Pasir Kahirupan (Bagean 1)
Wanci pecat sawed, srangenge geus karasa moreret, tapi Madhadi masih keneh ngajanteng nulak cangkeng. Sakapeung jalang-jeleng, panonna seukeut jeung jiga nu buringhas. Teuteupna ngulincer dipentangkeun ka jauhna, ka beh lebak beulah kidul remenna mah. Upama tea mah bener rek aya nu wani ngajorag, pasti nu ngaburudul teh bijilna ti beh dinya.
Madhadi jiga nu cadu ingkah sajeungkal oge, jiga nu ngahaja ngagarang awakna. Padahal saung hateup tempat manehna tunggu geus burakrakan balas katebak angin, nyengceling di punclut pasir handapeun tangkal jengkol nu kabeneran daunna keur ngarangrangan. Di tempat eta pisan nu hade teh nurutkeun pamikirna, sabab bisa neuteup ka sakuriling bungking. Nu matak ti mimiti subuh tadi manehna ngajega ngajaga di dinya. Upluk-aplak lahan kebon engkol paselang jeung kentang mani ngemploh hejo. Larikanana tingjarepat tingarudat nyambung ka pasir nu beh ditu. Rada turun, deukeut pasir lebah wetan, gumplukan kebon kembang, warna-warni, endah, asri, lir alketip permadani.
Sajongjongan Madhadi neuteup patok-patok palen nu rentul pulas beureum beunang nanceb-nancebkeun kamari. Sawanganana ngolembar ngapak jomantara. Upama proyek taman rekreasi termoderen geus ngawujud, hirup baris senang. Bakal boga pagawean matuh nu ngajangjikeun keur mangsa ka hareup. Moal buburuh deui ngabedug di kebon engkol bogana Ki Jumad. Manehna bakal dibere kapercayaan pikeun ngajaga kaamanan sarta bisa muka usaha samacem kios warung keur usaha pamajikanana. Nu leuwih ngagedekeun hatena teh, manehna arek dibere gajih tetep. Atuh antukna jadi lamunan unggal usik. Alatan eta pisan Madhadi daek ngajaga patok-patok nu rentul maseuk bumi. Maseuk lahan pakebonan. Kades ngarasa teu salah pilih mercayakeun ka Madhadi nu dedeg pangadegna sembada, beungeut semu perenges dipasieup ku kumisna anu bangbara ngaliang, biwir kandel.
Ngarenghap leleb bangun ngemu kakesel nu awor jeung kakeuheul. Aneh beungeut Si Jaja bet asa ngolebat, polototna hurung, beungeutna atah beuleum, haokna danawa edan, amarahna ruhay nu mampu ngadadak ngalentab. Si Jaja enya-enya nangtang, ngacung-ngacung peureup buleud.
Kudu kauntup ku aing! Pilakadar Si Jaja. Wani nangtang ka aing mah sarua jeung nyebakeun nyawa siah! Tuman! Sungutna kudu dibekem atawa dicewawkeun sakalian ambeh teu ngawakwak deui. Cokorna kudu sakalian dipengkoran ambeh teu nincak deui kebon kentangna! Ngagugudug gerentes hate Madhadi, renghapna ngodok bayah.
Tapi aneh. Ti subuh mula taya saurang oge nu ngulampreng ka pasir. Tarang Madhadi dikerungkeun. Meureun geus narima kaputusan Kades tah si mangkeluk Jaja teh. Moal nyundutan deui nu baroga lahan. Atawa sakaligus manehna oge geus mere kacindekan. Manehna nyerah! Piraku onaman arek nolak kawijakan Kades nu geus eces rengkolna. Saha jalmana nu wani ngalawan, nangtang aturan. Cacak jalma pantar Si Jaja teh gableg kakuatan naon?
