Pasir Kahirupan (Bagean 2)

Beungeut Madhadi sepa lir taya getihan tapi dibalur kesang. Awakna oge jibrug ku kesang. Datang ka imah langsung nginum ditohtor tina teko almunieum. Kaluar ti pawon ngagoledagkeun awakna dina palupuh amben. Awak karasa beuki panas, kesang beuki ngagarajag. Cengkat ngalaan baju, tuluy goledag deui.

Carita Tilu Bagian

Pamajikanana katut anakna nyaho masarakat desa ngajorag ka pasir teh gancang ingkah ka kolotna. Ngarasa hariwang bisi aya kajadian nu teu dipikahayang. Sok bisi jalma teh nyerang ka imah, awewe mah teu walakaya. Pamajikanana teh kurang kumaha mapagahan ka nu jadi salaki, tapi ku Madhadi teu didenge.

"Akibatna Kang nu kudu dipikir teh," ceuk pamajikanana harita.

"Meunggeus lah awewe mah nyaho di naon. Lamun hasil mah, da bakal kaasaan ku saimah," tempas Madhadi teu mere semu.

"Enya ku kitu tea mah. Tapi Akang bisa tijongklok."

"Kapan parentah Pa Kades, Nyi."

"Heueuh heran, ongkoh tiheula mah ceuceub kacida."

"Geus lah. Montong ngusik nu enggeus-enggeus. Pikeun merik hiji tujuan teh lin kudu aya usaha?" Bari ngenyot udud mani leleb.

Baju nu ngarumpuyuk dipake ngelap awak, tuluy dipake ngageberan. Neundeun katugenah saenyana mah, utamana mah ka Si Jaja. Naha kudu diteruskeun nyieun balitungan kitu. Atawa, enggeus ulah dituluykeun. Gagal! Harepan leungit. Rupa-rupa impian lalumpatan.

Saenyana mah tadi sanggeus milu ngarabutan patok-patok tuluy diparanggul ngabandaleut muru kantor desa, manehna asa jadi patalukan. Asa meunang wiwirang. Teu sangka sacongo buuk masarakat sadesa bakal nolak kana sagala rencana nu geus dianggap asak ku Kades. Mangkaning upama jadi teh lain proyek leutik-leutik.

Dasar jalmana hese diajak ngarti, pikir Madhadi mimiti ngacapruk deui. Teuteupna lempeng kana lalangit nu bolongor, kana kaso-kaso jeung ereng awi. Dua leungeunna tuluy dipake bantal. Hartina ngarakrak imah teh moal jadi. Hayang boga motor teh moal laksana. Budak sina sakola luhur ka kota moal kataekan. Ieu imah panggung warisan kolot teh bakal beuki reyod.

Madhadi ngulisik dianteur reketna palupuh, motong pikiranana nu keur kumalayang jiga ngimeutan impian nu kungsi diajam. Ana kitu mah aing moal ngasaan deui udud ngeunah ti para jugala kota. Moal kungsi diajak dahar bareng deui ka restoran menak, inditna diajak samobil. Mani sarwa ngarareunah diajak ulin ku menak kota. Mani sakitu balageurna. Kaayaan diri aing nu sakieu kuleuheuna ku maranehna teu dibedakeun jeung Kades, dahar ngariung sameja. Ceuk pangrasa aing mah asa kurang kumaha eta jalma. Niatna hade. Kahirupan masarakat desa ka hareup bakal ngaronjat. Pindah usaha, tina ngandelkeun ngebon, jadi digarawe di taman rekreasi. Jadi baroga panghasilan tetep. Ari ngebon tea tampolana teu bisa diandelkeun saratus peresen kana meunang piuntungeun, buktina mah hutang pupuk beuki numpuk ka koperasi. Ngebon hasilna puso, atawa ujug-ujug kaanjangan sasalad hama tepi ka sapasir musna kabeh.

Ngarenghap mani leleb, kesang karasa rada tuus.

