Dina Beus Kota

Mangsa panon poe manceran, terminal teh bangun nu cadu simpe. Tukang bacang, tukang kiripik, preman, patugas LLAJ, jeung pengamen ngawarnaan terminal ku pulas-pulas nu sakapeung bengras, sakapeung parias. Kumaha kahayang hatena sewang-sewangan. Bima jeung Rida, siga sasari, mulas terminal ku warna bengras.

Carita Pondok

"Jajap, Kang?" Lalaki gondrong nu mawa biola nanya ka Bima, bangun nu ajrih pisan.

"Muhun, mangga...!" ceuk Bima bari ngajak imut. Imutna nyidem sima, janggot jeung kumisna nambahan seber nu nenjo. Duanana gagancangan leumpang, muru beus kota nu ngaberes ngadago panumpang.

"Hayu, Kang, nu ieu mah kosong...!" cek Rida bari ngenyang leungeun Bima. Duanana terus naek kana beus kota. Di jero beus teh can pinuh ku panumpang, korsina ge lalowong keneh. Rida milih korsi kadua ti tukang.

"Supados gampil turunna," pokna ka Bima.

Bima ngarenghap, awakna ngoprot kesang. Hareudang. Bayeungyang. Renghap ge asa kapegeg. Ngulibek ku haseup roko ti bangku hareup, katebak angin ka tukangkeun. Geus dedeheman ge, nu udud teh kalah anteng teu malire, hare-hare wae.

"Nu kieu nu ngaruksak alam dunya teh. Teu apaleun kitu, yen lapisan ozon geus jiga lapis legit nu mehmehan beak digorogotan sireum. Beuki ngipisan, samalah rea anu geus karohok. Teu nyaho sugan, yen ayeuna mah geus aya Perda nu ngalarang ngaroko di tempat umum. Bisa-bisa dikurung atawa didengda saratus juta, majar bisa sangeunahna," cek Bima, jero hatena.

"Pa, punten rokona!" Bima nepak taktak jalma di hareupeunana. Surtieun oge bangunna nu ditepak teh, sok sanajan semu ngadelek. Ududna dipuragkeun, laju ditincak.

"Padahal mah keun we, Kang!" Rida semu ngaharewos ka lalaki nu jadi pangreureuhan rasana, renghapna karasa haneut ngusapan ceuli Bima.

"Lah, tuman!" Bima ngarahuh, sarua deuih semu ngaharewos. Rida nyekel pageuh pigeulangna.

Teu lila jol budak umur satepak. Manehna ngahaleuang lagu Iwan Fals, campuh jeung sora kenalpot mobil.

Ribuan pulo
Jarak yang kau tempuh
Walau tlapak kaki
Penuh darah
Penuh nanah...

Teu nyurup-nyurup acan sorana kana ukulele, teu nincak kana wirahma deuih. Sora ka kulon, musikna ka wetan. Kurangna ge lain satengah oktap deui, aya kana dua oktapna mah silungna teh. Ketir, teuteupana molongpong bangun nu ngalindur, can ngumpul pangacian. Rumpakana oge salah deuih, lain ribuan kilo, kalah ribuan pulo. Budak teh leumpang mapayan bangku panumpang, bari ngencleng. Sakapeung leumpangna meh-mehan rek labuh sabab beus kota geus ngageuleuyeung ninggalkeun terminal. Nu mere teh ukur hiji dua, aya nu mere sarebu, lima ratus, nepi ka saratus perak. Bapa-bapa nu di juru ngalehek wae najan budak pepermisian oge. Teu lila budak teh nyampeurkeun ka bangku nu didiukan Bima jeung Rida, bari ngencleng. Sorot panonna atra pinuh ku harepan.

"Aduh...aya receh teu, Kang?" cek Rida bari ngorehan loketna. Bima ngarenghap jero. Gap kana saku tukang calanana, dicokot duit lima rebuan, laju diasongkeun ka nu ngencleng. Budak teh katangen beuki marahmay.

"Makasih, Pa?" cek budak bangun atoheun. Bima imut, embun-embunan budak teh laju diusapan. Budakna mah ukur neuteup jero, meureun dina pikirna, "Lamun ieu bapa kuring."

Geus kitu mah budak teh tuluy ngaleos.

"Tahan, Pir! Kade Jang, suku kenca heula!" sora kenek bari ngetrokan panto beus ku duit receh.

"Terus...!"

Beus ngageuleuyeung deui dina gigi hiji, ngeteyep neang panumpang. Padahal di jero teh geus hese hitut-hitut acan, pasesedek.

"Bet kedah receh, kitu?" cek Bima semu nu keuheul. Teuteupna lempeng, teu dilieuk-lieuk acan Rida teh, ukur ngareret sakolebatan.

"Enya, maap..." Rida seuri maur. Bari rada ogo lelendean lebah taktak Bima. Leungeunna teu dilesotkeun tina pigeulang Bima.

