Nu Harayang Katangar
Kangaranan fanatik kana hiji barang atawa merk, sakapeung mah matak helok. Teu kaharti ku akal, tarang ge nepi ka kerung-kerung bae. Geura we bandungan, upamana nu fanatik kana motor Harli (Harley-Davidson). Ih, maranehna mah tara beunang disisilihan. Keur maranehna jigana teh tara rumahuh ku sual harga. Cek beja mah hargana oge bisa mapakan mobil weuteuh kaluaran deler. Sok ditarebak we. Pon kitu deui, tara ieuh ngarasula ku pajakna. Teu sing jadi bedo jeung kapok pedah bengsinna mutuh matak ngagolokgok. Damang we. Nu penting gengsi jeung kasugemaan batin cenah. Ngarasa aneh teh meureun pedah kuring mah cara mikirna oge praktis pisan, leuwih mentingkeun aspek pungsi batan gengsi. Boga ari motor mah, tapi nu dipalar teh guna jeung mangpaatna bae. Pokona asal bisa nganteurkeun tur nepi ka nu dituju. Teu kurang teu leuwih.
Naon atuh bedana Harli jeung Honda Tiger atawa motor nu sakelas jeung Harli? Eta meureun sugan pedah tarikna mapakan jamparing? Bandel mesinna? Pedah kuat, wedel jeung tambleg? Tambleg jeung kuat samodel Tembok Cina? Bawirasa teu kitu. Lebah macet mah angger we ngarayap. Meneran banna kacugak paku, nya paling copelna kudu we didorong bae mah. Komo lebah kapanasan jeung kaanginan mah, sarua matak jangar jeung kudu dikerok. Kitu deui lamun hujan, da angger we nu tumpakna matak mucicid, kabulusan. Atuh mun katabrak mobil mengpeng mah moal henteu nu tumpakna bakal ngajurahroh jeung motorna dijamin ringsek.
Cenah anjeucleuna dina sadel Harli teh cek nu muhit gaya metroseksual mah mangrupa hiji pangalaman jeung kanikmatan anu pohara tur taya babandinganana. Tumpak Harli mah cenah lain ngan ukur nganteurkeun ka tempat anu dituju, sakumaha kailaharan kendaraan. Malah cek hiji iklan dina acara maneuh taunan reli 'keliling' Amerika, aya tulisan ngajeblag nu unina, It's not about destination, it's the journey. Jadi, keur nu fanatik kana Harli, tempat tujuan teh lain hal anu utama, nu pentingna mah cenah nongkrongna sadel kulit si Harli. Fanatisme kitu teh enas-enasna mah ngebrehkeun self expression benefit, nyaeta ayana persepsi "macho". Motor Harli teh bisa nembongkeun status sosial atawa citra nu makena.
Mungguh cek nu sok ngarulik elmu marketing mah gejala model kitu teh lain ngan sakadar neangan mangpaat fungsional (fungsional benefit) atawa konten, tapi leuwih ngudag mangpaat emosional (emotional benefit) atawa konteks. Nu dicarekelna moto 'jaim' (jaga imej).
Ari konten apan umumna ngait jeung aspek rasionalitas, sedengkeun konteks sarua jeung citra (image) tea anu nyantelna oge jeung sisi emosi urang. Apan ari kangaranan emosi tea tanwande tara parok jeung akal sehat atawa rasio. Geura naon atuh patalina antara ngaroko jeung iklan koboy Amerika alias Marlboro man nu keur ngabeberik kuda make tali laso. Pan teu nyambung. Cindekna mah sikep fanatisme lantaran geus katalikung jeung kabeulit ku citra tea, tangtu leokna moal ka mana deui, iwal kana sikep hayang katangar, hayang beda ti batur.
Tah lebah sikep hayang katangar, bet jadi inget kana caritaan sobat kuring, Iwa. Cenah ngabandungan fenomena urang Indonesia, hususna nu jarugala lebah meuli mobil mewah, saperi Jaguar, BMW, atawa Merci kaluaran anyar, jeung sajabana, cenah tara bolay ku sual harga, tara kateug ku masalah pajak. Anu cenah pajakna oge sataunna beak saanu malah bisa dipake meuli mobil urut. Nu penting bisa nyangking emotional benefit tea. Dibeuli we tah mobil anu hargana 'sa-em' teh. Padahal eta mobil teh ari lebah genahna da teu jauh geseh jeung mobil kelas Cielo taun 90-an. Tapi angger numpak Jaguar mah cenah aya hiji kanimatan nu pohara tur teu nyampak dina mobil nu sejenna. Naon cik? Ah, duka téh teuing, cekeng! Ih aya, nyaeta ni'mat dina lebah naek jeung turunna. Piraku? Naon sababna? Enya ni'mat lebah naek jeung turunna teh pada marelongkeun jeung ni'mat lebah pada ngaeuleuh-euleuh.
Nya teu aneh mun tina sikep hayang katangar teh kiwari loba jalma nu migusti kana materi. Sikep hedonistik kacida diagung-agungna meh ngancik tur dipuhit ku masing-masing pribadi di unggal-unggal masarakat metropolis, anu sing sarwa kompleks. Perkara jalanna mah teu rek jadi sual, masalah batal-haramna boa nomer kasabaraha, nu penting pamaksudan kacumponan. Nu ahirna teu kurang-kurang kiwari mahabu jeung nerekab rupa-rupa 'patologi sosial' saperti, fenomena hipnotis, nipu ngaliwatan telpon, curas, curanmor, geus puguh ari korupsi mah, nite entertainment jeung sex industry-na, jeung sajabana ti eta.
Sual hayang katangar nu leuwih mentingkeun konteks batan konten pek teh teuing. Moal rek nyisikudi. Meureun mana kitu oge aya keur pakeunna. Aya keur meulina. Nu dipalar atuh ulah nyolok mata buncelik teuing. Apan ayeuna teh sasatna keur mangsana paila. Keur werit. Ceuk Aki Encu mah, cenah ayeuna teh keur nenedengna elih-elihan. Mungguh jalma nu pinuji mah ulah kaleuleuwihi, kudu aya dina sineger tengah. Komo kudu dibaidkeun pisan mun kajeun tekor asal kasohor atawa kajeun rugi asal kapuji mah. (*)
Dede Kosasih (Mangle No. 2013; April-Mei 2005)