Jonggrang Kalapitung
Hidep kungsi ulin ka Jatiluhur? Jatiluhur teh perenahna di Purwakarta. Di dinya aya bendungan anu lega. Katelahna Bendungan Jatiluhur. Ari anu dibendungna Walungan Citarum. Eta bendungan teh gede pisan mangpaatna. Dipake pikeun rupa-rupa kaperluan. Caina dipake pembangkit tanaga listrik, anu listrikna dipake di sakuliah Pulo Jawa. Salian ti eta dipake pikeun irigasi deuih. Nyaian sawah-sawah anu aya di kaler, saperti di Purwakarta, Karawang, jeung Subang. Terus parat nepi ka Bekasi jeung Jakarta. Malah cai beresih anu aya di eta wewengkon, umumna mah asalna teh ti Jatiluhur.
Teu saeutik deuih anu miara lauk di Jatiluhur, make jaring anu disebut "kolam jaring terapung". Jatiluhur oge jadi obyek wisata andelan. Salian ti pamandanganana endah, geus diwangun obyek wisata moderen deuih. Saperti water boom jeung kolam renang. Atuh keur nu resep nguseup, di Jatiluhur oge loba tempat paranti nguseup.
Tapi jaman baheula mah, baheulaning baheula, cenah di sabudeureun Jatiluhur teh masih keneh mangrupa leuweung geledegan. Rembet ku kakayon, caraneom jeung geueumeun. Lolobana tangkal jati, galede jeung jarangkung. Tangkalna sagede-gede beuteung munding. Can jadi bendungan cara ayeuna. Malah can aya lembur-lembur acan.
Leuweung sanget pikasieuneun. Anu matak tara aya jalma anu lunta-lanto ka dinya. Dina kapaksana oge, teu weleh sanduk-sanduk ka nu ngageugeuh di dinya. Ari anu ngageugeuh di eta leuweung katut gunung-gunung di sabudeureunana, hiji lelembut titisan siluman jaman Sangkuriang. Ngaranna Jonggrang Kalapitung.
Awakna jangkung badag tanding gunung. Kulitna hideung lestreng tanding areng. Bulu kumisna sagede-gede tambang injuk. Buukna gimbal cawigwig ngarerewig. Kakara oyag lamun katebak angin baliung. Estu pikagilaeun jeung pikasieuneun pisan. Mun ngomong, sorana handaruan tanding gugur. Hese ngabedakeunana, keur leuleuy atawa keur ambek.
Hiji mangsa Jonggrang Kalapitung aya kahayang, nyaeta hayang nguseup di Walungan Citarum, lantaran hayang ngadahar beuleum lauk. Tapi manehna henteu bogaeun parabotna. Sanggeus ngahuleng sakedapan, pok ngomong, "Euweuh deui carana, aing kudu menta tulung ka urang lembur."
Jonggrang Kalapitung cengkat, tuluy leumpang ngajugjug ka lembur di sisi Walungan Citarum, nyaeta nu katelah Lembur Cisarua. Leumpangna bari ragag-rigig, henteu nolih kana tincakeun sama sakali. Sato hewan pangeusi leuweung lalumpatan, sieun katincak ku buta titisan siluman.
Barang nepi ka birit lembur, tuluy hohoak ngageroan urang dinya.
"Hey, urang lembur, ka darieu, euy!" Sorana handaruan ka madhab papat. Ngadenge panggero Jonggrang Kalapitung, teu sirikna sapangeusi lembur tamplok nyalampeurkeun. Brek dariuk sarila, ngariung Sang Jonggrang Kalapitung. Pok kokolot lembur ngomong, "Aya pikersaeun naon Juragan teh, ngempelkeun abdi sadayana di dieu? Palay naon atuh Juragan teh? Mangga, abdi sadaya parantos sayogi, asal kadada-kaduga ku abdi sadaya."
"Ha...ha...ha..., hade, hade, caritaan teh. Tapi ulah nyebut Juragan, euy, da uing mah lain menak. Ulah nyebut Bapa deuih, da lain pejabat. Uing mah hayang disebut Aa," ceuk Jonggrang Kalapitung gumasep, bari muril-muril kumisna nu sagede catang kalapa.
