Nadran Ka Dewi Nadra

Basa Sangsekerta anu ku urang Inggris disebut Sanskrit beunang disebut basa anu pangheulana mangaruhan kana kamekaran jeung kana kabeungharan kecap-kecap dina basa Sunda. Kabeungharan kecap dina hiji basa sok disebut kosakata atawa vokabuler (vocabulary).

Rohang Kalam

Dina basa Sunda teu kaitung reana kecap-kecap serepan anu asalna tina basa Sangsekerta lantaran baheula karuhun urang

Sanggeus urang Sunda ganti agama atawa pindah agama tina agama Hindu kana agama Islam, ayeuna mah kecap-kecap anu asalna tina basa Arab anu kalawan laluasa arasup atawa nyarerep kana basa Sunda, nambahan kabeungharan kecap-kecap basa Sunda.

Sunda ngaragem agama Hindu. Kitab suci agama Hindu apan ditulisna dina basa Sangsekerta. Basa anu dipake dina upacara-upacara kaagamaan mangsa harita tangtu bae anu dipakena basa Sangsekerta.

Biasana kecap serepan tina basa naon bae diucapkeunana atawa dilisankeunana sok disaluyukeun jeung letah urang Sunda atawa sakumaha kadengena ku ceuli urang Sunda. Ti jaman baheula, mangsa basa Sunda mimiti kapangaruhan ku basa Sangsekerta nepi ka mangsa ayeuna mangsa basa Sunda 'digempur' ku basa Inggris, kituna teh.

Contona kecap serepan tina basa Sangsekerta bhramara ku urang Sunda gampang bae diucapkeun bangbara. Bangbara sabangsa nyiruan gede rupana hideung lestreng sok nyeureud sarta sok ngaliang dina kai dangdanan imah, asal kecapna tina kecap basa Sangsekerta bhramara.

Istrika atawa istrikaan anu ku urang Sunda sok disebut panglicinan atawa pangleotan kecap serepan tina basa Walanda strikijzer. Ngucapkeun strikijzer mah hararese. Dicokot gampangna bae jadi istrika atawa istrikaan. Kecap pagaweanana ngistrika.

Domme kracht soteh basa Walandana. Geus asup kana basa Sunda mah jadi dongkrak. Horloge jadi erloji. Winkel jadi bengkel. Advocaat jadi alpuket.

Gurinda asal kecap pituin Sunda, padahal kecap serepan tina basa Inggris grinder. Tina grinder jadi gurinda.

Aya sarupa lalab coel sambel ngaranna keresmen. Keresmen soteh ceuk urang, urang Sunda, da asalna mah tina basa Inggris fresh mint. Tina fresh mint jadi keresmen.

Ketepel atawa katepel anu ku barudak lalaki sok dipake ngetepelan manuk, buah, atawa jambu (nu batur) boa rea nu teu nyangka asalna tina basa Inggris catapult. Tina catapult jadi ketepel. Ketepel sok disebut bandring.

Kecap serepan sejenna anu asalna tina basa Inggris upamana sapiteng tina septic tank, senso tina chain saw, losmen tina logement.

Di unggal imah bisa dipastikeun aya lomari. Lomari pakean, lomari buku, lomari pajangan. Lomari kecap serepan tina basa Portugis armario. Tina armario jadi lomari.

Sapedah atawa sepedah anu bareto sok disebut kareta mesin kecap serepan tina basa Perancis velocipede. Tina velocipede jadi sapedah.

Ayeuna najan urang Sunda beunang disebut saratus persen ngaragem agama Islam sarta geus ninggalkeun sesa-sesa kabiasaan (nu sok disebut ritual) agama Hindu saperti ngukus, nyuguh-nyuguh ka karuhun, neundeun sasajen di padaringan atawa pabeasan, jeung sajababa. Teu bisa dipungkir kecap-kecap serepan tina basa Sangsekerta masih keneh dipake dina nerangkeun, nyaritakeun, medar, ngabahas, ngajar, ngaguar anu aya patalina jeung agama Islam.

Kecap-kecap agama, sawarga, naraka, widadari, siksa, dosa, doraka, sambeang, puasa, suka, duka, daya, upaya, puja, puji, bukti, bakti kecap serepan tina basa Sangsekerta.

Sesebutan Gusti Nu Maha Agung, Gusti Nu Maha Suci, Gusti Yang Widi, kecap-kecapna (gusti, maha, agung, suci, kawasa, yang atawa hyang, widi) kecap serepan tina basa Sangsekerta. Gusti kecap serepan tina basa Sangsekerta goshti. Tangtu bae dina agama Islam mah Gusti teh maksudna Gusti Allah SWT.

Dipapay asal-usul kecapna atawa etimologina kecap santri oge asalna tina basa Sangsekerta sam trayi (diwangun ku dua kecap sam jeung trayi) anu hartina jalma anu ngulik atawa nyuprih tilu kitab suci agama Hindu (Rig Weda, Sama Weda, Yajur Weda). Tina sam trayi jadi santri.

