Tjarita Mantri Djero (Bagean 12, Djilid 1)

Hidji poe pasosore, Den Jogaswara disaoer koe Kangdjeng Dalem, dipasrahan soerat daoen lontar, hatoerkeuneun ka Djoeragan Patih. Dawoehanana, "Ieu soerat koe maneh bawa ka Patih, badaratna maneh koedoe njarita. Ieu soerat koe aing geus ditanda. Poe isoek koedoe teroes diiangkeun ka Kawasen."

Carita Nyambung

Den Jogaswara tjedok njembah, nampanan soerat paparin Kangdjeng Dalem. Ma'loem soerat djaman harita tara diamplopan, tapi boenina tjara soerat diamplopan djeung dielak bae, sabab alam harita mah meh taja noe bisaeun matja.

Dasar tabeat manoesa sok panasaran kana rasiah deungeun. Eta soerat dina satengah djalan koe Den Jogaswara dibatja. Ari diaos eusina lain soerat keur ka Dalem Kawasen, tapi soerat ti Dalem Kawasen, anoe oenggelna moendoet pirempoeg hal ngistrenan Soeltan Mataram tea. Den Jogaswara sasaoeran dina manahna, "Boa Kangdjeng Dalem kasalahan maparinkeun soerat teh. Moal enja soerat ti Kawasen dibalikkeun deui ka asalna. Djeung aing basa ngiring magelaran, ngadenge pribadi jen Kangdjeng Dalem rek ngawalonan ka Kawasen, malah noe dipiwarangna oge Mas Kaliwon. Ah, bisi salah, leuwih hade balik deui bae, ambeh henteu tjape doea kali, meungpeung atjan djaoeh."

Sanggeus ngamanah kitoe Den Jogaswara moelih deui, toeloej ngadeuheus ka Kangdjeng Dalem, kabeneran keur lenggah di emper toekang. Barang ret Kangdjeng Dalem ningali, andjeunna semoe kaget, pok mariksa, "Naha maneh geus balik deui, kapan kakara bieu indit teh, moal enja geus nepi ka kapatihan, djeung eta naon noe dibawa koe maneh?"

Den Jogaswara brek tjingogo di boeroean, tjedok njembah. Pok oendjdekan, "Abdi Dalem njembahkeun sewoe bebendoe, laksa doedoeka, wireh koemawantoen mihatoer ieu pioendjoek. Satampina serat pasihan, ladjeng abdi Dalem mios. Nembe doegi ka satengahing djalan, eta serat ditingalan sareng kahartos oenggelna, njaeta kintoenan ti Kangdjeng Dalem Kawasen, sanes kintoenkeuneun ka Kawasen. Koe margi kamari abdi Dalem ngoeping di paseban, Dampal Dalem teh nimbalan ngadamel serat pikeun ka raka Kangdjeng Dalem Kawasen. Emoetan abdi Dalem moal lepat deui anoe bade dipioskeun teh serat noe kenging midamel kamari tea. Eta margina, noemawi abdi Dalem wangsoel deui, sedja oendioek toemaros, bilih kalepatan maparinkeun."

Kangdjeng Dalem kaget ngadangoe pioendjoek Den Jogaswara kitoe. Pok andjeunna ngalahir, "Tjoba kami neuleu!"

Song soerat teh koe Den Jogaswara dihatoerkeun, toeloej diaos. Kangdjeng Dalem ngarandjoeg. Dawoehanana, "Heueuh bae, geuning ieu mah soerat noe ti Dalem Kawasen. Naha maneh noematak njaho jen ieu soerat ti Dalem Kawasen, naha bisa matja?"

Den Jogaswara bingoeng manahna. Ari oendjoekan teu iasa, Kangdjeng Dalem tangtoe pandjang papajanana, sabab tadi geus njarios ngahartos kana oenggelna eta soerat. Ari ngakoe jen iasa maos, palangsiang ditjoektjroek katerangan pandjang. Den Jogaswara karingetna mani loeoet-leet bawaning koe ewoeh. Tapi batan ngabohong mah leuwih hade teroes terang bae, tjek dina manahna.

Pok Den Jogaswara oendjoekan, "Soemoehoen dawoeh tiasa."

"Hah, baroek bisa, di mana maneh diadjar noelis?" saoer Kangdjeng Dalem.

"Soemoehoen dawoeh di lemboer bae, diadjar ti poen bapa."

"Naha saha bapa maneh teh?" saoer Kangdjeng Dalem.

Pioendjoek Den Jogaswara, "Soemoehoen dawoeh toekang tani bae."

Kangdjeng Dalem semoe henteu pertjanten sarta lila neuteup ka Den Jogaswara. Ngalahir dina manahna, "Kawasna ieu djelema lain si itoe-si eta, sabab panatana oge beda djeung oerang pasisian. Djeung oerang sisi mah tara aja noe bisa matja. Ari ieu mah sadjaba ti singer teh ongkoh wani ngaloearkeun pikiran sorangan, henteu sagala sadaja-daja."