Satengahing nganteur gerentes hatena nu rada nyeak, di beh lebak ujug-ujug kadenge sora nu ayeuh-ayeuhan. Guludug nubruk jajantung, gelap nyawang neunggar dada. Madhadi taker ngahegak nganteur renghapna nu ngadadak kerep, jajantung jadi tutunggulan. Langsung ramo-ramona nu baleuneur ngaragamang kana perah bedog nu ngagantung dina cangkengna. Perah dicepeng pageuh bari tipepereket.
"Sok siah goblog aing moal ngejaaat...!!!" gorowokna teu kabendung, sorana lir nu hayang meulah jagat.
Nu ayeuh-ayeuhan abrulanana beuki ngangsreg beuki deukeut, beuki atra. Madhadi mesat bedogna, amarahna beuki lugay. Tapi demi mireungeuh abrulan di lebak nu sakitu lobana, manehna jadi ngadadak hemar-hemir. Kauntup moal? Ceuk pikirna bari nganteur pencrongna. Aing kudu lumpat gancang tuturubun kitu? Moal! Moal! Aing moal ngejat! Aing hayang ngajajal heula si mangkeluk Jaja.
Abrulan nu ayeuh-ayeuhan beuki deukeut geus aya di tungturunan pasir nu rada lengkob. Reg abrulan areureun. Jep jempe. Nurut kana parentah Si Duloh. Teu meunang mawa maneh. Teu meunang mawa pakarang. Teu meunang anarkis. Teu meunang ngumbar amarah. Meunang soteh ayeuh-ayeuhan ukur keur nyingsieunan Si Madhadi. Piraku teu gimir onaman dijorag ku jalma leuwih ti sawidak.
Dua urang rentang-rentang naek pasir, lengkahna teuneung, hatena ludeung. Saha deui lamun lain Si Jaja jeung Ki Jumad. Niatna geus buleud hayang ngaleumpeuhkeun Si Madhadi. Dasar Kades ceuleupeung geus daek ngagunakeun Si Madhadi pikeun jadi tameng, lain ka nu wajib. Gagabah naker. Memang nitah ka hansip mah Kades teh moal wanieun, da di antarana aya nu baroga lahan nu baris kasabet ku proyek. Malah sakabeh hansip milu ngabring marake saragem lengkep, milu ngajaga ngawal abrulan. Milu ngarojong ketak Si Jaja jeung Ki Jumad.
Geus kapalang, Madhadi angger ngajega. Paeh moal dua kali. Nyawa cenah kadar injeuman, sarua mangsa engke oge bakal dicabut. Semu ngadegdeg leungeun katuhu ngeukeuweuk bedog. Kesang ngagarajag. Beungeut beureum euceuy. Leungeun kencana angger nulak cangkeng, dadana beuki motah. Teuteupna lempeng teu leupas ka dua jalma nu keur naekan pasir. Si Jaja heula nu ku aing kudu ditigas! Aki-aki mah ditemprang teu make tanaga oge bakal ngajurahroh nangkarak bengkang, geus kitu mah kari ngajejek. Bugangna kari najong sina ngagulutuk ka beh lebak. Sok siah, naha enya wani ngadeukeutan aing. Ngahegak.
Beuki deukeut. Beuki deukeut pisan. Aeh enya jigana Si Jaja jeung Ki Jumad teh arek ngajajal aing. Hayang nyiram kebon kentangna ku getih beureumna suganan mah. Beuki ngagidir. Beuki buringas teuteupna. Ramona nu dipake ngeupeul bedog beuki ngageter. Teu ngiceup, Madhadi angger ngajega lir arca.
Geus adu hareup. Si Jaja jeung Ki Jumad mampuh mepes hatena. Madhadi sungutna teu engab. Ngan panonna seukeut nanceb ka beungeut Si Jaja. Kitu deui nu ngajorag jiga nu embung miheulaan nyarita, teu mawa pakarang. Padahal pikeun Madhadi kari nigas.
"Arek ngaraponan dewek, Ja?" ahirna Madhadi nanya ti heula.
"Teu boga niat ka dinya," walon si Jaja tegas.
"Sing percaya Madhadi, kuring teu boga niat goreng," sambung Ki Jumad, teuteupna teu lesot ka beungeut Madhadi.
