Silih Belaan

Aya Bogo sosobatan jeung Bajing. Unggal poe eta dua sobat teh sok silih geroan silih tanya cageur henteuna.

Dina hiji poe, Sakadang Bajing teh katarajang gering, nyeri beuteung. Tuluy menta tulung ka Sakadang Bogo, pangneangankeun jambu nu asalna ti kebon kagungan raja.

Dongeng Buhun

Sakadang Bogo tuluy menekung neneda ka Pangeran hayang meunang pituduh kumaha akalna sangkan bisa meunang piubareun. Kersaning nu Maha Kawasa, ras bae Sakadang Bogo teh inget, yen unggal poe ka talaga teh aya nu ngala cai, piwarangan Kangjeng Raja. Barang eta tukang ngala cai datang sarta nyiuk gentong ka jero talaga, ngan geblus bae Sakadang Bogo abus kana gentong kabawa ka karaton.

Sadatangna ka karaton, cai tina gentong teh dicicikeun kana hiji jamban gede. Barang reup peuting, sabot di karaton keur meujeuhna simpe, Sakadang Bogo mucunghul ti jero cai, rarat-reret nitenan kaayaan sabudeureun jambangan. Kabeneran teu jauh tina jambangan aya hiji bokor perak, eusina jambu anu geus ruhruy arasak. Gancang Sakadang Bogo hanjat, tuluy ngaheungheum jambu hiji, geus kitu gajleng luncat, abus ka jero gentong paranti ngala cai tea, kebeneran eusi keneh, nyangkrung aya cai sesa.

Isukna ginceng deui eta gentong teh dibawa ku tukang ngala cai ka sisi talaga. Barang eta gentong disiukkeun, Sakadang Bogo gura-giru bijil, terus neangan sobatna, Sakadang Bajing anu keur gering.

Sakadang Bajing rumanggieung turun tina dahan caringin nu ngaroyom kana talaga, mapagkeun Sakadang Bogo anu ngirim piubareun. Harita keneh jambu teh dihuapkeun. Dadak sakala Sakadang Bajing cageur deui sabihari.

Pareng dina hiji waktu, Sakadang Bajing gera-gero ka sobatna, pohara reuwaseunana lantaran kasampak Sakadang Bogo keur aduglajer kokocopokan dina liangna.

"Tulung! Tulung! Pangneangankeun ati buaya, kuring teh teu kuat, ieu ati nyanyautan!" pokna.

Sakadang Bajing ngahuleng mikiran pamenta sobatna. Ras manehna inget yen di hiji leuwi aya buaya anu pohara galakna. Naon wae nu ngaliwat ka eta leuwi tangtu dicaplok. Jelema ge euweuh nu wani ngaliwat ka lebah dinya. Ari di sisi leuwi teh aya tangkal kalapa anu buahna keur meujeuhna meuhpeuy.

Gajleng-gajleng Sakadang Bajing luluncatan mapay-mapay tatangkalan muru tangkal kalapa di sisi leuwi. Datang-datang terus bae ngaliangan buahna hiji. Geus molongo bus manehna abus ka jero. Kalapa nu geus dikorowot teh gubrag bae ragrag jeung bajingna ka jero leuwi. Gep disamber ku buaya, diteureuy buleud.

Sanggeus aya di jero beuteung buaya, Sakadang Bajing bijil tina jero kalapa terus rumpu-rampa neangan ati buaya. Sakadang Buaya ngagoak, "Aduh, ieu jajantung aing nyeriii...!"

"Alah, ieu bayah aing nyeri pisan!"

"Ih, geuning lain atina," ceuk Sakadang Bajing. Terus dipapay deui diteangan.

"Aduh, ieu ati aing nyeriii...!" ceuk buaya basa atina kakoet ku bajing.

Ngadenge kitu, ngan gewewek bae digegel ati buaya teh nepi ka sapat. Buaya sakarat, bajing kaluar tina sungut buaya, terus ka darat luluncatan mapay tatangkalan urut tadi. Ati buaya diubarkeun ka sobatna nepi ka cageurna deui. (*)


Asgari Andalusia
Silih Belaan Silih Belaan Reviewed by Rupa Sundapura on 21.28 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.