"Mangga, naon atuh kapalay Aa teh?" ceuk kokolot lembur, angger leuleuy.
Barabat atuh manehna nyaritakeun kahayangna. Hayang nguseup di Walungan Citarum.
"Geus lila Aa teh henteu ngadahar beuleum lauk. Mangkaning lauk Citarum mah girinyih," ceuk Jonggrang Kalapitung. Nu matak cenah, rek menta tulung ka sakabeh urang lembur. Hayang dipangnyieunkeun useup anu gede.
Pamenta Jonggrang Kalapitung disanggupan. Sabab lamun henteu disanggupan, sieun Jonggrang Kalapitung ambek, tuluy ngamuk. Sabalikna lamun kahayangna ditedunan, eta siluman teh sok alus pamulang tarimana. Geus kitu mah urang lembur teh baralik. Tuluy babadamian jeung baturna, babagi tugas pikeun nohonan kahayang Si Aa.
Isukna, der bae digarawe, luyu jeung pancenna masing-masing. Kokolot lembur cuh-cih metakeun nu garawe. Anu kapapancenan nyieun useup, nyieunna tina urut jangkar kapal cai. Aya anu ngaragaji, sangkan elukna jadi hiji. Aya anu nakol, anu ngikir, anu ngahampelas. Kabeh digarawe sangkan useup tereh rengse.
Anu kapapancenan nyieun jeujeur, nyieunna tina awi gombong saleunjeur. Neangan awi gombong nu geus kolot, lantas, jeung paranjang bukuna. Nuarna henteu sagawayah, tapi nurutkeun tatali paranti nuar awi. Dibawa ka lembur, terus dipigawe ku lobaan. Dipapas jeung dihampelas dihade-hade.
Anu kapapancenan nyieun tali useup, dijieunna tina lulub, tuluy digintir. Jadi tambang dadung gede, saperti paranti nyangcang munding. Panjangna ratusan deupa. Ana digulungkeun teh, gulunganana sagede gulungan kasur. Urang lembur digarawena kaitung lila, aya kana puluh poena.
Gancangna carita, eta jeujeur teh geus jadi. Terus bae digotong ka birit lembur, rek dipasrahkeun ka Jonggrang Kalapitung. Useupna digotong make jajampanaan. Kitu deui jeung tali useupna. Ari jeujeurna dipanggul ku opatan. Salian ti eta, aya deui anu manggul eupanna, nyaeta hulu munding pelen.
Ari srog ka birit lembur, kasampak anu ngengken useup teh keur sare, kerekna mani nyegrek tangka gagauran. Sarena luhureun batu cadas anu lempar tur nyusun, saperti bangku jeung korsi, di sisi Citarum. Nepi ka ayeuna tempat sarena teh masih keneh aya, anu ku urang dinya mah disebut Batu Korsi. Ceuk sakaol mah eta batu teh, tempat babadamian para siluman. Malah kungsi dipake ku Sangkuriang, basa ngayakeun babadamian jeung siluman-silemin, nu rek ngabendung Walungan Citarum, pameredih Dayang Sumbi tea. Siluman-silemin datang ti mana-ti mendi, ngabadamikeun pagawean nyieun talaga.
Nenjo anu sare bari nyegrek gagauran, saurang oge euweuh anu wani ngahudangkeun. Caricing bae di dinya ngadagoan hudangna. Malah nepi ka nyaung-nyaung sagala. Dijaga piligenti, ngajaga bisi anu sare hudang. Ari rek ditinggalkeun, kabeh oge ngarasa risi. Sieun Jonggrang Kalapitung ambek. Mangkaning geus katotol babari ambek. Lembur jeung pangeusina bisa diburak-barik.Sanggeus sabulan didagoan, kakara Jonggrang Kalapitung nyaring. Tuluy heuay bari nguliat. Sungutna calawak teu beda ti guha. Lalay jeung kapinis anu nyayang dina kumisna, haliber katawuran, asa kagebahkeun. Kuniang manehna hudang bari gigisik. Manehna kaget nenjo loba jelema di sabudeureunana.
"Aya naon ieu teh, bet karumpul di dieu?" pokna.
