What is in a Name? (Bagean 1)
Aya dua ngaran direndengkeun, nu hiji Jono Sujono nu hiji deui Haryo Sujono. Cik mana kira-kira ngaran nu tipikal Sunda?
Pikeun ngajawabna tinangtu perlu ngajujut heula kasang tukang budaya nu patali jeung kaedah atawa rumus mere ngaran. Dina kajian linguistik, perkara mere ngaran (naming) jeung sesebutan teh ilahar sok disebut fonestemika (fonestemics). Sedengkeun tina perspektif folklore mah mere ngaran atawa jujuluk jalma teh bagian tina elmu onomastika (onomastics).
Ngaran dina budaya Sunda ngabogaan rumus nu mandiri. Kagaliban di urang mun hiji kolot rek mere ngaran budakna sok nangtukeun heula ngaran anu poko. Eta ngaran poko teh biasana diwangun ku tilu engang. Upamana Ko-sa-sih. Keur kapentingan 'nyelukan' umumna sok dicokot boh engang mimiti, engang tengah boh engang panungtung. Tah tina engang mimiti Kosasih teh terus we nyelukanana diakos-akos atawa diengkos-engkos. Jadi we Akos atawa Engkos Kosasih.
Tina kasus-kasus samodel kitu teh tetela di urang mah leubeut pisan. Munculna fenomena model kieu teh bawirasa dikasangtukangan ku nyampakna budaya pangneneh. Geura urang tataan!
- Engang mimiti: Gumelar/Gumilar sok jadi Agum atawa Gugum. Jatnika sok jadi Ajat atawa Jajat. Rukmini jadi Eruk, jeung sajabana ti eta.
- Engang tengah: Bahtiar sok jadi Titi. Rukmini sok jadi Mimin atawa Emin. Suryatna jadi Ayat atawa Yayat, jeung sajabana ti eta.
- Engang panungtung: Sudrajat sok jadi Ajat, Ojat, atawa Jajat. Mulyadi jadi Edi, Udi, Idi, Dedi, atawa Didi. Sudaryat jadi Ayat, Oyat, atawa Yayat. Setiawan jadi Awan atawa Wawan. Suratno sok jadi Nano atawa Nono. Kartini jadi Ani, Neni, Nuni atawa Tini, jeung sajabana ti eta.
Kitu deui pikeun ngaran hareup, di urang oge aya pola ku cara malikan deui vokal. Najan diwangun ku dua hurup (vokal) oge, eta ngaran tetep mibanda 2 engang, upamana Aa, Ii, Oo, Uu, jeung sajabana ti eta. Tah lamun ningal kana rumus, kaumumanana pola engang mimiti dina fonestemika urang Sunda teh nyaeta pola 2 + 1. Upamana bae tina ngaran hareup Aa varianna bisa jadi Aan, Aam, Aang, Aas, Aat, Aad, jeung sajabana ti eta. Sedengkeun ngaran sagemblengna, ngaran nu hareup jeung nu tukang polana bisa jadi nya eta 2 + 3, saperti ngaran Mimin Rukmini.
Jadi nilik kana eta perelean, bawirasa Jono Sujono ngaran nu tipikal Sunda mah lantaran ngesto kana rumus tea. Najan tina jungkiringna, asa payus mun eta ngaran teh boh Jono boh Haryo duanana oge pada-pada ngaran Jawa. Kapan dina basa Jawa mah boh kecap boh istilah (kaasup ngaran) ilaharna sok ditolong. Di urang oge apan teu euweuheun ngaran nu ditarolong, saperti ngaran-ngaran Jojo Sutisno, Koko Darkusno, Nano Suratno, Popo Hartopo, Toto Sudarto, jeung sajabana ti eta, anu angger ngesto kana 'rumus'. Nya minimalna ngandung pola malikan deui engang tea.
Tah tina rumus samodel kitu, munasabah loba ngaran nu jadi 'plesetan' atawa geuhgeuyan, upamana Dede Surede, Mamat Kadamat, jeung sajabana ti eta. Plesetan nu leuwih 'ngajelegur' deui kungsi dipopulerkeun ku Kang Ibing ngeunaan ngaran Cecep pan jadi Cecep Gorbacev. Bawirasa pola samodel kitu teh jigana moal nyampak boh di Jawa boh di etnis sejen mah.
