Sasakala Kelenci Buluna Bodas
Baheula mah kelenci téh buluna hideung semu soklat.
Dina hiji sore, Sakadang Kelenci ngalamun bari neuteup langit, "Bagja mega, boga awak bodas nyacas kawas kapas. Hayang teuing aing boga awak bodas. Keun ah, rek ditanyakeun," gerentesna bari alak-ilik neangan tempat anu luhur nu sakira bisa dipake ngobrol jeung mega. Sangeus manggihan gunung nu luhur, Sakadang Kelenci naek ka puncakna.
Pasosore mega nembongan deui. Pok we Sakadang Kelenci teh nyarita, "Yeuh mega, resep teuing nempo awak anjeun mani ngeplak bodas kitu. Cing kuring tulungan, hayang boga bulu bodas kawas anjeun," ceuk Sakadang Kelenci ngalengis.
"Ieu mah geus takdir bae, Sakadang Kelenci. Tapi mun maneh hayang bodas atuh gampang."
"Kumaha carana?"
"Urang tukeur we."
"Jadi. Tapi kumaha carana?"
"Engke mun hujan, maneh kudu huhujanan nepi ka baseuh saawak-awak."
"Nuhun mega, engke pituduh anjeung rek dilaksanakeun. Ayeuna mah kuring rek balik."
"Heueuh, jig!"
Sababaraha bulan geus kaliwat, hujan teu embol-embol. Sakadang Sakadang Kelenci geus keseleun nganti-ngati hujan.
Dina hiji poe, langit ceudeum, pihujaneun ngagayot di langit. Teu lila der hujan kawas anu dicicikeun ti langit. Kelenci atoheun liwat saking. Manehna huhujanan bari ajrag-ajragan. Beuki lila hujan beuki orot, tungtungna ret saat. Nu nyesa kari mega nu warnana robah jadi hideung semu soklat. Barang nenjo mega rupana robah, ret Sakadang Kelenci kana awakna sorangan. Manehna ajrag-ajragan bakating ku bungah, lantaran awakna bodas kawas kapas.
Ti harita nepi ka kiwari, turunanana buluna barodas. (*)
Ki Umbara (Dongeng-dongeng Sasakala, CV Geger Sunten, Bandung)