Tjarita Mantri Djero (Bagean 16, Djilid 1)
Isoekna bral djoeragan Patih angkat, toenggang koeda, diiring koe opat poeloeh tamtama noe taroempak koeda, njaeta sesana noe geus ti heula iang ka pangperangan.
Lemboer-lemboer noe kasorang saroewoeng. Sawah-sawah noe kakara beunang ngangler ngadjedjembroeng pinoeh koe djoekoet, henteu kaboeroe ditandoeran kawantoe kakoerangan leungeun, makaja kapaksa ditoenda, lantaran nagara kadatangan toenggara.
Barang kira-kira geus meunang satengah poe angkatna, djoeragan Patih liren dina hidji pasir noe loba kakajonna, ngareureuhkeun palaj, wantoening angkat sakitoe djaoehna. Koedana moenggah ngaboedah soengoetna, kesangna salaoer awakna loeoet-leet, bawaning koe tjapeeun. Kakara oge sapanjeupahaneun reureuhna, djoeragan Patih ngadangoe sada aja noe tinggarero ti kadjaoehan. Ari ditenget-tenget tetela sada noe tjoemeloek menta toeloeng. Andjeunna katjida kagetna, kitoe deui tamtama-tamtama noe poeloeh tjaroeringhak. Barang rek tjlak pisan nitihan koeda, ti wetan boeroedoel aja noe daratang, djelema taroempak koeda ditegarkeun. Tapi ti kadjaoehan keneh oge katingali, koeda noe laloempat teh semoe geus laleuseuh. Noe taroempak koeda teh njarahtjalan ragragan tina koedana. Sawareh aja noe njampaj dina tonggong koeda, sawareh deui aja noe kasesered, lantaran soekoena ngait kana sanggawedi.
Ari geus deukeut, sidik katingali, geuning noe daratang teh lain moesoeh, sihoreng Mantri Djero djeung sabaladna.
Mantri Djero meh geus teu poegoeh roepana. Panganggona roewak-rawek, rangsak kawas beunang njasaak. Ramboetna awoet-awoetan, geus teu dioedeng-oedeng atjan, atoeh ririaban katebak angin. Reg Mantri Djero djeung sarentjangna areureun.
Koedana roepana beak napas, kawantoe diloempatkeun sakitoe djaoehna, toer henteu eureun-eureun. Koedoeproek bae koeda teh laboeh. Mantri Djero tigoeling tina koedana, les kapisanan, malah koedana mah hos paeh sapada harita. Gantjang noe geubis teh koe djoeragan Patih diboeroe, nja kitoe deui perdjoerit noe sedjen diparajang tina koedana. Lantaran geus narahnaj beak tanaga, loba teuing kaloear getih, sabab kabeh taja noe henteu tatoe. Komo Mantri Djero mah salirana dibaloer koe getih. Raheutna embol-embolan dina dadana, getihna ngoetjoer lalambaran.
Barang geus emoet deui, Mantri Djero pok sasaoeran. Soarana les-lesan, teu kaoer balas ngaharegoeng, teu kiat nahan kanjeri. Lahirna, "Doeh gamparan, ieu abdi tiwas, tiwas. Perang kasoran, abdi-abdi Nagara Tengah meh tjarem. Adoeh ieu njeri teuing raheut abdi dina dada!" Ngan sakitoe sasaoeranana, lempreh deui bae teu emoet-emoet. Djoeragan Patih njalangkroeng tjisotjana, teu kiateun nahan kasedih ningali Mantri Djero djeung balad noe sedjen sakitoe roeksakna. Tamtama-tamtama noe moelang ti pangperangan loba noe teroes paragat di dinja, kitoe deui koeda rea noe sakarat. Balad doea ratoes teh ngan bisa moelang deui koerang leuwih doea poeloeh djelema, kitoe oge satengahna mah ngadon maraot di dinja, moenggah patoelajah bangke djelema djeung bangke koeda.
