Tjarita Mantri Djero (Bagean 13, Djilid 1)

Sakabeh noe ngadangoe pioendjoekna Mas Anggataroena, pada reuwaseun manahna, djep djarempe taja noe salasaoeran.

Carita Nyambung

Dangdanggoela

Ari peuting tiis djemplang-djempling,
moen ti beurang taja kahariwang,
reugreug-pageuh tengtrem hate,
djaoeh tina pakewoeh,
parek ridjki adoh balai,
oerang Nagara Tengah,
ginoeloer rahajoe,
dihoedjanan kani'matan,
repeh-rapih taja karoedet berewit,
kerta gemah rahardja.

Anoe tani beuki tambah moekti,
anoe dagang tambah loba oeang
noe djeneng manahna longsong,
djaoeh tina kaewoeh,
koe lantaran pangeusi nagri,
henteu aja kakoerang,
tjoekoep loebak-liboek,
moerah sandang moerah pangan,
menak-koering senang teu aja kapoesing,
sarerea waloeja.
Lamoen peuting nembang ngahariring,
komo dina waktoe tjaang boelan,
di loear darioek ngalong,
bari garoenem tjatoer,
njaritakeun lampahna tadi,
noe kasorang ti beurang,
boengah meunang oentoeng,
atawa loenta ka djalan,
loentang-lantoeng sempal goejon soeka seuri,
pada galaloembira.
Tapi moenggoeh Goesti Mahasoetji,
lamoen arek ngagandjar oemata-Na,
rek njiksa pon kitoe keneh,
sakersana tinangtoe,
moal salah tanwande boekti,
dina sakedet netra,
wantoening Jang Agoeng,
Goesti Anoe Moerbeng Alam,
kawasana lir sagara tanpa tepi,
goenoeng tanpa toetoegan.
Anoe bakal pinanggih djeung boekti,
karanapan koe noe ngalakonan,
nandang tjotjoba Jang Manon,
koedrating koen pajakoen,
hidji mangsa waktoe ti peuting,
meneran tjaang boelan,
djelema taroeroen,
ngadon niis di boeroean,
ngawarangkong biasa tjara sasari,
bari narendjo boelan.
Kabeh djalma sapangeusi nagri,
noe harita araja di loear,
kolot-boedak pada gehger,
lantaran ret ka loehoer,
nendjo bentang aneh teh teuing,
make aja boentoetan,
njata bentang koekoes,
ngendat ti koelon ka wetan,
kaboengahan dadak sakala les leungit,
diganti koe karempan.
Doemeh enggeus djadi tjiri wantji,
lamoen bentang koekoes katingalan,
totonden rek perang gede,
alamat aja moesoeh,
anoe bakal ngabasmi nagri,
lamoen tembong di wetan,
eta enggeus tangtoe,
di koelon baris perangna,
sabalikna moen di koelon bentang bidjil,
perang bakal di wetan.
Bentang koekoes noe tembong di langit,
perenahna koeloneun nagara,
noe matak sangkaan kabeh,
tangtoe datangna moesoeh,
anoe bakal nempoeh nagari,
moal salah ti wetan,
kitoe tjek tahajoel,
noeroetkeun kapertjajaan,
koe lantaran kitoe pada miris risi,
njanghareupan toenggara.

Kinanti

Bale bandoeng asa soewoeng,
pantjaniti asa sepi,
leungit soegri kahegaran,
kareueung rasaning ati,
gara-gara rek toenggara,
tjitjiren baroentak nagri.
Oelat djalma aloem mesoem,
srangenge nja kitoe deui,
ngadadak soerem tjahjana,
kahalangan aling-aling,
mega hideung noe mindingan,
ngadingding lir indoeng peuting.
Tinggeleger sora goegoer,
tangara rek hoedjan angin,
teu lila tjoer hoedjan rag-rag,
lir ditjitjikeun ti langit,
dor-dar gelap tingbeledag,
ngagoeroeh sorana angin.
Tatangkalan tingpelengkoeng,
tjondong katebak koe angin,
waloengan moenggah oempalan,
tjaina limpas ka sisi,
wantoening tjaahna rongkah,
loba tjatang noe paralid.
Tjaringin di aloen-aloen,
tjiri pakoening nagari,
loba noe semplak dahanna,
totonde aja balai,
kila-kila rek baroentak,
alamat kingkin prihatin.

Sinom

Pasosore hoedjan raat,
ngan kari pras-pris girimis,
tjileungtjang moenggah ngaroemplang,
imah raroeboeh koe angin,
kakajon kitoe deui,
loba pisan noe raroentoeh,
rebah pating solengkrah,
teu lila srangenge bidjil,
tjahajana ngan oekoer pojan meueusan.
Lain matak tambah hegar,
anggoer beuki ketir pikir,
sabab pojan loeloewoekan,
ari ret nendjo ka langit,
marabat katoembiri,
toengtoeng kidoel noetoeg goenoeng,
sabeulah ka waloengan,
mener pisan kana leuwi,
pantes lamoen pohatji keur ngadon siram.
Laloengsoer ti Kahiangan,
arek tjikiboeng di leuwi,
kokodjajan di waloengan,
bari noengtik ngilik-ngilik,
kila-kila noe tadi,
noe bareng djeung hoedjan toeroen,
koemaha baloekama,
naha koe djalma kaharti,
jen hoedjan teh njebarkeun kaprihatinan.

