Tjarita Mantri Djero (Bagean 14, Djilid 1)

"Kantenan Dampal Dalem mah moal atjan emoet, margi ieu noe bade didadarkeun teh, kadjantenanana kinten-kinten lima poeloeh taoen kapoengkoer. Harita mah Dampal Dalem oge henteu atjan dibabar-babarkeun atjan, sareng noe mangkoe Nagara Tengan oge ejang soeargi keneh. Doepi abdi Dalem ajeuna parantos meh toedjoeh poeloeh taoen nja oemoer, djadi harita teh keur meudjeuhna djadjaka, malah nembean gadoeh bodjo, ngawitan koemawoela ka ejang Dampal Dalem soeargi. Noemoetkeun wartos noe kaanginkeun ka dieu, dina djaman eta teh di Wetan ngadeg karadjaan anjar, katelahna Mataram. Doepi noe djadi radjana djenenganana Kiai Ageng Pamanahan, tedak menak Madjapait, awitna djoemeneng Senapati di Padjang. Kiai Ageng Pamanahan teh djenenganana parantos kawangikeun ka tebihna, wireh sakti manggoeang-manggoeling, gagah rongkah taja noe mangga poelia, doegi ka iasa nela san Adipati Djipang, noe parantos lami ngamoesoeh ka oerang Padjang. Minangka gandjaran kana djasana, Kiai Ageng Pamanahan teh dileler nagara sabeulah, noe ajeuna katelah Mataram tea, sarta dipaparin gelaran Kiai Ageng Mataram.

Carita Nyambung

Ngadegna karadjaan Mataram parantos kaoetara ka mana-mana, malah Soenan Giri oge, ratoe wali noe parantos kawinarni, ngadangoeeun. Soenan Giri, wali noe kamashoer weroeh sadoeroeng winarah, ngadawoehkeun jen Mataram engkena bakal djadi karadjaan noe pangkawasana di sadjagat Noesa Djawa.

Kasaoeran Soenan Giri teh kadangoeeun koe Kiai Ageng Mataram. Sakalintang andjeunna boengah manahna sarta ti harita taja deui noe didamel panjileukan koe andjeunna kadjabi ti eta lahiran Ratoe wali teh enggal pinanggih boekti, palaj kaalaman keneh koe salirana. Kiai Ageng Pamanahan teh taja deui damelna ngan moedja semedi ka Goesti Noe Mahasoetji, tirakat ngisat salira, malah langka aja di karaton, angkat mileuweungan. Di mana noe soeni-soeni andjeunna tjalik. Dina oenggal tempat anoe sanget andjeunna koelem, henteu toeang henteu leueut, kejeng manteng, palaj tinekanan djadi radja noe pangkawasana di sapoelo Djawa.

Hidji mangsa, di tengah leuweung, andjeunna papendak sareng hidji pandita, kakasihna Ki Ageng Giring, katelah oge Ki Paderesan. Wireh eta pandita selang-selang tina tapakoer, damelna njadap kalapa. Lahangna koe garwana sok didjieun goela, didjoeal ka dajeuh, dianggo ngagaleuh toeangeun. Kiai Ageng Mataram sareng Ki Paderesan teh ladjeng sosobatan dalit pisan nepi ka goelet sapertos sareng saderek pet koe hinis bae. Kiai Ageng Mataram sering soemping ka boemina Ki Paderesan, ngabarempagkeun elmoe noe loehoeng.

Kiai Ageng Mataram mileuweunganana henteu salamina, kalan-kalan bae, kawantos noe djadi radja mah kabeungkeut koe kawadjiban ngolah nagara.

Hidji mangsa waktos Kiai Ageng Mataram njingkoerkeun andjeun deui di pagoenoengan, andjeunna soemping ka boemi Ki Paderesan, nanging noe kagoengan boemi kasondong seweng, moeng aja garwana bae. Tara-tara ti sasari Kiai Ageng Mataram ngaraos kalintang hanaangna. Ari ret kana handapeun bale, ningali aja doewegan sahoeloe. Saoerna ka garwa Ki Paderesan, "Embok, koering teh kalangkoeng nja hajang nginoem, eta doewegan noe di kolong bale teh disoehoenkeun bae, rek diinoem tjaina!"

