Ka Saha Geusan Balaka

Di luar hujan ngagebret, ti sore keneh. Kuniang hudang, terus abdas. Menekung dina sajadah urut tadi Maghrib. Imah dines nu lumayan lega dieusian ku kuring jeung si bibi. Sakapeung sok aya incu si bibi nu umur genep taun, milu ngendong, ambeh haneuteun. Basa kaluar ti kamar ka tengah imah, rek lalajo tipi, kadenge sora si bibi keur ngaos Qur’an. Dina meja makan nembrak pasakan; lodeh honje, sambel, jeung goreng lauk kabeuki. Sasarina mah tara ngaengkekeun, mun geus nempo deungeun sangu kabeuki teh.

Carita Pondok

Gek diuk bari nyetrekkeun remote tipi. Bibi geus beres ngajina, gura-giru nyampeurkeun, mangnyicikeun cai panas kana gelas paranti kuring. Los ka rohangan tamu, teu lila balik deui bari ngasongkeun amplop rada gede warna bulao.

"Neng Nana, ieu aya uleman ti putrana Pa RT, bade ditikahkeun. Asa lebar nya, Neng. Nembe lulus sakola, can didamel, tos bade ditikahkeun. Ah dasar urang kampung Cibungur," ceuk si bibi.

Kuring cicing bari nyekel gelas nu dieusian ku cai panas, keur ngompres ramo nu kateukteuk pondok teuing.

"Neng Nana, naha teu tuang? Teu emam nanaon?" ceuk si bibi deui basa nempo kuring cicing wae.

Teuing ku naon sore ieu kuring asa nalangsa. Komo tadi basa tas Maghrib nampa telepon ti Marni, sobat dalit nu geus sabaraha taun teu papanggih. Naon picatureun isuk mun panggih jeung Marni?

"Pokona isukan urang panggih di Cafe Camperenik wae, ambeh babari ka dituna. Da eta mah lokasina deukeut ka mana-mana," ceuk Marni dina telepon. Hape digolerkeun dina nachkas di gigireun tempat tidur.

Lamunan nyawang ka tukang jaman keur kuliah keneh, jaman abring-abringan, babarengan tujuhan. Kabehanana awewe, daratang ti pilemburan, Tasikmalaya, Sukabumi, Bogor, jeung Jogjakarta.

Unggal pere semesteran sok silih anjangan ka lembur masing-masing. Ka Jogjakarta ngabring tujuhan, ka Tasikmalaya ngabring oge tujuhan. Resep aleut-aleutan ka ditu ka dieu. Lembur saha bae sok dianjangan. Sok poho kana diajar, poho kana nyieun skripsi, meakkeun waktu pere. Mun rek sare ngarobrol sabulang bentor. Lebah ngedalkeun eusi hate jeung cita-cita tujuan hirup, kakara ngobrol rada bener. Lawas teu patepung, babaturan nu sakitu dalitna, taya hiji oge nu kuring nyaho nomer hapena.

Kuring ayeuna digawe di Purwakarta. Unggal poe nyieun laporan finance, laporan itu-ieu, da pausahaan gede nu dipiboga ku bangsa deungeun. Ayeuna mah kuring teh teu pati idealis cara jaman kuliah baheula. Ayeuna mah nu penting bisa digawe, boga duit keur hirup bekel sorangan. Menta ka kolot da geus era. Menta ka lanceuk geus rimbitan. Menta ka adi, pamohalan da keur kuliah keneh.

Karir kuring bisa disebut maju. Kasebutna kepala di kantor. Cicing di imah dines. Aya si bibi nu purah mantuan meresihan imah, aya supir kantor purah nganteur digawe.

Purwakarta kota leutik. Ka mana-mana oge deukeut. Nya ari keur bosen mah di imah dines jeung aya pere tanggal beureum, kuring sok balik ka imah kolot di Bandung. Panggih jeung ema, bapa, lanceuk, katut adi. Alhamdulillah lengkep keneh. Aki ge aya keneh.

