Tjarita Mantri Djero (Bagean 8, Djilid 1)

Barang geus ninggang kana waktoena. Den Jogaswara oendjoekan ka Kiai jen rek ngantoenkeun pasantren, sedja angkat ka dajeuh, rek diadjar koemawoela ka menak.

Carita Nyambung

Lahiran Kiai, "Taja halangan sarta didoengakeun, moega-moega sing hasil maksoed. Mama mah euweuh deui noe dipihapekeun teh ngan koedoe tjageur djeung bageur, kitoe deui oelah njampolehkeun roekoen-roekoen kaislaman, sabab saha-saha noe pertjaja ka Goesti Allah sarta leket ibadahna, tangtoe ditangtajoenganana. Tapi sabalikna, saha-saha noe ngalalaworakeun kana papagon kaislaman, tegesna henteu manteng pertjajana ka Noe Maha Soetji, sanadjan hiroepna dipoekproek koe kaoentoengan, hatena moal pinanggih djeung kani'matan, sabab napsoena moal aja kaseubeuhanana, lantaran henteu narima jen eta kaoentoengan teh pasihan Robboel alamin. Samaroekanana pangalana sorangan bae, toengtoengna toenggoel diraroed, tjatang diroempak, oedjoeb, ria, takaboer djeung diri."

Den Jogaswara djeung Ki Boeloes nganoehoenkeun kana piwedjang goeroena sarta djarangdji baris diestokeun pisan.

Dina piisoekaneun rek angkat, Den Jogaswara pasemonna aloem semoe noe ngandoeng kamoejoeng. Pok andjeunna sasaoeran ka Ki Boeloes. Lahirna, "Loes, tjing ieu dewek oebaran, oelah tagiwoer teuing hate. Silaing oge tangtoe ngama'loem, lantaran dewek teh rek papisah djeung bebene. Koemaha akalna hajang bisa patepoeng padoedoeaan heula! Ka ilaing mah dewek teh geus teu boga rasiah, djeung sakoemaha sangkaan ilaing tea bener, dewek teh geus toekeur katineung djeung Nji Halimah teh, tapi kakara dina hate bae, da kedal mah teu wani. Samemeh oerang arindit ti dieu, hajang pisan dewek bisa njarita heula, ngawaktjakeun noe geus lawas dikandoeng dina hate, sabab koe lalamoenan, oepama engke dewek djadi djelema, Nji Halimah rek ditanjaan."

Tjek Ki Boeloes, "Toeh, ajeuna mah kalapa bidjil ti tjoengap. Noe matak oelah sok mamandaloean, ngaboedi oetjing, poegoeh-poegoeh hajang, api-api teu beuki. Geura lamoen ti bareto mah njarita ka koering, meureun geus beres deui!"

"Njaeta tadina mah dewek teh hajang ririkipan," saoer Den Jogaswara.

"Keun koe koering diakalan. Belet soteh kana ngadji, ari kana ngamprokkeun djodo mah, boeboehan oerang Kidoel, moal ngoejang tarekah," tjek Ki Boeloes.

Ki Boeloes gawena lantrak-lintrik, loentang-lantoeng deukeut boemi Kiai, tapi Nji Halimah teu aja bae ka loear. Wantji magrib, batoer-batoer mah saralat di langgar, ari Ki Boeloes mah api-api ka tjai. Kabeneran lar Ma Awinah ngaliwat, pok Ki Boeloes nanja.

"Rek ka mana Ema, boerit-boerit ngoelampreng di boeroean?"

Tembal Ma Awinah, "Poegoeh ka dinja rek ka waroeng, rek meuli solasih keur Njai, mani keukeuh, abong-abong noe poeasa!"

Tjek Ki Boeloes, "Naha lain-lain boelan poeasa, make poeasa?"

Ma Awinah, "Doeka teuing, hade oge noe ngora mah daek tirakat, ambeh loehoer daradjat."

"Naha henteu keueung, Ma, ka waroeng sorangan. Lamoen keueung dianteur koe koering!" tjek Ki Boeloes.

"Hajoe, soekoer bae," tjek Ma Awinah. "Ari aja noe rek nganteur mah!"

Bral Ki Boeloes indit, marengan Ma Awinah. Teu woedoe rada anggang waroeng teh.

Tjek Ki Boeloes, "Ma, ari Neng Halimah ka saha rek tjarogeanana?"

Tembal Ma Awinah, "Doeka teuing, Djang, da eta ditawaran itoe-ieu teh gebeg bae. Ngan kawasna bae tatjan aja noe soeroep djeung lelemboetanana."

Tjek Ki Boeloes: "Ari eta poeasa teh, moeasaan naon djeung naha geus lila?"

Ma Awinah, "Geus tiloe poe. Eta bae ti waktoe Oedjang djeung itoe Asep Joga ngadareuheus ka Adjengan tea, basa oendjoekan rek maroelang!"

"Moal nineungeun ka noe rek indit mah?" tjek Ki Boeloes.

