Tjarita Mantri Djero (Bagean 9, Djilid 1)

Ti dinja bral Den Jogaswara angkat diiring koe Ki Boeloes, mapaj djalan anoe bras ka dajeuh Nagara Tengah. Sadjeroning angkat teh Den Jogaswara manahna doeloengdoengdeng, emoet ka boeah manah noe ditilar djeung ewoeh ngemoet-ngemoet koemaha nja pilakoeeun, lamoen geus soemping ka dajeuh.

Carita Nyambung

Meunang doea poe di djalan, Den Jogaswara geus tjoendoek ka noe didjoegdjoeg. Ti kadjaoehan geus katembong lemboer pamager sari, radjeg tangkal kalapana, ngelir kikisna. Djalanna oge ngaroebakan, di sisina didempling djeung dikamalir, rempeg ngadjadjar tangkal djoearna.

Anoe ngalaliwat loerlar, aja noe njoehoen, aja noe nanggoeng, noe ngagandong, noe ngagotong, kabeh pada semoe roesoeh, moeroe kaperloeanana. Raden Jogaswara mariksa ka hidji djelema noe lengoh. Lahirna, "Poenten, Mang, sim koering bade toemaros, tebih keneh ti dieu ka dajeuh teh?"

Noe ditanja ngarandeg bari semoe kaget. "Ari Oedjang noe ti mana, geuning teu oeninga di dajeuh?"

Walon Den Jogaswara, "Euh, tebih lemboer koering mah, noemawi naros oge, kakara ajeuna ka dieu teh."

Djawab anoe ditanja, "Paingan atoeh ari tatamoe mah. Parantos tjaket Djang, moal lami oge ngaliwat katja-katja.

Barang geus rada anggang Ki Boeloes ngomong, "Toeh tjek koering oge geus deukeut, geus deukeut!"

Saoer Den Jogaswara, "Wah, ilaing mah sok njanjahoanan, naha atoeh basa tadi ditanja, tjitjing bae, ari njaho mah?"

Walon Ki Boeloes, "Njaeta hilap, djeung ngan pedah tjeuk bapa bae, tjirina geus deukeut ka dajeuh teh roa djelema lalarliwat."

Den Jogaswara djeung Ki Boeloes ladjoe loemampahna. Teu lila geus nepi ka katja-katja. Doeanana pada karageteun narendjo lawang saketeng, doemeh beda djeung noe sok kapanggih di lemboer. Ieu mah nja loehoer nja aloes sarta di kentja-katoehoeeunana aja noe ngadjaraga, sabeulahna doea-doea, lalaki dibaroedjoe boreleng hideung, njarekel toembak, njaroren gobang.

Den Jogaswara njaoer ka Ki Boeloes. Lahirna, "Boeloes, toeh tendjo, meureun eta noe diseboet goelang-goelang teh, da tjek bapa dewek oge dibaradjoe boreleng!"

Ki Boeloes molohok semoe kaget, bari gigideug semoe teu ngandel, toeloej ngoeliwed ka sisi, nanjakeun ka noe ngaliwat, naon ngaranna djelema noe dibaradjoe boreleng teh. Barang geus diterangkeun, jen eta teh goelang-goelang, Ki Boeloes njampeurkeun ka Den Jogaswara bari seuri. Omongna, "Enja bae Djang, geuning goelang-goelang teh djelema, lain kadaharan, bis bae kawiwirangan!"

Barang lar ngaliwat, goelang-goelang teh njalampeurkeun, kek njekel ka Den Jogaswara djeung ka Ki Boeloes. Omongna bari morongos, "Ieu djelema oerang mana, teu njaho kana tetekon. Naha doedoekoej henteu ditjoeplak, teu katendjo itoe aja menak?"

Bawaning koe reuwas, Den Jogaswara mani pias. Ari ret ka gigir, katingali aja noe ngadeg majoenan toempoekan roepa-roepa hasil boemi kajaning djagong, peuteuj, pare, djeung sadjabana. Sihoreng eta teh djoeragan Mantri Tjoeke, keur narima tjoeke ti sakoer noe liwat rek dagang ka pasar.

Ki Boeloes mani kawas noe moeriang, ngadegdeg bawaning koe sieun, kitoe deui Den Jogaswara moenggah ratoeg manahna. Pok andjeunna njarios ka goelang-goelang. Lahirna, "Poenten bae, henteu terang, kawantos nembean njaba ka dajeuh teh!" Kakara noe doeaan teh dilesotkeun.

