Ngobrol

Fiksi Mini Basa Sunda

Panggih di jalan jeung manehna nu kungsi ngeusian hate. Dideukeutan. Rek ngedalkeun kasono. Ngarendeng. Maling reret. Lieuk. Nyeh imut. Seredet.

Rek gagaro hese, ongkoh teu ateul. Hayang ngajorowok, ngan sora kabawa angin. Nu diajak ngobrol sakapeung teu nyambung.

Ngawanikeun nanya, susuganan, "Dupi Nenti, ayeuna tos nikah teu acan?” kuring ngagaleong. Manehna ngagibeg, siga ngahuleng, "Nembe gaduh hiji, yuswana sataun." Beu! geus kawin gening. Kapiheulaan batur.

Manehna ayeuna mah jongjon, neuteup ka hareup.

"Aa, atos heula nya ngobrolna! Nenti tipayun!" Mengkolkeun harepan.

"Muhun atuh, ati-ati di jalan nya!" Ngajauhan. Ah, Teu nyalse ngobrol teh, caba karewong ku nu raeng tukangeun, "Montong ngagokan batur atuh! Rek ngawangkong mah di imah, tong di jalan raya! Picilakaeun!" ceuk nu tatadi nglaksonan, bari ngabadug kana spion. (*)


Nak Kurniawan
Ngobrol Ngobrol Reviewed by Rupa Sundapura on 21.56 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.