Gagak Hayang Jadi Merak

Jaman baheula, baheula ge baheula pisan. Di hiji leuweung geledegan, aya dua tangkal kiara. Eta tangkal teh kacida gedena. Perenahna ngarendeng di sisi sampalan. Ari sampalan teh paranti sato jarah nyatuan.

Dongeng Buhun

Eta kiara sok dipake panonoban bangsa manuk. Anu hiji panonoban bangsa gagak, ari anu hiji deui panonoban bangsa merak. Kacaritakeun di antara bangsa gagak, aya hiji gagak ngora, gagak jalu keur meujeuhna belekesenteng. Ngaranna Si Candrika. Sanajan umurna ngora keneh, Si Candrika mah loba onjoyna. Awakna leuwih kuat jeung keker, uteukna oge leuwih pinter deuih.

Sakabeh gagak di eta leuweung geus boga sangka yen dina hiji mangsa Si Candrika teh bakal jadi kokolot gagak. Gaganti kokolot gagak anu ayeuna, anu umurna geus kacida kolotna. Anu matak Si Candrika pada ngajenan, pada ngalem jeung ngadama-dama.

Tapi dina hiji mangsa mah aya nu aneh, Si Candrika teh beda ti sasari. Anu tadina lincah luluncatan dina kiara, ayeuna mah jadi cicingeun. Anu tadina hegar ngelak, malah sorana oge sok pangtarikna, ayeuna mah tara kadenge sorana. Ngabetem siga nu keur puasa nyarita. Gawena ngan ukur cindeten, mencilkeun maneh di nu buni. Kabeh bangsa gagak ngarasa heran. Ku naon atuh Si Candrika teh?

Hiji oge taya nu nyahoeun sabab-musababna. Ari sababna Si Candrika teu daek betus ka sasaha, ditanya ku itu ku ieu teh anggur ngabetem.

"Keun bae antepkeun ulah diganggu, meureun keur mangsana mangkat birahi!" ceuk kokolot gagak.

"Teu umum Olot," ceuk gagak sejen. "Anu keur mangkat birahi mah, biasana sok leuwih motah!"

"Sing inget, Si Candrika mah lain gagak biasa, tong disaruakeun jeung gagak biasa-biasa atuh!" Kokolot gagak netelakeun, yen anu boga kaleuwihan mah, biasana sok loba kaanehanana. Gagak-gagak sejen ngahaminan.

"Enya ari kitu tea mah," cenah. Antukna mah Si Candrika pada ngantep.

"Keun, engke oge cageur sorangan!" ceuk kokolot gagak, yakin pisan.

Pada ngantep teh Si Candrika taya robahna, kalah beuki resep nyorangan. Lamun keur cinutrun dina dahan anu suni, gawena ngan nyerangkeun bangsa merak. Komo mun isuk-isuk atawa pasosore mah, dina mangsana bangsa manuk midang. Panonna terus melong ka merak jalu anu keur meberkeun buntutna.

"Leuh, tada teuing resepna lamun aing jadi merak. Bulu endah, pating gurilap mun katojo panonpoe. Na ari aing, bulu hideung lestreng, suku pacer pamatuk gede, meni teu mararatut!" ceuk Si Candrika dina jero hatena.

"Naha atuh aing teh bet jadi gagak? Naha atuh henteu jadi merak bae?"

Tetela Si Candrika teh hayang jadi merak.

Geus lila manehna teu sugema ku kaayaan dirina, anu ceuk pangrasana mah manuk goreng patut, manuk panggoreng-gorengna saalam dunya. Manuk pangsial-sialna salam dunya. Tong boroning bangsa manuk deui, malah bangsa manusa oge loba anu teu resepeun. Eta we basa manehna teu ngahaja ngaliwat ka lembur, jelema-jelema pating jorowok.

"Ka ditu sing jauh, ka Sabrang ka Palembang!" Malah aya anu ditungtungan ku, "Balikna mawa kurupuuuk!"

Nyel we aya rasa keuheul, aya rasa ambek ka bangsana sorangan.

"Aing kudu jadi merak!" ceuk pikir Si Candrika.

