Jurig Beungkeut Tilu

Teuing ti iraha jeung saha mimitina nu mere ngaran eta tegal ku ngaran Tegal Mati teh. Teuing dumeh lahan pangureban, teuing cenah baheula mah taya nu wani cacab-ceceb tutuwuhan kajeun ngajejembrung paselang reujeung tutunggul.

Carita Sunda Misteri

Heueuh mati tea, alias teu ngahasilkeun. Manasina ayeuna moal-moal acan wawuh ka nu ngaranna amit sun. Ketang dirarab mah teuing ku sarerem ngaran wewengkon Bandung pawetanan harita. Coba we Leuwi Boeh, Seke Jurig, Bojong Dedemit, Bojong Podol, jeung naon deui lah.

Harita usum katiga, reup peuting tangka comrek. Salelembur numpi taya nu pirajeunan ngulampreng, kalah ka pos ronda weh ngajalegir tengah lembur jeung di wates tungtung lembur. Ari simanahoreng aya anu maot anyar dikurebkeun di Tegal Mati. Nu matak helok tur ngondang kapanasaranan teh cenah saban tos ngurebkeun kudu we kabejakeun nembonganana jurig beungkeut tilu. Kitu bareto mah nelahna, mun ayeuna mah pocong tea.

Jurig bentang filem pangngetrenna, sumber bobojegan dunya bobodoran malah jadi bobondelan dunya entertainment nu boehna wae dijarieun busana pikalucueun carek maranehna mah. Padahal naon pikalucueunana? Nu sidik mah nyiptakeun borangan massal ti kelas bebenjit tepi ka aki-aki jeung nini-nini. Teuing kumaha pipikiranana.

Lembur sabudeureun Tegal Mati harengheng cakueum. Mang Ejeng teu sirikna neumbrag panto imahna bari walahwah-weuleuhweuh moal ngaliwat deui ka jalan Tegal Mati da katangen pisan dina saung pasaran aya nu sidengdang ucang-ucangan, makhluk sarwa bodas kukuncungan.

Mang Jamprang kitu deuih. Mas Nasro tukang baso nya kitu dipegat jurig kukuncungan cenah. Atuh Kang Juju ginggiapeun tepi ka ayeuna, cenah pas nyukang sasak awi anu nepungkeun Tegal Mati reujeung palemburan. Dina tangan-tangan sasak kasampak jurig kuncung beungkeut tilu keur ucang angge.

Malah kungsi geunjleung basa jalanan Tegal Mati dipake shooting pilem horor peuting-peuting, ana diroris dina monitor bet aya anu aclok-aclokan nutur-nutur artisna. Isukna gancang pupuhu kru pilem ngadatangan Bah Aih sabalad-balad nu kapeto kuncen ngarangkep pawang lelemes alias dunya lain. Ku kituna pesak si Abah tangka merekis, encan peperet sasajen nu disayagikeun sababaraha nyiru mah. Ditambah sasajen karuhun modern kayaning inuman teurab, inuman nyereng jeung ci enen sapi.

Si Abah ge tara hawek, urusan peperet mah sok diembratkeun ka para anak buahna; Kang Oyong, Kang Saridi, jeung Si Obos, grup lengger 'pembasmi' sasajen. Lumayan kaala tanaga maranehna teh disagedengeun kurad-kored oge biro jasa dunya lian. Ngan nyeta ku ngalalonyengna, Kang Oyong dititah adan mapag mayit kalah ka ngarengkol di jero bangkarak pasaran.

Kang Saridi masket pisan kana kuda lumping. Aturan keur ngali kuburan ge, ngaliwat weh abringan kuda lumping, na da ngabelecet nuturkeun, ngadon ririgigan sajajalan. Atuh Si Obos nalika bapana sorangan keur papangantenan jeung indung tere anyar teu kireumkireum ngadon ngintip, ngahephep di kolong risbangna.

Enyan aya ku leuwih Si Obos mah, eta we basa keur kerja bakti padat karya, kurumuy ti nu bala diabring balad-baladna bari ngagigiwing cenah ceuk manehna anak kelenci beunang bebedil, memang enya da bari nyoren bedil cuklis. Geus disisit jaba geus euweuh huluan diasongkeun ka ibu-ibu sina disiksikan laju ditaliiran ajangkeuneun bapa-bapa nu keur digarawe ngecor jalan kampung.

Sawatara kaum ibu ngageber sate, nu digarawe arerror pating laliud. Kang Otoy tangka ngacay bakat ku uruy, Kang Moses nu geunteul tikorona elok-elokan, kari ngadudut ge piraku teu ngagorolong. Bayangkeun we, keur cape bari lapar tengah poe ereng-erengan ngambeuh girinyih sate, piraku teu kokosodan. Teu salabar, brak weh dalahar dina daun cau. Kejona beunang ngeduk ti dapur RW, da pan prinsip rayat Endonesia mah; banda RW banda rayat, banda rayat cadu banda RW. Ana sorena sanggeus leleson di arimahna masing-masing, sakur nu ngahempol sate taya nu babalongkengan da sihoreng nu disate teh...beurit.