Tadi basa neundeun patok-patok nu digundukkeun di pipir kantor desa, panon Madhadi teu nempo Kades, nu aya teh sababaraha urang pamong. Kabeh ngayekyek, inggis kantor bale desa didemo. Mangkaning taya nu nyaho Kades indit ka mana, ti isuk oge da tacan katempo ka kantor. Juru tulis kungsi nyusulan demi mireungeuh abrulan jalma muru pasir teh, tapi di imahna teh suwung. Atuh pamajikan Kades jadi kareureuwasan nu lain meumeueusan. Jaman ayeuna tea, nempo dina tivi oge jalma teh eutik-eutik abring-abringan demo. Tampolana matak pikagetireun. Patugas anu sakitu lobana tepi ka kawalahan. Ari ieu, ngan saukur ngandelkeun Si Madhadi, bekelna ukur bedog. Taya jalma nu jago. Ongkoh Si Madhadi teh boga elmu silat naon? Naha manehna teh geus teu teurak ku pakarang? Pamajikan Kades jadi nyalahkeun salakina bari rada ijigimbrang. Jadi hariwang ku salaki bisi aya nu nyegat di tengahing jalan. Bisi kantor bale desa diruksak. Nu demo tea geuning sok tanpa jeung itungan. Saurang polahna kasar, bisa langsung mancing sakabeh.

Teu karasa ahirna Madhadi kasarean di amben. Awakna nu buligir diusapan angin, kerekna mani nyegrek, katibrakeun ku ngimpi nu piligenti. Hudang teh bada asar dumeh kagareuwahkeun ku ucing pasea di kolong panggung. Langsung ngorejat hudang, gigisik panon. Gejlig ka jamban, gebrus mandi. Imah kacida sepi, hartina pamajikan katut anakna tacan balik. Keun bae antep, moal disusulan, ceuk pamikirna bari sup ka pangkeng. Rap kaos oblong biru nu geus lalayu sekar, ka handapna sarung bau hapeuk nu geus soeh palebah tumpalna.

Beuteung karasa nyelengit, tadi rebun-rebun teh kakara dieusian leupeut hiji jeung gorengan tempe di warung Nini Emeh, jauh kana piwaregeun. Nu matak gejlig ka pawon, muka lolomarian. Aya geuningan sangu mah dina boboko teh. Eusi rantang dialak-ilik, eusi angeun lompong. Aya pais, manehna geus bisa nebak pasti jerona berenyit. Inget, da boh lompong boh berenyit beunang ngala manehna kamari. Teu diengkekeun deui, celebek dahar bangun nu ponyo, huapna mani gede, kituna teh bari diuk dina jojodog teu jauh ti hawu. Jigana teu ngarasa ngeunah dahar diuk dina jojodog, pindah diuk di salu panetean ka patengahan. Pais berenyit tepi ka kari daunna, eusi boboko koredas, angeun lompong dina rantang kari saeutik, bakat ku lapar. Regot nginum. Teu lila teurab ngaeureuleu. Keun bae, pamajikan jeung budak mah tangtu dahar di kolotna. Keseleun mah ke ge mo burung balik. Cenah, arek mondok, teu nanaon. Keun we kuma kahayangna. Balik-balikanan pucunghul pasti bakal ngagambreng. Tapi tetep manehna pamajikan nu hade, najan manginditkeun oge geuning kejo jeung deungeun sangu keur dahar salaki mah teu dilalaworakeun.

Nasib moal robah jigana, poe ka poe dapon kararaban kejo morolok. Geus untung bisa ngeusian eusi peujit oge, tina hasil ngagarap lahan Ki Jumad. Kurang kumaha wijaksana Ki Jumad teh ka pagawe model aing, ceuk gerentes hate Madhadi bari gek diuk dina bangbarung. Mungkin ku manehna aing geus dianggap hianat. Ujug-ujug menta eureun ngagarap lahan, uruy ku pangbibita Kades, mere beas oge taker ka lima puluh kilo, disanguna mani pulen. Teu tinggaleun mere duitna saratus rebu.