Hayang jadi merak, kudu jadi merak, terus jadi panyileukan Si Candrika, anu mangaruhan kana tingkah paripolahna sapopoe. Lamun keur nyorangan, manehna sok nurutan paripolah merak. Leumpang rada diaced-aced, terus meberkeun buntutna. Buntutna kalah ka rancung teu puguh.

"Leuh, lamun seug aing jadi merak!"

Beuki ambek bae ka dirina, antukna ambek ka Dewata, anu nakdirkeun manehna jadi bangsa gagak.

"Naha atuh aing teh bet kudu jadi gagak? Dewata henteu adil, henteu adil!" ceuk Si Candrika.

Hiji poe Si Candrika hiber neangan kahakanan, bari angger mikiran kahayangna, hayang jadi merak. Barang ngaliwat ka hiji walungan, manehna nenjo baju merak, nambru di sisi walungan.

"Lakadalah, itu geuning aya baju merak!" Ku manehna dideukeutan.

"Ka mana anu bogana, nya?" Si Candrika ngomong sorangan.

Luak-lieuk euweuh sasaha. Buru-buru bae baju merak teh disamber, dibawa hiber ka nu jauh ti dinya. Niatna rek dipake ku manehna. Hatena kacida bungahna. Cle dina tangkal anu suni. Rap baju merak teh dipake. Tetela logor teuing. Waktu dicobaan dipake hiber teh, kokoplokan.

"Kawasna mah kudu dirapet!"

Ceuk pamikirna, lamun eta baju dirapet, tangtu bakal pageuh napelna. Manehna bakal laksana jadi merak.

Henteu talangke, manehna ngala leugeut teureup. Eta leugeut diulas-oles kana awakna, tuluy diulas-ales kana baju merak tea. Rap baju merak dipake deui. Pel bae napel rapet pisan. Dicobaan dipake hiber, najan karasana beurat, tapi leuwih ngeunaheun ti batan tadi.

"Laksana ayeuna aing jadi merak!" ceuk Si Candrika, paromanna marahmay. Cle kana dahan pangluhurna. Terus ngahuleng mikiran lampah saterusna. Keur kitu torojol aya gagak, cle hareupeunana. Tetela Si Culindra, batur ulinna ti leuleutik.

Si Culindra ngadeukeutan ka Si Candrika.

"Keur naon Sakadang Merak, hulang-huleng di dieu?" ceuk Si Culindra nanya ka nu keur cinutrun.

Ngadenge omongan Si Culindra kitu, Si Candrika ngomong dina jero hatena, "Si Culindra teu apaleun ka aing, padahal batur ulin aing ti leuleutik. Nyebutna oge Sakadang Merak. Ayeuna aing lain Si Candrika, aing merak! Merak!"

Ana pok teh Si Candrika ngomong, "Tunya-tanya teuing atuh!"

"Pilakadar nanya, wajar we da urang teh tatangga," tembal Si Culindra.

"Tatangga sih tatangga, tapi bangsa andika mah teu pantes cacampuran jeung bangsa merak," tembal Si Candrika teugeug.

Si Candrika neruskeun caritaanana, "Sing ngarumasakeun maneh we atuh, boga rupa goreng patut, bulu hideung lestreng teu beda ti areng! Beda pisan jeung bangsa kuring mah. Sirah dimakuta kukuncung, buntut hurung-herang endah!" Ngomong kituna teh bari ucad-aced.

"Na andika teh sombong-sombong teuing!" tembal Si Culindra, hatena nyeri dihina kitu.

"Ari geus, da kitu buktina atuh!" ceuk Si Candrika teugeug.

"Ngahina ka sasama mahluk!"

"Da bangsa andika mah memang hinaeun!"

Si Culindra teu ngomong deui, geleber bae hiber ninggalkeun Si Candrika, anu ayeuna mah geus make baju merak.

Si Candrika kacida bungahna. Ceuk pikirna, "Enya, ayeuna mah, aing teh geus jadi merak."

Buktina Si Culindra oge, batur ulinna ti leuleutik, teu apaleun. Malah nyebutna oge Sakadang Merak!