Garwa Ki Paderesan ngawalon, "Beu, moegi teu djadi bendoe bae, raka adjengan omat-omatan pisan ka embok, eta doewegan oelah dibikeun ka saha-saha, margi rek diarot tjaina koe andjeunna, engke oepami parantos soemping ti panjadapan."

Lahiran Kiai Ageng Mataram, "Wah, pirakoe akang bendoe oepami ieu doewegan koe koering diinoem tjaina, kapan soemawonna doewegan, barang noe leuwih gede hargana ti batan eta oge, ka koering mah tara dikoretkeun. Sareng oepami akang engke soemping sarta andjeunna palajeun ngaleueut tjidoewegan, keun koering sanggem mangngalakeun tina tangkal noe tjaket ka dieu. Ajeuna mah keukeuh soteh bawaning koe teu kiat bae, ieu tikoro toehoereun!"

Garwa Ki Paderesan eleh deet djeung ongkoh koe andjeunna oge katimbang, pirakoe tjarogena doegi ka bendoe, margi parantos sakitoe njobatna. Pok garwana Ki Paderesan sasaoeran, "Nja mangga bae atoeh!"

Kiai Ageng Mataram sakalintang boengah manahna. Enggal bae doewegan teh dikoepas. Saparantos dikorowek, legoek tjaina dileueut, mani teu njesa saketjlak-ketjlak atjan.

Teu lami antawisna djol Ki Paderesan soemping. Barang gok teh doea sobat gaproek silih rangkoel bawaning koe sono, wireh parantos lami henteu pasondong. Gek tjaralik, silih taros hal kaajaan salira. Saoer Ki Ageng Mataram, "Sareng eta kang, koering teh bade tomada, wireh koemawantoen nginoem tjai doewegan sisimpenan kakang tea, bawaning koe henteu kiat koe halabhab. Awitna mah embok oge teu maparinkeun, nanging koering keukeuh menta sarta njanggeman oepami kakang palaj ngaleueut tjidoewegan mah, mangga koering rek ngala bae!"

Barang Ki Ageng Giring ngadangoe kasaoeran sobatna kitoe, pameunteuna ngadak-ngadak pias, ngahoeleng saroepi noe kalintang handeueulna. Ki Ageng Mataram kaget dina panggalihna. Pok andjeunna naros, "Koe naon kang, semoe anoe aja kateuraos. Sanggem koering oge, keun bae bade digentosan, ajeuna oge bade naek. Toeh geuning aja tangkal kalapa noe rada handap!"

Lila pisan Ki Ageng Giring ngahoelengna, bangoen noe katjida handjeloena, lami-lami pok Ki Paderesan sasaoeran. Soantenna paparegatan, saroepi noe kalangkoeng sedihna. Lahiranana, "Emh, rai Praboe, parantos kadar awak poen kakang, aja bagdja teu daoelat. Paingan aja babasan, milik teu pahili-hili, bagdja teu paala-ala. Ajeuna boekti pisan di awak poen kakang. Noe mawi poen kakang kalintang handeueulna hate, wireh eta doewegan anoe tjaina dileueut tea, sanes kalapa samanea, nanging doewegan boeah daradjat, tjaina tjai noerboeat, margi saha-saha anoe ngaleueut tjaina doegi ka seepna, tangtos ngagelarkeun para radja anoe kawasa di Tanah Djawa!"

Kiai Ageng Mataram ngarandjoeg bawaning koe kaget. Saoerna, "Na nja kitoe, tjobi tjarioskeun ti mana kenging doewegan noe sakitoe ahengna?"