Dawoehan djoeragan Patih ka rentjang-rentjangna, "Ieu Mantri Djero lahoen dina koeda, kitoe deui tamtama-tamtama anoe parna raheutna koedoe ditoempakkeun kana koeda!"
Ari lajon-lajon toeloej dikoeboer bae, disalombangkeun, ngan bangke koeda dipisahkeun. Noeroetkeun tjarita, ti harita eta pasir katelah Pasirbatang, doemeh dipake ngoeboer babatang.
Sanggeus beres ngoeboer majit, derengdeng djoeragan Patih djeung sarentjangna negarkeun koedana, moelih ka dajeuh.
Oerang dajeuh gehger. Kolot-boedak, awewe-lalaki, radjol moeroe ka loear, doemeh ngadenge goeroetoekna koeda loempat. Moal salah sangkaanana tangtoe eta teh noe moelang ti pangperangan sarta pada ngarep-ngarep salakina, anakna, bapana, atawa sobatna baralik deui djeung saralametna. Tapi koemaha boektina? Ari beh teh noe maroelang sakitoe roeksakna, ger bae tjareurik, ear anoe midangdam, njeungtjeurikan noe geus taja di kieuna, bari tinggarero, "Mana ari salaki koering, mana ari anak koering, mana ari bapa koering?" Tapi sanadjan tingtjorowok oge taja noe mirosea.
Kira wantji asar ahir, djoeragan Patih geus soemping ka padaleman. Kangdjeng Dalem kasondong keur ngatjatjang bae di latar, kawasna geus teroes raos, jen bakal ningali pikasediheun, sabab sapoe harita teh andjeunna henteu kersaeun tjalik di boemi, ngalindjing di loear bae.
Barang djol aleutan anoe moelang ti pangperangan, Pangawoelaan gantjang ngaboedjeng. Ari breh teh ningali Mantri Djero noe sakitoe roeksakna, ngalempreh teu obah-obah, geus kawas majit bae, Kangdjeng Dalem pias pameunteuna. Saoerna bari gogodeg, "Masa Allah, Jogaswara maneh teh nepi ka kieuna? Emh, karoenja teuing, heg djelema taja sanak barajana. Katarima djasa maneh koe kami, sarta kami moal poho kana kabelaan, kasatiaan maneh ka kami djeung ka nagara!"
Eusi padaleman riab maroeroe ka loear. Barang breh naringali anoe mentas perang, pada narangis. Watir koe noe raraheut, mani kawas noe marandi koe getih bae.
Mantri Djero noe teu eling-eling teh gantjang dioeroes. Doekoen-doekoen geus ngagimboeng pada nembongkeun wewesenna. Henteu lila noe raraheut geus dioebaran, didjadjarkeun di pantjaniti sarta bawaning matihna oebar, noe raraheut eureun tingharegoengna, lantaran ngarasa sarenang. Kitoe deui Mantri Djero geus eling deui. Ari ras emoet keur dirioeng-rioeng koe Pangawoelaan, djoeragan Patih, djeung para ponggawa, kitoe deui para wargi djeung para oelama karoempoel. Kabeh pada mangsedihkeun ka noe mentas perang. Ngan Mas Anggataroena anoe semoe teu miloe sedih teh, malah hatena handjeloe sagede goenoeng, doemeh katjeutjeubna henteu teroes kasamboet di pangperangan.
Di djero dajeuh moenggah geundjleung. Nini-nini rawah-riwih, randa-randa maridangdam, njeungtjeurikan sanak barajana anoe geus leupas njawana dipake ngabelaan lemah tjaina. Aromongna, "Emh Njai, ngora-ngora keneh geus djadi randa! Euh Oedjang, maneh teh ajeuna mah djadi anak jatim. Adoeh Indoeng, keur djompo teh taja noe ngarasanan, sabab anak ngan hidji-hidjina geus taja di kieuna, ngan saoekoer balik ngaran!" (*)
Samboengan ti Bagean 15 | Njamboeng ka Bagean 17 |
R. Memed Sastrahadiprawira (Bale Poestaka; Weltevreden)