Aing hengker, ku panyombo sakitu bet leah, padahal bet moro julang nu ngapak di awang-awang, aing geus julig ka Ki Jumad. Aing geus kabongroy ku pangbibita nu teu pira. Ayeuna mah Madhadi geus sadar kana lengkahna sorangan.

Keur kitu teu disangka kurunyung Si Duloh. Madhadi cengkat dipirig dulag dina jajantung.

"Hampura aing, Dul," rikat Madhadi nyambut nu datang.

"Naha atuh ari sia bet teu parok jeung batur," ceuk Si Duloh sorana datar, taya tanda-tanda rek ngabudalkeun kaambek. Geus kitu mah Madhadi hatena jadi tenang. Gek diuk di amben pahareup-hareup.

"Kangaranan jalma euy, Dul...," ceuk Madhadi dipegat.

"Heueuh. Kudu jeung jeujeuhan nanaon oge lin? Sia lamun teu turun tadi teh geus jadi parab aing. Marukan bakal ngeunah upama hirup jadi dipiceuceub ku tatangga salembur. Sia geus deleka ka Ki Jumad. Ngarasa teu?" Neuteup seukeut Madhadi.

"Rumasa. Heueuh puguhan euy. Ari panyana teh moal pikaweureun," walon Madhadi bari menerkeun sila. Duloh unggut-unggutan.

"Lahan bapa aing nyaho, piraku kudu diiklaskeun digadabah ku jugala urang kota. Ari nu sejen teu mikeun tanahna dijual mah piraku arek tuluy neugtreug onaman. Eta deuih salahna teh erte Komay nawarkeun tanah bet lain ka nu saampar lahan heula. Ieu mah kalah langsung ka Si Kades. Memeh ka dieu, aing geus nepungan heula erte Komay, geus narima panjer minangka pangjadi cenah. Kitu oge kalayan perjangjian upama lahan nu sejen teu bisa kabeuli, hartina transaksi teu jadi, jadi duit kudu dipulangkeun deui. Ongkoh Si Kades salaku perantara, nyokot batina gede teuing cenah, jaba menta komisi. Ku maneh ayeuna mah kabaca meureun, yen tanah Pasir Kahuripan teh arek dijadikeun obyek. Si Kades teh sarua jeung praktek nyalo. Da ari jadi perantara wungkul mah teu kudu kitu carana. Keur jual beuli tanah mah teu sagawayah, aya aturan maenna."

"Jadi bolay mutlak atuh?"

"Nya heueuh. Kamungkinan ayeuna mah jadi arek dibeuli ku kolot aing. Ari dibeuli ku urang dieu keneh mah, moal hariwang. Pasir Kahuripan bakal angger jadi lahan pakasaban urang dieu. Hartina urang geus ngariksa tanah tungturunan karuhun. Mun engke geus kapimilik ku kolot aing, selang-selang ti ngolah lahan Ki Jumad, maneh bisa oge ngagarap lahan nu kolot aing. Ngarti, Mad?"

"Tapi...,"Madhadi teu laju nyarita.

"Tapi naon? Angger hirup sia mah ti leuleutik ari nyanghareupan masalah teh sok loba tapina. Naon kitu nu jadi ganjelan?"

"Sieun Kades nyieun balitungan ka aing." Tatag.

"Aing jeung batur-batur moal cicingeun atuh euy," giak mairan.

"Tapi bener yeuh. Ulah gedebul..."

"Arek ngancam model kumaha Si Kades ka sia? Mangkelukna oge ngaleungit teuing jicir kaendi. Marukanana aing jeung batur-batur teh teu gableg etika. Piraku Kades arek pada neunggeulan mah. Ke urang jadi nu disalahkeun. Urang nu rugi, nyaho?" Tandes pisan.

