Gagal

Kang Sabri cakah-cikih. Rek boga hajat gede. Enya hajat gede. Lantaran Kang Sabri teh Ketua Komisi Pemilihan Umum Daerah Kabupaten. Bulan hareup rek pemilukada. Tah eta hajat gede teh. Milih pamingpin rahayat.

Carita Pondok

Cek Mang Engkon, juru parkir di pasar, pamingpin teh kudu nu daek mayar parkir. Cek Kang Endin, tukang ojeg, pamingpin teh nu bisa ngomean jalan. Cek Jang Ukon nu kakara lulus SMK, pamingpin teh kudu nu bisa nyadiakeun pagawean. Cek Mang Uhi, juru tani, pamingpin teh kudu nu bisa nyadiakeun gemuk. Ari cek Ma Cioh nu sapopoena ukur di imah, pamingpin teh kudu nu bisa nyadiakeun harega dahareun nu murah.

Kang Sabri apal pisan ka nu kararitu mah, matakna kacida soson-soson jeung taliti kana pagaweanana. Ti mimiti verifikasi bakal calon nepi ka lolosna bakal calon.

Ti mimiti nu cageur, dibuktikeun ku surat sehat ti dokter. Nu bageur, di buktikeun ku surat kalakuan hade ti pulisi. Nu pinter, dibuktikeun ku ijasah boh ti paguron luhur boh ti sakola lanjutan. Palebah bener, wanter, jeung jujur, asa euweuh instansi nu mere katerangan. Cek pikir Kang Sabri, rek husnudon we. Da euweuh deui alatna keur ngabuktikeun, iwal pangakuan ti jinisna sewang-sewangan.

Tina sababaraha pasangan nu daftar, nu lolos teh ngan dua pasang, nyaeta pasangan Drs. Wawan Gunawan jeung Dra. Luna Yahya disebutna pasangan Waluya. Nu hiji deui nyaeta pasangan Ir. Herman Suganda jeung Drs. Rahmat Santosa disebut pasangan Hegar.

Dua pasanganana diondang ku Kang Sabri ka kantor KPUD dina acara nandatangan surat kasaluyuan. Duanana kudu satuju dina waktuna kampanye ulah aya pacogregan. Ulah aya riributan, komo mun riributan teh mamawa rayat nu kalan-kalan ukur pipilueun.

Kantor KPUD geus dihias ku rupa-rupa umbul-umbul, dirarangkenan beureum bodas. Kang Sabri make bendo citak, disamping rereng. Atuh baladna sasama pagawe KPUD aya nu make iket baju salontreng, ngan henteu we nyolendang keris atawa kujang atawa bedog mah.

Teu lila leugeudeut datang rombongan Waluya. Teu lila leugeudeut datang rombongan Hegar. Tatamu diperenahkeun di panghareupna, sina diuk dina korsi lir panganten rek dirapalan. Tamu mah marake baju biasa, aya nu make jas lengkep jeung dasina, aya nu make baju safari, aya nu make batik. Duka teuing paginding-ginding, duka teuing pasopan-sopan.

Acara dibuka ku kecap Basmallah tuluy maca ayat suci Al-Qur'an. Ditema ku biantara bubuka ti Kang Sabri. Teu panjang biantarana teh, ukur "Hayu urang sasarengan nongton Tarawangsa, upami rengse teu kedah dikeprokan!"

Breng tarawangsa ngamimitian. Wirahma tarawangsa nu karasa monoton, nyelesep ngahudang rasa, ngageterkeun mamaras rasa. Drs. Wawan Gunawan jeung Ir.Herman Suganda ngarasa lir diusapan ku angin ngahiliwir, ditoelan kana kulit, kana buuk, kana ceuli. Nu ngigel awewe tengah tuwuh, make kabaya mawa salempay. Rigigna ngawirahma, malikna lalaunan, euweuh rindat euweuh kele, manteng kana sora keset tarawangsa jeung jentreng.

Ir. Herman diukna semu doyong ka hareup, rada oyag-oyagan kabawa ku wirahma tarawangsa. Panon semu peureum, ceuli semu rebing. Pikiran ngalayang ka lawang, ngalayang ka pakalangan, ngalayang ka gigireun. "Maenya uing eleh ku nu pecekrek kitu?" gerentes hatena. Tuluy semu seuri, pedah ningali Luna Yahya, awewe bayuhyuh jangkung badag.