Ti waktoe harita Den Jogaswara beuki kamanah bae koe Kangdjeng Dalem. Rentjang-rentjang noe sedjen mah, saperti toekang lampit, toekang pajoeng, djeung toekang toembak, disalaoerna teh ngan dimana perloena bae, njaeta lamoen Pangawoelaan rek angkat. Ari Den Jogaswara mah meh taja halodo panjadapan, sapopoe teh idek-liher di boemi bae, noenggoe piwarangan. Pangartina Den Jogaswara mindeng koe Kangdjeng Dalem dipetjak, njaeta oepama aja soerat, sok dipiwarang dibatja. Kitoe deui lamoen aja soerat walonaneun, sok ditimbalan noelis. Wantoening geus sagala njampak, Den Jogaswara teu aja pisan ngawagoena. Matjana tatag, noelisna beres. Atoeh Kangdjeng Dalem tambah asiheunana. Kana kapinteranana, Kangdjeng Dalem geus ngaboektikeun koe andjeun. Ajeuna ngan kari ngajakinkeun kalempenganana djeung kabersihanana bae. Koe sabab eta, Den Jogaswara mindeng didodja. Kangdjeng Dalem teh sok ngagolerkeun doeit dina tempat anoe teu pantes, tapi nembrak, djadi gampang katendjona sarta anoe manggihan teh tangtoe njangka jen eta doeit teh ragrag tina wadahna. Toeloej Den Jogaswara disaoer dipiwarang asoep ka kadjoearan, barang tjandak naon bae. Barang soep oge ka kamar pangkoeleman, koe Den Jogaswara oedjoeg-oedjoeg beh bae eta doeit katingali, tapi teu diopenan.

Lain doeit bae anoe sok dipake ngadodja teh, barang emas-inten oge remen pisan, tapi tara aja noe leungit. Koe sabab eta Kangdjeng Dalem tamplok kapertjajaanana, djeung ongkoh Den Jogaswara teh tara kendat ibadah, wantoening bidjilan pasantren. Tara aja waktoe noe kalaroeng. Djadi matak nambahan kapertjajaan kana kalakoeanana. Bawaning Kangdjeng Dalem geus tamplok kanjaahna, Den Jogaswara diangkat kana Mantri Djero.

Ari anoe diseboet Mantri Djero teh njaeta hidji prijaji anoe meunang kapertjajaan ti dalem, dipapantjenan ngoeroes eusining padamelan.

Ieu angkatan teh tangtoe pisan matak nimboelkeun pasirikan, sabab ngagentak teuing. Djeung ongkoh geus biasana di doenja mah, lamoen aja djelema noe meunang daradjat gede teh sok dipisirik.

Kitoe deui ieu, rentjang-rentjang sasama panakawan, ka Den Jogaswara teh loba pisan anoe giroek. Noe teu ngeunaheun oge teu koerang, lantaran ngarasa kapantjat djeung njangka jen Kangdjeng Dalem pilih kasih, sabab henteu kararasaeun ari katitih pangarti, kaoengkoelan pangabisa mah. Poegoeh oge djelema mah ilaharna tara ngarasa di katoenaan dirina. Malah Djoeroesimpen pisan, noe tadina sakitoe ngadjeudjeuhkeunana, ajeuna mah djadi beda pasemonna, nepi ka sok mindeng sasaoeran sindir-sampir.

Oepama rentjang-rentjang aja pangaboetoehna, Mas Anggataroena sok gegelendeng. Saoerna, "Ah, aing mah tjetoek dawoek oge saoekoer didjieun toenggoel. Toeh ka djoeragan 'Mantri kakasih' aja pangaboetoeh mah!" Sasaoeranana kitoe teh ditoengtoengan koe djebi bari ngalahir semoe ngahina, "Heh, si oerang manjang-moenjoeng!"

Koe sabab eta, sanadjan ajeuna Den Jogaswara aja dina kasenangan oge, ari manahna mah teu kendat inggis koe bisi, rempan koe soegan, doemeh dirioeng koe moesoeh, dilingkoeng koe noe gariroek. Sateka-teka andjeunna ihtiar, soepaja sasama rentjang oelah ngarewaeun teuing. Boedi-basana salawasna handap-asor, kitoe deui tara njaah koe redjeki, itoeng-itoeng pameuli ati, pigeusaneun titip diri.

Noe resepeun teroes djeung hade teh ngan tiloean, njaeta KiBoeloes, Ki Soera, djeung Ma Idjem. Ieu mah noe tiloean salilana sok mangmeunangkeun bae ka Mantri Djero teh. Lamoen aja noe ngaromongkeun, koe manehna sok diparadoean. (*)

Samboengan ti Bagean 11 Njamboeng ka Bagean 13

R. Memed Sastrahadiprawira (Bale Poestaka; Weltevreden)
Tjarita Mantri Djero (Bagean 12, Djilid 1) Tjarita Mantri Djero (Bagean 12, Djilid 1) Reviewed by Rupa Sundapura on 22.50 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.