Pasir Kahirupan (Bagean 3)

Sapeupeuting guling-gasahan, dina ranjang gedebag-gedebug. Tampolana jajantung jadi ratug. Pindah pangkeng, ku pamajikanana diantep, teu wani mepelingan. Taya bedana, di pangkeng hareup paranti tamu oge hawa peuting tiris nyecep tapi ku Kades Gani mah karasa bayeungyang, ngageberan awak ku hihid cirebonan. Panon angger bolotot. Dipaksa dipeureumkeun, tapi pikiran mah terus ngacacang ngawang-ngawang. Otak ngotektak neangan akal, angger bureng teu manggih pikeun jalan pameuntasan. Antukna sirah jadi panas. Sirah mimiti karasa ranyut. Meusmeus renghap ngahegak. Teuteup ahirna napel dina lalangit.

Carita Tilu Bagian

Teu lila karasa deui aya nu terus ngangsreg tepi ka seseleket kana bayah, kapanasaran. Keukeuh hate leutikna ngarasa lebar kudu ngabalikkeun deui mobil kijang herang. Keukeuh proyek teh mun bisa mah kudu laksana. Keukeuh sieun kawiwirangan ku investor nu murah congcot. Keukeuh hayang mampuh mepes teu panujuna masarakat. Keukeuh ceuceub ka Si Madhadi, ka Si Jaja, ka Ki Jumad, ka Si Duloh, sabab intina mah maranehna pisan nu ngahalangan pamaksudan. Maranehna pisan nu ngalantarankeun gagalna proyek taman rekreasi.

Tunduh mah nyedek. Heuay merelek, tapi teu kaur reup. Hayang ngagantawang ngalaklak dasar Si Madhadi, ngan pastina oge eta jalma teh moal wani nembongkeun deui beungeut ka bale desa. Moal wani ngulampreng. Teu bisa diantep tah jalma teh. Renghap deui mani leleb.

Nyay satititk harepan ngaliwat sakolebat. Sugan bae ari investor jugala mah barisa menta bantuan pajabat teras. Pastina oge keur nu hayang kacida sarta geus kaerong pikeun mangsa ka hareupna, tangtu bakal usaha leuwih giak. Keur investor mah tangtu baroga sarebu jalan. Atawa memang ieu teh salah prosedur. Renghap deui. Tonggong karasa panas, nyangigirkeun awak, mimiti karasa leuleus, teu kararaban sangu atuh sabeurang tadi. Bororaah hayang dahar. Bororaah ngarasa lapar.

Nyambung ka subuh teu bisa sare sakerejep oge. Lagu hudang teh bangun nu lungse, leumpang muru jamban rada dadaligdeugan bari mencetan tarang. Jegoh batuk, tikoro karasa garing, letah asa parait. Kapalang ka cai, manehna nyokot wudu. Sup ka pangkeng deui teh, teu lila kadenge sora adan tina speker masjid. Ngambar sajadah, rengse sora adan langsung solat. Hayang husu, tapi da teu bisa tumaninah. Pikiran cuscos. Diri nyanghareup kiblat di pangkeng, ari pikiran mancawura kumalayang. Tepi ka poho kana wilangan dua rakaat. Naha ieu solat kakara rakaat ka hiji, atawa keur rakaat ka dua. Ebat. Balikan deui, diati-ati pisan ti dituna mah, niat dina hate, ngangkat leungeun takbiratul ihrom deui. Kakara oge sakecap iftitah, pikiran geus jauh ngulayab deui ka Pasir Kahuripan. Ka Si Madhadi. Ka investor. Gimbreung. Tapi dina kaayaan ibadah nu sarupa kitu oge, hate leutikna ngagerentes, Ya Alloh pamugi diijabah maksud abdi. Nu ngahalangan niat usaha abdi sing rarobih pikiranana. Ngan ka Anjeun abdi neda pitulung. Investor ngelemeng deui. Mobil dibawa deui. Ya Alloh...ulah lebar. Doa dina hate angger pabaliut. Geus sirah karasa beuki beurat mah, gancang ngagoledag deui. Guguling ditangkeup tipepereket. Dadana ngahanju.

