Ngawur Kasintu

Judul di luhur mangarupa hiji babasan. Ari lengkepna mah kieu: "Ngawur kasintu nyieuhkeun hayam".

Ngawur nyaeta maledog ku barang anu loba tapi wandana laleutik. Saperti keusik, tipung atawa taneuh ngebul. Ngawur di dieu mah, lain harti nu sabenerna, tapi kecap injeuman, tina harti mere parab. Maraban hayam ku jagong atawa ku bangsal, biasana diawurkeun, kawas nyawer panganten ku ngawur-ngawur beas pacampur koneng jeung duit receh. Saweran panganten teh jero-jerona mah siloka, nyaeta papatah ti kolot ka panganten anyar, sangkan dimana boga rijki kudu bisa ngawur nu sejen. Utamana mah fakir miskin. Tapi ieu papatah teh saukur dijarieun kabiasaan atawa budaya wungkul. Budaya karuhun nu kudu dimumule, cenah. Digugulungna saukur samet cangkangna. Ari kana eusina mah nyaeta kudu jadi jalma berehan tea, teu ieuh diperhatikeun. Estu hare-hare bae.

Ngawur kasintu

Kasintu, osok disebut oge cangehgar, nyaeta hayam leuweung. Wandana rada leutik. Babandingan jeung hayam kate. Awakna gepeng, buntutna lempay. Warna buluna koneng gading, saperti bulu meri. Kasintu, kacida linghas atawa girasna. Ma’lum teu kacoo ku manusa. Ari lain dibedil atawa dijaring mah moal ieuh bisa ditewak, lumpatna tarik, tur bisa hiber. Geus puguh ari nu geus gede mah hese ditewakna, tapi nu keur kumupu oge sarua linghasna. Lumpatna nereleng kawas puyuh. Sulumpat-salimpet, jeung sulaman-sulumun kana rungkun, mani rikat pisan.

Lain kawas deui, kiwari mah geus pasti wawuhna kana kasintu teh saukur tina gambar atawa ngaranana wungkul. Lantaran tempat panonobanana di leuweung. Ari kiwari mah teu aya pitempateun anu bisa disebut leuweung. Sabab ari kangaranan leuweung mah kacida pisan remetna. Aareuyanana pajurawet, kitu deui tatangkalanana rekep, hese pikeun ditorobosna. Istilah al-Qur'anna mah disebut khorojan tea panginten. Kiwari mah teu aya anu kitu. Leuweung teh cararaang, tatangkalanana paaranggang balas digalaksak ku manusa. Nya cangehgar oge moal betaheun di tempat nu lenglang kitu mah.

Ari kana hayam mah moal aya nu bireuk. Tapi sanggeus nerekabna panyakit flu burung, cenah loba hayam anu katarajang salesma. Nasibna, kacida pinalangsaeunana. Hayam dibasmi, dipareuncitan, terus dihuru, kawas ngaduruk runtah. Bet asa humayua, teungteuingeun ari manusa. Bari tacan karuhan eta hayam teh nu nepakeunana panyakit, saperti nu salila ieu dituduhkeun.

Cenah mah eta panyakit teh asalna ti luar nagri. Boa-boa ieu teh hiji taktik licik urang deungeun, utamana mah urang Amerika, sangkan dagangan hayam maranehna bisa lancar, teu boga musuh. Kawasna upama henteu buru-buru distop mah, hayam asli di urang bakal tumpur. Jeung deui, dina cara ngabasmina bet jauh tina bagbagan agama. Sabab dina agama Islam mah teu meunang ngamubadirkeun rejeki. Apan hayam anu dipeuncit teh lain didahar. Demi anu resep ngamubadirkeun kana rejeki mah apan sobatna setan, lin?

Tah pihartieun babasan di luhur oge teu jauh ti kitu. Urang ngabasmi hayam milik urang, miara hayam milik deungeun. Hayam urang dijieun korban, hayam batur diparaban. Leuwih jauhna, ari urang asing diagung-agung, dipupujuhkeun. Sabalikna ari rayat sorangan sina sangsara barongkeakan. Pek we titenan, loba lahan garapan patani leutik jeung padumukan warga cacah kuricakan nu ragrag ka pangusaha jegud urang deungeun. Lahanna dijarieun tempat kaulinan manusa-manusa anu keur nyangking kakawasaan. Saperti lapang golf, sirkuit balap motor jeung mobil, vila jeung rea-rea deui. Tempat panganjrekan rayat robah, jadi wangunan pabrik, kantor, gedong sigrong milik asing patingjalegir. Nu nganjrek di dinya sina nyingkir ka tepis wiring. Pasar rayat nu geus mangtaun-taun diparake neangan rejeki pangupa jiwa kulawargana, disorobot ku pasar swalayan. Cenah mah diayakeun pasar swalayan, mal-malan, super market pikeun mantuan padagang leutik. Tapi ari kabuktianana mah padagang anu teu boga modal mah wayahna we kudu jicir, keun wangunan anu agreng mah kanggo jungjunan anu baroga duit. Entong nyalahkeun pamarentah ari teu kabagean teh, cenah. Naha make jadi jalma miskin atuh! Antukna padagang emprakan atawa anu katelah padagang kaki lima (PKL) tea, lain ngurangan anggur kalah nambahan. Ci nyusu sisi gunung, anu biasa dipake nyaian pasawahan jeung balong, oge inumeun jeung ngaberesihan pakean, kiwari geus dikawasa ku si toke. Dikocorkeun ka pabrik, diolah tur dijarieun cai mineral. Urang mah saukur lalajo, bari ngegel curuk. Upama hayang nginum mah meuli we ka maranehna.

Anyar-anyar ieu, pamarentah geus ngaluarkeun Undang-Undang Penanaman Modal Asing. Di dinya aya aturan yen urang asing dibere kasempatan pikeun ngawasa lahan garapan, boh pikeun tatanen atawa nyokot barang tambangna salila 65 taun. Sarta dibere omber deui salila 30 (tilu puluh) taun. Jumblah-jambleh maranehna bisa kumawasa kana eta lahan salila 100 taun, kurang lima taun. Asa teu kuhanteu. Sarua we jeung dijajah atuh. Iraha anak incu urang bisa ngagarapna eta lahan? Deudeuh teuing anaking, hidep saukur kabagean cucuk jeung rorongkongna wungkul. Da dagingna mah ku bapa geus ledis, dipake ngabayuan deungeun. (*)


Ki Edas

Ngawur Kasintu Ngawur Kasintu Reviewed by Rupa Sundapura on 21.16 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.