Tjarita Mantri Djero (Bagean 10, Djilid 1)

Barang geus peuting toekang waroeng nanja ka Den Jogaswara, "Djang, koemaha rek lami ngarereb di dieu teh? Oepami rek lami atoeh koedoe aja oeroesanana, sabab koering mah noe tjari oentoeng."

Carita Nyambung

Koe Den Jogaswara kamanah maksoedna toekang waroeng teh. Katjida andjeunna bingoengna, doemeh geus teu kagoengan doeit sadoeit. Moendoet toeloeng ka Ki Boeloes taja petana, kawantoe djelema taja kabogana. Njaoer dina manahna, "Banda tatalang raga, moal koemaha, ieu bae badjoe rek didjoeal."

Barang geus gilig, pok njarios ka toekang waroeng. Lahirna, "Ajeuna mah kieu bae, bisi koering hanteu manggih pagawean dina sapoe-doea poe, ieu badjoe koe Emang tjandak, pangaosna mah sakoemaha nja kawani bae, keur majar pamondokan djeung keur dadaharan."

Toekang waroeng marahmaj boedina semoe atoh. "Nja, kitoe sae. Keun eta raksoekan koe koering dibeuli sareal, tapi doeitna mah moal bro ajeuna, engke bae dimana Oedjang rek moelih."

"Sae!" saoer Den Jogaswara.

Ki Boeloes ngadjelengoet semoe noe soesah. Dipariksa koe Den Jogaswara, "Koenaon Loes, semoe ngoejoeng?"

Djawab Ki Boeloes, "Katjida teuing Oedjang mah, nepi ka ngadjoeal raksoekan."

"Ari enggeus, naon deui keur tatalang wiwirang, da ngan sakitoe nja kaboga. Keun bae, soegan poe isoek oerang meeunang gawe," saoer Den Jogaswara.

Sapeuting harita Den Jogaswara njileuk bae, ngamanahan piladjoeeun salira. Koe adjeunna karaos kasangsaraan di pangoembaraan teh.

Isoekna reboen-reboen keneh geus goegah deui, toeloej dangdos, tapi ajeuna mah ngan oekoer diraksoekan takwa bae, sabab raksoekan potongan mah geus aja di djero petina toekang waroeng.

Kitoe deui keris koe andjeunna henteu disoren, dititipkeun bae di waroeng, sabab dianggo oge teu pantes ari teu kasartaan koe raksoekanana mah.

Barang keur tingkoelinting di aloen-aloen, Den Jogaswara ngadangoe koeda hihieman, ari ret ditingali, ti pakarangan padaleman aja noe noengtoen koeda aloes pisan, tandangna gandang, boentoetna nandjeur ngembang kaso, boeloena daragem.

Tjek ki Boeloes, "Leuh, na aja koeda aloes-aloes teuing!"

Omongan Ki Boeloes kadengeeun koe noe noengtoen koeda teh, pasemonna semoe boengah. Reg eureun leumpangna, pok ngomong, "Tangtoe bae aloes mah, kawantoe kagoengan Ratoe."

Tjek Ki Boeloes, "Euh, atoeh paingan ari kagoengan Pangawoelaan mah."

Toekang koeda nanja ka Ki Boeloes, "Naha maneh resep kana koeda djeung bisa ngomena?"

Djawab Ki Boeloes, "Kantenan bae resep mah, nanging teu tiasa ari ngome mah, radjeun oge njabak koeda, koeda goenoeng, doeka soegan ieu batoer koering." Bari noendjoek ka Den Jogaswara.

Saoer Den Jogaswara, "Koering oge resepna mah natakoe, tapi ngome mah teu tiasa."

Omong toekang koeda, "His, gampang ngome koeda mah, asal oelah sieun bae. Daek lamoen djadi toekang koeda di lebet? Sabab kamari aja noe balik saoerang. Saha bae noe kapilihna mah."

Den Jogaswara djeung Ki Boeloes katjida baroengaheunana, poegoeh mah noe keur sakitoe bingoengna koe pilakoeeun, ari seug ajeuna aja anoe ngadjeudjeuhkeun.

Saoer Den Jogaswara, "Mangga ari sakira kaanggo mah."

Toeloej Den Jogaswara djeung Ki Boeloes naloetoerkeun toekang koeda, asoep ka lebet.

Tjek toekang koeda, "Hajoe oerang ka gedogan heula, ngampihkeun ieu koeda, engke oerang ngadeuheus ka djoeragan Anggataroena, Djoeroesimpen Kangdjeng Dalem, sabab eta anoe djadi kapala gandek teh."

Den Jogaswara djeung Ki Boeloes karageteun pisan nendjo kaajaan di lebet teh, sagala tarohaga, sagala araloes. Den Jogaswara naros ka toekang koeda, "Ari itoe wawangoenan noe beulah wetan, noe loba djelemaan, eta teh paranti naon?"

Djawab toekang koeda, "Eta teh kapan paseban tea, paranti Pangawoelaan nampi anoe sareba."

"Ari ieu noe kaliwatan koe oerang, geuning siga kosong, naon ngaranna?" saoer Den Jogaswara.

Walon toekang koeda, "Noe diseboet srimanganti atawa pantjaniti tea, njaeta paranti Kangdjeng Dalem moetoes perkara."