Lagu beurang teh awak asa ngoleang, sirah karasa beurat jeung ranyut, teu puguh rasakeunana. Beungeut semu koneas. Teu wani balaka ka pamajikan, sarapan teu hayang oge kapaksa.

"Pa, ari sakintenna masarakat teu satuju mah, proyek teh sae ulah diteraskeun. Eta Bapa bangun teu damang," ceuk pamajikan Kades surti bari neuteup beungeut salakina.

"Wibawa Bapa arek dikamanakeun Bu, mun eleh ku masarakat. Tujuan Bapa hade, keur ngaronjatkeun kahirupan masarakat desa urang ka hareup. Masarakatna we nu embung ngarti," Pa Kades Gani masih keneh embung leah. Sasarapna rengse najan ukur sababaraha huap. Teu ngareunah. Geus kitu mah nu jadi pamajikan teu wani nalek deui.

"Sing tiasa we atuh Pa ngigelanana."

"Enya, kitu!"

Teu nyarita deui. Kades Gani ngahirupkeun motor di buruan. Dipanasan heula. Ret kana Kijang. Kudu angger kapimilik, gerentesna.

Memeh indit teh ditablet heula sakali dua. Antare ngajalankeun motor. Tepi ka kantor bale desa, pamong geus rempeg. Juru tulis nu pangheulana ditalek bari beungeut nu bareubeu ngahaja dimarahmaykeun.

"Kumaha Ulis nu demo ka pasir teh?"

"Ngabring ka dieu mah mung nyimpenan patok di pipir," walon Juru tulis Utay, inggis sok sieun terus nalengteng.

"Hese diajak ngartina ari urang lembur. Sugan Ulis meunang informasi ti salah saurang nu ngabring ka pasir. Kuma cenah?"

"Manawi henteu, Pa Kades."

"Muhun taya wartos nanaon Pa Kades," ceuk Lulugu nu teu kanyahoan kurunyung, kituna teh bari song ngajak sasalaman. "Mung melang ku Bapa bilih kumaonam. Dipaluruh kamari teh ka bumi, nanging ibu oge nyaurkeun teu terang ka mana. Ehm..."

"Ngahaja Bapa nyingkahan heula. Bakal susah mere katerangan ka jalma loba bari jeung nganteur emosi mah."

"Leres," ceuk Lulugu.

"Kabeh pamong kudu milu ngadukung kana gagasan Bapa. Piraku manggih milik mah teu kabaragi. Saeutikna kudu mampuh mere motipasi ka saha bae anu nanyakeun soal Pasir Kahuripan. Sing sumpah, Bapa teu boga maksud hayang ngarugikeun nu baroga lahan di Pasir Kahuripan," Kades Gani asa kasumangetan deui. "Bapa teh ngajangjian ngajak badami deui, ari sugan teh geus miheulaan daratang. Poe ieu. Mudah-mudahan nu daratang teh kokojona wungkul, ari ngambreg mah sok kaweur teu puguh."

Nu ditungguan datang teh Ki Jumad jeung kancana, naha nu kurunyung nu tarunggang motor. Tilu motor baroncengan kabeh. Disambut ku Lulugu, dianteur ka rohangan Kades. Kabeh ngaraku wartawan.

"Abdi ti masmedia, Pa. Pamugi Bapa sayogi diwawancara. Kersa ngawaler anu luyu sareng fakta. Sareng kajantenan danget ieu," ceuk salah saurang wartawan anu kumisna baplang. Saumur jadi Kades kakara kadatangan wartawan, mani sakali genep urang deuih. Kades Gani geus kareureuwasan deui bae. Kesang tiisna renung, teu puguh rampa.

