Carita Maung

Di Gunung Burangrang teh masih keneh aya maung. Lain aya deui ketang, malah loba. Mun teu percaya mah pek bae teangan ku sorangan, tuluy sensus.

Barakatak

Unggal wanci sareureuh maung, kira-kira pukul lima sore, maung-maung teh karumpul di panonobanana. Aya nu gegelehean, aya nu ocon, aya nu ngarumpi ngomongkeun selebritis. Eh, da di kalangan maung oge aya selebritisna atuh. Malah anu ayeuna keur jadi sabiwir hiji teh maung selebritis naturalisasi. Nya eta maung anu baheula kungsi leupas ti Taman Safari. Samemeh beunang katewak deui, tetela eta maung teh kungsi nyieun video porno jeung maung Gunung Burangrang. Tah, anakna anu ayeuna keur ngetop-ngetopna teh.

"Baheula mah Ujang, Nyai, aki maneh anu ngetopna kawas maung naturalisasi ayeuna teh," ceuk maung bikang kolot ka incu-incuna.

"Kapungkur Aki teh ngetop nya, Nin?" ceuk salah saurang incuna anu jalu.

"Puguh bae Jalu, loba bikang anu kapengpeongan atuh ku aki hidep mah. Kasep ngalempereng belang. Tong boroning patepung kumis, kakara ngadenge gaurna oge atuh, loba bikang anu ngadadak depa," ceuk si nini maung.

"Ari tos depa teras kumaha, Ni?"

"Euh, Jalu, ari geus depa mah atuh...terserah Anda," ceuk maung bikang kolot bari imut nyanggereng.

"Ari Aki sakti henteu, Nini?" ceuk incuna nu bikang.

"Ih, puguh we saktina mah Nyai. Sakabeh maung tunduk, sakabeh sato ngesto, malah jelema oge loba anu ngadadak kasima kakara ngadenge ngaranna disebut oge. Paninggaran loba anu kasoran, pamatang loba anu ngababatang. Tah, kitu saktina aki hidep teh, Cu."

"Ongkoh sakti, geuning maot, Nini?" ceuk incuna anu jalu.

"Lah, nya eta Jalu, abong sato taya nu sampurna. Aki hidep oge boga kalemahan, elehna teh ku asem."

"Ku asem?"

"Enya. Kieu caritana mah, waktu aki hidep keur ngalantung di Legok Macan."

"Legok Macan eta Nini, kuloneun Lebak Paku?"

"Enya di dinya, di lebah kebon enteh Si Markodud. Matak disebut Legok Macan teh, apan baheulana mah tempat ulin bangsa urang. Tah, di dinya aki hidep papanggih jeung patani. Ku aki hidep disanggerengan, lain sieun, eta patani teh kalah nyampeurkeun. Huntu aki hidep digosok ku asem, atuh aki hidep teh ngan ukur bisa nyengir da haseumeun, boro-boro bisa ngerekeb. Keur kitu, anak patani nyejek buntut aki hidep bari digebah satarikna. Aki hidep reuwas, ngajleng sataker tanaga, nepi ka kulitna molonyon. Aki hidep tiwas sapada harita. Tah, kitu Cu dongengna teh."

"Karunya nya Si Aki."

"Anu matak Cu, ti harita Nini sumpah, sakur turunan Nini, cadu ngahakan asem," ceuk maung kolot bari terus ngagoler, mepende incuna. (*)

Carita Maung Carita Maung Reviewed by Rupa Sundapura on 20.58 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.