"Aing geus jadi merak! Aing merak! Merak!" Si Candrika igel-igelan dina dahan. Buntutna pating gurilap katojo ku panonpoe.

Pasosore, wanci bangsa manuk baralik. Balik ka panonobanana masing-masing. Si Candrika oge balik. Ngan ayeuna mah balikna beda. Balikna kana tangkal kiara panonoban merak. Lain kana kiara panonoban gagak, anu perenahna pahareup-hareup.

Si Candrika eunteup di dinya, ngahiji jeung merak-merak sejen. Mimitina mah euweuh anu ngaharu-biru, da memang mun ditenjo saliwat mah, Si Candrika teh meh taya bedana jeung merak sejen. Kukuncungna, kitu deui bulu buntutna, sarua bae jeung merak jalu lianna.

Saperti biasa, unggal sore merak-merak jalu sok nembongkeun kamonesanana, adu manis meberkeun buntutna, pangpangna pikeun ngirut merak bikang.

Hiji-hiji merak jalu ngibing, buntutna pating gurilap endah, katojo panonpoe nu geus tunggang gunung. Si Candrika oge teu tinggaleun. Malah mah aya leuwihna. Manehna hayang nembongkeun kabungahna, pedah ayeuna geus jadi merak. Bari sari-sari mupuas ka bangsa gagak, bangsana sorangan anu dipikaijid, pedah buluna henteu endah.

Si Candrika leuwih motah ti merak-merak sejen. Tayohna mah sagala tindak-tanduk Si Candrika, diserangkeun ku kokolot merak di dinya. Kokolot merak nyampeurkeun Si Candrika. Pokna, "Ke heula, Lur, ari andika teh merak ti mana?"

Si Candrika kacida reuwasna.

"Ti dieu, ti ieu leuweung!" tembal Si Candrika gugup.

"Ti leuweung ieu lebah mana?" ceuk kokolot merak.

Si Candrika beuki gugup bae.

Pok kokolot gagak teh ngomong deui, "Lain, Lur, salila nyunyuhun kuncung, kuring kakara nenjo merak kawas andika. Suku pacer, pamatuk koneng, sora serak, henteu jauh bedana ti bangsa gagak."

"Kuring merak Indo, puguh keur serak ieu teh!"

"Lain, andika mah lain bangsa merak! Salila kuring nyunyuhun kuncung, can kabejakeun di dieu aya merak Indo!"

Si Candrika keukeuh ngaku yen manehna merak.

Keur kitu, rob atuh merak-merak sejenna daratang, kabeh ngaronom ka Si Candrika.

"Andika mah lain bangsa merak, sigana mah bangsa gagak anu make baju merak!" ceuk kokolot merak.

"Rek ngacowkeun bangsa merak eta mah!" ceuk merak sejen, sorana teugeug.

"Laan bajuna! Usir! Usir!" Par amerak raong, tuluy ngepung Si Candrika.

Si Candrika dipaksa kudu ngalaan bajuna. Si Candrika nurut, bajuna rek diporosotkeun. Tapi hese, lantaran geus rapet pisan jeung awakna. Kawantu dirapet ku leugeut teureup kacida lobana.

Baju Si Candrika pada metot ku para merak. Tapi angger henteu bisa lesot, malah henteu ungger-ungger acan. Kalah buluna bae anu caroplok teh.

Lantaran tanagana leuwih bedas, Si Candrika bisa leupas tina kepungan para merak. Geleber hiber, kalayang kakalayangan sakeudeung, cle bae dina kiara panonoban gagak.

"Aya merak, euy!" ceuk hiji gagak.

Gebeg Si Candrika ngagebeg, pok ngomong, "Kuring lain merak, kuring Si Candrika, batur andika, bangsa gagak keneh!"

"Ah, maenya aya bangsa gagak kukuncungan!"

Keur kitu, torojol kokolot gagak.

"Rek naon andika los-los ka dieu? Tuh, di ditu panonoban merak mah! Rek ngacowkeun bangsa gagak di dieu?"