Ari geus rada djaoeh Ki Boeloes ngomong, pokna, "Lah, tobat koering mah mani asa teu peudjitan, geuning karesit pisan nja, Djang!"

Saoer Den Jogaswara, "Enja, boro-boro hajang ngagoreng tea, dewek mah neuleu oge sieun."

Ki Boeloes reuwas-reuwas oge seuri koneng. "Enja, bapa koering mah kolot-kolot ngabohong."

Saoer Den Jogaswara, "Lain bapa noe ngabohong teh, tapi ilaing noe salah denge."

Ki Boeloes sadjadjalan ngan tandjak-toendjoek bae, kaget nendjo imah-imah araloes djeung galede. Teu lila daratang kana hidji lapang noe dipager sakoerilingna. Dina eta lapang aja wawangoenan laleutik djeung aja tihang loehoer. Den Jogaswara djeung Ki Boeloes ngarandeg, kaget doemeh kakara manggihan. Kabeneran lar aja noe liwat. Koe Den Jogaswara dipariksa, "Ieu teh paranti naon?"

Djawab noe dipariksa, "Pangetokan."

Den Jogaswara, "Naon ari pangetokan teh?"

Noe dipariksa melong bari semoe kaget. omongna, "Oedjang teh kakara oeninga? Kapan nja ieu tempat paranti ngahoekoem djelema teh. Toeh tihang noe loehoer, panggantoengan. Ari itoe saoeng noe laleutik paranti meuntjit djelema noe baroga dosa."

Ki Boeloes ngarendjag ngadenge omongan eta djelema teh, kitoe deui Den Jogaswara, rarajna pias bawaning reuwas. Ngaharewos ka Ki Boeloes, "Loes, koedoe ati-ati di dieu mah, bisi oerang ngarempak larangan nagara, geuning lain bedja woengkoel aja djelema sok dipeuntjit djeung digantoeng teh, ajeuna mah nendjo sorangan patempatanana."

Teu lila Den Jogaswara djeung Ki Boeloes geus tjoendoek ka aloen-aloen. Ki Boeloes ngomong bari semoe kaget, "Tah, ieu aja tegalan lega naker, paranti naon nja, Djang?"

Saoer Den Jogaswara, "Lain tegalan, meureun ieu teh noe diseboet aloen-aloen tea, toeh geuning beulah ti kidoel aja imah gede, meureun eta teh padaleman tea."

Tjek Ki Boeloes, "Enja wae, leuh sigrong naker. Naon Djang ari padaleman teh?"

Saoer Den Jogaswara, "His ari si doesoen, kapan eta boemi Dalem teh."

Ki Boeloes noendjoek ka beh koelon. Omongna bari semoe kaget, "Euleuh itoe tadjoegna oge gede naker, make ditjoengtjoengkeun soehoenanana oge!"

"Komo bae, meureun nja eta anoe diseboet masdjid agoeng teh. Koemaha Loes, oerang teh teroes asoep bae ka padaleman?" saoer Den Jogaswara.

Djawab Ki Boeloes, "Ah, engke oerang tatanja heula, bisi koemaha onam, mangkaning oerahg mah djelema doesoen. Oeroet ditewak goelang-goelang oge koering mah ginggiapeun keneh."

Saoer Den Jogaswara, "Bener euj, oerang teh koedoe ati-ati."

"Lailah, Djang, koering mah hajang dahar, ieu beuteung mani geus koekoeroeboekan, nangtang eusi. Tjing hajoe oerang ka waroeng heula!" omong Ki Boeloes.

Djoeng doeaan arindit ka waroeng, brak dadaharan. Ki Boeloes rampoes pisan daharna, makmak-mekmek, kawantoe sagala ngareunah kaolahan oerang dajeuh mah, ongkoh ti isoek atjan dadaharan, sabab bekel mah poe kamarina oge geus beak. Dina tempona majar, Den Jogaswara njarios ka Ki Boeloes, "Loes, silaing mah panglobana dahar teh, majarna oge koedoe panggedena."

Tembal Ki Boeloes, "Daek medoe, koering mah teu boga doeit, Djang. Koe Oedjang bae pangmajarkeun, engke ari geus boga ditaoer."

Den Jogaswara goemoedjeng. Saoerna, "Dewek mah ngomong kitoe soteh heureuj bae, keun da dewek oge boga keneh doeit."

Koesiwel Den Jogaswara njandak radjoet noe dibeulitkeuri kana angkengna, toeloej dioedoelkeun. Ari dibilang doeitna aja salapan baroe. Pok andjeunna mariksa ka toekang waroeng. Saoerna, "Sabarahaeun dahareun teh, Bibi?"

