Tjarita Mantri Djero (Bagean 11, Djilid 1)

Den Jogaswara di djero sapoe doea poe mah teu weleh toemamoe, kawantoe atjan loba kawawoeh.

Carita Nyambung

Kana padamelanana saregep pisan. Sakoer papatah Ki Soera ditoeroetkeun. Eukeur mah aja bakat resep kana koeda teh, ari ajeuna dipasrahan ngoeroes koeda anoe sakitoe aloesna, atoeh Den Jogaswara raos kagoengan tjotjooan bae. Beuki lila beuki tabah kana lilinggeranana ngoeroes koeda. Asal sieun djadi loedeung, malah koeda sakoemaha kerasna oge ari geus diome koe andjeunna mah djadi lindeuk.

Komo koeda toetoenggangan Kangdjeng Dalem mah, boeloena mani herang ngagentjlang bawaning hade pangome, awakna lingsig.

Hidji mangsa pasosore Kangdjeng Dalem tjalik di pajoen, lar Den Jogaswara noengtoen koeda toetoengganganana anoe boeloena dawoek roejoeng, arek didjalankeun. Eukeur mah bakatna boeloe dawoek roejoeng mah sok herang, ari ieu hade pangomena, mani ririakan tjara soetra bae. Kitoe deui tandangna koeda djadi tambah gandang lantaran sehat badanna, wantoening taja towongna digatjel, leumpangna mani siga ngigel.

Kangdjeng Dalem kalinglap ningali koeda kagoengan teh, bawaning koe tambah kaaloesanana. Gorowok andjeunna njaoer, "Euj, eta toekang koeda, ka dieu bawa!"

Den Jogaswara kaget ngadangoe aja noe njaoer, ari ret ningali ka toekang, aja noe ngadeg bari goegoepaj.

Den Jogaswara kakara pisan harita oeninga di roepina Kangdjeng Dalem, sabab tara mindeng kaloear, ari lain rek magelaran mah. Geus djadi kabiasaan, lamoen Den Jogaswara rek ngadjalan-djalankeun koeda teh sok dangdan heula, nganggo panganggo noe bareresih tapi lain ngahadja ngaginding, ieu mah doemeh rek pelesiran bae, sabab ari toekang koeda mah oelinna teh bari ngadjalankeun koeda.

Den Jogaswara gantjang madekan. Koeda dibawa ka pajoeneun Pangawoelaan, brek andjeunna tjingogo, tjong njembah.

Dawoehan Kangdjeng Dalem, "Maneh teh toekang koeda noe anjar tea?"

Walon Den Jogaswara, "Soemoehoen dawoeh, Dalem."

Saoer Kangdjeng Dalem, "Aloes deuleu eta koeda teh, kami mah nepi ka kalinglap. Soekoer, katarima pagawean maneh!" Sadjeroning ngalahirkeun kitoe, Kangdjeng Dalem neuteup ka Den Jogaswara sarta ngalahir kieu dina manahna, "Naha ieu toekang koeda teh tatana djeung petana siga lain si itoe-si eta!"

Pok andjeunna ngalahir, "Oenggal sore eta koeda teh djalankeun koe maneh?"

Walon Den Jogaswara, "Oendjoek soemangga."

Lila ti lila toekang epok maot, lantaran koe kakolotan.

Anoe kapilih kana toekang epok teh koedoe djelema anoe geus katembong kasatiaanana sarta njaho tindak-tandoek, sabab eta teh oepatjara noe pangkadeuheusna, ari gawena noe bakoe njaeta toekang mawa wadah leleteun. Noe matak sadjabana koedoe djelema lempeng bener teh, pikeun toekang epok mah koedoe noe njaho di tetekon katatakramaan, wantoening pagaweanana ngan ngadeuheusan djeung ngiring bae.

Salosna toekang epok maot oge, Djoeroesimpen geus tjop dina hatena hajangeun ngangkat Den Jogaswara, lantaran geus kanjahoan djalma hade lakoe-lampahna, aloes tatabasana, djalma nja lempeng nja bener. Tjindekna mah geus leuwih tina oetama lamoen didjadikeun toekang epok teh. Koe lantaran kitoe Den Jogaswara teh saban sore sok disaoer koe Djoeroesimpen, diwoeroekan roepa-roepa tetekon.

Heuleut sawatara poe Den Jogaswara geus diangkat djadi oepatjara toekang epok, toeloej koe Djoeroesimpen diwawoehkeun djeung oepatjara-oepatjara noe sedjen, kajaning toekang lampit, toekang pajoeng, toekang toembak, djeung djaba ti eta.

Hidji poe Den Jogaswara disaoer koe Djoeroesimpen. Lahirna, "Isoek Kangdjeng Dalem rek magelaran, koe sabab eta poe isoek teh koedoe ngamimitian ngiring. Tah ieu papakeanana, koe maneh adjaran. Lamoen teu meudjeuhna, bikeun ka toekang ngapoet. Kahade oelah balangah, sing tenget ngawaskeun petana Pangawoelaan. Maneh teh dipasrahan epok, njaeta wadah sesepeun djeung sintoeng. Seuneuna teu meunang pareum. Pangawoelaan mah oepama palaj njesep teh tara moendoet koe saoer, tapi koe isarah, njaeta njagakkeun tjoeroek djeung djadjangkoeng panangan kiwana. Noe matak maneh teh sing awas pisan. Lamoen katendjo Pangawoelaan kitoe petana, gantjang maneh gengsor, dioek di kiwaeunana. Epok teh teundeun di handap, toeloej maneh njokot roko hidji, seug selapkeun lalaoenan kana antara rema Pangawoelaan noe ditjagakkeun tea. Dimana geus ditjapit, soet soendoet koe sintoeng sing nepi ka seuneuanana, kakara maneh dioek deui di tempat tadi!"

