Tjarita Mantri Djero (Bagean 6, Djilid 1)

Carita Nyambung

Kinanti

Goenoeng-goenoeng semoe ngoengoen
pasir siga noe prihatin
aloem soegri tatangkalan
kawas noe mariloe sedih
mangnineungkeun ka Adjengan
rek ditilar koe kakasih

Biheung boelan biheung taoen
iasa patepang deui
djeung anoe rek ngalalana
indit sepi noe dioengsi
angkat samar noe diteang
soemangsang ka kersa Goesti

Wantoe lantoeng tamboeh lakoe
ngilik-ngilik geusan ngantjik
loenta rek neangan bagdja
soegan katarik koe milik
dikadarkeun djadi menak
laksana tjiptaning galih

Doeg njoeoeh ka pangkon iboe
Jogaswara bari amit
ka rama moendjoeng koe sembah
neda berkah lahir-batin
koe ramana dioesapan
alon Adjengan ngalahir

Moegi Goesti Maha Agoeng
anoe sipat rahman-rahim
kersa ngaping nangtajoengan
ngadjaring tina balai
ka poen anak noe rek njaba
maksadna pinanggih hasil

Den Jogaswara djoet loengsoer
sampojong bidjil ti boemi
manah melang soemoreang
pasemon ngoengoen prihatin
patilar djeung iboe-rama
toer taja rentjang noe ngiring

Pasemon noe aloem mesoem
ngadjadi panghoedang sari
matak tambah kapantesan
tembong legegna prijaji
wantoe menak toetoeroenan
djadjaka terah bopati

Asmarandana

Lain ginding aling-aling
gandang panghalang kakoerang
raden toreroenan gegeden
satria menak oetama
eukeur mah aja wanda
kasipoeh koe aloes rengkoeh
Hade tata boedi basa

Raden diraksoekan senting
di poengkoer malang njoelaggrang
doehoeng njelap dina benten
poesaka pasihan rama
panjinglar pantja bahja
pamorna Si Toendoeng Moesoeh
njata pakarang satria

Jogaswara ret ningali
ka toekang geus lapat-lapat
lemboer teh oekoer katembong
lebahna djeung renggenekna
Raden kagagas manah
angkatna teu kaoer ladjoe
balas ngarandeg di djalan

Njoekang lebak mipir pasir
geus soemping kana tandjakan
titingalian ngaremplong
ngeblak boeboelak sampalan
rendang keur njaratoean
moending noe keur dialaboer
reureuh tina pagawean

Henteu katjaritakeun di djalanna, kakotjapkeun Raden Jogaswara geus tjoendoek ka noe didjoegdjoeg, datang ka noe diteang, ka pasantren Djanggala, tempat Kiai Abdoel Moegni ngawoeroek elmoe, mitoetoer sabda rahajoe, midemit sabda sadjati.

Ti kadjaoehan keneh geus katembong palataranana rata, paragpag soehoenanana: boemina Kiai, langgar djeung pondok santri-santri. Kira wantji asar Den Jogaswara soemping, kasampak Kiai djeung santri-santrina keur araja di langgar, mentas saralat asar. Kiai kaget ningali aja noe soemping, nonoman ginding tandangna gandang, kawas lain noe rek masantren, ieu mah bangoen ngalantoeng boetoeh koe moesoeh, koemelendang kawas rek neangan tanding. Santri-santri tingtaroel djeung pada batoerna, bari silih tanja: saha eta, saha eta. Tapi taja noe bisa nerangkeun, kawantoe sarerea oge pada anjar pinanggih.

Barang geus rada leler kagetna, Kiai Abdoel Moegni moeroe ka latar, nampi pamoendjoenganana tatamoe tea, bari naros. Lahirna, "Bilih kasalahan, soemping ka ieu pasantren, sim koering neda dipaparin terang, saha toeang salira teh sareng naon nja pikersaeun?"

Diwalon koe Den Jogaswara, "Moegi Adjengan henteu djadi kahemengan, poerwana sim koering dongkap ka dieu, rehing gadoeh maksoed goegoeroe elmoe, hajang diadjar ngadji Koeran sareng kitab. Manawi Adjengan kersa nampi, sim koering soemedja masarahkeun diri."