Tembal Si Candrika, "Kuring lain merak, kuring gagak. Kuring teh Si Candrika, piraku Olot poho ka kuring?"

Kokolot gagak nelek-nelek Si Candrika.

"Sorana mah enya, sora Si Candrika. Matana, mata Si Candrika deuih." Kokolot gagak ngahuleng salila-lila.

Sanggeus ngahuleng, pok kokolot gagak ngomong, "Lain, andika mah lain Si Candrika. Si Candrika mah bangsa gagak. Buluna hideung cara bulu kuring. Andika mah bangsa merak anu nyamur. Andika mah rek ngacowkeun di dieu teh, nya? Rek ngacowkeun bangsa gagak? Hayo jawab!"

Najan Si Candrika nyaritana nepi ka susumpahan, kokolot gagak angger henteu percayaeun.

Torojol Si Culindra, pok ngomong semu ambek, "Tah, ieu merak anu tadi ngahina bangsa gagak teh!"

"Culindra, kuring sobat anjeun, Si Candrika!"

"Teu bisa! Si Candrika mah bangsa gagak. Kuring apal enya ka Si Candrika, manehna mah moal ngahampas bangsana sorangan!"

"Kuring Si Candrika!" ceuk Si Candrika bari ugal-ugil rek ngalaan baju merakna, tapi teu bisa, da geus pageuh napelna.

"Eta mah pangacow!"

"Usir...! Usir...!!!"

"Podaran we sakalian...!"

Gagak-gagak reang bari rek ngarempug Si Candrika.

Nenjo galagat kitu, Si Candrika buru-buru hiber. Tuluy hiber teu eureun-eureun. Wanci sareupna nepi ka sisi lembur. Cle wae di dinya.

Si Candrika kacida nalangsana. Diusir ti ditu ti dieu. Ku bangsa merak teu diaku, sumawonna ku bangsana sorangan mah. Anu matak peurih mah teu diaku jeung diusir ku bangsana sorangan, bangsa gagak anu ngagedekeun manehna. Bangsa anu miharep ka manehna, sangkan dina hiji mangsa jadi kokolot gagak. Ka mana kudu lumampah?

Ras inget ka bangsa manusa. Manusa mah teu resepeun teh ka bangsa gagak, ari ka bangsa merak mah kacida resepeunana.

Hatena kaubaran. Geus gilig dina hatena, manehna rek nepungan bangsa manusa, itung-itung ngabuang maneh.

Isukna, wanci haneut moyan, Si Candrika hiber ngajugjug ka pilemburan. Nepi ka pilemburan, cle dina hiji suhunan.

"Aya merak! Aya merak!" ceuk hiji budak.

Teu lila rob atuh jelema ka dinya, ningali Si Candrika. Kabeh oge raresepeun kana merak mah. Teu cara ka bangsa gagak. Nyaho kitu, Si Candrika jadi loba ceta. Ucad-aced, buntutna dibeberkeun.

"Euleuh, itu mani endah kitu!"

"Pating gurilap nya, euy, kawas berlian!"

"Nyaho kitu silaing berlian?"

"Henteu!"

Si Candrika beuki cetaan. Atuh puguh we jelema teh beuki raresepeun.

Keur kitu torojol kokolot lembur, bari mawa bedil angin.

"Halik barudak, ulah ngahalangan, urang tembak!"

"Kade ulah keuna kana buntutna, lebar!"

"Moal atuh," ceuk kokolot lembur bari nyengir.

Dikeceng sakeudeung, ceplek bedil anginna dibekaskeun. Mimisna keuna pisan kana hulu Si Candrika. Koleang Si Candrika ragrag, leng teu inget di bumi alam. Barudak sarurak rame pisan.

Teu lila ti harita, buntut merak Si Candrika jadi papaes di tepas imah kokolot lembur. Sakapeung aya hiji-dua anu dibawa ngapung, dipake bubuntut langlayangan. (*)


Budi Rahayu Tamsyah
Gagak Hayang Jadi Merak Gagak Hayang Jadi Merak Reviewed by Rupa Sundapura on 18.52 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.