"Doeaaneun, Djang?" tjek toekang waroeng.

"Enja. Didjoemlahkeun bae!" saoer Den Jogaswara.

"Tioe baroeeun," tjek toekang waroeng. "Oedjang sabaroeeun, eta rentjang doea baroeeun."

Tjreng koe Den Jogaswara dibajar, djoeng arindit deui moeroe ka aloen-aloen.

"Koemaha Loes, oerang boes bae asoep?" saoer Den Jogaswara.

Tembal Ki Boeloes, "Lah, koering mah sieun koemaha onam, bisi disangka palantoeran. Atoeh isoek bae, Djang!"

"Dimana oerang nja marondok?" saoer Den Jogaswara.

"Ah di waroeng noe tadi bae, geus wawoeh ongkoh," tembal Ki Boeloes.

Toeloej baralik deui ka waroeng. Saoer Den Jogaswara, "Bi, kenging koering sareng ieu batoer ngadon ngarereb di dieu?"

Djawab awewe toekang waroeng, "Ke, rek nanjakeun heula ka emangna."

Teu lila torodjol salakina bidjil, pok ngomong ka Den Jogaswara, "Na karah noe ti mana Oedjang teh, kawas lain oerang dieu?"

"Jaktos, koering teh kakara dongkap ti lemboer, manawi widi neda rereb di dieu."

Toekang waroeng, "Mangga wae ari kersa dilalaworakeun mah."

Soep Den Jogaswara asoep, darioek ngareureuhkeun tjape, barang geus peuting toeloej sarare.

Katjatoerkeun isoekna Den Jogaswara goegah. Saoerna ka Ki Boeloes, "Loes, geus beurang, hajoe oerang ka aloen-aloen deui."

Djawab Ki Boeloes, "Naha moal moemoeloek heula. Djang? Leuh, geura itoe kadaharan haraneut keneh, djeung ongkoh koering mah peudjit koreseun."

"Hajoe atoeh!" saoer Den Jogaswara. Deker deui Ki Boeloes dahar, rewog deui bae, leuwih segoet batan doenoengan. Dina tempona majar, radjoet noe geus kempleng teh dioeroet deui. Saoer Den Jogaswara ka toekang waroeng, "Sabarahaeun, Bi?"

"Tiloe baroeeun, Djang," tembal toekang waroeng.

Den Jogaswara ngaharewos ka Ki Boeloes, "Loes, kari sakalieun deui, euj, ngan njesa tiloe baroe. Lamoen poe ieu teu manggih pidoenoenganeun teh isoekan oerang moal barang dahar."

Sanggeus dibajar, djoeng doeaan moeroe ka aloen-aloen. Gawena ngan rega-rego, lenga-lengo bae, sieun patjampoer djeung isin.

Keur kitoe lar aja goelang-goelang ngaliwat, koe Den Jogaswara diboeroe. Pok andjeunna naros, "Poenten bae, kawidian koering doemeuheus ka Pangawoelaan?"

"Aja pikarepeun naon?" djawab goelang-goelang bari njentak.

Saoer Den Jogaswara, "Henteu, manawi ditampi mah bade ngagandek."

Djawab goelang-goelang, "Wah, pigandekeun mah di dieu ge loba, djeung Pangawoelaan mah tara nampa djelema sagawajah. Rek neangan gawe mah ka ditoe ka toekang, deuheusan djoeragan Djoeroesimpen." Leos goelang-goelang teh indit.

Den Jogaswara djeung Ki Boeloes tingharoeleng, bingoeng pilakoeeun. Saha Djoeroesimpen teh djeung di mana tjalikna? Ari asoep ka djero tanpa larapan mah teu wararani teuing. Koe polototna goelang-goelang oge geus ngadegdeg.

Toeloej bae Den Jogaswara djeung Ki Boeloes maroelang ka pangrerebanana. Koe sabab geus waktoena dadaharan, Ki Boeloes geus ngoeroetan beuteung, atoeh deker deui bae dalahar. Doeit anoe tiloe baroe teh geus pindah tina radjoetna Den Jogaswara kana handapeun dadasar dagangan. (*)

Samboengan ti Bagean 8 Njamboeng ka Bagean 10

R. Memed Sastrahadiprawira (Bale Poestaka; Weltevreden)
Tjarita Mantri Djero (Bagean 9, Djilid 1) Tjarita Mantri Djero (Bagean 9, Djilid 1) Reviewed by Rupa Sundapura on 23.36 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.