Ngaran-ngaran Lembur Cawokah Di Garut

Aya sawatara ngaran lembur di pakaleran Garut, nu semu-semu cawokah. Malah kabehdieu-nakeun, teu saeutik generasi ngora di eta lembur, usul sangkan ngaran lemburna diganti ku nu alus, moderen, jeung teu nimbulkeun kesan "jorang".

Rohang Kalam

Contona bae, di wewengkon Kacamatan Leuwigoong jeung Leles, aya lembur Sarkanjut, Sarkacang, jeung Kiarabaok.

Kecap "kanjut" saliwatan sok ngahudang "uteuk ngeres". Matalikeun jeung nu lain-lain. Padahal kecap "kanjut" dina basa Sunda kawilang rea. Lain wungkul keur nyebutkeun hiji anggahota badan nu dianggap buni. Upamana bae, di sawatara tempat, kecap "kanjut" teh keur nuduhkeun hiji barang, dijieun tina lamak, gunana keur ngawadahan.

Dina Kamus Basa Sunda yasana R. Danadibrata (PT. Kiblat Buku Utama, 2006), kaca 316, diterangkeun, "kanjut" teh wadah duit receh tina lawon di luhurna make kolor (pangrod). Sasaruaan kecap rajut kantong, endon, koja. Conto kalimah, "duit nu diwadahan dina kanjut sok ngaburayot". Istilah "tai kanjut" hartina duit. Hajat gede bebeakan disebut "mupugkeun tai kanjut". Aya deuih "kanjut kundang". Eta mah wadah bangsa ubar-ubaran kampung, kayaning laja, panglay, cikur, jahe, lampuyang, bawang beureum, bawang bodas, jeung sajabana. Nepi ka eusina ngerenteng garing. Sok digolerkeun tara jauh ti orok, sangkan ari butuh ubar teu kudu kokotetengan neangan.

Jaman beh ditu mah, di pakampungan, ngubaran orok atawa budak, boh hareeng panas, boh nyeri beuteung cukup dibura ku eusi kanjut kundang, bari dijampean samodel kieu:

Cakakak di leuweung
Injuk talina
Bunghak dina beuteung
Hitut jadina

Heg beuteung budak dibura ku panglay, lampuyang, jeung sajabana eusi kanjut kundang, nu geus digayem nepi ka lembut.

Atawa orok tas dimandian, dibura ku eusi kanjut kundang meunang ngagayem, bari diparancahan:

Cikur jangkung jahe koneng
Lampuyang pamura beuteung
Indung jangkung bapa koneng
Anakna burayut beuteung

Terus budak dipasangan gurita, ambeh beuteungna hepe.

Jadi, kecap ngadenge kanjut, teu kudu langsung inget ka nu ulad-alid ditaranjang. Ngadenge lembur Sarkanjut di Leuwigoong atawa Leles, teu kudu ujug-ujug inget ka nu ngalungsar bari ngagaro kan...tong.

Kitu deui kecap baok. Dina Kamus Basa Sunda R. Danabrata disebutkeun, nyaeta bulu nu jaradi lebah tarangbaga (kaca 64). Ari tarangbaga, lolongkrang antara pengpelangan (kaca 682). Sangkan gampang nuduhkeun lebah-lebahna tarangbaga atawa pengpelangan, cukup make ukuran "sasiku tina tuur ka luhur, sajeungkal tina bujal ka handap".

Ari kiarabaok, nyaeta kiara anu loba janggotna (kaca 64). Rea akar tunjang ngarambay ka handap. Geus langka ayeuna mah tangkal kiara model kitu teh. Beak dibabadan. Padahal mangrupa patempatan keur cinyusu. Nu matak ngadenge ngaran lembur Kiarabaok, ulah ujug-ujug nganggap "porno", jeung taya babandingan.

Ngaran lembur Sarkacang kitu deui. Asosiasi teh langsung ka nu lain-lain. Padahal sapopoe mindeng nyebut kacang, teu kudu nimbulkeun pikiran ngeres. Kacang panjang, kacang kadele, kacang hejo. Aman-aman bae. Eta pedah make kecap "Sar" wancahan tina "ngalungsar". Kacipta, diuk nyangsaya handapeun kiarabaok. Ngalungsar ngusapan kacang. Teu kudu ngabirigidig. Da nu diusapan teh kacang galing karek beunang ngala ti kebon. Lain kacang nu dimaksud ku tukang dagang kacang jeung rambutan di terminal, nawarkeun sangeunahna "kacang ibu rambutan". Bakat ku rusuh hayang geura dibeulian, nepi ka koma ge dirarad. Pan kuduna mah "kacang, Ibu, rambutan." Maksudna nawarkeun kacang jeung rambutan ka Si Ibu. Dasar tukang asong teu nyakola, hayoh koma antara kacang jeung ibu diliwat, ari koma antara Ibu jeung rambutan ngahaja dirandegkeun lila, nepi ka kadengena sada "kacang Ibu, rambutan". Atuh asosiasi teh ka nu lain-lain. Komo kadenge ku panumpang nu geus lila nyaba jauh, keur muru balik ka lembur. Matak tagiwur.

Iraha atuh urang nganjang ka lembur-lembur nu ditataan di luhur. Dijamin lamun teu "imut kanjut" (seuri saeutik ku sabab manggih pikalucueun). Hoyah! (*)


Usep Romli H.M
Ngaran-ngaran Lembur Cawokah Di Garut Ngaran-ngaran Lembur Cawokah Di Garut Reviewed by Rupa Sundapura on 18.50 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.