-=oOo=-

Pa Kades Gani ngarahuh, hatena neuteuli ka Madhadi. Ukur gede omongna wungkul geuning Si Madhadi teh. Ongkoh arek menta bantuan ka hansip ngajaga patok teh, jigana mah kapangaruhan ku Si Jaja jeung Ki Jumad, da basa diajak badami di bale desa oge, geus nembongkeun galagat teu satuju. Maranehna isuk ngajak badami deui. Naha disanghareupan bae kitu. Da nu jelas mah usaha kuring gagal. Ngan nu jadi masalah teh kumaha ngabendung masarakat desa upama ngayakeun demo ka kantor bale desa. Tangtuna oge Si Jaja kalayan menta bantuan ka Si Duloh bakal nyiapkeun jalma diabringkeun dina poe isuk. Lamun proyek keukeuh kudu dijadikeun, lain pamohalan deui, upama kantor bale desa bakal diruksak.

Pa Kades antukna jadi teu ludeung balik. Hansip geus teu bisa diandelkeun, sabab teu mihak ka polah Kades. Keun sina karasaeun. Si Duloh nu geus mampuh mangaruhan sakabeh hansip. Cenah hansip tugasna lain ngajaga Kades, tapi kudu ngajaga kaamanan masarakat. Atuh Kades nyieun polah teu baleg, eta di luar tanggung jawab hansip. Lamun hansip biluk ka Kades, hartina hansip ngabela kalakuan Kades nu teu eucreug. Kiwari urang hirup dina alam reformasi, teu bisa ngan saukur sumuhun dawuh. Pajabat desa bisa jeneng lungguh teh kapan beunang milih masarakat. Masarakat kiwari, panonna, hatena, pikiranana, geus barareunta, sok sanajan urang lembur. Moal bisa dipepende kitu bae ku pajabat. Lamun memang geus katara nyimpang mah, teu bisa ngayoman hak masarakat, komo nindes masarakat leutik mah, hade dipecat bae. Saperti kapamingpinan Pa Kades Gani. Memeh jadi kades mah jangjina mani murudul aramis. Geus jeneng mah, ngarempak jangjina sorangan.

Ka imah anakna nu cikal panglumpatan Pa Kades Gani teh. Ahirna mah balaka ka anakna, yen aya kajadian karusuhan.

"Saena mah Bapa teu kedah nyingcet. Malih sakedahna mah dipayunan. Supados pasualanna tiasa enggal direngsekeun. Lajeng milari jalan solusi anu sae. Naha kedah diayakeun deui musawarah sareng masarakat nu terkait sareng lahan Pasir Kahuripan," ceuk anakna nu cikal wani mere bongbolongan, bakat ku nyaah.

"Arek, Jang. Poe isuk arek ngayakeun deui babadamian."

"Sae pisan. Memang kedah direngsekeun saenggalna. Ari sakintenna pimatakeun mah kanggo Bapa, mending bolaykeun. Hayu ayeuna mah Bapa geura mulih. Urang dijajap ku abdi. Abdi yakin, moal aya nanaon. Enjing upami bade musawarah deui, nya sing tiasa we Bapa meuli hate masarakat."

"Bener, Jang. Melang ka indung maneh deuih, bisi kumaonam. Heug mobil ngajugrug di buruan. Jigana proyek bolay mah kudu dibalikeun deui ka nu merena. Tacan milik Bapa meureun Jang, nu matak kitu oge."

"Leres pisan, Pa!"

Ahirna Pa Kades Gani nurut kana pangajak anakna, balik dibonceng kana motor. Wanci sareureuh budak, peuting geus combrek kacida. Beda jeung hate Pa Kades mani haliwu, sakapeung jantungna ratug. Lamun kasaksian ku panon sorangan kajadian tadi beurang teh meureun kana matak ginggiapeun. Tapi sanajan kitu, Pa Kades ngarasa lebar kudu mulangkeun deui mobil. Tacan kapikir boa, yen eta mobil teh mangrupa panyombo. (*)

Sambungan ti Bagean 1 Nyambung ka Bagean 3

Ino Misno - Sunda Midang
Pasir Kahirupan (Bagean 2) Pasir Kahirupan (Bagean 2) Reviewed by Rupa Sundapura on 21.36 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.