Sawaktu Macet Total

Peuting di jalan tol aya wanoja nu ngabelenyeh na kaca mobil waktu ngarendeng macet. Kuring turun nyampeurkeun dumeh manehna ngagupayan.Ngobrol meueusan lila.

Fiksi Mini Basa Sunda

Keur jonjon hape disada, esemes, "Sing lami we A ngobrol Abdi ge da aya nu ngarencangan, ieu di lebet mobil nuju..."

"Hah keur naon?" Hate rada ngaluntab. Gancang disampeurkeun. Panto mobil pageuh. Ditoong. Gebeg jantung asa rek murag. Mata teu ngiceup molotot nempo kabogoh keur digalentoran. Dikecrotan beuheungna.

"Keun we antep Ang, wang kana mobil abdi deui we, yu hoyong saraos kumaha ngapak ngawang sareng abdi!" Sora halimpu semu ngaheos na lebah ceuli.

Kuring ngalieuk, manehna ngabelenyeh huntuna ranggeteng. Pes...sakabeh lampu mobil nu ngajajar parareum. Ti kajauhan hawar-hawar sora ajag babaung. Peuting simpe. (*)


Nandang Sofyan Priatna
Sawaktu Macet Total Sawaktu Macet Total Reviewed by Rupa Sundapura on 22.23 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.