Tjarita Mantri Djero (Bagean 5, Djilid 1)

Barang geus aja boelanna ti harita sarta Jogaswara geus katimbang tjoekoep pangartina, koe ramana disaoer. Lahirna, "Oedjang, sakoer noe aja dina hate maneh koe Ama geus kadjoedi. Ama oge boga rasa jen maneh teh lain kana tani pilakoeeun teh. Lamoen bener maneh katjida kejengna hajang djeneng djadi prijaji, koe Ama moal boeroeng didjoeroeng, soegan bae baring soepagi maneh, aja milik bisa ngalaksanakeun kahajang Ama anoe teu bisa kalakonan, njaeta noeloejkeun tatapakan karoehoen, koemawoela ngolah nagara. Nepi ka ajeuna Oedjang henteu dibere njaho saha saenjana ama djeung iboe teh, sabab tjek pikiran Ama taja goenana dibedjakeun oge satoengtoeng maneh daek ngoelangkeun patjoel keneh mah, bisi matak ngabaroebahkeun pikiran bae. Tapi koe sabab ajeuna kahajang Oedjang kana boga kapangkatan, kawasna geus moal beunang dihalangan deui, kapaksa Ama waktja balaka, soepaja maneh oelah lila aja dina kasamaran. Djeung deui soegan bae matak djadi panghoedang ka maneh, malak mandar, tambah kadjoenoenan dina ngalaksanakeun noe dipiangen-angen. Tapi samemeh Ama ngawaktjakeun rasiah teh, Oedjang koedoe djangdji heula, jen moal betoes ka noe sedjen, sabab lamoen ieu rasiah kaboker, matak djadi halangan gede ka awak maneh, terkadang matak ngadjadikeun bahla."

Carita Nyambung

Jogaswara djangdji ka ramana jen sakoer noe rek didawoehkeun baris ditoengkoes dina kalboe. Tjek babasan, indoeng soekoe oge moal ditjariosan.

Saoer Adjengan, "Soekoer ari kitoe mah, heug atoeh reungeukeun! Oedjang koe Ama geus dibedjaan jen di sakoeloneun nagara noe ajeuna koe oerang ditjitjingan, aja deui nagri anoe kama'moeranana njaroeaan ka Nagara Tengah, katelah Soeniawenang. Ari noe djadi boepatina bapa Ama. Noeroetkeun kapalaj ejang maneh waktoe djoemeneng keneh, oepama andjeunna geus tepi ka pastina moelih ka kalanggengan, noe digadangkeun baris djadi gantina teh Ama, doemeh Ama teh poetra tjikal. Tapi barang ejang maneh soeargi poepoes, noe diangkat teh adi Ama, lantaran Ama mah lain poetra ti garwa padmi. Koe Oedjang tangtoe kapikir, sakoemaha pihandeueuleunana hate Ama, tapi koe Ama henteu dipake ngoenek-ngoenek, saperkara lolobana para wargi ngarempoegan kana eta poetoesan, kadoea perkara noe diangkat teh toenggal doeloer sorangan. Kitoe deui Ama toemarima kana kadar awak, henteu diparengkeun boga milik djadi boepati. Koe sabab eta, Ama pasrah pisan kana papasten Maha Soetji, soemawonna boga pikiran arah-arahan mah teu pisan-pisan. Tadina oge Ama teh henteu niat intjah balilahan, sabab sanadjan henteu djadi boepati oge, hiroep mah taja kakoerang, dihormat diaradjenan, sabab saroea pada anak dalem. Tapi kasabaran djeung kaberesihan hate Ama teh taja paedahna, sabab baraja loba anoe goreng timboeroe ka Ama, njaeta anoe tadina koerang katoelatenanana. Toeloej Ama disangka-sangka, dipitenahkeun, madjarkeun teh boga niat ngareboet kakawasaan. Asalna mah dalem teh teu pertjajaeun, tapi lila—lila mah kaangsonan. Atoeh Ama dibendoean teu poegoeh-poegoeh. Sadjabana Ama teu ditarik teu ditakon teh, salilana diintip-intip koe mata-mata. Katjida Ama ngarasa hariwangna, teu ngareunah dedengean djeung tetendjoan."

"Hidji poe Kang Panghoeloe, njaeta doeloer misan Ama anoe pangroemaketna, datang ka imah, hariweusweus semoe reuwas, njarita jen peuting eta Ama rek diraponan. Katjida Ama kagetna. Oepama noeroetkeun napsoe mah, hajang harita bae ngadjorag ka padaleman, bawaning koe teu roemasa boga dosa. Tapi Iboe maneh ngaweweling ka Ama, njaram ngadjalankeun kadoegalan, sabab katimbang sanadjan ngalawan oge, moal koeat, wantoening paman Oedjang mah loba baladna djeung pisakoemahaeun gorengna, nepi ka taroeng djeung doeloer! Koe Ama kapikir, timbangan Iboe maneh teh bener, kadjeun diseboet eleh. Dina peuting eta keneh, samemeh datang noe rek ngaraponan, Ama djeung Iboe arindit ti imah. Ama njamoer djadi toekang balantik, nanggoeng tolok dieusi papakean djeung barang-barang noe aja hargana. Ari Iboe ngagandong boboko dieusi bebekelan. Pitoeloeng Goesti Maha Soetji, Ama djeung Iboe ngalolos teh taja noe nangenankeun, salamet henteu njorang pantja bahja. Beurang-peuting Ama djeung Iboe leumpang, njorang leuweung djeung tegalan. Wantoening djelema boeron, henteu wani mapaj djalan gede, kapaksa totorobosan, noetoerkeun aloer moending."

