Soto Campur

Barakatak

"Mang soto hiji...! Campur...!" saur Om Teddy ka tukang soto.

"Mangga, Den...!" tembal tukang soto gura-giru ngaladangan. Sor diasongkeun ka si Om Teddy, habek dihimel semu nu ni'mat pisan. Ngan waktu rek ngahuapkeun soto panungtung, Om Teddy ujug-ujug bunceulik molotot kana mangkok, terus ngagorowok ka tukang soto.

"Sing baleg euy jualan soto teh...! Tah deleh aya laleur hejoan. Jeung deui ieu naon deuih bet aya kode buntut, aya kuntung roko deuih!" ceuk Om Teddy bari kurah-koreh kana mangkok soto.

"Oh...tong bendu atuh, Den, namina oge soto campur, nya campur naon we sakapendakna," walon tukang soto teu kireum-kireum. (*)

Soto Campur Soto Campur Reviewed by Rupa Sundapura on 21.33 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.