Nu Jajan Ti Gang Pajaratan

Hujan ngecrek ti sore keneh. Caah cileuncang, siga poe-poe sasari, ngagulidag ka mana-mana. Geus puguh caah ti Walungan Citarum mah caina mudal ka mana-mendi, geus teu aneh deui.

Carita Sunda Misteri

Hujan, enya ge rejeki, sok matak ngawagu usaha, pangpangna keur anu arusaha leutik bari kudu ider-ideran nawarkeun dagangan mapay-mapay jalan, salasap-sulusup ka jero gang. Enya, da apan najan dipayung ge katinggang hujan gede mah angger bae kasimbeuhan kabaseuhan.

Leuheung basa dina kaayaan kitu teh dagangan laris manis tanjung kimpul, dagangan ledis duit ngumpul, matak sugema kabina-bina. Narajang keur tiis, hanas asruk-asrukan bari kahujanan, ari pek euweuh nu meuli saurang-urang acan, apan matak mentegeg kabinabina.

Siga nu kaalaman ku Parno ayeuna. Ti barang kaluar ti imah kontrakanana tabuh opat tadi bari dijajapkeun ku hujan teu eureun-eureun, tepi ka tabuh tujuh ayeuna teh can aya nu nyalukan. Noyod bae ngadodorong roda dagangan sangu gorengna. Sedeng awakna mah karasa muncicid sari-sari kabulusan, angot sukuna nu ukur capit mah karasa baal. Biwirna ge mehmehan noroktok.

Pantesna, usum hawa tiris mah nu mareuli sangu goreng teh tingkurunyung, bae menta palada-lada ge da cengek ge geus murah deui ayeuna mah. Ari ieu ngabulasin. Padahal nakolan katel teh asa tarik mehmehan matak bosen. Ih, angger bae Parno kudu nayod bari keletrek deui keletrek deui nakolan bujur katel.

"Mas...! Mas...!" Kadenge aya nu ngagorowok, kaluar ti hiji imah. Reg Parno ngeureunkeun rodana. Aya kabungah jeroeun dadana bari gede harepan nu ngagentraan teh rek barang beuli.

"Nasi goreng, Kang?" Parno haripeut tatanya saking bungangang.

"Euh...sugan saya teh baso. Moal ah!" tembal nu tadi ngageroan, budak ngora.

Parno bati hanjelu. Piraku teu kadenge apan nu ditawarkeun teh sora katel ditakol sendok, tanda nu dagang nasi goreng. Gerencem hate Parno asa diteungteuinganan. Najan kitu, manehna sadar kana kaayaan model kitu teh da geus teu aneh deui. Enya, usaha dagang mah sok angin-anginan. Sakalina mucekil, nu meuli sasatna ngantay. Sakalina tiis, camewek siga ciibun kabina-bina.

Ubarna, iwal ti sabar, tara jadi bangbaluh kalbu atawa rajet hate. Tuda, belikan mah rek naon usaha deui da puguh ukur kitu anlehna. Di dinya rejekina. Nya lamun meunang nawar mah hayang dagang siga si engko noko, kari nagog jero toko moal kahujanan kapanasan. Tapi, apan sagala rupa oge geus aya nu ngaturna.

Nu matak, najan bieu asa diteungteuinganan, manehna terus ngadorong roda bari habek deui habek deui nakolan katel, mapay-mapay jalan rek satepina. Piraku sugan rek poos pisan mah.

Teu karasa, lengkah Parno beuki ngajauhan. Manehna teu apal jalan naon-naonna. Nu sidik beuki combrek. Patali marga nu ngaliwat ukur hiji dua. Trek...trek...trek...! Katel ditakol deui. Lebah wangunan warung nu geus tutup, manehna ngeureunkeun rodana. Ngiuhan na sosoyob warung. Trek-trek deui nakolan katel. Sorana teu robah, nya kitu nu meuli ge. Panonna sina ulin ka ditu ka dieu. Gebeg, horeng gigireun warung teh rajeg tetengger. Panonna diluncatkeun deui ka jauhna, teu salah tetengger wungkul. Teuing pajaratan naon ngaranna, teu apal, nu sidik mah aya di sisi kota.

Teu pupuguh bulu punduk Parno tingsariak. Aya kakeueung, ngemu puringkak. Teu hade cinutrung di dinya, ongkoh bulu pundukna beuki kukurayeun, Parno seja ngadorong roda deui ka urut tadi. Orokaya karek ge nyengkatkeun biritna, aya nu ngageroan.

"Mas...!" Gebeg. Awewe kaluar ti lebah gang pajaratan. Sajongjongan mah Parno ngabigeu.

"Nasi gorengna aya keneh, Mas?" tanya awewe nu katenjona ku Parno mah geulis.

"A...a...a...aaada Teh, banyak!" tembal Parno ngatetehkeun da ditaksir umur eta awewe teh 25 taun kaluhur.

"Sok atuh bikin!"

"Ya!" tembal Parno, pondok.

Cetrek kompor dihurungkeun. Katel nu titatadi nangkod na tihang roda ditagenkeun na luhur kompor. Curulung minyak kana katel, digoes-goes meueusan sina maseuhan beungeut katel bisi garing da geus lila teu dipake. Antukna cucutik jeung katel diadu ngawirahma mandiri ngagebahkeun simpe.

