Tjarita Mantri Djero (Bagean 7, Djilid 1)

Koe lantaran hade boedi basana, Den Jogaswara di pasantren geus loba sobatna, malah aja saoerang anoe katjida roemaketna ka andjeunna, ngaranna Ki Boeloes, asal ti Pawitra. Ki Boeloes teh djalma bageur pisan, ngan handjakal belet. Masantrena teu atjan aja beubeunanganana. Karesepna ngan ngaliwet. Batoer mah ngaradji keneh, ari Ki Boeloes mah geus tjamperego di pangliwetan.

Carita Nyambung

Ka Den Jogaswara katjida Ki Boeloes mikaresepna, malah mondokna oge sakobong. Den Jogaswara kagoengan sobat Ki Boeloes teh oentoeng pisan, sabab katjida noeloengna, tinggal senangna bae. Palaj toeang aja noe mangliwetkeun, panganggo kotor aja noe mangnjeuseuhankeun.

Selang-selang tina ngadji, santri-santri koe Adjengan sok dipiwarang barang gawe di kebonna, sabab Kiai teh resep kana tatanen. Oepama Den Jogaswara kagiliran didamel, Ki Boeloes njaram. Omongna, "Keur naon Djang, make digawe? Keun bae koe koering disoeloeran, satoengtoeng aja keneh ngaran Boeloes mah, henteu koedoe prak koe andjeun, njaah bisi hideung djeung eta panangan bisi sasanggaleun!"

Oepama batoer keur digarawe teh Den Jogaswara sok ningalikeun bae di noe ioeh, sabab bagianana mah dipigawe koe Ki Boeloes. Andjeunna mah sadamel-damel kaperloeanana koe andjeun bae, saperti ngosok keris djeung sadjaba ti eta.

Hidji mangsa, Den Jogaswara kagiliran didamel di kebon, tapi andjeunna mah tjalik bae sabab anoe digawena mah Ki Boeloes.

Bari matjoel, Ki Boeloes njarita. Omongna, "Djang, koering mah sirik ka Oedjang teh!"

Den Jogaswara, "Sirik koe naon, Loes, kapan kahajang ilaing, tadina oge dewek teh rek digawe, naha atoeh ditjaram?"

Ki Boeloes, "Hih, lain kana pagawean, sirik soteh kana pajoena.

Den Jogaswara, "Pajoe koemaha, sok teu matak kaharti ari njarita teh, abong-abong ngomong djeung koeja."

Ki Boeloes, "Poegoeh bae, babari ari api-api teu ngarti mah.

Den Jogaswara semoe rada djengkel. Saoerna, "Lah Boeloes mah bakoe sok ngomong teu poegoeh teh, naha dewek teh oengkloek lalakina, make diseboet pajoe?"

Ki Boeloes seuri. Omongna, "Bedjakeun bae? Eta sok sieun malik ka temen, ari ditjaritakeun teh, heg bae engke djadi santri gagal, asal loenggoeh djadi poeroenjoes."

Den jogaswara, "Naon, ieu teh naon, tjik dewek bedjaan!"

Ki Boeloes, "Djang, koe Oedjang tara ditengetkeun pasemonna Neng Halimah, geuning ari patendjo djeung Oedjang teh sok beureum beugeutna, bari njabak geloeng!"

Den Jogaswara ngalieus semoe lingsem. "Leh, si koeja mah ajaaja bae ari ngaheureujan teh."

Ki Boeloes, "Hih, lain ngaheureujan, enja mah enja bae, oelah sok moengkir da moal boeroeng kabitoer. Koering mah saroea soekoerna bae Djang, malah atoh beh ditoeeun atoh, sabab kakara ajeuna Neng Halimah beda pamolahna, kawas ka Oedjang mah aja pikirna kadoea leutik! Boeboehan, atoeh boeboehan, eta perwatek keris meureun. Henteu tjopong mah eta keris teh, Djang?"

Saoer Den Jogaswara, "Moal enja ka pasantren mamawa keris tjopong djeung pamali euj, di pasantren mah oelah ngoeroeskeun noe kitoe!"

Ki Boeloes, "Lamoen koering mah, tanjaan bae Djang, moal boeroeng dibikeun koe Adjengan oge, njaah bisi kaboeroe koe batoer."

Den Jogaswara, "Enja, nanjaan oge koeriak ditampik, sabab biheung teuing daekeun djeung sanadjan daekeun djinisna, atjan poegoeh Kiai kersaeun moeloeng minantoe. Batan kieu dewek mah nja taja kaboga, nja teu pikabogoheun. Djeung deui babakoena mah teu atjan niat bae, boro-boro mikirkeun noe kitoe, mikiran adjian oge geus sakieu ripoehna!"