"Nu mawi, abdi sadaya teh ngantosan Aa gugah. Ieu bade masrahkeun pesenan tea," ceuk kokolot lembur bari rengkuh.
"Oh, heueuh, heueuh. Nuhun, euy. Alus pagawean teh, kapake ku Aa mah. Ari eupanna aya?" ceuk Jonggrang Kalapitung, bari ngilikan useup jeung talina.
"Aya, ieu hulu munding."
"Alus, alus. Aa bungah kacida nenjo pagawean maraneh kabeh. Keun, lamun engke geus beres nguseup, ku Aa dibere hadiah. Harayang naon, nyah?" ceuk Jonggrang Kalapitung.
Urang lembur mani reang, paheula-heula nyebutkeun kahayangna.
"Heueuh, engke ku Aa ditedunan kabeh oge. Ayeuna mah Aana arek nguseup heula."
Jonggrang Kalapitung nyokot jeujeur. Kana gombong teh mani kawas kana nyere bae. Terus talina ditalikeun kana tungtung jeujeur.
"Useupna can dipasang ieu teh?"
"Teu acan A, beurat ku abdi sadaya mah. Kedah ku Aa," tembal kokolot lembur.
"Heueuh, keun urang pasang ku Aa." Useup anu sagede jangkar teh dicokot, tuluy dipasang dina tungtung dadung.
Hulu munding dicomot, tuluy dilelepkeun kana useup. Lung bae dialungkeun ka Walungan Citarum, lebah leuwi anu pangjerona. Talina diulur nepi ka manteng.
"Ke lamun Aa meunang lauk gede, ku maraneh kudu dipangmeuleumkeun, nya?"
"Mangga!" ceuk kokolot lembur.
"Keun, eta mah hadiahna ti Aa beda deui."
Mimitina mah kokolot lembur teh bungah. Ngan lila-lila mah manehna jadi bingung. Tayohna mah ku manehna kapikireun. Laukna engke sagede kumaha? Eupanna oge apan ku hulu munding. Paling leutik oge, moal boa sagede parahu. Kumaha meuleumna lauk sagede kitu? Kokolot lembur mah uleng mikir, mikiran cara-carana meuleum lauk sagede parahu.
Jonggrang Kalapitung nguseupna bari dilalajoan ku sakabeh pangeusi lembur. Nangtungna ngajegang. Sukuna nu sabeulah nincak gunung, ari nu sabeulah deui napak kana tangkal bungur anu kacida gedena di sisi Walungan. Panonna anteng neuteup kana cai walungan, ngarep-ngarep useupna disanggut ku lauk. Taya anu nyorang-nyorang acan.
Salila sabulan manehna ngajega kitu, nepi ka gunung anu ditincakna jadi bongkok sarta tangkal bungurna ampir paeh, anu ku urang dinya mah disebut "sarang". Anu matak nepi ka ayeuna, gunungna nelah bae Gunung Bongkok. Ari urut tangkal bungurna jadi pilemburan, anu nelah Lembur Bungursarang, bawahan Desa Cisarua, Jatiluhur.Dina poe kaopat puluh, useupna oyag-oyagan. "Alah, aya nu nyanggut, euy!" ceuk Jonggrang Kalapitung, atoh kacida. Urang lembur anu lalajo oge milu atoh. Tuluy ngarogrog di sisi walungan. Harayang nyaho lauk anu nyanggutna. Moal salah deui, tangtu lauk badag.
"Ulah dareukeut teuing, euy, bisi kababuk lauk!" ceuk kokolot lembur ka batur-baturna.
Gancang bae atuh ku Jonggrang Kalapitung teh jeujeurna dicentok sataker tanaga. Ku lantaran tarik teuing nyentokna, useup teh ngacleng jauh pisan ka tukangeunana. Ngaliwatan leuweung jati anu kaina galede, ngaliwatan sababaraha pasir di sabudeureunana. Ari useupna, teuing ragrag di mendi, da henteu katingali lebah-lebahna.
