Keur Jungjunan Nu Dipicinta
Duh deudeuh jungjunan. Beuki dieu salira beuki begang, rangkebong, tanaga beuki suda. Deudeuh, enyaan deudeuh. Balas mikiran kahirupan rumah tangga, pabeulit dina urusan dapur, kasur, jeung nu lainna nu beuki dieu beuki meakeun waktu keur nepikeun kasono no moho.
Tapi enyaan anjeun istri binangkit. Tingal buah hate urang, harelung taya codeka, nandakeun anjeun motekar dina sagala rupa jeung hade pangriksa.
Duh jungjunan, kuring ngarti lamun beuki dieu kacinta anjeun ka kuring ngurangan, malah kuring ngarasakeun pisan galura anjeun nu rosa beuki dieu beuki laas. Hampura kuring can bisa mere kabagjaan jeung kasugemaan.
Jungjunan, cinta kuring ka anjeun moal suda diteuteup mangsa, moal leungit ku wanci. Nepi ka dirurub taneuh beureum, cinta tetep ngait na ati, seseleket masket dina rohangan hate. Kuring hayang ningali anjeun bagja. Tampi kanyaah kuring ka salira. Tuh buktosna rek dirawat, disimpen di hade-hade, serat ti KUA, nu nembe kaluar dinten kamari. (*)
Nina Rahayu Nadea