Peuting beuki tiiseun. Sora jam ukur kadenge beuki cekas. Adan Isya di masjid tukangeun imah, hawar-hawar kadenge ti kajauhan. Ret ka si bibi nu keur ngadongengkeun anak Pa RT nu rek dirapalan. Kuring eleh deet, milu mairan dongengna.

Beres mairan si bibi, laju dahar ngan saeutik. Ngahargaan ka nu geus hese cape mangmasakkeun unggal poe.

Hudang kabeurangan, da si bibi henteu tegaeun ngahudangkeun kuring. Rengse beberes, teu kungsi lila kadenge sora mobil nu ngajemput asup ka garasi. Terus wae pamit ka si bibi.

Nyanghareupan rapat rutin unggal tengah minggu jeung narima tamu geus beres, nempo arloji geus jam dua welas leuwih dua puluh menit. Geus wayahna istirahat. Kuring bebeja ka sekretaris rek ka luar kantor sakeudeng. Supir, Mang Darma geus siap rek nganteur kuring ka Cafe Camperenik.

Di Cafe Caperenik milih korsi rada ka jero, di pangsisina, nyanghareup jalan meh babari nempo unggal jalma nu arasup ka Cafe Camperenik. Tamu kahiji, kadua, katilu, kaopat, lain keneh Marni. Kuring geus dibejaan ku manehna rek datang make baju beureum calana panjang hideung, siga siki saga, cenah mah.

Itungan tamu ka dalapan, karek aya jalma asup make baju siga nu disebutkeun ku Marni kamari sore. Kuring ngagupayan, manehna nyampeurkeun. Bener weh eta Marni, nu lawas ti lawas teu papanggih. Kuring ngagabrug, silih rangkul, cipika-cipiki, jadi tongtonan tamu nu lian. Ciri nu napel keneh yen eta Marni, aya kempot dina pipina.

Marni asa angger wae, jangkung leutik, kulit sedeng. Bedana, ayeuna geus make jilbab, nutupan buukna nu semu galing. Manehna ngadongeng, geus boga budak hiji, umur dua taun. Salakina digawe di Purwakarta oge, pagawe kantor pajak. Samemeh ka Purwakarta, Marni nelepon heula ka imah kolot kuring, nepi ka meunang nomor hape.

Marni bebeja saanggeusna kuliah meunang hese cape diajar, kalahka ka bale nyungcung, laki rabi jeung batur salemburna. Terus milu jeung salakina ka Lampung. Di Lampung meunang opat taun, terus dipindahkeun ka Purwakarta.

Marni nyaritakeun oge kaayaan babaturan sobat dalit nu lianna. Kabeh genepan masih keneh sok nyarambung, ku hape, ku SMS, ku BBM, malahan mah aya nu ku Facebook.

"Ngan Nana wungkul nu pleng les. Sakitu lilana, naha teu sono kitu ka urang genepan?"

"Ihhh lain kitu Marni, hape kuring jaman baheula leungit. Nomerna kabawa leungit kabeh, buku alumni leungit, basa tas dicongkel di parkiran mobil. Jadi, kuring oge leungiteun babaturan kabeh sobat dalit. Kuring oge asa pareumeun obor, euweuh batur patanya. Jadi ayeuna geus lengkep deui, geus tujuhan deui," tembal teh.

Kuring ngadongeng ti mimiti wawuh ka salaki nu ngan sakolepatan tea, terus kawin. Manehna terus sakola, balikna saminggu sakali. Lila-lila kuring bosen jeung teu sabar, matak kuring sorangan nu merekedeweng maksakeun maneh hayang pepegatan wae.

Harita kolot jeung mitoha rareuwaseun pisan. Asa dibentar gelap cenah, asa dipokpokan naon boa. Kuring angger heuras, hese dipeperna. Kuring ngadatangan Kantor Pengadilan Agama, nyieun surat tuntutan geus teu cocog, geus teu saimah, padahal kuring oge masih cicing di imah kolot sorangan.