Ayeuna santri hartina murid anu diajar agama Islam ka ajengan atawa ka ustad di pasantren. Pasantren tina pasantrian hartina tempat santri atawa asrama santri. Asrama kecap serepan tina basa Sangsekerta ashram. Tina ashram jadi asrama. Pasantren sok disebut pondok pasantren. Pondok di dieu mah lain pondok sabalikna panjang tapi pondok kecap serepan tina basa Arab funduk atawa al-funduk.

Jaman baheula, jaman urang Sunda ngaragem keneh agama Hindu, sam trayi maratuhna atawa caricingna di patapan atawa padepokan ngulik kitab suci agama hindu anu tilu tea. Guguruna atawa diajarna ka pandita, bagawan atawa resi. Geuning dina pawayangan aya Pandita Kombayana, Bagawan Abiasa, Resi Bisma.

Ku lantaran geus ngalemah, arasupna kana basa Sunda boa geus ratusan taun anu geus kaliwat, kecap-kecap serepan anu asalna tina basa Sangsekerta rea anu geus asa kecap pituin Sunda. Teu karasa yen eta teh kecap serepan tina basa Sangsekerta.

Ngaran sasatoan aya anu asal kecapna kecap serepan tina basa Sangsekerta. Upamana (jaba ti bangbara) gajah (tina gaja), badak (tina bada), singa, naga, garuda, japati. Rinyuh asal kecapna kecap serepan tina basa Sangsekerta, rinyu.

Ngaran tutuwuhan anu asal kecapna kecap serepan tina basa Sangsekerta upamana angsana, campaka, candana, dalima (tina darima), jambu, jati, nagasari, puspa, rasamala, soka atawa angsoka, saga, solasih (tina tulasih), tarate (tina tarati), tiwu.

Nagasari aya nagasari ngaran tangkal, aya nagasari ngaran amis-amis kaasup kueh basah. Puspa hartina kembang, tapi aya oge puspa ngaran tangkal atawa kai, kai puspa.

Dina basa Sunda kawilang rea kecap kantetan anu asalna tina basa Sangsekerta anu dikantetkeun jeung kecap serepan anu asalna tina basa Arab atawa sabalikna anu asalna tina basa Arab dikantetkeun jeung kecap anu asalna tina basa Sangsekerta, ngawangun kecap kantetan anu mibanda harti mandiri. Contona upamana kecap kantetan puasa sunat. Puasa kecap serepan tina basa Sangsekerta, sunat kecap serepan tina basa Arab. Kecap kantetan kitab suci. Kitab kecap serepan tina basa Arab, suci kecap serepan tina basa Sangsekerta.

Kecap kantetan sejenna anu diwangun ku kecap serepan tina basa Sangsekerta anu dikantetkeun jeung kecap serepan tina basa Arab atawa sabalikna upamana kecap kantetan amal bakti, ahli agama, alam raya, budi akal, busana muslim, elmu bumi, guru tuladan, masjid raya, naraka jahanam, upacara adat, wakil bupati, siswa madrasah, jeung sajabana.

Pangarang sakapeung sok make sandi asma atawa ngaran samaran. Sandi kecap serepan tina basa Sangsekerta hartina rasiah, ari asma kecap serepan tina basa Arab hartina ngaran.

Dina basa Sunda aya kecap nadran anu sarua hartina jeung ngembang atawa nyekar, ziarah atawa jarah ka makam atawa ka kuburan bari ngawur-ngawur kembang.

Kade kecap nadran lain tina tadran tapi tina Nadra (ditulisna ku aksara gede), nyaeta ngaran dewi (lain dewa) anu nyangking sukma atawa roh manusa di alam kubur nurutkeun kapercayaan atawa mitologi Hindu. Di Bali Dewi Nadra disebutna Batari Nadra.

Dewi Nadra atawa Batari Nadra ulah pahili jeung Dewa Yama atawa Batara Yamadipati purah nyabut umur manusa. Nurutkeun anu ngagem agama Hindu, sukma atawa roh manusa anu geus dipisahkeun tina jasadna atawa tina warugana teh ku Dewa Yama dipasrahkeun ka Dewi Nadra. Ku Dewi Nadra sukma atawa roh manusa teh dipisah-pisah. Anu sabot di dunya kalakuanana hade diasupkeun ka sawarga. Anu sabot di dunya kalakuanana goreng dibalangkeun ka naraka.

Jadi saenyana mah nadran teh menta-menta ka Dewi Nadra sangkan sukma atawa roh kulawarga urang anu geus aya di alam arwah ku Dewi Nadra teu dijadikeun eusi naraka.

Naha make kudu ngawur-ngawur kembang? Apan Dewi Nadra teh istri, kasresepna kembang. Kitu, cenah. (*)


Dedy Windyagiri
Nadran Ka Dewi Nadra Nadran Ka Dewi Nadra Reviewed by Rupa Sundapura on 21.58 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.