Drs. Wawan diukna semu ngadayagdag, panon semu peureum, ramo leungeun utek-utekan ngilu wirahma tarawangsa. Pikiran ngalayang ka lawang, ngalayang ka pakalangan, ngalayang ka gigireun. "Cadu eleh, najan harelung jangkung ge moal ditarajean," kitu pikirna. Tuluy semu seuri, inget kana film Kungfu Panda, awak jangkung badag apan guruna mah leutik pecekrek.

Behna dina nimbang-nimbang lawan teh diijir tina pangawakan heula, nu kaciri junggiringna.

Keset tarawangsa nyebitan rasa, jentreng nyintreukan ati. Pung ka luhur koleang ka handap. Diayun ambing digeubig-geubig. Rengkak nu ngibing semu ngalayang siga keur tumpak mega. Gerak leungeun lalaunan dipisieup ku gebay salempay. Lir nyieun gurat ipis kandel teu pegat-pegat. Meulit diri meungkeut raga jeung sukma, kakalayangan antara aya jeung euweuh, antara kosong jeung eusi.

Drs. Wawan ngilu oyag-oyagan. Ir. Herman ngilu eundeuk-eundeukan. Kang Sabri unggut-unggutan.

Pintonan tarawangsa rengse, ukur tilu lagu.

Teretet sora tarompet, kendang ngabangplak, goong ngungkung. Pintonan kendang penca makalangan. Jol barudak leutik, ibing rampak. Kewes pantes, kasep jeung geulis. Baju singset, baju penca, sirah make iket. Kendang dina wirahma tepak dua. Peureup buleud, beungeut dangah, rancingeus.

Ir. Herman ngisedkeun awak. Robahna wirahma tina tarawangsa kana kendang penca mawa beunta.

Nu kaciri lapangan lega, jalma noyek ayeuh-ayeuhan. Di tengah lapang geus ngajega Drs. Wawan, make pangsi, calana nengah bitis. Gajleng Ir. Herman muru tengah lapang, sarua make pangsi calana nengah bitis, dada ngaliglag.

Di dieu tempatna patutunggalan, di dieu tempatna jogol. Nya ayeuna nangtukeun saha nu punjul. Nya ayeuna ngetrukkeun elmu panemu. Nya ayeuna mintonkeun wewesen diri.

Nu lalajo beuki meuweuh, ayeuh-ayeuhan, ear surak ting gorowok. "Smack down! Banting! Tonjok! Beubeutkeun!"

Sup ka pakalangan ti Panwaslu, jadi wasit nu rek tarung. Terus ngarampaan awak nu rek tarung, bisi mawa pakarang. Cek nu ti Panwaslu, "Aturanana teu meunang ngadengkek komo ngadengkek ku kelek. Teu meunang nyekek jeung teu meunang ngomong deuih."

Nu ti Panwaslu undur, nyerangkeun ti kajauhan. Nu lalajo ger surak, asa kaindit, ningali bakal pamingpin rek tarung, rek silih tonjok. Nu rek tarung duanana kunyam-kunyem mapatkeun ajian. Ajian batara karang, ajian semu gunting, ajian sentak dulang, ajian belut putih, ajian pupul bayu. Kabeh jampe pamake hadir.

Duanana atar, sirintil, jedak. Teu beda jeung nyirintilna domba adu. Garapakna, bintihna teu beda jeung hayam jago keur diadu. Mun kungsi lalajo film kartun Naruto atawa The Legend of Aang, siga kitu ting aranjlengna, siga kitu silih gitikna, siga kitu silih bantingkeunana.

Duanana dangah, duanana tanggah, duanana ngahegak. Kesang ngorolok tina tarang, tina kelek, tina dada. Duanana nagen, duanana mugen embung eleh.

Wirahma kendang penca geus ganti ku tepak paleredan. Tepak kendang leuwih gancang manan tepak dua. Blus ka pakalangan barudak rumaja, demonstrasi penca, ulin bedog, ulin trisula teu kaliwat. Beuki beurang heab panas di aula KPUD beuki karasa, nu hadir loba nu kikiplik ngageberan awak, ku koran, ku buku, ku dampal leungeun. Gurilapna bedog diulinkeun, dipuihkeun lir kolecer, jadi tameng tina sagala serangan lawan. Nyodok digilekeun lir nurih wajit, mun dikeplaskeun lir nyacar bolang.