Harita henteu kacipta bakal nguciwakeun sarerea. Aya gurunggusuh rasa amarah ka manehna, nu wekel kana cita-cita dumeh hayang ngarengsekeun sakolana heula. Indung bapa kuring geus saateun cisoca nyingkahan kuring pepegatan. Taya nu didenge hiji ge. Kitu deui indung bapa, mitoha kuring, aranjeunna daratang ka imah kolot. Nganaha-naha ka indung bapa kuring, ieu teh aya naon, nepi ka luluasan hayang pepegatan. Kuring tetep teu mirosea.

Sidang di pengadilan agama ku kuring disanghareupan sorangan. Indung bapa jeung mitoha duanana, taya nu datang. Saksi kuring teu dihadirkeun. Ti pihak salaki oge henteu aya saksi.

Salaki datang ka pengadilan agama ngan dua kali. Sakali basa mariksakeun kelengkepan administrasi. Kadua kali, manehna beurateun keneh, masih mikanyaah, mang hanjakalkeun. Mun bisa mah, gugatan talak dicabut bae. Proses sidang sina kumpul deui, riung mungpulung deui. Ku kuring teu dipalire. Unggal balik ti pengadilan, kuring ulin ngabangbrangkeun maneh. Balik ka imah peuting, nempo indung jeung bapa tara ditanya, ngabududus wae. Papakean salaki nu aya dina lomari dialung-alungkeun, dikaluarkeun, dibalangkeun ka luar kamar. Diperenan ku si mbak nu geus lila kumawula ka indung kuring.

Si mbak sok katempo siga nu rambisak, manghanjakalkeun nempo polah kuring. Manehna oge osok mapagahan kuring. Rumah tangga mah hese, teu aya nu babari. Urangna kudu sabar, ihlas, muntang ka Gusti Alloh.

Ari keur dipapatahan kitu, kuring kalah rajeun nyentak ka manehna, "Nanaonan pipilueun? Lain urusan maneh! Paling oge dititah ku indung aing."

Hasil akhir sidang di Pengadilan Agama diputuseun ku talak hiji. Harita kuring atoh pisan, asa meunang undian naon. Kolot mah katempo aralum. Kuring oge ngadenge beja ti si mbak, mitoha lalaki keuna setruk. Mitoha awewe katerap kasakit gula.

Nepi ka ayeuna, kolot kuring masih silih anjangan jeung mitoha. Salaki masih keneh sakola neruskeun spesialisasina. Ceuk indung kuring, besan jeung minantu euweuh urutna da jelema mah lain barang nu sok kasebut barang urut. Sakabeh jelema mah ciptaan Alloh SWT nu pangmulya-mulyana.

"Hidep anaking, geura nganjang ka ditu ka imah bapa ibu mitoha. Longokan ka ditu, urangna kudu menta dihampura," saur Ema.

Nepi ka ayeuna kuring mugen, embung. Sanajan dina jero hate nu pangjerona, sakapeung sok hayang ka ditu. Inget, da balageur kabeh oge. Nyaraaheun ka kuring teh. Kuring era ku salaki, ku mitoha, ku indung bapa, ku lanceuk, ku adi, ku dulur nu sejen, ku tatangga. Kuring geus balaka ka Marni, ngabudalkeun karerepet hate.

"Era ku talajak sorangan nu pondok pikir, Mar," ceuk kuring.

Marni cicing, ngabetem. Ngarenghap lalaunan. Kuring ngadongeng kieu ayeuna lantaran ngarasa era ku talajak sorangan, ngagedekeun amarah nu teu jelas mimitina.

"Nepi ka ayeuna geus aya tilu taunna kuring nyorangan, da laki rabi mah ngan ukur sataun," ceuk kuring ka Marni. Marni teu nyarita sakecap-kecap acan, cicing wae, ngadengekeun kuring nyarita.

Asa manggih geusan balaka panggih jeung Marni teh, ku nalangsa jeung bingung nyanghareupan pikahareupeun. (*)


Ida Haka - Mangle No. 2470
Ka Saha Geusan Balaka Ka Saha Geusan Balaka Reviewed by Rupa Sundapura on 17.11 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.