Dibetot bari dicentok-centok, hese. Ari anu saenyana mah, eta useup teh ngait kana leuweung awi haur, anu aya di lengkob dua pasir tukangeunana. Ku Jonggrang Kalapitung dibetot sataker tanaga, nepi ka sakabeh haur di dinya kapangkas. Tapakna, kabeh haur jadi papak, lir anu beunang ngararata. Nu matak nepi ka ayeuna di dinya mah tara aya haur anu jangkung sosoranganan. Upama kabeneran aya oge, sok peunggas, jadi papak jeung nu sejenna. Nepi ka kiwari eta leuweung teh katelah ngaranna Leuweung Haurpapak. Hartina leuweung haur anu jangkungna papak.
Jonggrang Kalapitung panasaran, lauk naon anu nyanggut teh? Barang ku manehna diilikan, horeng simanahoreng ukur lauk jeler. Asup kana lebah ceuli hulu munding anu geus jadi tangkorak.
"Bangkawarah siah, ngaheureuyan aing!" Jonggrang Kalapitung ambek-ambekan.
Lantaran keuheul, eta jeler teh dibalangkeun, nya ragrag di Lembur Cilele, Desa Cisarua, Kacamatan Jatiluhur. Tah, tempat ragragna jeler teh jadi empang, anu nepi ka kiwari ku urang Cisarua disarebutna teh Kubang.
Jonggrang Kalapitung terus ambek-ambekan. Sorana handaruan ka madhab papat, pating beledag lir gelap saleser. Nyarekan laklak dasar kana jeler. Nyarekan bebeakan kana jeujeurna, anu cenah jeujeur geus dilengkahan jurig. Sungutna henteu daek balem, kutuk gendeng diselang-selang ku hohoak.
Ningali Jonggrang Kalapitung ambek-ambekan, urang lembur paburisat lalumpatan. Henteu nolih kana nanaon deui. Terus mubus ka leuweung-leuweung. Neangan tempat anu jauh jeung buni. Sabab sieun kabarerang ku nu keur ambek. Sieun dipake meupeus keuyang ku Jonggrang Kalapitung.
Kulantaran teu meunang bae lauk gede, lila-lila Jonggrang Kalapitung teh lapar. Beuteungna kukurubukan, sorana tarik teu beda ti sora tambur.
"Walah, aing lapar, yeuh! Geus lila aing teu baranghakan. Ka mana neangan hakaneun?" ceuk Jonggrang Kalapitung.
Jonggrang Kalapitung gegeroan, karepna rek menta tulung ka urang lembur.
"Heeeyyy, urang lembuuur...! Ka darieu euy! Aing menta hakaneun...!"
Tapi geus euweuh saurang-saurang acan, lantaran urang lembur geus kalabur, sarieuneun nenjo Jonggrang Kalapitung, waktu tadi keur ambek-ambekan tea.
Jonggrang Kalapitung beuki ambek bae. Keur kitu manehna nenjo tangkal jengkol. Kabeneran deuih buahna meuhpeuy leubeut. Henteu talangke, jengkol teh dipupu, tuluy dikeremus sacanggeum-sacanggeum. Kabeh tangkal jengkol anu aya di dinya dipupu tangka beak jeung pentil-pentilna. Kakara eureun sanggeus taya nu nyesa.
Jonggrang Kalapitung diuk dina batu korsi. Na atuh barang rek kiih bet ngarasa nyeri. Horeng simanahoreng manehna teh jengkoleun. Manehna gulang-guling bari gagauran, nahan kanyeri anu pohara. Menta tulung, menta tulung ka saha, da di dinya ngan kari manehna.
Bakating ku ambek, tuluy bae ngucapkeun supata, "Hey, tangkal jengkol atah warah! Sia geus ngalantarankeun aing nyeri kiih! Ayeuna ku aing rek ditumpurkeun! Nepi ka iraha bae oge, di daerah ieu tangkal jengkol moal bisa jadi!"
Ceuk ujaring carita, sanggeus kajadian kitu mah, Jonggrang Kalapitung teh ngaleungit. Leungit tanpa lebih, ilang tanpa karana. Ngan nepi ka ayeuna di wewengkon Cisarua, teu kungsi aya tangkal jengkol nu bisa jadi, lantaran disupata ku Jonggrang Kalapitung.
Kitu cenah sasakalana teh. (*)
Budi Rahayu Tamsyah