Jurig Erbe

Sanagara geunjleung kunu nareangan RB (erbe). Mun aya cenah rek dibeuli ku harga anu matak helok, ratusan milyar. Rabeng anu ngaler, anu ngidul, anu ngetan, anu ngulon, lembur singkur pada ngajugjug, aki-aki didaratangan, dukun-dukun pinuh ku jalma-jalma lalieur.

Carita Misteri

Loba jalma nu ngadadak aneh kalakuannana. Nu tadina getol ka sawah, jadi ngacacang mapay lebak, atawa kukurusukan mapay-mapay rungkun, neangan anu aneh-aneh. Manggih batu, dicokot, disangka anti cukur. Manggih bugang hileud, dicokot, disangka erbe, padahal maranehna teh teu aya anu apaleun kumaha rupa jeung bentuk erbe. Nu leuwih aneh ku urang kota, jiga anu enya, kaditu-kadieu mawa mobil meunang nyewa, neneangan jalma anu bogaeun erbe, gede hate ku beja anu can karuhan.

Lila jadi pamikiran, bakuna eta ku anu bener kitu aya jalma anu daekeun meuli nu kitu ratusan milyar. Sabab lain ayeuna bae perkara erbe, anti cukur, merah delima, jeung samurai teh. Malah geus puluhan taun, tapi nihil can pernah aya anu kajadian. Lolobana mah bohong.

Sababaraha poe ti harita, gurutak aya nu nganjang, ti tempat anu rada deukeut, ti desa Kiara Payung. Singhoreng murid kuring, si Adun.

"Aya naon ieu teh asa rareuwas?" ceuk kuring.

"Geus nguping beja anu araraneh, Kang?"

"Beja naon?"

"Eta, masalah rante babi, atawa anu sok disarebut erbe tea," pokna hariweuseus.

"Ih, enya puguh jul-jol anu nareangan erbe jeung anti cukur, cenah mun aya rek dibeuli ratusan milyar. Asa beuki ngaco jalma teh, naha jang naon atuh make daek meuli anu kitu ku harga ratusan milyar!"

"Cenah mah lantaran erbe tiasa dianggo narik harta karun, tiasa dianggo narik artos anu kacida seueurna, jaba aya anti cukurna."

"Akang oge apal ari tiasa dianggo narik artos mah, tapi pan ari lain ku ahlina mah sing aya oge barangna, nya moal bisa."

"Kang, pan Akang teh asa gaduh erbe, aya keneh?"

"Nya aya meureun, da Akang mah tara ngagugulung anu kitu, emang aya naon make nanyakeun anu Akang?"

"Kumaha pami urang pake narik artos, Kang?"

"Astagfirulloohal'adziim, jang naon duit tinu kitu, ongkohan jurig mah teu bogaeun duit. Jadi lamun aya duit anu katarik ku jin erbe, eta teh duit manusa. Lamun ti bank, ke pamingpinna di hukum disangka korupsi, da duitna ngadadak leungit. Manehna korupsi dua milyar, ari anu leungit dua welas milyar, tetep bae eta pamingpin bank teh disangka korupsi dua welas milyar"

"Muhun nya, tapi pan hoyong duit, anggo narik bae atuh Kang, panasaran kumaha kajadiannana."

"Ah, moal, sieun!"

"Nyobian bae atuh Kang, hoyong terang kajadiannana, ke pami tos aya artosna, uihkeun deui."

"Teuing euy, Akang oge asa hayang ari nyobaan mah!"

"Siap, iraha waktosna Kang?"

"Isukan dibejaan, ari geus puguh arek moalna." Eleh deet, ongkoh hayang ngabuktikeun. Nya dasar manusa teu weleh panasaran ku halhal aneh. Aya ti dituna meureun.

Malem Jumaah di bulan Juli katompernakeun, kira-kira jam sapuluh, sanggeus siap sagalana, meuleum apel jin sajewol, seungitna ka sakuliah ruangan. Prak duaan ngamalkeun elmu, dzikir ngadawamkeun kalimah anu tangtu. Sanggeus aya sajamna, bet ujug-ujug aya angin anu nyeor tarik naker. Eureun angin, panto sada aya anu nenggor ku batu, ngabaledog matak kaget. Gejlig-gejlig, sada aya anu leumpang gegejlig. Imah eundeur, bumi alam ngariyeg kawas aya lini.