Tembal Ma Awinah, "Doeka teuing, ngan katjida matak kagetna teh, eta koe ngadak-ngadak leket kana ibadah djeung getol tirakat. Soeboeh-soeboeh keneh Njai mah geus goegah, ka tjai, salat soeboeh, ti beurangna poeasa."

Ki Boeloes atoh dina hatena ngadenge Nji Halimah sok hoedang soeboeh-soeboeh. Sadatangna ti waroeng Ki Boeloes njarita ka Den Jogaswara sakoemaha omonganana Ma Awinah tea.

Kotjapkeun isoekna Den Jogaswara, memeh bedoeg soeboeh, geus goegah, djoet loengsoer ti pondok, diiring koe Ki Boeloes, moeroe ka djamban paranti siram Adjengan djeung sapiri-oempina.

Tetela omongan Ma Awinah teh henteu njalahan, sabab kakara oge Den Jogaswara djeung Ki Boeloes sapanjeupahaneun ngadagoanana, panto dapoer kolotrak sada aja noe ngoedar toelakna. Geret panto teh moeka. Lol aja noe nonghol sarta teu lila aja noe bidjil ka loear. Ari langgeor teh Neng Halimah rek angkat ka djamban.

Tapi barang rek soep asoep ka djamban, Nji Halimah ngedjat semoe reuwas, lantaran nendjo aja noe tjalinoetroeng diharoedoem saroeng, tapi gantjang koe Ki Boeloes dibawa njarita lalaoenan.

"Neng, oelah reuwas, da sanes djoerig, ieu mah noe rek amitan, hajang dipileuleujankeun heula!"

Nji Halimah ngageter saloear awakna, sieun patjampoer djeung atoh, toeloej njalindoeng kana toekangeun tangkal boeah noe tjondong kana soemoer. Koe Den Jogaswara dideukeutan. Pok andjeunna sasaoeran, "Neng, ieu engkangl"

Nji Halimah ngised saeutik, ngawas-ngawas beungeutna noe ngabasakeun engkang tea. Tetela geuning si djantoeng ati. Pok Nji Halimah naros, "Bade naon?"

Den Jogaswara sasaoeranana arapap-areupeup. Sihoreng sakoemaha noe tjapetangna oge ari koedoe ngedalkeun toetoengkoesan kalboe mah sok ngadak-ngadak rero.

"Neng...!" saoer Den Jogaswara. "Engkang teh rek masrahkeun badan sakoedjoer, rek diseuseul mangga, rek dibendoean mangga, lantaran koemawantoen tjoemenos. Koe Eneng sageuj teu katingali popolahan engkang, raraosan teh parantos itjal tina kaoetamaan, bawaning koe teu kiat nahan noe geus dikandoeng dina djadjantoeng, njaeta...ehm, njaeta...ah koe Eneng oge kagalih."

Den Jogaswara teu bisa kebat njariosna, rarat piketjapeunana, tapi henteu ari matak boentoe lakoe mah, sabab Nji Halimah oge soerti. Pok manehna njarita, mani meh teu kadenge bawaning koe lalaoenan, "Soemoehoen, abdi oge sami bae!"

Den Jogaswara boengah manahna, noe tadina geus hontjewang teh djadi teger deui, sarta koe lantaran geus digedean manah, pok andjeunna sasaoeran deui: "Noehoen, Neng noehoen. Koe margi eta Engkang soempah, moal boga pamadjikan oepami sanes ka Eneng ajeuna. Engkang teh rek njatjapkeun heula pamaksoedan, moegi didoengakeun koe Eneng, sangkan kahajang oerang tinekanan. Engkeoepami Engkang parantos aja milik, laksana noe disedja, tangtoe wangsoel deui ka dieu, rek njoehoenkeun Eneng ka rama."

Nji Halimah toengkoel bari njoesoetan tjipanon. Omongna, "Abdi oge soempah, moal daek direremokeun ka noe sanes. Doegi ka iraha bae oge, moal bosen ngantosan!"

Barang keur paoengkoe-paoengkoe kitoe, doer bedoeg soeboeh. Den Jogaswara djeung Nji Halimah ngaroredjat. Ki Boeloes ngaharewos, omongna, "Mangga Djang, oerang ka langgar, bisi aja laleur poetih!"

Nji Halimah soep ka djamban, ari Den Jogaswara djeung Ki Boeloes gagantjangan moeroe ka langgar.

Kotjapkeun isoekna Den Jogaswara djeung Ki Boeloes geus saraged. Memeh djoeng, santri-santri maranggihan heula, sasalaman, wantoening rek papisah.

Tjek santri-santri ka Kl Boeloes, "Leuh euj, euweuh Boeloes mah oerang kaleungitan saehoe."

"Saehoe naon?" tjek Ki Boeloes.

"Saehoe neteg gegemboeng," tjek santri-santri teh bari saleuseurian. (*)

Samboengan ti Bagean 7 Samboengan ti Bagean 9

R. Memed Sastrahadiprawira (Bale Poestaka; Weltevreden)
Tjarita Mantri Djero (Bagean 8, Djilid 1) Tjarita Mantri Djero (Bagean 8, Djilid 1) Reviewed by Rupa Sundapura on 23.31 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.