Palebah dieu Adjengan eureun sasaoeranana. Pasemonna ngoengoen, tjisotjana njalangkroeng. Istrina mah teu kiateun nahan soengkawa, segroek bae nangis, kagagas emoet kana kabalangsakan waktoe angkat leuleuweungan. Kitoe deui Jogaswara toengkoel semoe noe prihatin, katarik sedih ngadangoe kasangsaraanana iboerama.

Barang geus leler tina kasedihanana, Adjengan noeloejkeun deui tjariosna.

"Meunang saboelan Ama djeung Iboe asroek-asroekan. Djog datang ka lemboer ieu. Tadina mah rek teroes loemakoe teh sing djaoeh, lantaran hariwang, sabab noeroetkeun kabiasaan, noe boeron mah loempat ka mana bae oge moal boeroeng kasoesoel, sabab dalem noe disalindoengannana biasana tara kersaeun ngaboenikeun, risi bisi djadi patjengkadan. Ngan Dalem Nagara Tengah anoe beunang dipake panjaloeoehan noe nandang kaprihatinan teh, sabab oepama aja noe ngadon ngoembara teh, asal bae tetela jen karepna sorangan, koe Dalem Nagara Tengah mah tara dipaparinkeun balik deui ka lemah tjaina, sanadjan dipenta koe menak anoe katjitjingan mimiti oge, dibelaan pagetreng djeung tatangga. Kitoe deui Ama, geus doea poeloeh taoen matoeh di ieu lemboer taja noe njisikoedi, ongkoh Ama mah hese katarana, sabab henteu ngakoekeun menak, malah kana ngaran oge tepi ka ajeuna euweuh noe njahoeun. Bisi Oedjang hajang njaho ngaran Ama noe saenjana njaeta Wiraoetama. Ajeuna Oedjang boga niat djeneng, Ama ngadjoeroeng pisan, bral iraha nja rek miang. Ingetan Ama koemawoela teh sabisa-bisa koedoe dina poepoehoena, ambeh gampang katangen aloesgorengna gawe. Koe sabab eta Oedjang teh koedoe ngabdi ka Dalem Nagara Tengah, lantaran Ama beak nja pertjaja hate, doemeh Dalem Nagara Tengah teh geus katjeloek kaloehoenganana, kakontjara kaadilanana, kawentarkeun kaberesihan manahna, toer hade roemawatna ka rahajatna. Tapi samemeh ngadjoegdjoeg ka dajeuh teh, hade indit heula ka Djanggala, goegoeroe heula elmoe kabatinan ka Kiai Abdoel Moegni, doemeh Ama meunang bedja eta Kiai teh geus kaoetara kapinteranana dina bab agama Islam. Pikeun noe koemawoela mah perloe pisan boga dadasar agama teh, minangka parabot pikeun njandet napsoena, sabab ilaharna lamoen djelema geus ngarasa kangeunahanana ngagem kakawasaan, sok poho kana asal dirina, takaboer emboeng kaoengkoelan batoer. Djeung deui djelema noe koerang kandel imanna mah sok gampang katoengkoelkeunana koe kamasiatan doenja, nepi ka loba noe tega noenda kaadilan, sirik pidik, iren panastren, dibelaan olo-olo ngagedekeun bohong, sangkan kapake koe doenoengan, malar gantjang naek pangkat. Maneh mah poma pisan, oelah nepi ka kitoe, papada boga daradjat oge, oelah beunang basilat, oelah madjoe koe njoentroengkeun batoer, sabab daradjat beunang rereboet mah tara aja hikmatna. Awal-ahir tangtoe karasa wawalesna. Teu kapanggih koe diri sorangan, koe anak-intjoe mah tangtoe kasorang. Saperti Ama ajeuna, sanadjan Ama weleh teu roemasa boga dosa, tapi Goesti Allah moal gana-gana nibankeun tjotjoba noe sakieu beuratna. Lamoen Ama henteu milampah kalakoean salah anoe henteu kanjahoan koe badan sorangan. Atawa ieu tjotjoba teh hoekoemanana kana dosana karoehoen, anoe ajeuna kasorang koe poetra-poetoena. Koe sabab eta Oedjang sing inget, poma oelah milampah kalakoean nirtja, telenges ka sasama manoesa, bisi aja wawalesna, sing eling kana babasan, Wong toca gawe wiwitan, wong enom darma nglakoni Hartina, boh kahadean boh kagorengan, wawalesna sok kapanggih koe anak-intjoe." (*)

Samboengan ti Bagean 4 Nyamboeng ti Bagean 6

R. Memed Sastrahadiprawira (Bale Poestaka; Weltevreden)
Tjarita Mantri Djero (Bagean 5, Djilid 1) Tjarita Mantri Djero (Bagean 5, Djilid 1) Reviewed by Rupa Sundapura on 22.30 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.