Sabot ngadagoan panas, ramo-ramo Parno parigel saksak-siksik bawang jeung sapuratina. Sakapeung panonna maling-maling ka nu geulis nu anteng nangtung tapi teu wani pateuteup bisi pajahkeun teu sopan sok sanajan hatena mah panasaran. Kebek ku pananya, naha peuting-peuting aya awewe kaluar ti gang makam. Boa-boa?

Seleber...aya nu ngahiliwir seungit tina awak si geulis. Parno beuki teu puguh rarasaan. Aya pikiran rek lumpat, tapi buru-buru disieuhkeun da buktina mah si geulis teh aya keneh.

"Pakai sambal?" tanya Parno. Taya jawaban. Parno malikan deui pananyana. Angger taya jawaban. Ana ret ka urut tadi si geulis nangtung, jenghok, geus euweuh. Teu kanyahoan ngilesna da jongjon ngome cucutik jeung katel.

Teg we Parno boga sangkaan goreng yen si geulis teh jurig nyiliwuri setan mindarupa. Puguh we jajantung Parno beuki ngadulag, manehna seja ngejat ti dinya. Tapi barang rek jung pisan, si geulis teh norojol deui.

"Bade ka mana Mas? Atos?"

"He...he...he...tuda Tetehnya pergi!" tembal Parno bari buluham-belehem.

"Ih, Si Emas mah penakut! Abdi tos ti pengker heula!" ceuk si geulis teh bari teu ngajentrekeun tas naon-naonna.

Nasi goreng geus dipincuk, laju dikeresekan. Song di ka si geuliskeun.

"Berapa, Mas?"

"Tujuh ribu lima ratus!"

Song si geulis nyodorkeun duit salambar kelir beureum, saratus rewu. Parno atoh teu atoh. Atohna, geus ngaladangan. Teu atohna, euweuh pamulangan sapeser-peser acan.

"Aduh...gak ada kembaliannya Teh, baru ngelarisan!"

"Euleuh...kumaha atuh? Da cuma segitu-gitunya!"

Tingharuleng duaan.

"Ambil aja dulu Mas, besok ka dieu deui nya!" Si Teteh mere jalan.

"Makasih atuh Teh, ya besok saya ke sini lagi," tembal Parno.

Si teteh geulis ngingkig bari ngajingjing nasgor ka jero gang. Parno ge gasik malikkeun rodana, gura-giru. Lampu patromak nu geus keukeureunceuman rek pareum teu ditolih. Sesa kukurayeun na pundukna asa napel keneh.

Tabuh tilu, malah nyedek satengah opat, Parno cunduk ka imah kontrakanana. Babaturanana geus daratang, carinekul ngadagoan tunduh. Biasa, memeh sarare sok ngaguar pangalaman dagang sewang-sewangan. Nu marema jeung nu ngangluh ukur payu saeutik. Parno ge harita ngadongeng papanggihanana aya awewe jajan ti jero gang kuburan.

"Iyy...ludeungan kamu!" ceuk Slamet, bari laju ngabuih cenah dua poe kaliwat aya awewe paeh ngajuru dikurebkeun di pajaratan eta. Geus moal boa awewe nu balanja ka Parno ge arwah awewe nu paeh ngajuru marakayangan.

"Pariksa duit pamerena, geura sok lain duit?" ceuk batur Parno nu sejenna.

Parno kapangaruhan, manehna gasik muka dompet. Ning, duit saratus rewu pamere ti si teteh geulis teh beleger keneh, teu rubuh teu robah.

"Buru balanjakeun, bisi robah manten jadi kalakay!" ceuk baturna deui.

Peuting isukna, najan omongan babaturanana matak muringkak bulu punduk bisi enya si teteh geulis teh arwah awewe nu tas paeh ngajuru, Parno teu burung ngajugjug deui pajaratan. Enya, sieun-sieun ge da inget kana kawajiban mikeun pamulangan anu lain pangaji eutik-eutik. Rek jurig rek jelema, hutang mah angger kudu dibayar, pikir Parno.

Siga peuting kamari, hujan ngaririncik deui. Bedana peuting ayeuna mah rada alus milik da ti barang jung teh rada kerep ngaladangan. Nu matak, anjog ka sisi pajaratan teh kira tabuh satu, geus jempling, combrek, siga peuting kamari. Katel ditakol bari sakapeung lunga-lengo ka jero gang ngadagoan si teteh geulis.

Duit keur pamulangan geus dipisahkeun, kari sok. Tapi...si teteh geulis teh can embol-embol.

Sajam, dua jam, campleng. Moal salah, naon nu dicaritakeun Si Slamet teh bener, si teteh geulis teh jurig nyiliwuri setan mindarupa, gerentes Parno bari teu asa-asa deui, sagilek malikkeun roda, sebrut...didorong satakerna. Patromak ayun-ayunan siga rek luncat.

"Maaas...!" Kadenge aya sora awewe ngageroan.

Parno teu malire, ngadorong rodana beuki tarik kadongsok bujurna nu beuki kokompodan jeung bulu pundukna nu tingcarengkat. Demi nu ngajorowok ge teu eleh bedas, bari ngiciprit ngungudag Parno. (*)


Fendy Sy. Citrawarga
Nu Jajan Ti Gang Pajaratan Nu Jajan Ti Gang Pajaratan Reviewed by Rupa Sundapura on 13.29 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.