"Di dinya kudu ngahargaan tugas dewek. Ieu teh tugas ti pupuhu desa," ceuk Madhadi teugeug rada peura.
"Sarua, dewek oge boga kapentingan. Arek ngalaksanakeun hak jeung kawajiban salaku pangebon di ieu pasir. Kuring jeung nu sejen boga hak pikeun nyabutan deui patok," sora Si Jaja jadi tatag.
"Teu bisa. Ulah neugtreug, Jaja!" tempas Madhadi teuas, panonna mureleng. "Lantaran geus aya ijin resmi ti pamarentahan."
"Ceuk saha eta teh Madhadi? Ceuk Kades? Kudu aya bukti, surat parentahna. Teu padu asal. Sabab ieu teh nyangkut kahirupan jalma rea. Pakasaban masarakat desa nu geus maneuh ti baheula. Ieu teh pakasaban tungturan ti karuhun. Turta tacan meunang ijin ti nu baroga lahan. Teu bisa kitu bae," Si Jaja angger mampuh mepes amarahna nu rada ngagolak. Ret ka Ki Jumad, paadu teuteup.
"Enya Madhadi. Nu baroga ieu lahan tacan kungsi ngarasa nyatujuan diadegkeun proyek taman rekreasi. Tacan. Bener. Nu puguh mah, ngan ukur lahan bogana erte Komay nu arek dijual. Tah nya ti dinya pisan bet ahirna jadi ngarembet ka lahan nu sejen. Pikir Madhadi ku uteuk, upama lahan ieu digadabah, dijual paksa ka nu jugala, bakal arusaha naon engke urang desa? Sarua jeung maehan usaha sorangan. Naha pamikiran Kades bet teu tepi ka palebah dinya. Mani cupet pisan. Teu dipikir kumaha mangsa pikahareupeunana. Kami jeung batur-batur nu di handap geus sapuk. Moal mere ijin. Moal daek dibibita ku jangji naon bae. Bohong! Nu puguh mah nitah urang jadi sangsara, Madhadi!" Ki Jumad jiga hayang ngoredaskeun nu ngageremet dina hatena ti poe kamari.
"Bener Madhadi. Kuring jeung batur-batur nu di handap teu ngahaja nyiar kaributan. Ukur nganteur nu baroga lahan pikeun nyabutan deui patok-patok. Maneh teu bisa ngahalangan. Pek wani mah dewek cacag, mun teu hayang sirah maneh oge mecleng," sora Si Jaja jadi rada nangtang, ngahaja kudu digertak ceuk pamikirna. "Ulah dapon mikir keur tujuan sasoranganeun. Urang teh sarua didewasakeun di ieu desa. Piraku arek teu nyaah ka sarakan sorangan. Kacida!"
"Puragkeun eta bedog, lamun enya maneh teh satria jagoan. Jiga kuring jeung sabatur-batur di handap, sumpah taya nu mawa pakarang. Tujuanana oge da hayang badami. Ngan sia mani biluk pisan ka Kades teu eucreug," Ki Jumad hayang ngaleumpeuhkeun Madhadi.
"Kuring meunang tugas ti Kades," ceuk Madhadi teugeug, bedog saenyana mah kari ngaheumbatkeun.
"Kuring nyaho," ceuk Ki Jumad teuteupna anteb. Geus kabaca nu disanghareupan teh mimiti seber, napsuna mimiti turun. "Maneh tong daek dijadikeun badega ku Si Kades, Mad. Deuleu tuh Si Duloh oge, batur dalit maneh, geuning teu sapagodos jeung pamadegan Kades. Sabab dipikir heula ku uteuk, lengkah Si Kades teh geus nyimpang. Salah. Mengpar tina tetekon hukum."
Dikitukeun ku Ki Jumad, Madhadi jadi kababuk hatena. Kababuk pikirna. Kababuk amarahna. Aya nu ngagilisir kana hate leutikna. Manehna jadi teu boga pikecapeun. Luk tungkul dina paneuteup Si Jaja jeung Ki Jumad. Madhadi mimiti leah. Naha ieu bedog teh kudu diabuskeun deui kana sarangkana? Naha aing teh kudu boboleh? Naha aing teh kudu nyerah?