Kumaha ari lebah ngabedakeun gender? Tah lebah ngabedakeun gender mah memang sok kapanggih sababaraha kasus spesifik. Upamana aya ngaran nu all in, umum dipake boh ku lalaki boh ku awewe, upamana ngaran Dede, Elin, Eli, Titi, jeung sajabana ti eta. Nya rumusna teh sok dibantuan ku ngaran tukangna. Keur awewe mah ngaran sapandeurieunana biasana sok digendeng ku nu leuwih feminis, saperti Dede Komalasari, Elin Karlina, Eli Setiawati, Titi Nastiti, jeung sajabana ti eta. Demi nu warugana lalaki, ieu oge sarua sok diembel-embelan ku ngaran tukangna nu leuwih maskulin (macho) contona Dede Syafaat, Elin Syamsuri, Eli Kartobi, Titi Bahtiar, jeung sajabana ti eta.
Kumaha mun aya nu mahiwal? Upamana Anggi Sukmawangi. Tina guluyur jeung runtuyanana asa payus jeung sapuk eta ngaran teh pasti awewe. Tapi barang ningali jagrag raga badagna geuning bet lalaki. Tah ieu meureun nu 'mahiwal' teh.
Perkara 'mahiwal' dina fenomena sosio budaya mah bawirasa mangrupa hal anu lumrah. Pangna disebut lumrah, pan sok aya bae nu 'diiwalkeun'. Geura, dina gejala bahasa, upamana dina basa Jerman aya anu disebut das Artikel. Demi das Artikel teh ngawengku maskulin, neutral, feminin, nu fungsina pikeun ngabedakeun status gender hiji kecap. Upamana maskulin apan dipakena keur kecap barang nu ngabogaan sipat lalaki, saperti der Vater nu hartina bapa. Neutral ajangkeuneun barang nu dianggap netral, saperti das Wasser nu hartina cai. Ari feminin mah dipakena keur kecap barang nu ngabogaan sipat awewe, saperti die Mutter nu hartina indung. Ari 'mahiwalna' teh nya lebah kecap das Fraulein hartina parawan jekekan (gadis), bet dikolomkeun kana neutral. Apan nu ngaranna parawan mah balongkotan pisan warugana teh awewe. Da geus kitu we cenah ti lemburna oge. Eta teh 'kekecualian' tea. Dina gejala sastra, pan aya nu disebut lisencia poetica. Nu jentre pisan mah dina gejala psiko-sosial, salian ti awewe jeung lalaki, pan aya oge nu disebut waria alias banci.
Naha bet kudu masualkeun ngaran? Aya nu nyebutkeun yen praktek mere ngaran atawa fonestemika teh enas-enasna bisa ngarefleksikeun kondisi sosio-psikologis umum hiji masarakat, kaasup cara mikirna jeung ajen-inajenna (world view).
Pan teu galib mun nyelukan hiji jalma (nu geus akrab) ku kecap hey. Kudu we nyebut ngaran mah. Atuh paling copelna ku saengang. Upamana, "U, iraha rek ngajak nguseup teh?" Jadi, mun klaim bujangga luhung Shakespeare anu nganggap enteng kana hartina ngaran 'what's in a name?' satuju pisan jeung pamadegan Ki Darpan (Cupumanik No.14/2004) yen di urang mah eta statement teh teu payu. Nu puguh mah ngaran teh gede pisan hartina.
Ngaran teh enas-enasna mah simbol individualitas. Ngaran oge bisa jadi wawakil jirim jinisna (cek Kang Nano dina "Potret Manehna"). Najan dina emprona mah, cek nu ngarulik sosio-linguistik mah praktek mere ngaran teh sipatna manasuka atawa arbitrer. Tapi keukeuh, najan arbitrer najan manasuka oge mere ngaran mah ngabogaan rumus anu sistematis, upamana lebah ngabedakeun 'jenis kelamin' (gender). Mamah jeung Maman, pan sakitu jelasna. Jadi, tetela ngaran teh bisa dijadikeun identitas hiji kaum atawa bangsa.
Aya kasus anu 'unik' nyaeta hiji ngaran diadopsi ku sababaraha basa/bangsa. Tur eta ngaran teh bisa mere ciri jeung identitas (varian) anu mandiri nuduhkeun basa/bangsa anu ngadopsina. Upamana ngaran John. Dina basa Perancisna jadi Jean, Spanyol jadi Juan, Jerman jadi Johannes, Itali jadi Giovanni, Rusia jadi Ivan, jeung Finlandia jadi Juhana. Ari di Sunda mah moal kitu jadi Jojon?