Walon Ki Paderesan, "Tadi, waktos poen kakang aja di panjadapan, noedjoe aja dina loehoer tangkal kalapa noe keur disadap, ngoeping aja soara tan katingalan. Kieu pokna, "Saha-saha anoe nginoem tjai doewegan noenggal nepi ka beakna, eta djelema bakal ngajoegakeun para radja noe kawasa di Poelo Djawa." Ari ngareret ka loehoer, dina loehoereun sirah poen kakang aja doewegan noenggal. Samanggar teh ngan eta-etana pisan boeahna sarta eta sora oge bidjilna ti dinja. Gantjang eta doewegan koe poen kakang diala, dibawa balik harita, lodong mah teu koengsi ditjokot, kaboeroe goegoep ngoeping eta soara tea. Koe pamaksoedan tadi, eta doewegan teh rek diinoem engke oepami poen kakang parantos wangsoel deui, soepados rada tjape, lantaran sieun teu seep sadajana. Ladjeng eta doewegan teh dipasrahkeun ka poen bodjo kalajan dimoelamantian, oelah dibikeun ka noe sanes. Ari poen kakang mah ladjeng mios deui ka panjadapan, rek ngabantoen lodong noe parantos pinoeh koe lahang. Ari ajeuna njampak parantos dileueut koe rai Praboe, nja dalah dikoemaha, panginten mana kitoe oge parantos kersaning Maha Kawasa, jen noe bakal noeroenkeun pala poetra noe bakal djadi radja-radja teh salira rai Praboe. Moeng papada kitoe, moegi oelah lali, margi sasatna poen kakang noe ngalantarankeun mah. Engke oepami kadjadian sakoemaha pitoedoeh tea, rai Praboe moegi kersa ngadjalankeun kaadilan, njaeta karadjaan Mataram diparentahna pili gentos, koe poetra rai Praboe sareng koe anak poen kakang!"

Kiai Ageng Mataram asalna mah teu kersaeun njanggoepan, nanging Ki Paderesan keukeuh ngaririhan, doegi ka genep kali njoehoenkeunana. Toengtoengna Kiai Ageng Pamanahan leah. Saoerna, "Nja boeboehan oerang geus sakieu roemaketna, moegi-moegi bae kapalaj kakang tinekanan, anak-intjoe koering sing saraleh hatena, nedoenan ieu perdjangdjian."

Roepina bae parantos kersaning Noe Maha Soetji jen noe kedah ngaroendajkeun toeroenan teh Kiai Ageng Mataram, margina henteu lami ti waktos harita, Ki Padersan teh poepoes sareng henteu ngantoenkeun poetra, djadi boentoe lakoe, kapalajna teu katjoemponan.

Anoe teras moedjoer tea mah Kiai Ageng Mataram tea bae.

Saparantos Kiai Ageng Mataram wapat, noe ngaganti andjeunna djadi radja njaeta poetrana noe pangsepoehna, djenenganana Soetawidjaja. Waktos Kiai Ageng Mataram djoemeneng keneh, Soetawidjaja teh koe Soeltan Padjang didamel senapati, ngagentos ramana, Kiai Ageng Pamanahan. Barang ramana poepoes, toeloej didjenengkeun radja di Mataram, dipaparin gelaran 'Panembahan' sarta ti harita katelah djenenganana Panembahan Senapati Angabehi Soetawidjaja Mataram. Lami-lami Panembahan baha ka doenoengan, margi saparantos andjeunna djadi radja, Soeltan Padjang diroeroegan doegi ka kabojong. Saparantos Panembahan ngereh nagara Padjang, andjeunna ngadeg soeltan, malah Dampal Dalem oge parantos djoemeneng boepatos, waktos Panembahan ngangkat andjeun djadi soeltan mah. Ti kapoengkoer doegi ka ajeuna henteu liren-liren Soeltan Mataram naloek-naloekkeun radja-radja sanes, doegi ka meh sakoeliah Tanah Djawa parantos ngawoela ka andjeunna, kantoen Priangan, Tjirebon, Djaketra, sareng Banten bae noe teu atjan taraloek teh. Djadi oepami Soeltan Mataram aja manahna ngadjabel tanah Priangan, emoetan abdi Dalem, parantos doegi ka oegana, margi parantos aja ti ditoena, jen toeroenan Kiai Ageng Pamanahan bakal ngereh sadjagat Noesa Djawa."

Sakoer noe ngadangoe tjariosan Djoeroesimpen pada ngahoeleng, ngadak-ngadak kareueung. Boa-boa enja sakoemaha tjaritaanana teh bakal pinanggih djeung boekti. (*)

Samboengan ti Bagean 13 Njamboeng ka Bagean 15

R. Memed Sastrahadiprawira (Bale Poestaka; Weltevreden)
Tjarita Mantri Djero (Bagean 14, Djilid 1) Tjarita Mantri Djero (Bagean 14, Djilid 1) Reviewed by Rupa Sundapura on 21.18 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.