Ki Jumad ngahaja ngagebrag deui. "Madhadi, kapan nyasatna mah maneh teh musuh Kades. Tepi ka maneh wani ngalakukeun hal nu teu patut, untung aing masih keneh boga parasaan karunya ka sia. Lamun henteu mah da sia teh geus ngaringkuk di pangberokan. Kurang kumaha aing geus ngilungan kalakuan maneh. Inget Madhadi, rusiah diri maneh geus aya dina saku. Saha harita nu ngabongkar kantor bale desa? Iwal kuring nu nyaho. Ayeuna mun aing daek deleka, kari ngalaporkeun ka nu wajib. Kabeh arek dibolekerkeun, upama maneh keukeuh arek ngahalangan maksud kami. Isukan Kades bakal malik jadi nyangkalak maneh."
"Oge perlu dipikanyaho, kumaha bae oge proyek taman wisata teh tacan resmi dijadikeun. Turta tepi ka iraha bae oge moal ngawujud. Pasir ieu Pasir Kahuripan, nu kudu tetep dipulasara. Pasir nu mere kahirupan. Pasir asri. Maneh geus dipake alat ku Kades. Kades oge geus kacekok ku jalma-jalma jugala jaregud beunghar, nu harerang mobilna. Nu saligrong gedongna. Padahal urang teh kudu ngarasa, yen hirup urang teh aya dina sapernasiban. Hakekatna urang teh engke ka hareup, mun proyek ieu jadi, bakal jadi leyekkeun maranehna."Si Jaja ngarenghap heula, kawanina beuki nguniang. "Si Duloh aya di handap. Kari ngahuit ti dieu. Manehna bakal gancang ka dieu, upama maneh teu gancang mere kacindekan, Si Duloh bakal nyerek maneh. Bakal ngabajeg maneh."
"Jadah...!" Kituna teh bari kecoh nyiduh.
"Dua pilihan keur maneh, Madhadi. Pangberokan atawa turun ti ieu pasir. Aing yakin sia moal salah pilih," ceuk Ki Jumad angger waspada.
Lila Madhadi bangun nu mikir, dibulak-balik, dibeuweung diutahkeun. Ngarenghap mani leleb, huntuna kekerot. Hatena noroweco, Si Duloh mah lain bantrak-bantrakeun. Lalaunan bedog diasupkeun deui kana sarangka. Dadana ngahanju. Teuteupna kosong ka beh lebak. Jalma jiga nu ngagurumut. Ngarenghap deui. Napsuna beuki lempes, sarta ahirna pokna, "Bener bakal bisa ngajamin rusiah kalakuan dewek? Tapi kade, aing mah hartina lain taluk ka maneh Jaja. Oge lain seja taluk ka Ki Jumad. Ke heula!"
"Ulah cangcaya Madhadi!" ceuk Ki Jumad beuki tatag.
Gejlig Madhadi ngalengkahkeun sukuna bari teu nolih heula ka Si Jaja jeung Ki Jumad, saterusna mah jiga nu nutug-nutugkeun maneh. Hatena jadi ngoleang. Kawanina ngoleang. Amarahna ngoleang.
Nempo kitu mah Si Jaja langsung ngahuit mani tarik. Buriak. Jalma di lebak nu ngabubuhan mimiti malencar muru lahanna sewang-sewangan. Henteu bari ayeuh-ayeuhan. Teu galecok. Dina lahan sabogana-sabogana, jalma mimiti nyarabutan patok. Si Duloh oge mani giak milu nyabutan patok di lahan, boga bapana. Madhadi teu hayang nyampeurkeun, terus ngungkug. Anehna teh jadi muru lahan Ki Jumad, milu nyabutan patok. Hatena leumpeuh. (*)
Nyambung ka Bagean 2 |
Ino Misno - Sunda Midang