Sakumaha nu geus dijentrekeun yen pola fonestemika di urang teh tetela raket patalina jeung nyampakna budaya 'pangneneh'. Ari timbulna pangneneh lantaran didasaran ku rasa deudeuh jeung nyaah anu kacida, upamana pangneneh ti hiji kolot ka anakna nu masih keneh leutik. Malah teu saeutik pangneneh oge napel nepi ka dewasa. Upamana Iskandar sok dineneh jadi Enday atawa Iday, Sariningsih jadi Icih atawa Ningsih, Kartobi jadi Entob, Dunungan (jungjunan) jadi Enung, jeung sajabana ti eta.
Munculna ngaran pangneneh gede kamungkinan dingaranan ku kolot eta budak, atawa ku budakna sorangan lantaran ngukur kamampuh artikulasina. Ku lantaran masih keneh bolon can pasehat ngalafalkeun fonem /r/ jadi cadel lebah dina ngabasakeun ngaranna. Upamana ngaran Roni jadi Oni; Karna jadi Ana; Gelar jadi Iay; Guntur jadi Utuh atawa Utuy, jeung sajabana ti eta.
Rupa-rupa varian pangneneh saperti Emed, Omod, Emod, Amad, Mamad, Mamat, Memed, Memet, Memen, Momon bisa jadi sumberna tina ngaran Ahmad atawa Muhammad. Kitu deui varian Amud, Amut, Emud, Mumun, Mumud bisa jadi huluwotanna tina ngaran Mahmud. Rupa-rupa varian pangneneh keur ngaran awewe saperti Ijah, Eja, Ijoh, Ijot, Icah, Ecot, Acah, jeung sajabana ti eta. Sungapanana tina ngaran (Siti) Khodijah. Hal ieu teh mere gambaran yen Islam teh geus sumarambah kana jero-jerona batin urang Sunda, luyu jeung kacapangan yen Sunda teh Islam, Islam teh Sunda.
Lian ti pangneneh, aya deui nu disebut ngaran pangogo. Upamana pangogo keur budak lalaki. Ujang dicokot tina bujang, Otong/Totong/Otoy/Totoy atawa Entol diadopsi tina rarangan lalaki, Agus tina bagus, Elu tina jalu, Asep/Acep/Ayep/Ahep/Atep tina kasep. Pikeun kalangan menak mah ngabogaan rumus nu mandiri, upamana Dang jeung Aom pikeun nuduhkeun anak menak jeung anak bupati. Deden/Eden/Aden/Iden tina raden jeung sajabana ti eta. Sedengkeun pangogo keur budak awewe, Eulis/Euis/Elis/Yelis/Neulis/Lilis tina kecap geulis. Kitu deui pikeun kalangan menak awewena boga pola nu tipikal, saperti Juag tina juragan, Nenden/Enden/Eneng tina raden, Enung tina dunungan (jungjunan), jeung sajabana ti eta. Keur kaum menak mah nurutkeun Ki Darpan, ngaran teh teu beda ti barang pusaka. Urang bisa nyukcruk terah mana ari Anggadipraja, turunan mana Singadimeja, atawa seuweu saha Kusumahdinata, jeung sajabana ti eta.
Pola fonestemika nurutkeun konsepsi masarakat Sunda henteu dapon bae atawa gagabah. Dina emprona mere atawa ngaganti ngaran teh tetela kacida sakralna lantaran ngabogaan implikasi nu raket patalina jeung prospek ka hareupna. Ku kituna, perlu ngaliwatan proses ritualisasi jeung 'perhitungan' nu ngait jeung poe lahir, pasaran, bulan, jam nalika dilahirkeun. Di sagedengeun ngarah endah (ngalagena) atawa gandang perbawana, sabenerna ngaran teh ngandung du'a sangkan mawa barokah, saluyu jeung cita-citana sangkan cageur, bageur, bener, pinter, jeung singer. Ngagedeng oge hiji pangharepan sangkan nu boga ngaran teh dipukpruk ku kauntungan jeung kaunggulan. Jadi dina ngaran teh tetela ngandung sikep wijaksana (wisdom) sarta bisa ngarefleksikeun du'a jeung cita-cita (expectation) masarakatna. (*)
Nyambung ka Bagean 2 |
Tina Mangle No 1993 - 1994