"Ha...ha...ha...aya naon manusa, bet ngahudangkeun kula anu keur sare tibra!" Aya anu nyakakak tarik pisan, bari terus tumanya ku sora matak sieun.

"Tong kaget baraya, kula keur ngamalkeun elmu, maksudna seja manggil khodam kula anu dina erbe, ari anjeun saha?" ceuk kuring.

"Kula jin erbe, aya naon atuh anjeun make manggil?"

"Lain, cenah ceuk beja, anjeun bisa mere duit anu loba, bener eta teh?"

"Ah, boga dunungan teh kawas anu lieur, kula mah teu ngarti, da di alam kula mah teu aya anu disebut duit, menta anu sejen bae atuh."

"Ih ari maneh, abong bangsa jin bedegong, maenya ka dunungan ngomong balakacanur, padu bae."

"Ha...ha...ha...kula mah adatna kieu, kasar garihal, tapi naon maksudna anjeun menta duit sagala, cenah anjeun teh jalma soleh, jalma mukmin, ning hayang duit tinu kitu?" Jin erbe, ngaharelung jangkung hideung, rambut ngawiwig gimbal, ngomong songong garihal, babarakatakan bari tetenjrag.

"Lain rek dipake sarakah, ngan hayang nyaho bae, naha anjeun teh boga pangawasa atawa henteu, sabab keur naon diingu ari euweuh kabisa mah."

"Ampun dunungan, heug kula bakal nurut, kula percaya ka anjeun, sok atuh amalkeun kalimah anu sok didawamkeun ku anjeun, kula rek digawe."

Selang sababaraha menit, riyeg, seor, beledug, burusut sada kenteng marurag, geblug, aya sora hareupeun sada anu ragrag.

Jempling deui, tapi dihareupeun jiga aya karung, pinuh ku eusi jigana mah.

"Kang, aya karung!"

"Enya euy, cik tingali naon eusina?"

"Ditalian, Kang."

"Buka atuh, moal nanaon ieuh."

"Kang, artos, bareureum ratusan wungkul, kumahakeun ieu teh?"

"Awas sing inget kana jangji, ulah rek coba-coba nyokot najan salambar."

"Hadeuh, sagepok bae atuh Kang, lumayan jang meuli motor."

"Ulah, talian deui bae eta karung, keun tungguan, mun nepi ka isuk karung aya keneh, kop rek nyokot mah."

"Leres eta teh?"

"Enya, Akang tunduh asa kasirep, rek sare heula!"

Tibra sare teh, lilir soteh pedah aya anu ngaguyah-guyah kana suku, horeng dihudangkeun ku murid.

"Aya naon?"

"Tos adzan subuh, Kang."

"Aduh, naha tibra-tibra teuing sare teh, sok atuh urang sholat subuh heula".

Bareng berjamaah sholat subuh, bari sasalaman, murid ngaharewos.

"Kang, karung kumaha?"

"Karung naon? Nananyakeun karung wayah kieu, jang naon maneh teh?"

"Ih ari Akang, eta karung anu wengi, pangirim jin erbe tea."

"Euleuh, enya nya, Akang poho deui, tingali atuh ka kamar."

"Kang, cilaka!"

"Cilaka ku naon maneh teh, ngareureuwas?"

"Karung leungit, Kang."

"Nya meureun lain milik mana kitu oge, keun bae atuh ajengan, kapan tadina oge ukur hayang nyobaan, hayang ngabuktikeun, lain rek menta duit jang pakeeun urang."

"Haduh, muhun ari lumpat ka dinyana mah, ngan sugan teh eta jin erbe, pek ninggalan sagepok mah atuh jang kuring." Murid teh murukusunu ka jin erbe.

"Ha...ha...ha...hayang duit mah usaha nu bener atuh!" Bet aya sora tarik naker, ngeundeurkeun jantung, nyeungseurikan murid.

Duaan rungah-ringeuh. Antukna sarerea seuri, nyeungseurikeun diri masing-masing. (*)


Andang S. Argayuda
Jurig Erbe Jurig Erbe Reviewed by Rupa Sundapura on 19.44 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.