"Eu...rupina salami ieu mah taya nanaon, eu...," Kades Gani ngawanikeun maneh ngawalon.

"Naha bet benten sareng pendapat masarakat di dieu?" Wartawan nu dikaos oblong ngahaja nyelok.

Rey awak Kades Gani asa ujug-ujug muriang. Teu ngawalon.

"Bapa sing percanten ka abdi sadaya. Tangtos borok di ieu desa moal dugi ka diwawarkeun dina surat kabar. Tangtos dina hal ieu mah asal Bapa sami-sami ngartos," ceuk wartawan nu pangawakanana pecekre, kituna teh bari teuteupna teu lesot. Puguh bae Kades Gani beuki ngagibrig, kesang jibrug saawak-awak.

Jadah teh! Moal salah ieu teh pasti kalakuan di antara jalma anu opat. Bisa bae hayang ngelehkeun aing. Tapi dina kaayaan tagiwur oge Kades Gani masih bisa meuweung maksud caritaan wartawan cikeneh.

"Ke antos sakedap...!" Cengkat tina korsi, gancang muru rohangan Jurutulis desa. Haharewosan. Ceuk beja, cenah ku amplop mah dianggap beres pasualan teh. Hariweusweus Kades Gani ngaluarkeun duit tina dompetna, ratusan dua belas lambar dieusikeun kana genep amplop. Keun bae padu salamet. Bahaya lamun pasualan Pasir Kahuripan tepi ka dimuat dina koran. Bakal geunjleung. Kades Gani katut pamongna taya nu nyaho mun eta wartawan teh kabehanana oge ukur wartawan gadungan.

Ka rohangan gawe deui teh, langsung Kades Gani ngabagikeun amplop bari nyumputkeun kageumpeurna, bari pokna teh, "Ieu hatur lumayan saamplop sewang. Ulah ditingal eusina. Pamugi salajengna oge urang tiasa saling pengertian." Ayeuna mah sora Kades Gani jadi rada tatag. Geus kitu mah teu lila teh baralik. Kades Gani karoroncodan.

Naha atuh selang saparapat jam Si Jaja, Ki Jumad, erte Komay jeung Si Duloh daratang. Kades Gani jadi aya tanagaan deui, dumeh geus mere amplop ka wartawan. Ngariung deui di rohangan kades.

"Ulah kitu carana, make jeung lapor ka wartawan sagala," ceuk Kades Gani sanggeus kabeh dariuk. Kabeh rungah-ringeuh jeung silih reret.

"Sumpahna oge ka bumi jeung langit, taya nu lapor ka wartawan. Kateuteuari. Pasualan bakal jadi ngabuntut bangkong," ceuk Si Duloh mani ti kerung-kerung.

"Barina oge keur naon make mamawa wartawan sagala. Nu penting pasualan Pasir Kahuripan arek dijadikeun taman rekreasi kudu gancang rengse. Jadi, kumaha bae alesan Kades, kana eta proyek teu satuju. Sok Erte pulangkeun deui eta duit panjer teh," ceuk Ki Jumad. Sorana ngageter, panonna mureleng.

Erte Komay giak nunda amplop kandel dina meja kades. Kades Gani ngajenghok. Mun teu katahan mah amarah, geus langsung hayang ngagaplok Erte Komay. Langsung renghap-ranjug.

"Naha urusanana bet jadi kieu, Komay?" sora Kades Gani teugeug.

"Hak Erte Komay ngabatalkeun transaksi, tacan kaiket ku bukti pisik sacara hukum. Terus terang, lahan Si Erte geus jadi dibeuli ku Bapa kuring. Titik!" ceuk Si Duloh tatag pisan.

"Kuring oge salaku pupuhu di ieu desa boga hak pikeun neruskeun proyek. Aya lima urangna nu baroga lahan di Pasir Kahuripan geus satuju sarta geus daraek nandatangan. Moal mundur pedah Erte Komay ngabatalkeun ngajual lahan," sora Kades Gani jadi rada nyeuneu. Beungeut jalma opat piligenti direret.