Ditungtungan ku padungdung, para guru sapaguron makalangan, ulin rapet, siga silih usap teu tanagaan. Tanaga museur dina kuda-kuda, tapi mun geus meupeuh tanaga pindah kana puhu leungeun mapay kana peureup. Kelid jeung jeblag patarema.

Nu keur ragot patutunggalan di lapangan lega, can lekasan. Nu hiji nyered, nu hiji ngagilek. Nu hiji nyepak, nu hiji ngagiwar. Nu hiji meupeuh, nu hiji ngeploskeun.

"Beu aing eleh yeuh," kitu gerentes hate Ir. Herman bari napas ngahegak.

"Kasoran yeuh," kitu gerentes hate Drs. Wawan bari tuur ngeleper.

"Enyaan bedas si jangkung teh."

"Enyaan liat si pecekrek teh."

Nu lalajo beuki susurakan, malah aya nu nakolan kaleng, aya nu nakolan kendang, aya nu niup tatarompetan, teu puguh dengekeuneun lir sahengna sora mengrebu-rebu engang.

Tepak padungdung eureun ngagentak, ditungtungan ku sora goong. Jep jempling.

Kang Sabri nangtung. Pok ngomong, "Milih pamingpin sanes ku jalan silih bobok silih tarok, silih tonjok, jogol patutunggalan, pacowong-cowong genggerong. Tarawangsa masihan tangara ngahijina antawis lahir sareng batin, ngahijina raga sareng sukma. Masihan tangara yen ucap sareng lampah teh kedah saluyu, ulah pakia-kia. Ari dina silat, leres nu katingal rigigna raga, rancingeus tur kesit, ngagambarkeun sehat jasmani sareng rohani, papagonna ngabela bebeneran, teu kenging sahaok kadua gaplok. Salajengna bade dipintonkeun Sintren, ieu mah perlambang, hirup teh ulah dugi ka ngalaman diborogod, dibangkol, dibaguded, ditalian komo ku alatan basilat, karooh ku duit saeutik. Ampun paralun sanes sim kuring nyanyahoanan, ieu mah etang-etang ngabejaan bulu tuur".

Ir. Herman asa kagebah tina lamunanana tuluy ngareret ka Drs. Wawan, sabalikna kitu. Duanana silih unggeuk. Ting kusiwel ngaluarkeun sapu tangan keur ngelap kesang dina tarang. Ngusap beungeut ku dua dampal leungeun.

Pintonan diganti ku Sintren. Sora buyung ngablep-blep digepluk-gepluk ku hihid atawa ku karet urut sendal capit, lodong awi jeung kecrek tina sapu nyere lir ngadenge wirahma buhun. Nu tari sintren budak awewe lanjang dibaguded ku tambang. Siga sulap mun geus kaluar tina ranggap tali geus leupas, baju geus ganti, dina itungan detik. Sarua ieu ge ukur tilu lagu. Nu tari sintren make kacapanon hideung mun dibaledog ku duit sok terus ngarumpuyuk, jagjag deui mun geus dijampean.

Sanggeus acara pintonan kasenian rengse, acara undak kana nandatangan surat kasaluyuan yen kampanye kudu aman. Para calon pamingpin kabeh nandatangan disaksian ku aparat kaamanan. Tuluy aya biantara singkat disambung ku sasalaman.

Bereyek teh nu hayang sasalaman aya ratusna jalma, kabeh tukang baramaen, tukang ngamen jeung kindeuw. Aya nini-nini, aya aki-aki, aya budak, aya awewe, aya lalaki. Aya nu pinced, aya nu jagjag belejag, aya doger monyet, aya nu mawa hitar, aya nu mawa suling, jeung rupa-rupa.

Ngantay sasalaman ka calon pamingpin. Aya kajadian lucu, monyet nu sok dibawa ku tukang doger monyet, terus namprak menta duit bari panon culak-cileuk. Ari geus dibere duit sarebu mah terus ngajleng kana taktak nu mawana.

