Boehaja

Roesdi djeung Misnem

"Mang!" tjeuk Roesdi. "Siga naon ari boehaja teh, tjara goerame tjetjepetan?"

"Hih, lain" jawab pamanna. "Ieu mah boentoetna pandjang djeung reregean. Ari roepana siga bajawak, tapi gĕde."

"Bajawak?" tjeuk Roesdi. "Noe sok ngahakanan laoek di balong oerang?"

"Ĕnja!" djawab pamanna. "Malah lamoen gĕde mah meh tjěples, teu kapitjeun sasieur-sieur atjan. Ari tjitjingna biasana ngaboeboehan di moeara-moeara waloengan, sabab di dinja sok loba kahakanan noe kabawa palid. Kakapeungan maranehannana oenggah oge ka darat, ngadon mojan atawa ngĕndog. Ari ngĕndogna teu noengtoet hidji-hidji seperti hajam, ieu mah disakalikeun bae dina logak, reana doea poeloeh nĕpi ka saratoes siki."

"Ngeunah ari ĕndog boehaja, Mang?" tjeuk Roesdi.

"Ah teu njaho," djawab pamanna. "Da tatjan ngasaan. Tjeuk noe beukieun mah, meureun ngeunah."

"Naha eta boehaja teh tara eungapeun, salawasna tjitjing di jero tjai bae, Mang?" omong Misnĕm. "Ongkoh lain laoek eta mah."

"Hĕnteu, da geus toeman," djawab pamanna. "Djeung deui oepama manehna teuleum, iroengna djeung tjeulina di pĕpĕtan koe lamad, soepaja oelah kaasoepan tjai. Oepama njeunghap, kakara eta lamad teh diboeka deui."

"Mang!" tjeuk Roesdi. "Naon sababna djĕlĕma sok aja noe diseboet boehaja?"

"Euh. Eta djĕlĕma noe kitoe kalakoeanana tjara boehaja tea, njaeta djĕlĕma djahat. Geuning boehaja sakitoe ngaroeksakna ka djĕlĕma."

"Koemaha Mang, koelit boehaja teh leueur tjara bĕloet?" tjeuk Roesdi.

"Hih, hĕnteu. Ieu mah karadak sarta kandĕl."

"Na ĕnja tjimata boehaja sok dipake djimat, Mang?" tjeuk Roesdi.

"Ih, oelah pertjaja" djawab pamanna. "Eta kaomongan djĕlĕma bae, da saĕnjana mah hĕnteu. Geura ĕmang rek njaritakeun lalampahan hidji boedak, ngaranna Sardjan. Manehna sakolana geus doea tahun, tapi kakara kelas hidji, sabab ngĕdoel tara daek ngapalkeun. Koe hal eta, koe goeroe-goeroena sok rĕmĕn diseuseul, malah sakapeung mah disĕtrap. Eta boedak geus ngadenge bedja, jen bapana boga djimat, tjimata boehaja, khasiatna matak diasih koe sagala djĕlĕma. Isoek-isoek, waktoe bapana ka tjai djeung indoengna keur ngisikan, karajap manehna ka ĕnggon bapana, bari tjoengas-tjingeus, rek njokot djimat. Sanggeus kapanggih, djoet toeroen ti imah, los ka iskola sarta ngomong di djero atina, 'Ah, sageuj, djuragan goeroe teh teu asiheun ajeuna mah ka aing.' Saĕntasna ditongtrongan, boes asoep ka iskola sarta gek dioek dina bangkoe tĕmpatna. Leungeunna teu reureuh roempoe-rampa kana soekoena, da sieun djimatna leungit."

"Sardjan!" tjeuk goeroena. "Koemaha raraban teh, apal?"

Sardjan ngabĕtĕm bae, teu lemek teu njarek da geus roemasa teu ngapalkeun. Goeroena bĕndoe, sarta Sardjan waktoe bĕrĕnti teu meunang bidjil. Manehna ngomong di djero atina, 'Behna mah djimat teh euweuh gawena da ditjarekan mah teu boeroeng'.

"Ti waktoe harita kakara eta boedak teh gĕtol sarta teu mangkoek saminggoe katjida nakĕr dipikanjaah koe goeroena." (*)

Boehaja Boehaja Reviewed by Rupa Sundapura on 21.40 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.