Teu lila djol daratang ka toekangeun padaleman. Di dinja paragpag wawangoenan, tempat tjitjing ais-pangampih djeung rentjang-rentjang. Di toekangeunana ngaredes gedogan koeda.

Tjek toekang koeda, "Daragoan bae heula di dieu, rek dioendjoekkeun heula!"

Toeloej manehna ngasoepkeun koeda ka gedoganana. Sanggeus tarapti leos indit.

Den Jogaswara djeung Boeloes tjaringogo di hareupeun istal, ngadagoan datangna toekang koeda. Teu lila toekang koeda petjenghoel datang deui bari goegoepaj njaloekan noe doeaan.

Den Jogaswara djeung Ki Boeloes koe toekang koeda dibawa ka emper beulah wetan. Di dinja geus aja noe ngadeg hidji pamoeget, dedeganana gemejek, roembahna geus bodas, raksoekanana entjit madras beureum, potonganana takwa, njalindangkeun retjet beureum digantelan tjatoet, korek koeping, djeung sadjabana ti eta. Sihoreng eta teh Djoeroesimpen tea!

Barang srog Den Jogaswara soemping ka pajoeneunana, gek andjeunna tjalik, tjedok njembah bari toengkoel semoe adjrih. Ari Ki Boeloes mah tjingogo bae di boeroean, henteu wani miloe oenggah ka emper, bari palanga-polongo semoe era djeung kaget.

Djoeroesimpen teh semoe kajoengjoeneun ningali tata-petana Den Jogaswara. Pok Mas Anggataroena mariksa, "Maneh oerang mana, saha nja ngaran djeung anak saha?"

Tjong Den Jogaswara njembah, pok sasaoeran. Pioendjoekna, "Soemoehoen dawoeh pariksa, djisim abdi mah oerang padoesoenan bae, lemboer matoeh di Djanggala, wasta poen Jogaswara, doepi poen bapa patani."

Djoeroesimpen kaget ngadangoe pokpokanana oendjoekan noe dipariksa. Sadjabana ti lemes basana teh, lentongna oge hade kawas lain omongan tjatjah koeritjakan. Pok andjeunna marios deui, "Di mana maneh diadjar tata-basa, sabab lamoen enja oerang kampoeng meledoeg mah, moal kitoe piomongeunana?"

Walon Den Jogaswara, "Soemoehoen dawoeh, diadjar koe poen bapa bae."

"Pipanteseunana maneh mah lain kana toekang koeda, tapi koemaha da euweuh deui pagawean sedjen, wajahna bae diadjar ngoeroes koeda, koemaha daek? Lamoen daek soekoer. Dahar-pake dioeroes sarta meunang oepah salebaran sakali, papakean sapangadeg djeung doeit tiloe real," saoer Djoeroesimpen.

Walon Den Jogaswara, "Kasoehoen pisan, soemawonten aja pangasih noe sakitoe oetamina, sanadjan teu aja oge, djisim abdi soemedja koemoereb, kaoelanoen."

Djoeroesimpen ningali ka Ki Boeloes noe keur tjingogo di latar. Pok andjeunna mariksa, lahirna, "Ari maneh oerang mana?"

Ki Boeloes elengeh seuri, toeloej toengkoel bari oejoep-ajap njasaran djoekoet tjaboeteun, kawas rada kasima. Ngadak-ngadak Ki Boeloes toehoereun tikoro, lain ngawalon, ngan neureujan tjidoeh bae gawena teh.

Djoeroesimpen mariksa deui, gentrana leuwih bedas batan ti heula. Kakara Ki Boeloes ngawalon, omongna, "Eta noen sareng eta!" Bari noendjoek ka Den Jogaswara.

Djoeroesimpen goemoedjeng ningali pepetaan Ki Boeloes kitoe teh, saoerna, "Tah eta mah siga bidjilan ti tjoeroeg ngeboel teh. Keun bae doesoen-doesoen oge ngarah bosongotna, kawas gede tanagana mah. Daek maneh djadi toekang njapoean gedogan?"

Walon Ki Boeloes, "Mangga!"

Gorowok Djoeroesimpen ngagentraan badega awewe. Torodjol noe disaoer teh bidjil ti kamar emper, brek tapak dekoe, pioendjoekna, "Aja timbalan naon?"

"Idjem, ieu aja gandek anjar doeaan, perenahkeun di kobong gedogan!"

Toeloej Den Jogaswara djeung Ki Boeloes dibawa koe Nji Idjem ka toekang. Di dinja geus njampak Ki Soera, noe ngadeuheuskeun Den Jogaswara ka Djoeroesimpen tea. Ari Ki Soera teh mandor istal.

Barang breh oge Ki Soera nendjo ka Den Jogaswara, manehna nanja, "Koemaha Djang, ditarima?"

Didjawab koe Idjem, "Poegoeh bae ditarima mah, malah saoer djoeragan, ieu djalma koedoe dipetakeun di dieu, sateroesna mah mangsa bodo Ki Soera bae." (*)

Samboengan ti Bagean 9 Njamboeng ka Bagean 11

R. Memed Sastrahadiprawira (Bale Poestaka; Weltevreden)
Tjarita Mantri Djero (Bagean 10, Djilid 1) Tjarita Mantri Djero (Bagean 10, Djilid 1) Reviewed by Rupa Sundapura on 17.30 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.