Hayang Beunghar

Kahirupan Bah Renggo keur nyirorot. Nete semplek, nincak semplak. Sagala usahana ngan rugi jeung rugi. Pokona mah numbuk di sue. Entong keur nyakolakeun budak, keur dahar sapopoe oge hese.

Barakatak

Aya beja ti sobatna, cenah mun hayang hirup salieuk beh, kudu tatapa ka Guha Pawon.

Saminggu ti harita Bah Renggo geus andeprak bari sila. Panonna peureum. Ingetanana museur ka Eyang Guha Pawon. Keur husuna tatapa, jelengeng kana ceulina aya sora tanpa rupa.

Eyang Guha Pawon (sorana handaruan): "Hey manusa, pangna tapa teh hayang nyaon?"
Abah Renggo: "Eu...ieu...Nun! Ho-ho...hoyong, hoyong..."(nyaritana teu kebat, kaburu leungit pangacian).
Eyang Guha Pawon: "Hayang naon Andika teh? Geuwat beunta, teuteup beungeut kula!"

Barang bray Bah Renggo beunta, hareupeunana katembong aya mahluk huntuna ranggeteng, panonna nolol pikagilaeun. Atuh dina nyarita oge, Bah Renggo teh sabulang bentor. Kahayang mah lumpat sing tarik, tapi suku hese ngejat. Ari rengse nyarita, ngan berebet we manehna lumpat bari bujur kokompodan. Kana hayang beunghar mah sama sakali lat poho. (*)

Hayang Beunghar Hayang Beunghar Reviewed by Rupa Sundapura on 11.07 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.