"Jeungna deui Pa Kades, geuning urusan proyek teh usulanana can dugi ka tingkat kacamatan, komo deui ka tingkat kabupaten. Naha Kades teu terang prosedur? Sacara hukum Bapa bisa dilepatkeun," ceuk Si Jaja kakara engab, padahal ti tadi geus ngawahan hayang nyarita.

"Ke Jaja, ulah waka heula ngadikte," timpah Kades Gani giak.

"Har ari Pa Kades, marukanana masarakat di desa ieu teh bodo kabeh. Ayeuna geus jaman reformasi. Sanes maksad ngadikte, ngan supados kelir. Hapunten Pa Kades, saenyana pasualan ieu tacan ditepikeun ari ka wartawan mah, ngan ari ka para wakil rayat mah, ka legislatip, geus asup agenda bahaseun. Malah ka anak kuring di kajaksaan geus ditepikeun," bales Si Jaja embung eleh geleng.

"Hah...? Eu...!" Kades Gani rada calangap sajongjongan.

Si Jaja teu mere omber, nimpah deui. "Terus terang, abdi nu angkag-ingkig ka ditu ka dieu, ti tingkat kacamatan tepi ka kabupaten. Ka anggota dewan. Ka kajaksaan. Hayang ngecek leres henteuna Pa Kades samentawis tos laporan sacara lisan."

"Perkara persaratan eta mah pan keur diproses keneh di dieu, Jaja," Kades Gani jadi ngarasa kasedekkeun.

"Sok atuh ayeuna buktoskeun berkas proses pangajenganana!" Si Jaja jadi beuki wani. "Dinten enjing, pun anak sareng timna bade langsung marios ka dieu. Ti kajaksaan!"

"Eu...," Kades Gani asa kapupul bayu.

"Teu kedah geumpeur Pa Kades," ceuk Ki Jumad bari cengkat tina diukna. "Hayu Jaja ayeuna mah urang baralik. Permios, Pa Kades!"

Kades ngulapes, awakna karasa beuki ngoleang, sakedapan teuteup jadi ririakan. Kekecapan Si Jaja teu bisa disapirakeun. Hayang nyalukan nu ting arungkug balik, tapi teu engab. Cilaka aing, gerentesna bari nganteur renghapna nu kerep, teuteup jauh ka luar ngaliwatan kaca jandela. Moal boa, kalungguhan teh moal tepi ka cacap mangsa. Hanas geus ngorbankeun munding dua rakit. Sawah. Tanah. Perhiasan pamajikan. Tacan balik jinis-jinisna acan. Lamun enya teh, poe isukan kuring bakal pada mentog. Cilaka aing bakal tigejret!

"Kurdi...!" Ujug-ujug ngagero Si Kurdi, pasapon kantor bale desa. Si Kurdi nu kabeneran keur nundutan taker ka tibuburanjat, bari gigisik satengah lumpat muru rohangan kades.

"Aya pikersaeun naon, Juragan?" Si Kurdi hah-heh-hoh.

"Naon, Kurdi?"

"Kapan nembe Juragan nyauran." Semu popoyongkodan.

"Ulah diajar ngimpi Kurdi! Hah...!" Calangap rada lila.

"Hen...henteu. Juragan. Heh...heh...heh....!" Si Kurdi heran. Saha nu ngimpi? Daek medu, cikeneh oge kuring teu tas ngimpi. Ukur nundutan.

"Kurdiii...! Aing bakal tigejret...!" Kades Gani molotot. (*)

Sambungan ti Bagean 2

Ino Misno - Sunda Midang

T A M A T

Pasir Kahirupan (Bagean 3) Pasir Kahirupan (Bagean 3) Reviewed by Rupa Sundapura on 20.51 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.