Asmara jeung Gurilap Bedog
Mana mangkeluk teh? Maman nyumput dina dapuran kapol. Matana seukeut nengetan buruan tukangeun imah Mang Kosim. Tapi nu tembong ngan ukur Onih, pamajikanana, nu keur sibuk nutu. Na kamana mangkeluk teh?
Maman inget omongan Si Gopar. Si ontohod Kosim teh sok meped-meped Si Onih mun keur nutu. "Malah pasti leuwih ti meped mungkul," harita teh Si Gopar nyakakak.
Maman muncereng. "Maksud ilaing naon, euy?"
"Ah, uing mah karunya we ka di dinya. Pamajikan dihakan batur, diantepkeun bae."
Maman beuki nyeuneu. "Dihakan? Naon maksud sia teh?"
Gopar nyakakak. Bau alkohol merul tina napasna. Sigana manehna tas nginum di pangojegan tadi. "Ari pamajikan silang sok mawa beas loba kan ari balik di imah Si Kosim teh?" tanyana.
Maman teu nembal. Gopar deui-deui ngagakgak. "Na maneh teu mikir, piraku buburuh nutu sapajuan nepika diburuhan satengah karung? Memang nutuna sok meunang sakumaha? Dua karung? Ha...ha...ha...!"
Maman kerung. Memang manehna oge mindeng heran. Tapi salila ieu mah nyangka Si Kosim teh memang berehan.
"Yeuh aing mah karunya ka maneh, Man. Loba nu geus nyaksian, kadang-kadang pamajikan maneh teh sok diajakan kajero imah ku Si Kosim. Ngadon naon coba? Nu matak nyurigakeun mah ngajak kajero imahna teh pas pisan mun pamajikannana keur euwueh di imah."
Lamunan Maman teh kaganggu ku sora reungit anu rabeng gigerun ceulina. Reungit bangkawarok!
Maman terus nitenan deui intipanana. Eh, itu, si mangkeluk teh kaluar ti dapur. Maman gancang narik awakna supaya teu kanyahoan ku Kosim anu tembong langsung nengetan kayaan. Cileuk kaditu, ciluek kadieu.
Hah, heueuh nyurigakeun pisan polahna teh. Tuh tembong manehna terus ngadeukeutan Si Onih. Ngajak ngobrol. Tapi Maman teu bisa ngadenge naon nu diobrolkeun da rada jauh jarak manehna nyumput jeung tempat pamajikanana nutu teh.
Nu ngobrol tembong uplek. Maman nyaksian pamajikanana kalan-kalan seuri. Tapi ari leungeunna mah terus nutu. Ari Kosim ngadon diuk dina tunggul kai.
Kira-kira lima menit, Kosim cengkat. Culak-ciluek. Terus ngadeukeutan ka Si Onih. Manehna ngadon ngaharewos. Si Oneh eureun nutuna. Ngadon nyikikik baru neunggeul dada Kosim. Maman nguntab nempo kitu teh. Tapi menehna nyabar-nyabarkeun hate.
Nu ngobrol beuki asik. Kosim malah tembong nyekelan leungeun Onih, terus ditungtun nuju ka dapur. Onih nurut. Nuturkeun bari rurat-reret ka sabudeureun tempat.
Di tukangan dapuran kapol, Maman tambah kekerot. Bener sigana kacurigaan Si Gopar teh. Manehna nyaksian dua intipanana teh arasup ke dapur. Ati-ati, Maman gancang ngadeukeutan jandela dapur. Tina sela-sela jandela nu geus bobo manehna bisa awas ka jero dapur. Tembong Kosim jeung Onih geus diuk pagegeye. Masih ngobrol bari pating cirihil seuri. Maman ngarampa bedog anu ngagaplok dina cangkengna.
"Sok atuh buka...!" Sora si mangkeluk.
"Alim ah isin," Onih nembalan. Tapi panonna ngadon ngadilak, semu nu ngajak.
"Ah, era ku saha. Pan euweuh sasaha."
Onih cicing. "Sok atuh ku bapa dibukana!"
Leungeun Kosim langsung gerilya, mukaan kancing kabaya. Onih teu nolak. Teu lila awakna tinggal kutang jeung samping. Kosim can eureun. Kutang nu geus kuleuheu teh langsung didudut. Onih satengah bulucun.
Kosim beuki napsu. Awakna tembong semu ngadegdeg basa nguculan samping Onih. Onih oge rikat mantuan. Teu kungsi lila manehna teh geus bener-bener bugil. Kosim rikat ngudaran pakean sorangan. Dua awak nu taranjang terus siling tangkeup. Bruk kana salu.
Di luar jandela, Maman mata simeuteun. Bener-bener teu percaya ku polah pamajikanana. Dasar awewe murahan! Paingan baheula Ema make sababaraha kali nanya basa manehna ngajak ngalamar Nyi Ronggeng teh. Sigana Ema geus boga dugaan.
Di jero, nu papuket beuki maceuh. Kosim ngahegak, Onih humarurung."Teras. Pa. Aduk ni'mat pisan. Teras, Pa, teras. Aww...aduh.,.enak...!" Kosim beuki motah, Onih beuki sering aduh-aduhan.
Maman ngadegdeg ku ambek. Manehna oge heran kabina-bina. Tilu taun rumah tangga, can pernah salila hubungan badan manehna ngadenge pamajikanana humarurung siga kitu.
"Dasar bangkawarah...!" Ambekna geus teu kaampeuh. Sret, mesat bedog. Sebrut narajang panto. Nu papuket kaget. Maman teu talangke, ngayunkeun bedogna sababaraha kali. Sora humarurung nu pinuh ku napsu teh ganti jadi koceak maratan langit. (*)
Diropea ti asmarasunda.wordpress.com