Lebah setopan kahiji, jol deui nu baramaen. Duaan. Nu hiji dituyun. Katembongna mah teu bisa ningal, da make kacamata hideung. Jiga juru pantun.

"Gusti, sing ditebihkeun!" Tina bangku tilu peuntaseun Rida jeung Bima aya nu ngaharewos.

"Lain ngaharewos deui nu kitu mah, tapi ngadunga. Apan Pangeran Maha Uninga. Diijabah jigana du'ana teh, nu matak geuning rea nu ngajauhan ka jalma anu teu guyub jeung batur mah, apan jalma anu model kitu mah dipisahkeun tina masarakat nu lian." Bima ngagerentes jero hate. Nu baramaen teh laju nyampeurkeun ka manehna. Solodor duit sarebu, salambar.

"Ih..." Rida elekesekeng. Keur mah ngetemna lila. Turug-turug mobil teh ukur ngeteyep dina gigi hiji jeung gigi dua. Panumpang mah geus gegerendengan ti tadi ge.

"Sabar atuh, bageur! Da keur nyiar kipayah batur ge."

Lebah setopan nu kadua datang deui tukang asongan, ngasongkeun koran isuk nu can kajual.

"Baca, baca! Baca, baca! Seorang pejabat tertangkap basah sedang pesta sabu-sabu. Baca, baca! Baca, baca! Pejabat tinggi yang terjerat koruptor melarikan diri dari penjara. Sarebuan, sarebuan!"

Harita mah sakabeh panon (iwal nu ngalehek di juru) mencrong ka tukang koran.

"Bade, Pa?" Nu dagang teh nyampeurkeun Bima.

"Koran Bangbara aya?"

"Oh aya, Pa!" kituna teh bari ngasongkeun koran Bangbara.

Kuduna mah dua rebuan koran teh, sabab waktuna geus liwat, turun harga jadi sarebuan.

Koran teh dibukaan, dibacaan beritana hiji-hji, bangun nu gemet.

"Asa can kungsi warta nu aya dina media matak ngabungahkeun. Di jerona ukur pasualan-pasualan nu jiga eta-eta keneh." Bima ngarahuh bari ngalieuk. Nu dilieukna ukur imut.

"Neng, sajak Akang dimuat!" Sora bass Bima ngageureuwahkeun Rida, bungah pisan nalika dina rubrik sastra ngamuat karya manehna.

"Wah, cobi ningal, Kang!" Rida cengkat tina taktak Bima, kop koran teh dicokot ku Rida, laju dibaca.

Sajak Bima Gandara
Surat keur Ambu

Sakujuring awak baraal
najan hujan silet ngahinis sukma
gurat nasib atra lebah dongeng-dongeng Ema
sedeng pahatu nyulam hurip ku renghapna
sorangan...
geus bari, barina ge
lir koran sore, tilamna sare

Kedap Sora, Juni 2005

Rida ngarenghap jero sarengsena maca sajak.

"Wilujeng nya, Kang!" Ayeuna mah manehna imut deui, bangun nu bagja pisan. Manehna neuteup anteb ka anu karek dua minggu jadi salakina.

"Teu salah kuring milih anjeun, sarebu hiji jalma kawas anjeun teh. Basajan, jembar panalar, asak jeujeuhan, jeung teu api lain ningali sabudeureunana." Rida ngagalindeng jero hate. Leungeunna beuki pageuh nyekel pigeulang Bima, bari diusapan. Manehna tuluy lelendean deui, nuluykeun implengan endah jeung Bima ka hareupna.

Cekiiit...! Sora rem beus matak linu kana huntu. Beus teh tuluy eureun, bangun rek naekkeun panumpang.

"Kalebet Bu, kosong keneh!" cek kenek bari satengah nyurungkeun.

"Kosong naon!" Ibu-ibu teh semu kukulutus. Dina leungeun katuhuna mawa keresek balanjaan.

Ibu-ibu nu nangtung teh rurat-reret ka Bima. Teu puguh cicing. Bima males ngareret, tapi ngan semet cangkengna. Wanoja di gigireunana mah pageuh nyekel pigeulangna. Pipina nyarande lebah taktakna, bangun nu geus tibra. Saheulaanan beus teh majuna sauted-sauted keneh alatan macet. Bima ngeureuceumkeun panonna, pipina ge diantelkeun kana rambut Rida, reup kasarean.

"Siap, siap! Yang terminal persiapan!"

Korejat Bima jeung Rida hudang. Bima luak lieuk. Ibu-ibu nu tadi nangtung gigireunana teu kasampak deui. Bima ngarenghap jero naker, bari ngusapan dadana.

"Ku naon, Kang? Aya copet?" Rida kerung awahing panasaran.

"Mmm...henteu, teu kunanaon...!" (*)


Ananta G.
Dina Beus Kota Dina Beus Kota Reviewed by Rupa Sundapura on 22.11 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.