarangan kapertjantenan bae, ngoengsi ka Kawasen!"

Saoer Kangdjeng Dalem, "Enja, tapi saha pidjelemaeunana?"

Dasar djoeragan Patih tedaking perdjoerit, menak lalanang perang, ngadangoe kasaoeran Kangdjeng Dalem kitoe teh ngentab manahna, doemeh Pangawoelaan ngadawoehkeun saha pidjelemaeunana. Pihatoerna, "Manawi Dampal Dalem pertjanten mah, abdi Dalem bae bade mios. Kapoengkoer mah henteu maksa soteh mios ka pangperangan, wireh diwagel koe Dampal Dalem bae!"

Kangdjeng Dalem semoe katjida hemengna. Lahirna, "Nja eta tadina mah noe matak kaoela njaram indit teh, lantaran taja geusan pakoemaha-koemaha, lamoen Patih indit ka Kawasen teh. Sakitoena deui, salah oepama teu ngadjoeroengkeun, hade miang, tapi langlang ti kadjaoehan bae, soepaja oerang bisa taki-taki!" (*)

Samboengan ti Bagean 14 Njamboeng ka Bagean 16

R. Memed Sastrahadiprawira (Bale Poestaka; Weltevreden)
Tjarita Mantri Djero (Bagean 15, Djilid 1) Tjarita Mantri Djero (Bagean 15, Djilid 1) Reviewed by Rupa Sundapura on 21.19 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.