Tjarita Mantri Djero (Bagean 4, Djilid 1)

Heuleut saminggoe ti saentas Jogaswara ditjandak koe ramana ka sawah, ngaroris piboeateun, pare noe roehroej koneng teh ngan tinggal djaramina, pasolengkrah na kotakan. Dina pasawahan noe tadina siga laoetan teh, tinggaroejoen siga roengkoen, djarami noe narangtoeng keneh, sesa ngidek anoe derep, kawas ngahadja dikarikeun pikeun baroedak njarieun ole-olean. Di hareupeun saoeng anoe poeloehan lobana, radjeg toempoekan pare, pagede-gede, paloehoer-loehoer. Di kotakan anoe kakara beunang njatjar djaramina ngabajak poean araj, majak heutjakna ambatjak. Sora koletjer pating harioeng katebak koe angin, moenggah teu poegoeh dedengean.

Carita Nyambung

Jogaswara harita keur aja di sawah mantoean ramana mangkek. Ti kadjaoehan rentang-rentang aja noe datang, lalaki dibadjoe hideung, ditjalana sontog, njoren bedog. Nilik kana gidigna mah lain ingkig toekang tani, tetela gegag kapala, paingan da Djagasatroe!

Oenggal saoeng henteu kalaroeng, kitoe deui saoeng Adjengan, koe Djagasatroe didatangan. Adjengan mariksa, lahirna: "Bagea Ki Djagasatroe, aja naon mana datang roeroesoehan? Pirakoe rek narik tjoeke mah, parena oge atjan digeugeus kabeh!"

Djawab Djagasatroe, "Hih, koering mah lain rek narik tjoeke, datang ka dieu soteh rek ngabedjaan, doemeh isoek oerang bakal kasoempingan menak, Djoeragan Kapala Tjoetak rek ngaronda ka pilemboeran."

Adjengan ngalahir bari semoe kaget, "Baroek rek aja menak? Naha asa kawenehan teuing, ti bareto ge tara aja menak koemelendang ka beh dieu. Atoeh oerang teh ajeuna mah moal njaho ngaran tamboeh roepa, moal kawaranan teuing."

Djawab Djagasatroe, "Kantenan, sabab isoek teh sarerea koedoe koempoel dina deukeut katja-katja. Geura engke pasosore tingali mani geus peretek dibebetek lawe rontek. Sagala tatabeuhan isoekan teh bakal diajakeun: dogdog, angkloeng, djeung tjelempoeng, malah lisoeng oge teu meunang euweuh, tabeuheun lamoen pangagoeng rawoeh. Mas Patinggi mah geus ti kamari, olah-olah djeung tetebah, malah. Adjengan oge kapapantjenan njamboengan hajam danten tiloe, endog salawe, djeung pare sasangga."

Walon Adjengan, "Poegoeh bae, moal enja doenoengan katatamoean, ari oerang henteu njamboengan. Tah, parena mah geus aja noe beunang ngageugeus, hajam rendang, kari newakan bae, ngan endog koedoe njokot heula tina sajangna, di ditoe di lemboer, sabab hajam noe araja di dieu mah teu atjan arendogan."

Tjek Djagasatroe, "Noehoen atoeh Adjengan, engke koering rek nitahan ngarawatan panjamboengan tea. Ajeuna mah rek njapatkeun heula hantja, toeh kari ka beulah ti kidoel."

Sanggeus Djagasatroe indit, Jogaswara naros ka ramana, "Ama, doepi Kapala Tjoetak teh pangkat naon, kawas pangagoeng loehoer?"

Saoer ramana, "Atoeh poegoeh pangkat loehoer mah. Kapala Tjoetak teh njaeta menak anoe ngadjalankeun paparentahan timbalan Kandjeng Dalem, pikeun di wewengkonna. Kakawasaanana gede katjida."

Jogaswara: "Leuh, resep temen oepami djadi kapala tjoetak!"

Adjengan mesem, lahirna: "Atoeh poegoeh pikaresepeunana mah, ngan koemaha oerang mah lain pilajakeunana, sabab sadjabana koedoe toeroenan menak teh, ongkoh koedoe gede elmoena pikeun ngadjalankeun eta kapangkatan teh. Tapi henteu kitoe, ari katarik koe milik mah, teu moestahil koe Oedjang bisa kasorang, geuning dina dongeng oge loba pangarit noe djadi radja. Komo maneh mah da aja toeroenan, sabab saterangna mah Ama teh..."

Adjengan henteu kebat sasaoeranana, malah semoe katjida handjakaleunana, doemeh kaboloksokan njarios. Jogaswara beuki kaget dina manahna, pok naros, "Toeroenan naon?"