Peuting keur reyem-reyem, Bah Aih rerencepan ka pakuburan Tegal Mati, ngingkig sorangan teu mawa balad. Biasa job nyekar pleus nyebor hirasan kulawarga nu kapapatenan tilu poe katukang. Lain teu ngadenge harengheng isu jurig pocong, lain pedah teuneung ludeung, oge lain teu ngahodhod katirisan, dumeh tukuh we kana pancen. Ari srog ka jajalaneun lebah saung pasaran. Gebeg! sidik pisan hareupeunana aya nu ngagaclok sing sarwa bodas lebah sirah weh kukuncungan.

"Deuleu ituh, ieu geningan jurig kuncung teh!" Kaget-kaget oge Bah Aih ngagerenyem. Teu burung jantungna eundeur, guyan-gayun badis jam bandul buatan Walanda. Sakilat awakna malik bari matek aji lengkah sarebu, ngan teu sadar botol orson nu dieusi cai kapangpengkeun meneran pisan kana beungeut si jurig beungkeut tilu. Bareng jeung soara ngowowong, Bah Aih ngabelesat di tempat alias kokosehan.

Pangrasana geus dina golodog imahna. Jigana ajian lengkah sarebuna teu metu, camal gara-gara tamarakan ngahakan sate beurit.

Bah Aih ngarandeg, aneh aya jurig bet ngagoak? Pudugdug kawanina bijil, serebet jekok-jekok peureup kahotna ngareuceuh awak jurig si kuncung, teu kaliwat beungeut jeung palangkakanana. Enya ge peureupna teu sagede peureup Chris Jhon tapi ari mindeng kaasahna ku citakan bata mah, jurig beungkeut tilu ge tangka ngarihreuh koceak dengek.

"Ampuun...ampuun, uing ieu mah!"

Bah Aih teu ngawaro, beuki wani. Posisina asa di atas angin. Ceuk pikirna eta si jurig kuncung teh geus leungit kasaktianana. Heueuh pan meureun bisa ngaleungit pantesna ge, cenah ditonjok ge sok ngeplos jaba kudu cicikikikan lain aduh alah. Si jurig kuncung dadayagdagan, kudawet gebru weh nambru. Sedeng Bah Aih ngawangun kuda-kuda ala si Burusli, kade lain pamajikan Pa Rusli.

"Aing moal mere hojah deuleu," ceuk keretegna.

Da jeung enyana peresis Mik Tisen ngaragragkeun si Toni Tubb atawa Muhamad Ali nganpaskeun si Joe Norton. Kerewek kana talutug nu nanggeuh dina tihang saung bari kabayang isuk beurang baris guyur salelembur ear sajajagat; Bah Aih pawang sakti nalukkeun jurig pocong Tegal Mati. Dina kover Koran PR jeung Gala baris ngajeblag panggedena; Bah Aih penakluk pocong. Atuh Kang Eca ti Mangle moal cicingeun bakal ngamuat carita silat jawara sakti ti Tegal Mati. Kang Aan MP geus pasti nulis sasakala Pocong Keok. Jigana Ceu Aam ge moal kakantun kainspirasi nyieun novel Cinta Dalam Seutas Tali Pocong. Paling heunteu upama si jurig kuncung geus teu walakaya rek digusur ka buruan imahna dibeungkeut dihijikeun jeung tangkal kalapa sedeng si Rw Fajar sina ngumumkeun kana sapiker masigit tapi samemehna geus disiapkeun kencleng saridona lima rebu ka luhur. Teu kabayang mun sapoena saratus pangunjung kali lima rebu, saminggu sabulan sataun kali lima rebu, samilieur we pokona mah. Komo ayeuna usum internet, kari ngiklankeun. Kabina-bina teuing, moal eleh ku si Ponari urang Jawa. Inget ka dinya, Bah Aih teu ngengkekeun, rikat ngaheumbatkeun talutugna. Tapi...

"Ampuuun...Bah! Ampuuun...! Ieu mah uing!"

Si jurig kuncung ngaweuleuhweuh kenceng naker bari nguniang hudang, leungeunna pakupis ngudar taregos kuncungna. Bah Aih ngarego, nyentok paneunggeulna ngan bae rada nyangkiweng, gebro weh kana tangkal jarak.

"Hahh...! Silaing Obos...?" pokna reuwas kareureuhnakeun. Breh beungeut si Obos. Tarangna nu nongnong ti kudrat tangka nyorondoy sababaraha senti, atuh irungna jadi mancung ka jero. Biwir weh ngabulaeh kawas keur nyeupah. Nya teu aya kajaba korban "keganasan" peureup kahot bogana Bah Aih.

"Jadi...jadi...nu geus ngageunjleungkeun lembur teh, silaing nyah?"

Nu ditalek merekpek unggeuk. Kituna bari lewa-lewe sawatara leungeun kencana nyangkeh palangkakan, paur ngageclik sigana mah.

"Ari silaing. Obos...Obos...!" (*)


Emha Ubaidillah
Jurig Beungkeut Tilu Jurig Beungkeut Tilu Reviewed by Rupa Sundapura on 21.08 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.