Kiai Abdoel Moegni tambah heran dina manahna ngadangoe lahiran tatamoe kitoe, lantaran henteu njangka jen eta teh noe rek masantren. Soegan teh menak ti dajeuh bae, noe kasaroeng leungiteun djalan.

Saoer Adjengan, "Noehoen atoeh ari aja manah kitoe mah!"

Pandjang pisan Kiai Abdoel Moegni tatarosna, bari neuteup kana pameunteuna Den Jogaswara, kawas anoe asa-asa, malah naroskeun iboe-rama sagala. Tapi Den Jogaswara henteu kersaeun nerangkeun noe sabalakana, lantaran emoet kana wangsit ramana tea. Tapi sanadjan pengkoeh mageuhanana rasiah, sangkaanana Kiai djeung santri-santri mah tetep bae, jen eta nonoman noe anjar soemping teh lain djalma handap-handap, sakoerang-koerangna oge santana, sabab dina wanda salirana, keureutan pameunteuna, djeung kaajaan panganggona, teu lajak aja di koeritjakan. Koe sabab eta santri-santri teh taja noe koemawani, malah njareboetna oge "Oedjang" bae, nandakeun ngaradjenan.

Saban isoek Den Jogaswara diwoeroek ngaos Koeran djeung roepa-roepa kitab, lantjar pisan ngaosna teh. Dina waktoe sakeudeung oge, Raden Santri geus loehoer elmoena matja djeung noelis aksara Arab geus tabah.

Katjatoerkeun Kiai teh kagoengan poetra istri hidji, kira-kira opatwelas taoen joeswana, kakasihna Halimah. Nji Halimah teh geus djadi toengtoeng tjatoer kembang tjarita, djadi senen kalemekan, lantaran kageulisanana. Eukeur mah poetra ngan hidji-hidjina, toer sakitoe pikaloetjoeeunana, Adjengan teh raos nanggeuj endog beubeureumna bae. Tjek babasan mah Nji Halimah teh dijieun limoes sakeureut, didjieun goela sagandoe.

Santri-santri anoe maratoeh, tambah baretaheunana, lantaran aja keur pangbeberah hatena, sabab Nji Halimah teh katjida bisana meui-meuli ati. Kitoe deui satintjak saparipolahna teh pikaloetjoeeun bae, malah ari noe leumpeuh joeni mah sok mindeng kawiwirangan, henteu njaho Nji Halimah teh lindeuk djapatieun.

Kiai ngaraos hariwang manahna, doemeh kagoengan poetra istri geus sawawa, malah radjeun andjeunna sasaoeran balalagondjangan, miwarang milih pitjarogeeun ka poetrana, soegan aja noe soeroep djeung lelemboetanana. Tapi sanadjan loba piliheun, santri-santri noe laloehoer adjianana, toer anak noe tjaroekoep, Nji Halimah teu daekeun mikeun katineung, sabab atjan manggih pikatineungeun. Kembang pasantren teh teu atjan keneh ligar, lantaran tatjan datang odengna noe baris njeuseup madoena.

Ari ajeuna aja koembang njiliwoeri, toemorodjog ka pasantren. Eukeur mah kembang pasantren teh aloes roepana, katambah seungit ambeuna, atoeh odeng teh geus teu ngeunah tjitjing, gawena hoeang-hioeng hihiberan, tapi teu wanieun eunteup, sabab njahoeun jen eta kembang teh pelak Adjengan. Djeung kembang aneh ongkoh, lain petik-petikeun sambarangan djelema.

Tapi lila-lila mah kembang teh ligar, beuki matak loetjoe katendjona, kitoe deui seungitna moenggah ngadalingding, njamboeang di sakoeliah pasantren. (*)

Samboengan ti Bagean 5 Njamboeng ka Bagean 7

R. Memed Sastrahadiprawira (Bale Poestaka; Weltevreden)
Tjarita Mantri Djero (Bagean 6, Djilid 1) Tjarita Mantri Djero (Bagean 6, Djilid 1) Reviewed by Rupa Sundapura on 21.46 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.