Acara sasalaman rengse. Ngong Kang Sabri ngomong, "Acara parantos lekasan, hatur nuhun ka sadayana, mugia ieu acara janten tatapakan urang sadayana. Hapunten anu kasuhun bilih kakirangan itu sinareng ieu, malih dina ieu acara teu aya tuang siang, margi tuangeun seep dibagikeun ka rombongan duafa tadi. Hayu urang tutup ieu acara ku nyebat Hamdallah."

Rob wartawan ngaronom Kang Sabri, ditanya itu jeung ieu, utamana nu nanya teh kunaon bet malah nanggap kasenian. Nepi ka aya nu nanya kunaon euweuh dahar sagala najan bari heureuy. Kang Sabri ngabamblam ngajawab sakabeh pananya ti wartawan. Cek Kang Sabri pangna nanggap tarawangsa, kendang penca, jeung sintren, lantaran euweuh larangan dina statuta KPUD, kitu deui ngondang kaom duafa.

Saminggu ti harita, ka KPUD datang rombongan pasangan Waluya. Najan keur riweuh Kang Sabri kapaksa nepungan. Pasangan Waluya ngebrehkeun pamaksudanana, nyaeta rek ngundurkeun diri tina pemilukada. Demi alesanana ngarasa moal bisa mere dahar ka rahayat jeung ngarasa moal bisa jujur ka diri sorangan. Pedah eta geus sasalaman jeung nu baramaen sakitu lobana, boa-boa jumlah nu saenyana puluhan rebu, kitu pokna. Keur kitu kurunyung deuih rombongan pasangan Hegar, sarua tujuanana rek ngundurkeun diri. Alesanana ngarasa teu apal ka daerah nu rek dipingpinna, tibatan salah lengkah cenah. Pedah eta geus lalajo tarawangsa jeung sintren, majarkeun sieun dibangkol sanggeus lengser kaprabon. Dua pasanganana siap dihujat, disalahkeun ku partey nu ngarojongna, tibatan disalahkeun ku rahayat engkena.

Kang Sabri melengek, ngahuleng salila-lila, lir bueuk meunang mabuk. Kesang tiis mimiti renung dina tarang, beungeut pias, leungeun ngeleper, titingalian ririakan, rumpa-rampa teu puguh cabak. Naha jadi kieu? Kang Sabri amitan heula, rek wudu cenah. Nyecepna cai kana beungeut, kana leungeun, kana suku, ditambah ku doa nu ihlas, Kang Sabri teger deui. "Aing ge rek ngundurkeun diri, aing gagal milih pipamingpineun teh, boa-boa kawalat dina acara nandatangan kasaluyuan kampanye aman teh teu ditutup ku doa." Kitu gerentes hatena.

Isukna, "Rame-rame mundur, Ketua KPUD jeung 2 pasang Calon Pamingpin Tingkat II mundur". Kitu beja utama dina unggal koran nu medal. Dina televisi jadi bahan obrolan, dina radio, dina internet, di warung kopi, di sisi jalan, di mana mendi.

Cek Jang Ule tukang loper koran, "Dasar bodo!"

"Bodo kumaha?" cek batur Jang Ule.

"Enya bodo we, ayeuna mah neangan duit nu haram ge hese, komo nu halal. Ari ieu rek dijenengkeun kalah mundur."

"Teuing ah, keur uing mah aya pamingpin jeung euweuh pamingpin teh teu karasa bedana, angger we hirup susah. Tapi Ketua RT jeung Ketua RW mah perlu euy keur nyieun surat miskin." Ditungtungan ku seuri ngagikgik.

Dina acara talkshow di televisi cek juru titen nu diondang. "Memang bener, mun ngarasa teu sanggup jujur mending mundur ti anggalna."

Ditempas ku lawan ngomongna, "Rek jujur kumaha gajihna kepala daerah tingkat dua teh ngan tujuh juta rupia sabulan, ari lifestyle tujuh juta sapoe."

Rek ditempas deui, kaburu panumbu catur ngomong, "Curhat nih ye. Ke pa komentarna mah saparantos acara commercial break." (*)


Mamat Sasmita - Tribun Jabar, Saptu 18 Juni 2011
Gagal Gagal Reviewed by Rupa Sundapura on 22.09 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.