Katjaritakeun isoekna, reboen-reboen keneh Den Jogaswara geus goegah, siram beberesih. Rap dangdos, nganggo panganggo noe geus beunang njadiakeun tea, badjoe beureum potongan senting, sindjang poleng djeung oedeng woeloeng.

Eukeur mah aja wanda, katoeroeg-toeroeg nganggo panganggo beunang mapantes, atoeh katendjona teh beuki mentjrang bae, komo ajeuna mah kawantoe dipingit.

Nji Idjem gawena rarak-ririk bae nilik noe dangdan, ret ka loehoer, ret ka handap, kajoengjoeneun naker. Pok manehna ngomong, "Leuh, lamoen aing ngora keneh, abong bae lamoen teu dibeuweung teh."

Den Jogaswara goemoedjeng, "Hih, bibi mah kolot-kolot ngadaoen limoes."

Barang geus tarapti dangdosna, Den Jogaswara angkat ka pajoen, tjalik ngantosan di emper. Teu lila Mas Anggataroena kaloear, njandak epok pinoeh koe roko, rawoeh sintoeng beunang njeungeut. Sok dipaparinkeun ka Den Jogaswara. Lahirna, "Heh ieuh babawaan maneh teh, djoeng geura indit ka padaleman, dagoan dina golodog, nepi ka Pangawoelaan loengsoer."

Den Jogaswara noeroetkeun sakoemaha piwaranganana Djoeroesimpen. Teu lila oepatjara-oepatjara noe sedjen: toekang lampit, toekang pajoeng, toekang toembak, djeung lian ti eta daratang. Kabeh geus tjaringtjing sabawana-sabawana sarta papakeanana saroea roepana.

Ka paseban geus djoel-djol menak-menak saroemping. Kapala tjoetak djeung prijaji sahandapeunana geus karoempoel, kitoe deui djoeragan Patih geus rawoeh. Sakabeh hempak tjaralik.

Kira wantji petjat sawed Kangdjeng Dalem kakara loegaj ti boemi rek magelaran tea. Pangiring geus taki-taki. Barang djoet loengsoer kana golodog, ber pajoeng diboeka. Toekang toembak geus ngabaris di gigir, toekang pajoeng geus nangtoeng di poengkoereunana. Di kentja-katoehoeeunana toekang epok djeung toekang lampit.

Gandeuang Pangawoelaan angkat ngaboedjeng ka paseban, breng tatabeuhan ditabeuh, nandakeun panghormat ka Ratoe noe djengkar angkat rek magelaran.

Barang soemping ka paseban, gek Kangdjeng Dalem tjalik dina korsi gading. Oepatjara dioekna henteu paseloek, pada geus maranti satempatna-satempatna. Kangdjeng Dalem papariksa ka kabeh kapala noe ngadareuheus, mariksakeun sandang-panganna djalma leutik. Sadjaba ti eta andjeunna ngadawoehkeun jen geus nampi serat ti Dalem Kawasen, njarioskeun jen noeroetkeun bedja ti oerang Dajeuh Loehoer, di Mataram rek aja karia gede, njaeta ngistrenan Senapati Angabehi Soetawidjaja, djadi Soeltan. Dalem Kawasen moendoet pirempoeg koemaha nja pilakoeeun, doemeh ti antara para boepati Soenda noe pangdeukeutna ka Mataram teh, njaeta Kawasen, Galoeh, djeung Nagara Tengah. Naha dina waktoena ngistrenan teh perloe mintonkeun persatya ka Mataram atawa henteu?

Sakabeh kapala teu aja noe ngawalon, teu wani ngabidjilan timbangan.

Kangdjeng Dalem ningali ka Patih bari mariksa, "Koemaha ari timbangan Patih?"

Tjong Raden Patih njembah. Pioendjoekna, "Soemoehoen dawoeh pariksa, emoetan abdi Dalem mah teu aja perloena oerang njembahkeun tawis kaweningan ka Mataram, margina henteu hir teu walahir, soemawonten ngawoela, henteu wawoeh-wawoeh atjan."

Kangdjeng Dalem ngalahir, "Bener papahaman Patih kitoe teh, rasa kaoela oge taja perloena. Koe sabab kitoe walon bae ka Dalem Kawasen sakoemaha timbangan Patih bieu tea!"

Walon djoeragan Patih, "Sadawoehan Dampal Dalem sedja diestokeun pisan. Oendjoek soemangga, poen Kaliwon bade didjoeroeng ngadamel eta serat."

Djaba ti eta loba deui parentahan anoe didawoehkeun dina koempoelan, hal oeroesan kaperloean nagara. Kira-kira wantji lohor noe magelaran boebaran, sakabeh perjaji maroelih ka satempat-tempatna.

Djaman harita mah noe bisa noelis teh arang langka keneh pisan, soemawonna djelema leutik, menakna oge tjarang anoe iasa. Nja kitoe deui di Nagara Tengah, anoe iasa njerat aksara Djawa teh ngan opatan, njaeta Kangdjeng Dalem, djoeragan Patih, Djaksa, djeung Kaliwon.

Ari eta Kaliwon teh doeloerna Mas Anggataroena, teu woedoe kaseboet djelema pinter sarta kapeto hade aksarana, eta sababna noe matak sagala soesoeratan sok dipiwarang ditoelis koe Mas Kaliwon. (*)

Samboengan ti Bagean 10 Njamboeng ka Bagean 12

R. Memed Sastrahadiprawira (Bale Poestaka; Weltevreden)
Tjarita Mantri Djero (Bagean 11, Djilid 1) Tjarita Mantri Djero (Bagean 11, Djilid 1) Reviewed by Rupa Sundapura on 21.52 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.