Barang keur ngarobrol kitoe, ti kadjaoehan rentang-rentang aja noe datang, awewe lendjang-lendjang, ngadjingdjing teko. Di toekangeunana aja deui saoerang noe leumpang, awewe geus kolot, ngais boboko. Den Jogaswara djeung Ki Boeloes karageteun, bari neges-neges ka noe daratang tea. Ari djol teh geuning Neng Halimah, diiringkeun koe rentjangna Adjengan, ngaran Ma Awinah.

Tjek Ma Awinah ka Neng Halimah, "Panas, Njai, panas tjek Ema oge, naha atoeh make palaj miloe ka kebon, teu beunang ditjaram. Naha aja naon di kebon teh, mana keukeuh-keukeuh teuing? Hih ieu geuning, hajang ngamandoran Ki Boeloes matjoel meureun!"

Nji Halimah toengkoel semoe era, toeloej njalindoeng kana toekangeun tangkal tjaoe.

Tjek Ki Boeloes, "Tangkal tjaoe mah koerang ioeh, moen di ditoe ngioehan mah Neng!" Bari noendjoek kana tempat Jogaswara tjalik.

Nji Halimah ngadelekan ka Ki Boeloes.

Tetela sangkaan Ki Boeloes teh, koe Den Jogaswara oge katingali jen Nji Halimah kawas era koe andjeunna teh. Djeung aneh, manahna ngadak-ngadak doegdeg keketegan, beda raraosan, salalamar teu poegoeh rampa. Anoe piiasaeun ningali kana manahna Den Jogaswara, anging Goesti Maha Soetji. Ngan tetela ti harita nonoman istri-pameget kawas geus patepoeng lelemboetan, sabab itoe-ieu teu aja lalina, ngan boeboehan weweg bendoenganana bae, kawantoe pada aja di pasantren, rek daragdag-doeroegdoeg teh sieun kasikoe koe bedoeg, rek totorosol sieun katoelah koe kohkol. Kadjadianana pada ngageremet. Den Jogasawara teu kaoer balas ngarahoeh, Nji halimah taja kendatna ngahegak, tjape mikiran pangadjak napsoe.

Ti harita Nji Halmah ngadak-ngadak djadi loba akal, lamoen hajang patepoeng djeung boeah manah teh henteu kapetolan ekol. Komo Den Jogaswara mah, wantoening biasana lalaki sok keukeureuweut, ngan hadena bae loba noe djadi panggeuing. Patoekeur katineungna teh kalawan djeung kaweningan, henteu dibarengan serong.

Koe sabab geus katjangtjang koe katjintaan, Raden Jogaswara beuki betah bae di pasantren teh, ngaosna beuki soehoed, kawantoe ejeuna mah palaj kamanah koe goeroe, soegan bae dipoeloeng mantoe.

Katjaritakeun Kiai Abdoel Moegni, sadjabana ngawoeroek ngadji Koeran djeung ngadjarkeun elmoe kaislaman teh, geus kaoetara ka djaoehna jen andjeunna iasa nerangkeun hartina djeung negoeh pibaloekareunana impian. Koe sabab eta taja towongna noe daratang ka pasantren, rek naranjakeun impian.

Hidji peuting kira-kira wantji djanari leutik, Den Jogaswara ngimpen noe aneh pisan. Di ditoena teh, dina hidji peuting, andjeunna keur moendaj di hidji waloengan sarta beubeunanganana geus loba, korangna geus meh pinoeh. Koelantaran lila teuing ngojokna di tjai, andjeunna ngaraos katjida tiriseunana, malah lamoen henteu kaboeroe handjat mah boa-boa kaboeloesan. Ari ningali ka pajoen, ti kadjaoehan aja noe hibar. Barang disidik-sidik singhoreng seuneu, doeroekan roehaj mani marakbak. Gantjang koe andjeunna disampeurkeun. Taja hinggana boengah manahna. Eukeur mah sakitoe tirisna, ajeuna manggih doeroekan noe sakitoe roehajna, atoeh lir mobok manggih gorowong, toeloej andjeunna sideang, ni'mateun pisan.

Kakara sakeudeung oge sidoeroena, panganggona geus taloehoer, leungit tirisna, timboel hareudangna. Karingetna moenggah goetjoer tina salirana. Leuheung lamoen ngan oekoer hareudang bae mah, ieu mah djeung lalieur, lalandjoeng sagala, atoeh goera-giroe Den Jogaswara njingkah tina doeroekan, lantaran teu kiateun nahan panasna. Ngan sikitoe ngimpenna teh, kaboeroe ras emoet.