Pangawoelaan tjalik di padaleman. Pasemonna ngoengoen, dirioeng koe para sepoeh, dideuheusan koe menak djeung santana. Kitoe deui para ponggawa djeung para oelama pada koempoel, malah Kiai Abdoelmoegni oge miloe kasaoer. Sakoer noe daroemeuheus teu aja noe wani lemek sakemek, djempling taja noe batoek-batoek atjan.

Barang geus lila, Kangdjang Dalem pok nimbalan. Gentrana alon, "Eh sakabeh noe karoempoel, kaoela heran katjida, tara-tara ti sasari salalamar pipikiran, kareueung djeung seber hate, naon ieu teh gara-garana? Tjoba koela menta bedja, bentang koekoes tembong di koelon teh alamat naon, djeung naha aja hoedjan gede-gede teuing, nepi ka tjaringin koeroeng di aloen-aloen peunggas dahanna?"

Noe ngadeuheusan sadjongdjongan mah taja noe wani oendjoekan, taroengkoel oelatna aloem. Kitoe deui Kangdjeng Dalem, ngaheroek semoe keur nandang woejoeng.

Keur kitoe ngong aja noe oendjoekan, ari disidikkeun sihoreng Mas Anggataroena. Ki Djoeroesimpen teh hidji djelema legok tapakna, genteng kadekna, beunghar koe loeang sarta loba kanjahona tina perkara alamat-alamat, wantoening djelema kabaheulaan keneh. Koe sabab eta, sanadjan pangkatna ngan saoekoer Djoeroesimpen, koe Pangawoelaan dianggap saperti sesepoeh bae. Eta sababna noe matak dina aja karerepet, sok dipoendoetan timbanganana.

Pioendjoekna Mas Anggataroena, "Manawi Dampal Dalem kersa ngadangoe, abdi Dalem neda widi mioendjoek toetoering sepoeh, noe parantos kasaksi koe pamendak diri abdi Dalem pribados."

Noe ngaroeping kasaoeranana Mas Anggataroena pada tjengkangagilir masangkeun tjeuli, inggis aja lahiran noe teu katampanan.

Dawoehan Kangdjeng Dalem, "Hade, kaoela sarerea hajang ngadenge."

Djoeroesimpen teh ngeser tjalikna ka pajoen, tjong njembah. Lahirna, "Noemoetkeun pitoedoeh sepoeh, bentang koekoes teh totonde, kila-kila rek njorang bantjang pakewoeh. Di nagara bakal aja perang gede. Bentang tembongna di koelon, hidji tawis moesoeh dongkapna ti wetan. Kitoe deui hoedjan angin, njata hidji kila-kila, totonde rek aja bahla. Tjaringin semplak dahanna, eta teh hidji tjitjiren, noe njepeng kakawasaan, bakal ilang komarana!"

Sakabeh noe ngadangoe pioendjoekna Mas Anggataroena, pada reuwaseun manahna. Djep djarempe taja noe salasaoeran.

Barang geus lila pok Kangdjeng Dalem marios. Gentrana haroshos bawaning koe soempeg manah. Lahirna, "Naha ieu teh samata-mata tjotjoba Noe Maha Kawasa atawa wawales kana dosa. Djeung koemaha kira-kirana beunang ditarekahan atawa moal?"

Walon Djoeroesimpen, "Doeka Dalem tjotjobina atawa wawalesna mah, abdi Dalem henteu tiasa netepkeun. Moeng koe bawiraos, tetela ieu teh papasten anoe moal kenging disingkiran, tina margi parantos ninggang kana oegana!"

Dawoehan Kangdjeng Dalem, "Oega koemaha? Tjoba ngareungeukeun, koemaha tjaritana noe matak koe paman diseboetkeun geus nepi kana oegana, soepaja bisa nimbang-nimbang naon noe koe oerang koedoe didjalankeun, sangkan pinanggih djeung kasalametan. Koe ingetan kaoela, nadjan enja oge ieu teh papasten, tapi teu moestahil Goesti Mahasoetji kersa ngarobah, sabab Allah mah Maha Kawasa."

Walon Djoeroesimpen, "Satimbalan Dampal Dalem leres pisan, kantenan wadjibna manoesa kedah ihtiar. Abdi Dalem mah oendjoekan kitoe soteh wireh noemoetkeun oenggeling oega bae, tanah Parahiangan teh tangtos kalindih deungeun, njaeta bakal ngawoela ka radja noe ajeuna ngawengkoe sakoeliah tanah Djawa, sipatna njaeta Panembahan Senapati, Soeltan Mataram."

Kangdjeng Dalem, "Tjoba tjaritakeun, koemaha toetoeranana!"

Mas Anggataroena tjong njembah, pok njarios. (*)

Samboengan ti Bagean 12 Njamboeng ka Bagean 14

R. Memed Sastrahadiprawira (Bale Poestaka; Weltevreden)
Tjarita Mantri Djero (Bagean 13, Djilid 1) Tjarita Mantri Djero (Bagean 13, Djilid 1) Reviewed by Rupa Sundapura on 11.34 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.