Oelin

Roesdi djeung Misnem

Isoek-isoek keneh Bakri djeung Djahri geus tingkoeroemoej handapeun tangkal limoes moeloengan boeah noe ragrag atawa oeroet kalong. Barang geus mareunang boeah, toeloej aroelin.

"Oerang njampeur Oedjang Roesdi heula, joe! Soegan aja keneh di imahna," omong noe saoerang.

Ti kadjauhan keneh eta baroedak geus gĕgĕroan, njaloekan Roesdi.

"Djang Oedi...! Djang Oedi...! Kamana Djang Roesdi teh?"

"Soegan geus njaba, euj!" tjeuk noe saoerang deui.

"Tjik tjaloekan sakali deui, Kri!"

"Djang Roesdi...! Djang Gembroe...!"

"Eueueueuj ieu euj dewek mah," tembal Roesdi.

"Keur naon, Djang di hawoe?"

"Keur sidoeroe, euj. Tiris, bari noenggoean boeboej sampeu. Ke oerang djait heula sampeuna nja! Moeboejna opat sagĕde gĕde leungeun silaing. Hajang Kri?"

"Poegoeh bae, Djang, hajang mah."

"Kop tah hidji. Sapotong sewang djeung Djahri. Ieu noe tiloe keur dewek sorangan."

"Aeh-aeh, na beak tiloe londjor koe sorangan?" tjeuk Djahri.

"Poegoeh bae, malah koerang keneh sakieu mah," tembal Roesdi.

"Na, ari silaing gemboel teuing, Di?"

"Iih, lain gemboel, euj. Beuki baranghakan ari kitoe mah."

"Paingan sakitoe gembroena," omong Bakri.

Roesdi nembal ka batoerna "Na, mĕnding mana, bĕgang kawas silaing djeung gĕmbroe kawas dewek?"

"Nja, teuing atoeh," tembal Bakri. "Hajoe euj, djeung tjitjing bae di hawoe mah mĕnding aroelin."

"Da sidoeroe teh matak rea pare, tjeuk kolot oge. Ka mana oelinna, euj?" jawab Roesdi.

"Oerang kokoletjeran, joe! Meungpeung gĕde anginna."

"Koemaha dewek mah teu boga koletjerna," tembal Bakri.

"Dewek ge teu boga," omong Djahri

"Ka mana atoeh oelinna, euj?"

"Oerang titimploekan bae hajoe, sisi Tjigĕde, meungpeung rea keusik keur gogorolonganana," tjeuk Roesdi.

"Hajoe atoeh."

Barang baroedak lalaki keur ngomong kitoe, kadengeeun koe si Misnĕm. Misnĕm loempat njampeurkeun bari gĕgĕroan "Koering miloe, Kaka Roesdi!"

"Ah, montong sia mah awewe," tembal Roesdi. Misnĕm njĕntak ka Roesdi, "Na ari awewe oelah oelin?"

"Pek rek miloe mah, tapi ngadjak batoer sia heula, awewe deui!" tjeuk Roesdi.

Broel baroedak teh, awewe lalaki ngaleut ka sisi tjai. (*)

Oelin Oelin Reviewed by Rupa Sundapura on 20.58 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.