Koredjat Den Jogaswara goegah. Nepi ka isoek andjeunna teu iasaeun koelem deui, njileuk bae ngamanahan impenan tea.

Isoekna sabadana ngaos, Den Jogaswara njarioskeun impenanana ka goeroena, imeut pisan, sakalian bari njoehoenkeun dipangningalikeun pihartieunana djeung pibaloekareunana.

Saoer Kiai, "Hajoe bae oerang ka imah, oerang teang dina kitabna."

Djoet Raden Jogaswara loengsoer ti langgar, ngiring goeroena angkat ka boemina. Soep ditjandak asoep kana hidji kamar beunang netebahan, paranti Kiai Abdoel Moegni neang impian.

"Njai, Njai, mawa paroekoejan djeung menjanna sakalian!" saoer Kiai ka poetrana, Neng Halimah tea.

Teu lila djol Nji Halimah njampeurkeun bari mawa paroekoejan noe geus aja seuneuan, sor dihatoerkeun ka ramana. Ari ret nendjo ka gigir, aja Den Jogaswara, atoeh reup deui bae beungeutna Nji Halimah beureum, bari gantjang ngodjengkang ti kamar. Tapi barang panto kamar geus dipeundeutkeun, Nji Halimah ngetejep leumpang lalaoenan, noong tina sesela panto, mani nogel. Doeka noong saha. Ngan sageuj ari noong ramana mah, sabab patembong beungeut oenggal poe, pirakoe taja beakna teuing kasono ka rama teh. Kawasna bae noong noe tjalik di balik panto.

Boel Kiai ngoekoes, kitab paririmbonna koe andjeunna ditjandak tina tempatna, dioengkoelkeun kana koekoes noe meledoeg, bari diseuseupan haseupna sarta henteu kendat mapatkeun aosan.

Barang geus meunang sadjongdjongan lilana, Kiai tjengkat, blak kitab teh diboeka, dibatja toelisanana, pok andjeunna sasaoeran. Njariosna antja, "Djala ikoe perlambange golek sandangpangan, geni ikoe pasemone pangawasa."

Den Jogaswara naroskeun naon maksadna eta omongan.

Djawab Kiai, "Eta omongan noe bieu teh basa siloka, njaeta lintar teh silokana njiar sandang-pangan, ari seuneu perlambang kakawasaan. Djadi pihartieunana, hidep teh bakal babari njiar kahiroepan, tapi henteu koeat koe panasna seuneu!"

"Edas, hemeng keneh bae abdi mah, naon eta teh pihartoseunana?" saoer Den Jogaswara.

"Kahartina koe mama mah maksoedna eta omongan teh kieu. Isoek djaganing geto, hidep bakal boga pagawean noe mere kahiroepan ka awak sarta eta pagawean teh njamboeng djeung kakawasaan. Tegesna hidep teh bakal koemawoela ka menak noe mangkoe nagara, tapi bakal meunang kateungeunah, lantaran pitnahna sasama kantja koemawoela, lir oepama noe deukeut kana seuneu, ngarasa panasna!"

Raden Jogaswara katjida kagetna ngadangoe lahiran Adjengan kitoe teh, saharita mah rada seber manahna. Tapi bawaning koe kejeng, palaj ngaraosan njepeng kapangkatan, henteu lila Den Jogaswara samar panggalihna, toeloej teger deui tjara mimiti bae sarta soempah dina manah, moal rek rempan koe soegan, inggis koe bisi, pait-peuheur rek dilakonan, moal oenggoet kalindoean, gedag kaanginan.

Hidji mangsa Den Jogaswara keur tjalik di kobong, hol Ki Boeloes njampeurkeun, gek dioek.

Saoer Den Jogaswara, "Loes, ari ilaing atjan katendjo balik ka lemboer, henteu tjara santri sedjen, ngadjina teh teu kaoer teroes, balas ditoenda moelang heula."

Ki Boeloes, "Wah, rek naon balik ge, Djang, kaera-era bae koe kolot."

"Naha era?" saoer Den Jogaswara.

"Era bae, masantren geus toedjoeh taoen, tapi ari ngadji tatjan tamat Koeran sakali-kali atjan. Soemawonna ngadji kitab mah, ngoejek dina Sapinah keneh bae. Djeung deui tjoemah balik oge, da bongan bapa mah sok nitah eureun masantren. Meureun eta bapa mah hajang aja noe njoendangan toegoer toendan, tjoentang gantang, papadaten djeung mantoe-mantoe digawe di sawah. Ari koering geus ngeunah kieu, gawe euweuh, njatoe seubeuh, beak bekel dikiriman. Ngadji mah sahajoena bae, ari daek!"

