Kahoeroean

Roesdi djeung Misnem

Barang Pa Roesdi djeung adina nĕpi kanoe kahoeroean tea, djĕlĕma noe noeloengan tatjan pati loba, seuneuna keur meudjeuhna moentab-moentab tingbalĕlĕtok, tingbalĕlĕdoeg sora awi anoe bararitoe.

Noe tjeurik rawah-riwih, awewe patingdjerewet bari ngariringkik, baroedak laloempatan ngaler ngidul, Aki-Aki nini-nini digarandong koe anak intjoena, njaringkahan seuneu hoeroeng.

Jĕlĕma-jĕlĕma naroeloenganana teu poegoeh tjabak, lantaran kasima koe seuneu sakitoe gĕdena. Silalatoe tingbĕlĕwĕr, tingbĕlĕsat kawas aja noe ngaloeng-ngaloengkeun bae. Malah tepi deui ka imah sedjen, atoeh beuki tambah gĕde bae seuneuna teh.

Djĕlĕma-djelĕma, aja noe ngĕprakan koe gantar, ngaloeng-ngaloengkeun gĕbog kana seuneu djeung ngabandjoeran koe tjai tina lodong. Di soehoenan-soehoenan imah reuteum noe marawa eunteung djeung kĕris, ditodjokeun kana seuneu. Anoe sawareh deui toembak diatjoeng-atjoengkeun. Pokna djelĕma-djelĕma eta teh panjinglar seuneu.

Keur sakitoe riboetna kabĕnĕran gĕr deui hoedjan lewih gĕde batan tadi. Seuneu noe ngoentab tea ngadak-ngadak pĕs pareum. Noe naroeloengan toeloej baralik ka saimah-imahna.

Anoe taringgal di dinja ngan kari noe boga imah djeung tatangga-tatangga noe dareukeut, marantoean meres-mereskeun barang noe teu kahoeroean.

Tjik, baroedak, mana noe panghadena baris mareuman kahoeroean teh, koe tjai, atawa koe eunteung, atawa koe kĕris djeung panjinglar noe sedjen? (*)

Kahoeroean Kahoeroean Reviewed by Rupa Sundapura on 23.54 Rating: 5
Diberdayakan oleh Blogger.