Panaros Jogaswara koe Adjengan dibalengbarkeun, lahirna: "Toeroenan djelema bener, djeung pekpek digawe teh, toeh tjokot taneuh porang keur njoesoet tali panggeugeus!"

Eukeur mah ti tadina Jogaswara ngandoeng timboeroe tina hal kaajaan iboe-rama, ari ajeuna ngadangoe noe matak ngahoedang kapanasaran, atoeh beuki njongsrong bae napsoena palaj oeninga kana rasiah sepoehna teh.

Kakotjapkeun isoekna kabeh djelema salemboer eta pada noenda pagaweanana. Sawareh dibawa koe Djagasatroe mapag ka wates desa, sawareh deui djogo di sisi djalan, deukeut katja-katja. Sagala roepa tatabeuhan, kitoe deui lisoeng djeung kohkol, geus sadia.

Noe pinabeuheun lisoeng geus ngagimboeng, awewe digareloeng djoetjoeng, njarekel haloe hidji sewang. Noe pinakoleun kohkol geus ngagembrong, dipilih anoe garoendoel, njarekelan gegendir hidji sewang.

Kira wantji petjat sawed, boeroedoel aleutan menak soemping, diiring diabring-abring. Ti hareup ngalegedej sasaka desa taroempak koeda. Di toekang ngabring noe ngariring, sawareh mah ngagarotong dongdang dieusi toetoeangeun.

Henteu lila aleutan geus datang ka katja-katja, breng tatabeuhan ditabeuh, kitoe deui lisoeng trang-tring-troeng, kohkol nongtrongan, kawas aja samagaha bae! Djoet palatoek-palatoekna taroeroen tina koeda, brek tjaringogo, kitoe deui djelema rea hempak sarila di sisi djalan. Menak teh semoe boengah ningali palataran raresik, imah-imah bareres. Andjeunna papariksa tina loehoer koeda. Pananganana noe kiwa njepeng kadali bari ditoelak-tjangkengkeun noe tengen njepeng tjameti bari dioelang-oelang. Dawoehanana, "Koemaha pakaja teh maroeloes, hah?"

Sakoer noe ngadareuheus bareng ngawalon, "Soemoehoen dawoeh aja hibar pangagoeng, wiloedjeng."

Menak imoet ngagelenjoe, lahirna, "Soekoer."

Ret menak teh ningali kebon waloeh noe deukeut ka sisi djalan, boeahna galede pisan, aja noe sagegede seeng, pok andjeunna mariksa, "Pelak saha eta waloeh teh mana galede teuing, hah?"

Djagasatroe tjedok njembah. Pioendjoekna, "Soemoehoen gadoehna poen Madasim."

Saoer menak, "Soekoer, taroeroetan deuleu eta koe sarerea, geuning ari hade panggawe mah boeahna galede naker."

Sabot menak papariksa hal sedjen perkara, koewoe ngitjeupan ka Djagasatroe, mere isarah. Dasar ahli soerti, isarahna Mas Koewoe koe Djagasatroe kahartieun, toeloej manehna njampeurkeun ka Madasim bari ngaharewos, "Sim, menak oge sedepeun waloeh!"

Djawab Madasim, "Soemangga teh teuing, soemawonna waloeh, nadjan diri koering oge saha noe kagoengan!"

Henteu lila Kapala Tjoetak djengkar deui rek neroeskeun rondaanana. Madasim goera-giroe ngala waloeh noe panggaledena, diteundeun kana dongdang, bari ngomong ka noe ngagarotong, "Lamoen djoeragan mariksakeun, ieu waloeh teh ti koering kitoeh, nja!"

Sihoreng dongdang noe digogotong teh geus meh pinoeh koe roepa-roepa hasil boemi, kajaning katjang, djagong, djeung lian ti eta. Harita mah kawantoe djaman moerba, somah teh soeka kabina-bina lamoen redjekina katoeang koe menak teh.

Waktoe Kapala Tjoetak soemping, Jogaswara miloe koempoel di katja-katja. Taja papadana kabitaeunana ningali menak sakitoe dihormat-hormatna sarta ti harita manteng dina manahna palaj djadi menak. Kana gawe badag mah geus tjoel bae, damelna hoelengdjentoel, bangoen aja noe dilamoen. Koe ramana kamanah jen poetrana teh lain kana tani pilojogeunana, kitoe deui andjeunna teu kagoengan emoetan rek maksa ka poetrana, malah palaj ngajoenkeun kana maksoed Jogaswara kitoe teh. (*)

Samboengan ti Bagean 3 Njamboeng ka Bagean 5

R. Memed Sastrahadiprawira (Bale Poestaka; Weltevreden)
Tjarita Mantri Djero (Bagean 4, Djilid 1) Tjarita Mantri Djero (Bagean 4, Djilid 1) Reviewed by Rupa Sundapura on 21.20 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.