Bandar Tarasi

Aya aki-aki tukang dagang tarasi, balik ka Cirebon naek beus tas dagang di Bandung.

Barakatak

Diuk di beus gigireun wanoja. Di tengah jalan, si aki teh kasarean, tibra pisan. Lila-lila sarena teh nyangeyeng kana taktak eta wanoja. Ceuk pamikirna, teu nanaon aki-aki ieuh karunya capeeun meureun. Lila-lila sarena teh beuki nyangeyeng kana dadana. Si wanoja rada reuwas, tapi ditilik-tilik teh tibra pisan. Diantep we, da karunyaeun. Saking tibrana gubrag we sarena pindah ka lahunanana. Acan ge aya dua menit sare dina lahunan si Aki ngorejat, semu reuwas

"Stop...!!! Stop pinggir...!!! Ari ieu teh geus tepi ka Cirebon?!" ceuk si aki.

Si wanoja nembalan, "Tenang we Ki, kakara ge nepi Kadipaten." (*)

Bandar Tarasi Bandar Tarasi Reviewed by Rupa Sundapura on 21.38 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.