Bondol Haji

Manuk bondol haji teh rupana leutik, kawas piit. Bulu awakna coklat. Ari beuheung ka hulu mah bodas buluna teh. Nya lantaran bodas huluna, pangna diserebut bondol haji ge, dan siga jalma disongko haji. Bondol haji rea kapanggih di pasawahan Karawang kaler. Sok jadi hama, da sok nyisilan pare, ngaganggu pepelakan patani nu sumedeng karoneng. Sakapeung ku patani sok disieuh-sieuh sina jauh. Disingsieunan ku bebegig atawa kokoprak.

Dongeng Buhun

Eta manuk teh cenah aya sasakalana. Kieu dongengna.

Jaman baheula di hiji lembur aya anu kacida beurat beungharna. Bandana bru dijuru panto, ngalayah ditengah imah. Sawahna manghektar-hektar. Kebonan mangbau-bau. Lubak-libuk teh lain babasan. Di lembur eta mah ngan manehna anu jegud ku harta banda teh.

Ngan hanjakan, eta haji teh kasohor meditna. Tara daek tutulung ka nu butuh, tatalang ka nu susah. Daek ku daekna nulung batur, tapi kudu itungan. Mun nginjeumkeun direntenkeun, mun nganjukkeun dilipetkeun. Teu aneh lamun rea jalma anu menta tulung ka manehna antukna jadi kabeulit hutang, kajiret renten nu beuki ngabeukahan. Lantaran adatna merengkel jahe, rea urang lembur anu malik teu suka ka manehna.

Enya eta haji sok deukeut jeung urang lembur, tapi lain deukuet hayang layeut atawa hayang nambah-nambah amal. Deukeut soteh sieun batur jalir jangji kana hutang, inggis batur teu bisa mulangkeun renten. Mun nganjang ka tatangga lain maksud rek manjangan baraya, tapi teu kurang teu leuwih ukur rek nanagih hutang.

Hiji poe eta haji dielingan ku tatanggana. "Haji naha atuh mani medit-medit teuing? Harta banda anu dipimilik ku haji teh apanan titipan Pangeran. Ngabeungbeuratan haji engke diaherat."

Tapi eta haji teh kalah nembal kieu, "Harta uing teh meunang usaha uing sorangan. Banda anu ayeuna dipiboga oge lain hasil usaha batur, tapi hasil uing banting tulang. Hasil uing digawe beurang peuting. Teu sirikna hulu dijieun suku, suku dijieun hulu. Lamun batur hayang cara uing, nya digawe sing soson-sososn, sing rajin, sing getol."

Tatanggana teu nyarita deui. Ngan bati kukulutus bae dina jero hatena. Ceuk gerentesna, heueuh da maneh mah getol dina ngarentenkeun mah. Beurang peuting tara poho nanagih hutuang, meres batur ku renten.

Hiji mangsa, eta haji teh kabejakeun gering parna. Diubaran mah diubaran cenah, tapi panyakitna teu daek cageur. Dukun lepus jeung tabib sakti didatangkeun, tapi teu matak ngurangan kasakitna haji. Ti poe ka poe geringna beuki parna bae. Kulawrgana oge teu walakaya. Ngan tibang masrahkeun bae ka Pangeran, rek dikitu rek dikieu oge nyanggakeun sadaya-daya.

Diitung-itung, lila pisan haji teh geringna. Ajalna siga diganggayong. Hirup teu neut paeh teu hos. Awakna anu sakitu lintuhna bayuhyuh, ngorotan nepi ka tinggal tulang dibungkus kulit teh lain wadul. Harta anu sakitu balatakna, beuki lila beuki nguragan da dipake ubar-ubar pikeun ngubaran panyakit.

Lantaran panyakitna taya sudana, antukna eta haji teh nepi ka ajalna. Mulih ka jati mulang ka asal, dipundut ku nu Kagungan.

Enya ge urang lembur loba nu teu suka kana adatna, tapi ari geus maot kitu mah teu wudu rea anu ngalayad. Milu nguruskeun mayit. Ti mimiti nyolatkeun, nepi ka nguburkeunana. Sok komo waktu maotna eta haji teh dina kaayaan pikawatireun pisan, geus puguh waruga mah kacida sisipna, eta deuih harta banda jeung kabeungharanana oge kapan teu nyesa.

Heuleut sawatara poe ti harita, dina tutunggul kuburan eta haji teh aya manuk leutik, anu cindeten bae didinya. Rupana coklat, ari huluna bodas. Barang manggihan eta manuk, urang lembur kacida panasaranana sabab samemehna di eta lembur teh euweuh manuk anu rupana kitu. Lantaran eta manuk teh teu ingkah-ingkah ti dinya, teg bae urang lembur teh boga sangkaan. Boa-boa eta manuk teh arwah haji anu nyurup mirupa manuk.

Barang disidik-sidik kalakuanana, eta manuk teh ti poe ka poe gawena ngaruksak pare. Mun nyayang ngaruksak dapuran, sarta barangdaharna nyisilan pare. Matak jengkel pantani. Tapi barang digebah-gebah, eta manuh teh bandel kabina-bina. Tara ieuh daek hiber jauh. Balik deui balik deui.

Kusabab bandel tea, antukna jadi kacapangan urang lembur. Dasar manuk bandel, cenah. Tina kecap bandel. Eta manuk antukna katelah manuk bondol, tuda hese nyieuhkeunana. Ari ditenget-tenget, bet enya jiga kalakuan jenatna haji tea. Enya sok deukeut jeung urang lembur, tapi sok ngarusak. Beuki yakin bae urang lembur teh, mun eta manuk teh jirim haji nu mindarupa.

Ti harita, eta manuk teh pada nyebut bondol haji. (*)


Dongeng Aki Guru - Mangle No. 2291
Bondol Haji Bondol Haji Reviewed by Rupa Sundapura on 21.59 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.