Saoer Den Jogaswara, "Mending bae euj, ilaing mah senang. Ari dewek mah pandjang keneh lalakon, sabab saterangna mah masantren soteh lain hajang djadi kiai, sakadar hajang njaho di agama bae, oelah boeta-toeli teuing."

"Ari geus kitoe, koemaha nja pikersaeun teh?" tjek Ki Boeloes.

"Ari noe djadi maksoed loeloegoe mah," saoer Den Jogaswara. "Rek ka dajeuh, diadjar ngawoela ka menak, soegan bae aja kadar awak, bisa njekel kapangkatan."

Omong Ki Boeloes, "Tah kabeneran, koering oge saenjana mah hajang terang di dajeuh teh, bedjana rame djeung pikabetaheun. Basa pangawoelaan kagoengan karia, bapa koering oge njaba ka dajeuh, noengtoen moending panjamboenganana Mas Patinggi. Ari datang teh ka imah, tjaritana mani ngagolak. Pendekna tjek bapa mah memeh paeh teh koedoe njaho heula di dajeuh, bisi panasaran. Komo eta mah dina palebah njaritakeun kadaharan, koering mah mani oeroej, Djang, malah nepi ka ajeuna teu weleh kawaranan koe gorengan goelang-goelang. Da eta tjeuk bapa mah ngeunah pisan, amis pelem, rada sari haseum tjenah."

Den Jogasawara imoet bari semoe kaget. Saoerna, "Baroek gorengan goelang-goelang?"

Ki Boeloes, "Enja Djang, gorengan goelang-goelang!"

Den Jogasawara, "Naha Loes, da tjek bapa dewek mah goelang-goelang teh djelema, njaeta noe sok ngadjaga di padaleman!"

Ki Boeloes seuri ngagakgak. Omongna, "Ha...ha...ha...ha...! Moal enja aja djelema digoreng, hi...hi...hi...! Oedjang mah sok ngabodjeg."

Den Jogaswara garetek dina manahna, ningali Ki Boeloes akej-akejan seuri. Lahirna, "Hih oelah waka njeungseurikeun euj, boa teuing bapa dewek noe bener!"

Ki Boeloes beuki ngehkej seurina. "Hi...hi...hi...! Paingan pelem ari djelema mah. Wadoel Djang, wadoel."

Den JogaSwara rada kasengenan. Lahirna, "Wah, biheung teuing bapa silaing noe ngawadoel teh!"

Tjek Ki Boeloes, "His oelah ngambek Djang, koering ge da atjan njaho. Ajeuna mah oerang boektikeun bae, engke oepama oerang dipareng njaba ka dajeuh tea, anggoer oerang teroeskeun lalamoenan hajang koemawoela teh. Koemaha Djang atoeranana ari koemawoela ka menak, da koering mah saoemoer oge atjan nendjonendjo atjan roepana menak teh!"

Saoer Den Jogaswara, "Hih, naha koemaha sangkaan sialing teh? Ka menak oge saroea bae tjara ngadoenoengan ka Kiai, ngan tangtoe aya leuwihna mah, njaeta ari noe koemawoela ka menak mah koedoe seukeut harti djeung soerti, rapekan djeung loba pangabisa."

"Amboeing," tjek Ki Boeloes. "Atoeh eta mah lain pagawean enteng-enteng Djang. Koemaha koering mah da taja pangabisa, atoeh meureun moal bisa ngawoela ka menak!"

Den Jogaswara, "Atjan poegoeh, teu bisa mah diadjar bae!"

Ki Boeloes, "Ah, koering mah rek ngiring ka Oedjang bae, itoeng-itoeng diadjar."

Saoer Den Jogaswara, "Hajoe, oerang bareng bae, sabab oerang teh pada ngoembara, koedoe silih pihapekeun diri!"

Sanadjan sakoemaha betahna Raden Jogaswara tjalik di pasantren Djanggala, andjeunna kapaksa ninggalkeun katineung, rek ngalaksanakeun maksoedna, ngoembara ka dajeuh, ngoengsi milik, neang kadar. (*)

Samboengan ti Bagean 6 Njamboeng ti Bagean 8

R. Memed Sastrahadiprawira (Bale Poestaka; Weltevreden)
Tjarita Mantri Djero (Bagean 7, Djilid 1) Tjarita Mantri Djero (Bagean 7, Djilid 1) Reviewed by Rupa Sundapura on 10.41 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.